Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pananya ti Nu Maca

Pananya ti Nu Maca

Kumaha sakuduna pandangan Saksi-Saksi Yéhuwa kana situs Internét pikeun néangan jodo?

Yéhuwa hayang salaki pamajikan boga perkawinan anu bagja. (Mat. 19:4-6) Lamun Sadérék boga rencana pikeun nikah, kumaha carana néangan batur hirup nu hadé supaya perkawinan Sadérék bagja? Sabagé Nu Nyipta, Yéhuwa apal carana. Mun urang nuturkeun prinsip-prinsip ti Mantenna, engké urang bisa boga perkawinan anu bagja. Hayu urang bahas sababaraha prinsipna.

Urang kudu apal yén haté urang téh ”pinuh ku tipu daya” jeung nékad. (Yer. 17:9) Waktu dua jalma nu hayang nikah mulai bobogohan, maranéhna bisa gancang kabawakeun ku parasaanana. Mun geus kitu, maranéhna bakal hésé pikeun nyieun putusan anu bijaksana. Misalna, bisa waé maranéhna buru-buru nyieun putusan pikeun nikah, terus engkéna kaduhung. (Sil. 28:26) Éta sababna, lamun kakara bobogohan, ulah kaleuleuwihi dina ngungkabkeun kanyaah jeung ulah waka méré loba jangji.

Siloka 22:3 nyebutkeun, ”Jalma anu surti mah kana pibahlaeun teh awas, seug disingkahan. Ari nu teu boga pikiran mah noyod bae, temahna kaduhung.” Naon bahayana lamun urang ngagunakeun situs Internét atawa aplikasi pikeun néangan jodo? Aya anu panggih sarta bobogohan jeung jalma nu dikenalna sacara online, tapi lila-lila manéhna engeuh yén manéhna keur ditipu. Jadi, manéhna nyeri haté. Terus, kadang osok aya jalma-jalma anu nyieun akun palsu pikeun nipu jeung méntaan duit ka batur. Kadang, jalma-jalma anu nipu éta téh ngaku-ngaku sabagé Saksi.

Pikirkeun bahaya séjénna. Sababaraha situs pikeun néangan jodo ngagunakeun program komputer keur néangan jalma nu cocog jeung urang. Tapi, programna téh can kabukti bisa dipercaya. Jadi, teu bijaksana mun urang ngandelkeun program komputer jieunan manusa pikeun nyieun putusan anu penting, misalna milih batur hirup. Piraku urang leuwih percaya kana program komputer tibatan Alkitab?​—Sil. 1:7; 3:5-7.

Ceuk Siloka 14:15, ”Jalma bodo mah percayaan, ari nu binangkit mah ngawas-ngawas heula pilengkaheun.” Saacan Sadérék mutuskeun rék nikah jeung saurang jalma, Sadérék kudu bener-bener kenal heula ka jalma éta. Mémang, dina situs Internét pikeun néangan jodo, Sadérék bisa ningali informasi ngeunaan saurang jalma sarta bisa ngobrol sacara online jeung manéhna. Tapi, na Sadérék bisa bener-bener kenal ka manéhna? Aya nu ngarasa geus manggihan cinta sajatina, tapi pas panggih langsung jeung jalmana, manéhna téh jadi kuciwa.

Anu nulis jabur ngomong kieu, ”Abdi tara babaturan sareng tukang tipu, tara campur sareng tukang munapek.” (Jab. 26:4) Dina situs online pikeun néangan jodo, geus biasa lamun jalma-jalma henteu nunjukkeun dirina anu sabenerna, boh dihaja boh henteu. Maranéhna hayang leuwih dipikaresep ku batur. Terus pas keur ngobrol gé, anu ditunjukkeun téh ngan sipat-sipat alusna hungkul, ari sipat goréngna mah disumput-sumputkeun. Meureun aya nu ngakuna téh Saksi Yéhuwa, tapi na manéhna téh bener-bener geus dibaptis? Na manéhna téh jalma anu rohani? Na manéhna téh nyobat jeung Yéhuwa? Na manéhna téh pawarta tuladan atawa justru anu mawa pangaruh goréng keur sidang? (1 Kor. 15:33; 2 Tim. 2:20, 21) Terus, dumasar kana Alkitab, na manéhna téh bébas pikeun nikah? Sadérék kudu nyaho jawaban tina pananya-pananya éta. Tapi, mun liwat situs online hungkul mah nya hésé, sabab Sadérék teu bisa tatanya heula ka Saksi séjén anu kenal ka manéhna. (Sil. 15:22) Terus sabagé Saksi Yéhuwa, urang pasti embung ”ngahiji” jeung jalma anu teu saiman.​—2 Kor. 6:14; 1 Kor. 7:39.

Ngagunakeun situs Internét pikeun néangan jodo téh loba bahayana. Aya cara séjén anu leuwih alus pikeun kenal ka dulur saiman anu bisa jadi calon batur hirup urang. Kumaha carana? Lamun urang meunang ngumpul, urang bisa panggih sarta kenal jeung dulur saiman dina pasamoan, kongrés, atawa acara kumpul-kumpul séjénna.

Mun geus leuwih kenal, Sadérék bisa ningali na manéhna boga tujuan jeung cita-cita nu sarua jeung Sadérék atawa henteu

Tapi mun teu bisa kumpul, misalna lantaran aya pandémi COVID-19, urang masamoanana sacara virtual. Di ditu, Sadérék bisa leuwih kenal ka Saksi-Saksi séjénna anu masih léngoh kénéh. Sadérék bisa ningali waktu maranéhna nepikeun bagianana dina pasamoan, atawa waktu maranéhna ngungkabkeun imanna liwat koméntar. (1 Tim. 6:11, 12) Salian ti éta, Sadérék gé bisa ngobrol jeung maranéhna dina breakout room sanggeus pasamoan. Di ditu, Sadérék bisa ningali kumaha sikep jalma anu ditaksir ku Sadérék waktu ngobrol jeung batur. Ku kituna, Sadérék jadi bisa apal kumaha sipat aslina. (1 Pet. 3:4) Engké mun Sadérék geus beuki kenal ka manéhna, Sadérék bisa ningali, na Sadérék boga cita-cita anu sarua jeung jalma éta? Sarta, na manéhna téh bakalan jadi batur hirup anu cocog?

Jelema anu nuturkeun prinsip Alkitab dina néangan batur hirup bakal boga perkawinan anu bagja. Manéhna bakal ngarasakeun benerna kekecapan dina Siloka, ”Jelema anu boga pamajikan [atawa salaki] anu hadé téh geus meunangkeun hal anu hadé, sarta manéhna dipikaresep ku Yéhuwa.”​—Sil. 18:22, Terjemahan Dunia Baru.