Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 28

Ulah Saingan, Tapi Upayakeun Karukunan

Ulah Saingan, Tapi Upayakeun Karukunan

”Ulah ngarasa diri hébat, ulah papanas-panas supaya saingan, jeung ulah pasirik-sirik.”​—GAL. 5:26, Terjemahan Dunia Baru [NW].

KAWIH 101 Digawé Sauyunan

NU DIBAHAS *

1. Naon balukarna mun aya nu hayang katingali leuwih hébat tibatan batur?

KIWARI, loba jalma anu hayang katingali leuwih hébat tibatan batur. Maranéhna jadi teu paduli mun tindakanana nganyenyeri batur. Misalna, saurang pangusaha nu hayang suksés, bisa waé ngalakukeun hal-hal anu ngarugikeun saingan bisnisna. Terus, saurang atlit nu keur tanding bisa waé nyilakakeun lawanna supaya manéhna meunang. Saurang palajar bisa waé nyonték waktu ujian ngarah manéhna katarima di perguruan tinggi anu alus. Sabagé urang Kristen, urang apal tindakan-tindakan jiga kitu téh salah. Éta téh kaasup ”napsu badan”. (Gal. 5:19-21) Tapi, mungkin teu aya umat Allah anu teu sadar yén manéhna boga sipat jiga kitu? Éta téh pananya anu penting pikeun dipikirkeun, sabab mun aya anggota sidang anu hayang katingali leuwih hébat ti batur, sidang moal bisa ngahiji.

2. Naon anu bakal dibahas dina artikel ieu?

2 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas sipat naon waé nu bisa ngalantarankeun urang jadi hayang katingali leuwih hébat tibatan batur. Urang gé bakal ningali tuladan alus ti jalma-jalma satia dina jaman Alkitab anu rendah haté jeung embung katingali leuwih hébat tibatan batur. Tapi saacan ngabahas hal-hal éta, hayu urang tingali heula kumaha carana mariksa niat haté urang.

PARIKSA NIAT HATÉ SADÉRÉK

3. Pananya-pananya naon waé anu kudu urang pikirkeun?

3 Alus mun urang sering mariksa niat haté urang. Urang bisa mariksa: ’Na abdi resep ngabanding-bandingkeun diri jeung batur? Mun ngalakukeun hiji hal, na abdi ngalakukeunana pédah hayang jadi nu panghadéna jeung hayang katingali leuwih hébat tibatan batur? Atawa na abdi ngalakukeunana lantaran hayang nyenangkeun Yéhuwa?’ Ku naon urang kudu mikirkeun pananya-pananya éta? Hayu urang tingali kumaha ceuk Alkitab.

4. Dumasar kana Galata 6:3, 4, ku naon urang ulah sok ngabanding-bandingkeun diri jeung batur?

4 Alkitab méré naséhat supaya urang ulah sok ngabanding-bandingkeun diri jeung batur. (Baca Galata 6:3, 4.) Ku naon? Mun sok ngabanding-bandingkeun diri jeung batur, bisa waé urang jadi leutik haté lantaran ngarasa batur leuwih hadé tibatan urang, atawa bisa waé urang jadi sombong lantaran ngarasa leuwih hadé tibatan batur. Éta téh teu bijaksana. (Rum 12:3) Katerina, * saurang sadérék istri anu cicing di Yunani, ngomong, ”Baheula abdi sok ngabanding-bandingkeun diri jeung sadérék anu leuwih geulis, leuwih jago dines, jeung boga leuwih loba babaturan. Balukarna, abdi jadi ngarasa rendah diri.” Sing inget, Yéhuwa narik Sadérék ka Mantenna téh lain lantaran Sadérék geulis, pinter ngomong, atawa kasohor. Yéhuwa narik Sadérék lantaran Sadérék daék nyaah ka Mantenna jeung ngadéngékeun Putra-Na.​—Yoh. 6:44; 1 Kor. 1:26-31.

5. Tina pangalaman Sadérék Hyun, urang diajar naon?

5 Pananya séjén anu kudu urang pikirkeun téh nyaéta: ’Na abdi dikenal sabagé jalma anu ngupayakeun karukunan atawa jalma nu sering paséa jeung batur?’ Perhatikeun pangalaman Hyun, saurang sadérék nu cicing di Korea Selatan. Baheula, manéhna nganggap sadérék-sadérék anu boga tanggung jawab di sidang téh sabagé sainganana. Hyun ngomong, ”Abdi osok ngiritik maranéhna, terus sering teu satuju jeung omongan maranéhna.” Naon hasilna? Ceuk Hyun, ”Sikep abdi téh nyababkeun sidang hésé ngahiji.” Sababaraha babaturan Hyun ngélingan manéhna. Terus Hyun barobah. Ayeuna, manéhna ngalayanan sabagé kokolot nu hadé. Lamun urang apal urang boga sikep hayang saingan jeung batur, lainna ngupayakeun karukunan, urang kudu gancang ngarobah sikep urang.

ULAH NGARASA DIRI HÉBAT JEUNG ULAH SIRIKAN

6. Dumasar kana Galata 5:26, sipat goréng naon anu bisa ngalantarankeun urang jadi resep saingan?

6 Baca Galata 5:26 tina catetan handap. * Sipat goréng naon anu bisa ngalantarankeun urang jadi resep saingan? Salah sahijina téh nyaéta ngarasa diri hébat. Jalma nu ngarasa diri hébat biasana sombong jeung sok mentingkeun dirina sorangan. Sipat goréng séjénna téh nyaéta sirikan. Jalma nu sirikan teu ngan saukur hayang ngapimilik hal-hal anu dipiboga ku batur, tapi manéhna gé hayang batur kaleungitan hal-hal nu dipibogana. Jadi, mun urang sirik ka batur, sabenerna urang téh ngéwa ka manéhna. Sipat-sipat goréng éta ibarat panyakit, jadi tangtu urang hayang nyingkirkeunana!

7. Ibarat naon anu bisa dipaké pikeun nunjukkeun bahayana ngarasa diri hébat jeung sirikan?

7 Ngarasa diri hébat jeung sirikan téh bisa diibaratkeun jiga kokotor anu aya dina bahan bakar pesawat. Meureun, mimitina mah pesawat téh bisa ngapung. Tapi, lila-lila pipah bahan bakarna bakal mengpet, terus mesin pesawatna gé jadi euwueuh tanagaan. Engké, pesawatna bakal ragrag! Nah kitu ogé, saurang jalma meureun mimitina ngawula Yéhuwa. Tapi mun manéhna ngarasa diri hébat jeung sirikan, manéhna bisa ”ancur”. (Sil. 16:18) Maksudna, manéhna bisa eureun ngawula Yéhuwa sarta nganyenyeri dirina sorangan jeung batur. Jadi, kumaha supaya urang teu ngarasa diri hébat jeung teu sirikan?

8. Kumaha supaya urang teu ngarasa diri hébat?

8 Supaya urang teu ngarasa diri hébat, urang kudu ngalarapkeun naséhat Paulus ka sidang di Pilipi, ”Dina ngalampahkeun naon bae ulah ku karana kapentingan pribadi, ulah kajurung ku hayang kapuji. Sabalikna sing silih hormatan, batur kudu dianggap leuwih hade ti batan diri sorangan.” (Pil. 2:3) Mun urang nganggap batur leuwih hadé tibatan urang, urang moal ngarasa kasaingan mun aya jalma nu pangabisana leuwih loba tibatan urang. Sabalikna, urang bakal bungah. Komo mun maranéhna ngagunakeun pangabisana pikeun ngawula jeung ngamulyakeun Yéhuwa. Terus, mun maranéhna ngalarapkeun naséhat ti Paulus, maranéhna gé bakal bisa ningali sipat alus dina diri urang. Hasilna, urang kabéh bisa ngajaga karukunan, sidang gé bisa ngahiji.

9. Kumaha supaya urang teu sirikan?

9 Mun urang narima kakurangan diri sorangan, urang moal sirikan. Terus mun rendah haté, urang moal hayang katingali leuwih hébat tibatan batur. Justru, urang hayang diajar ti jalma nu pangabisana leuwih loba tibatan urang. Misalna, mun aya sadérék anu pinter nepikeun hutbah, urang bisa nanya kumaha cara manéhna persiapan. Atawa mun aya sadérék istri anu pinter masak, urang bisa nanyakeun resépna. Terus, mun aya budak ngora di sidang anu katingalina boga loba babaturan, urang bisa nanya kumaha carana supaya urang gé bisa boga loba babaturan. Ku kituna, urang moal bakal jadi jalma nu sirikan, terus pangabisa urang gé bakal nambahan.

DIAJAR TINA KISAH-KISAH NU AYA DINA ALKITAB

Ku lantaran rendah haté, Gidion daék ngupayakeun karukunan jeung urang Épraim (Tingali paragrap 10-12)

10. Masalah naon nu disanghareupan ku Gidion?

10 Perhatikeun kisah antara urang Ménasé nu ngaranna Gidion jeung urang Épraim. Harita, Gidion jeung 300 prajuritna kakara unggul dina perang gedé lantaran dibantuan ku Yéhuwa. Terus, urang Épraim datang ka Gidion. Maranéhna datang téh lain rek muji Gidion, tapi rék protés. Maranéhna ngarasa harga dirina geus direndahkeun ku Gidion sabab mimitina mah teu diajak milu merangan musuh Allah. Maranéhna teu bisa ningali hal alus nu geus dilakukeun ku Gidion, nyaéta ngamulyakeun nami Yéhuwa jeung ngalindungan bangsa Israil. Maranéhna jiga kitu téh sabab nu dipikirkeun ku maranéhna ngan kahormatan keur kaomna.​—Hak. 8:1.

11. Naon nu diomongkeun ku Gidion ka urang Épraim?

11 Ku cara nu rendah haté, Gidion ngomong ka urang Épraim, ”Eta beubeunangan kuring, lamun dibandingkeun jeung beubeunangan aranjeun nu enggeus-enggeus, teu aya pisan hartina.” Sanggeus kitu, Gidion ngingetan urang Épraim kumaha Yéhuwa mantuan maranéhna pikeun ngalakukeun hal-hal anu luar biasa. Hasilna, ”dijawab kitu mah lemper napsuna urang Epraim teh”. (Hak. 8:2, 3) Gidion ngomong kitu téh lantaran hayang umat Allah tetep rukun.

12. Urang meunang palajaran naon ti urang Épraim jeung Gidion?

12 Urang meunang palajaran naon tina kisah ieu? Tina conto urang Épraim, urang diajar pikeun ngutamakeun kamulyaan Yéhuwa, lainna mentingkeun kahormatan keur diri sorangan. Para kapala kulawarga jeung para kokolot bisa diajar tina tuladan Gidion. Mun aya saurang jalma nu ngarasa nyeri haté ku lantaran laku lampah atawa omongan urang, urang kudu ngupayakeun heula sangkan bisa paham ku naon manéhna ngarasa nyeri haté. Urang gé bisa muji manéhna lantaran geus ngalakukeun hal-hal alus. Mémang, ieu téh butuh karendahan haté, komo deui mun anu salah téh manéhna. Tapi sing inget, karukunan jeung dulur saiman leuwih penting tibatan ngabuktikeun yén urang téh bener.

Ku lantaran percaya yén Yéhuwa bakal menerkeun sagalana, Hana jadi tengtrem haté (Tingali paragrap 13-14)

13. Hana nyanghareupan masalah naon, jeung naon nu dilakukeun ku manéhna?

13 Pikirkeun ogé tuladan ti Hana. Manéhna kawin jeung urang Léwi anu ngaranna Élkana. Élkana boga pamajikan séjén, nyaéta Pénina. Najan kitu, Élkana leuwih nyaah ka Hana tibatan ka Pénina. Tapi, ”Penina boga anak, Hana henteu hiji-hiji acan”. Ku lantaran éta, Hana ku Pénina dihina, ”dipapanas bae, dihaja sina nyerieun hatena”. Kumaha parasaan Hana? Manéhna nyeri haté pisan. ”Hana ceurik jeung teu daekeun dahar-dahar acan.” (1 Sam. 1:2, 6, 7) Tapi, euweuh catetan dina Alkitab anu nyebutkeun Hana hayang ngabales Pénina. Manéhna ngungkabkeun parasaanana ka Yéhuwa jeung percaya Mantenna bakal nulungan manéhna. Na sikep Pénina ka Hana jadi barobah? Alkitab teu nyebutkeun hal éta. Tapi, Hana jadi teu nyeri haté deui. Manéhna tengtrem. ”Hatena geus janglar.”​—1 Sam. 1:9, 10, 18.

14. Urang meunang palajaran naon tina tuladan Hana?

14 Urang meunang palajaran naon tina kisahna Hana? Mun aya nu hayang saingan jeung Sadérék, sing inget Sadérék bisa mutuskeun, na rék ngaladénan manéhna atawa henteu. Sadérék teu kudu ngabales naon nu geus dilakukeun ku manéhna ka Sadérék. Tibatan ngabales, leuwih alus mun Sadérék ngupayakeun supaya bisa rukun jeung manéhna. (Rum 12:17-21) Naon kauntunganana? Sanajan manéhna teu barobah, Sadérék bakal ngarasa tengtrem.

Ku lantaran yakin Yéhuwa ngaberkahan pagawéan maranéhna, Apolos jeung Paulus teu papunjul-punjul (Tingali paragrap 15-18)

15. Naon sasaruaanana Apolos jeung Paulus?

15 Terus, perhatikeun tuladan ti Apolos jeung Rasul Paulus. Maranéhna téh ngarti pisan kana Kitab Suci. Maranéhna gé guru anu hadé jeung kasohor. Salian ti éta, maranéhna geus ngabantu loba jalma pikeun jadi murid. Najan kitu, maranéhna embung saingan.

16. Apolos téh jalma nu jiga kumaha?

16 Apolos téh asalna ti Aléksandria, pusat pendidikan dina abad kahiji. Manéhna pinter nyarita jeung ”paham kana ayat-ayat Kitab Suci”. (Ras. 18:24, Sunda Formal [SF]) Waktu Apolos ngalayanan di Korinta, dulur-dulur saiman di ditu leuwih resep ka manéhna tibatan ka dulur-dulur séjén, kaasup Paulus. (1 Kor. 1:12, 13) Na Apolos jadi ngarasa dirina leuwih hébat? Katingalina mah henteu, lantaran teu lila sanggeus Apolos ninggalkeun Korinta, Paulus ménta manéhna balik deui ka ditu. (1 Kor. 16:12) Paulus moal ménta kitu lamun manéhna apal Apolos bisa mecah belah sidang. Jadi, jelas Apolos téh ngagunakeun pangabisana keur ngalakukeun hal-hal hadé, nyaéta ngawartakeun warta hadé jeung nguatkeun dulur saiman. Apolos téh pasti rendah haté. Buktina, waktu Akuila jeung Priskila ngajarkeun ”hal Jalan Allah nepi ka sataliti-talitina”, teu aya catetan nu nunjukkeun Apolos ngarasa kasinggung.​—Ras. 18:24-28, SF.

17. Kumaha Paulus ngupayakeun karukunan?

17 Paulus apal kana hal-hal hadé anu geus dilakukeun ku Apolos. Tapi, manéhna teu ngarasa kasaingan ku Apolos. Tina suratna ka urang Korinta, urang bisa ningali Paulus téh jalma anu rendah haté jeung sadar diri. Paulus teu resep waktu aya dulur saiman anu ngomong ”kuring pihak Paulus”. Justru, manéhna hayang dulur-dulur saiman ngamulyakeun Yéhuwa jeung nuturkeun Yésus Kristus.​—1 Kor. 3:3-6.

18. Dumasar kana 1 Korinta 4:6, 7, urang meunang palajaran naon tina tuladan Apolos jeung Paulus?

18 Urang meunang palajaran naon tina tuladan Apolos jeung Paulus? Meureun urang geus ngalakukeun loba hal keur Yéhuwa sarta mantuan sababaraha jalma nyieun kamajuan nepi ka dibaptis. Tapi urang apal, urang bisa jiga kitu téh lantaran dibantuan ku Yéhuwa. Urang gé meunang palajaran séjén tina kisah Paulus jeung Apolos. Beuki loba tanggung jawab urang di sidang, urang boga leuwih loba kasempetan pikeun ngajaga karukunan di sidang. Misalna, para kokolot jeung palayan sidang boga loba kasempetan pikeun nepikeun naséhat anu dumasar kana Alkitab. Maranéhna gé boga loba kasempetan pikeun mantuan batur nuturkeun tuladan Yésus Kristus. Maranéhna embung dianggap penting. Nu dilakukeun ku maranéhna téh bisa ngajaga sidang tetep rukun jeung ngahiji. Urang tangtu nganuhunkeun pisan kana upaya maranéhna!​—Baca 1 Korinta 4:6, 7.

19. Naon anu bisa urang lakukeun? (Tingali kotak ” Jaga Karukunan Sidang”.)

19 Urang kabéh boga pangabisa. Urang bisa ngagunakeun pangabisa urang pikeun ”nyieun kahadean ka batur”. (1 Pet. 4:10) Meureun aya nu ngarasa naon nu dilakukeun ku manéhna téh euweuh hartina. Tapi najan leutik, naon nu dilakukeun ku urang téh penting. Éta ibarat kaputan-kaputan anu ngahijikeun potongan-potongan kaén. Jadi, hayu urang sabisa-bisa miceun sikep hayang saingan jeung batur. Urang gé kudu boga tékad pikeun ngupayakeun karukunan jeung mantuan sidang tetep ngahiji.​—Epe. 4:3.

 

KAWIH 80 ’Pék Rasakeun Kasaéan Yéhuwa’

^ par. 5 Pot nu aya rengatna gampang peupeus. Kitu ogé, lamun aya jalma anu resep saingan jeung batur, sidang bakal gampang papecah. Mun sidang teu ngahiji, sidang moal jadi tempat anu tengtrem pikeun ibadah ka Yéhuwa. Jadi, dina artikel ieu urang bakal ngabahas ku naon urang teu meunang saingan jeung batur sarta kumaha carana ngajaga karukunan di sidang.

^ par. 4 Ngaran-ngaran geus diganti.

^ par. 6 Galata 5:26 (NW): ”Ulah ngarasa diri hébat, ulah papanas-panas supaya saingan, jeung ulah pasirik-sirik.”