ARTIKEL PALAJARAN 31
Hargaan Kurnia pikeun Ngadoa
”Tampi paneda abdi lir dupa.”—JAB. 141:2.
KAWIH 47 Ngadoa ka Yéhuwa Unggal Poé
NU DIBAHAS *
1. Kumaha sakuduna parasaan urang kana kurnia pikeun ngadoa?
URANG geus dibéré hiji kurnia nu istiméwa ku Pribadi anu nyiptakeun sorga jeung bumi, nyaéta kurnia pikeun ngadoa ka Anjeunna. Pék pikirkeun, urang bisa ngabudalkeun eusi haté urang ka Yéhuwa ngagunakeun basa naon waé jeung iraha waé, teu kudu jangjian heula. Urang bisa ngadoa ka Anjeunna waktu urang dirawat di rumah sakit atawa di panjara. Urang yakin Bapa urang nu nyaahan bakal ngadéngékeun doa urang. Urang pasti ngahargaan pisan kurnia ieu.
2. Naon buktina Raja Daud ngahargaan kurnia pikeun ngadoa?
2 Raja Daud téh ngahargaan pisan kurnia pikeun ngadoa. Manéhna ngawih keur Yéhuwa, ”Tampi paneda abdi lir dupa.” (Jab. 141:1, 2) Dina jaman Daud, dupa téh dipaké dina ibadah nu sajati. Para imam bakal bener-bener nyiapkeun dupana saacan disanggakeun. (Bud. 30:34, 35) Siga dupa nu bener-bener disiapkeun, Daud téh bener-bener mikirkeun naon nu rék diomongkeun ka Yéhuwa saacan ngadoa. Pasti urang gé hayang nyiapkeun doa urang supaya bisa nyenangkeun Yéhuwa.
3. Kumaha sakuduna sikep urang waktu ngadoa ka Yéhuwa, jeung ku naon?
3 Waktu urang ngadoa ka Yéhuwa, urang téh sakuduna teu santai teuing tapi kudu bener-bener nunjukkeun hormat. Pikirkeun titingalian luar biasa nu ditempo ku Yésaya, Yéhézkiél, Daniél, jeung Yahya. Titingalian maranéhna téh béda-béda, tapi aya hiji hal nu sarua. Kabéh titingalian éta nunjukkeun yén Yéhuwa téh Raja anu mulya. Yésaya ningali ”[Yéhuwa], linggih dina tahta-Na anu luhur”. (Yes. 6:1-3) Yéhézkiél ningali Yéhuwa calik dina karéta sorga dikurilingan ku cahaya ”warna-warni cara cahaya katumbiri”. (Yeh. 1:26-28) Daniél ningali Pribadi ”nu geus sepuh pisan, anggoanana bodas”, terus tina tahta-Na téh kaluar ”seuneu hurung anu ngagedag-gedag”. (Dan. 7:9, 10) Geus kitu, Yahya ningali Yéhuwa calik dina tahta-Na dikurilingan ku pelangi nu katingalina siga jamrut. (Why. 4:2-4) Lamun urang ngabayangkeun sakumaha mulyana Yéhuwa, urang pasti ngahargaan pisan kurnia pikeun ngadoa. Jadi, kumaha sakuduna urang ngadoa?
”KIEU CARANA NGADOA”
4. Urang diajar naon tina bagian awal doa Isa anu dicatet dina Matius 6:9, 10?
4 Baca Matius 6:9, 10. Dina Hutbah di Gunung, Isa ngajarkeun ka murid-muridna kumaha supaya doa maranéhna nyenangkeun Allah. Sanggeus ngomong ”kieu carana ngadoa”, nu mimiti disebutkeun ku Isa téh nyaéta hal-hal penting anu aya hubunganana jeung tujuan Yéhuwa, nyaéta: disucikeunana nami Yéhuwa, datangna Pamaréntahan Anjeunna anu bakal nyingkirkeun kabéh musuh Allah, sarta berkah-berkah dina mangsa ka hareup anu geus disiapkeun ku Anjeunna keur umat manusa jeung bumi ieu. Mun urang nyebutkeun hal-hal éta dina doa, éta nunjukkeun yén urang téh nganggap penting tujuan Allah.
5. Meunang henteu urang ngadoakeun hal-hal pribadi?
5 Dina kekecapan Isa saterusna, Isa némbongkeun yén urang ogé meunang ngadoakeun hal-hal pribadi. Urang bisa ménta Yéhuwa pikeun nyumponan kadaharan urang poé ieu, pikeun ngahampura dosa urang, pikeun ngajauhkeun urang ti gogoda, jeung ngaleupaskeun urang ti si jahat. (Mat. 6:11-13) Lamun urang ngadoakeun hal-hal ieu, éta némbongkeun yén urang téh ngandel ka Anjeunna sarta hayang nyenangkeun Anjeunna.
6. Naha enya urang ngan bisa ngadoakeun hal-hal anu disebutkeun dina conto doa Isa? Jelaskeun.
6 Isa henteu ngajarkeun murid-muridna pikeun nuturkeun percis unggal kekecapanana waktu ngadoa. Dina kasempetan séjén, Isa gé ngadoakeun hal-hal anu jadi pikiran keur manéhna. (Mat. 26:39, 42; Yah. 17:1-26) Jadi, urang gé bisa ngadoakeun hal-hal anu jadi pikiran keur urang. Misalna, lamun urang kudu nyieun hiji putusan nu penting, urang bisa ngadoa ménta kabijaksanaan jeung pangarti. (Jab. 119:33, 34) Waktu meunang tugas anu beurat, urang bisa ngadoa ménta bantuan Yéhuwa supaya urang ngarti cara ngagawékeunana. (Sil. 2:6) Kolot bisa ngadoakeun barudakna, barudak gé bisa ngadoakeun kolotna. Terus, urang kabéh téh bisa jeung kudu ngadoakeun para palajar Alkitab sarta jalma-jalma anu diwawaran ku urang. Tapi, eusi doa urang téh sakuduna henteu ngan paménta hungkul.
7. Ku naon urang sakuduna muji Yéhuwa waktu ngadoa?
7 Waktu ngadoa, ulah poho pikeun muji Yéhuwa. Yéhuwa téh Pribadi anu paling layak pikeun dipuji. Ku naon? Sabab Anjeunna bageur, jembar hampura, karunyaan, nyaahan, teu gancang ambek, jeung pinuh ku asih satia. (Jab. 86:5, 15) Mun mikirkeun sipat-sipat Yéhuwa jeung tindakana-Na, urang pasti hayang muji Anjeunna.
8. Urang bisa ngahaturkeun nuhun ka Yéhuwa pikeun hal naon waé? (Jabur 104:12-15, 24)
8 Salian ti muji Yéhuwa, urang gé bisa ngahaturkeun nuhun ka Anjeunna. Anjeunna téh geus méré loba hal hadé keur urang, misalna kembang anu kelirna rupa-rupa, kadaharan anu ngarareunah, jeung babaturan anu balageur. Bapa urang téh méré kabéh hal hadé ieu supaya urang bagja. (Baca Jabur 104:12-15, 24) Salian ti éta, urang gé bisa ngahaturkeun nuhun kana kadaharan rohani anu limpah jeung kana harepan nu éndah di mangsa ka hareup.
9. Kumaha supaya urang henteu poho pikeun ngahaturkeun nuhun ka Yéhuwa? (1 Tésalonika 5:17, 18)
9 Urang osok poho pikeun ngahaturkeun nuhun ka Yéhuwa kana hal-hal anu geus dibéré ku Anjeunna. Kumaha supaya urang teu poho? Urang bisa nyieun daptar naon waé nu geus didoakeun ku urang, terus sering-sering mariksa kumaha Yéhuwa ngajawab doa-doa urang. Ku kituna, urang bisa ngahaturkeun nuhun ka Yéhuwa dina doa. (Baca 1 Tésalonika 5:17, 18.) Pikirkeun hal ieu: Lamun aya nu ngahaturkeun nuhun ka urang, urang pasti bungah jeung ngarasa dihargaan. Kitu ogé, lamun urang ngahaturkeun nuhun ka Yéhuwa lantaran geus ngajawab doa-doa urang, Yéhuwa pasti bungah. (Kol. 3:15) Tapi, aya hal séjén anu leuwih penting nu jadi alesan ku naon urang kudu ngahaturkeun nuhun ka Allah urang.
HATURKEUN NUHUN KA YÉHUWA LANTARAN GEUS MÉRÉ PUTRA-NA
10. Dumasar kana 1 Pétrus 2:21, ku naon urang kudu ngahaturkeun nuhun ka Yéhuwa lantaran geus ngutus Isa ka bumi?
10 Baca 1 Pétrus 2:21. Urang kudu ngahaturkeun nuhun ka Yéhuwa lantaran geus ngutus Putra-Na nu dipikanyaah pikeun ngajar urang. Lamun diajar tina kisah hirup Isa, urang bisa ngarti kana loba hal ngeunaan Yéhuwa sarta ngarti kumaha cara nyenangkeun Anjeunna. Terus lamun urang boga iman kana tebusan Al-Masih, urang bisa rukun sarta nyobat jeung Allah Yéhuwa.—Rm. 5:1.
11. Ku naon urang ngadoa ka Yéhuwa liwat ngaran Isa?
11 Urang ngahaturkeun nuhun ka Yéhuwa lantaran urang bisa ngadoa ka Anjeunna liwat Putra-Na. Isa téh perantara nu digunakeun ku Yéhuwa pikeun ngabulkeun paménta urang. Yéhuwa daék ngadéngékeun jeung ngajawab doa urang nu disanggakeun liwat ngaran Isa. Isa ngajelaskeun, ”Naon waé nu dipénta ku maranéh maké ngaran urang ku urang bakal dikabulkeun. Ku kituna, Bapa urang bakal dimulyakeun ku lantaran Putra.”—Yah. 14:13, 14.
12. Naon deui alesan pikeun ngahaturkeun nuhun ka Yéhuwa ku lantaran geus méré putra-Na?
12 Yéhuwa bisa ngahampura dosa urang ku lantaran aya korban tebusan Isa. Kitab Suci ngajelaskeun, Isa téh ”imam agung [anu diuk] dina katuhueun tahta Allah Nu Agung di sorga”. (Ibr. 8:1) Isa ogé ”panulung nu aya bareng jeung Bapa”. (1 Yah. 2:1) Urang pasti nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa lantaran geus méré imam agung anu ngarti kana kalemahan-kalemahan urang sarta ”anu mangnyuhunkeun keur urang”. (Rm. 8:34; Ibr. 4:15) Urang téh manusa nu teu sampurna, jadi lamun teu aya korban tebusan Isa, urang moal pernah bisa ngadoa ka Yéhuwa. Isa téh hadiah anu luar biasa ti Yéhuwa keur urang. Urang moal pernah bisa ngabales kahadéan Yéhuwa.
DOAKEUN DULUR-DULUR SAIMAN
13. Dina peuting saacan Isa maot, kumaha manéhna nunjukkeun kanyaah ka murid-muridna?
13 Dina peuting saacan Isa maot, manéhna ngadoakeun murid-muridna meni lila pisan. Isa ménta supaya Bapana ”ngajaga maranéhna ti si jahat”. (Yah. 17:15) Isa nyaah pisan ka murid-muridna. Harita Isa téh téréh ngalaman cocoba anu beurat pisan, tapi manéhna masih kénéh mikirkeun murid-muridna.
14. Ku cara naon urang téh némbongkeun yén urang nyaah ka dulur-dulur saiman?
14 Urang hayang nuturkeun Isa pikeun henteu mikirkeun diri sorangan hungkul, ku kituna urang hayang ngadoakeun dulur-dulur saiman urang. Lamun urang ngalakukeunana, urang téh nuturkeun paréntah Isa pikeun nyaah ka sasama urang sarta némbongkeun ka Yéhuwa sakumaha nyaahna urang ka dulur-dulur saiman. (Yah. 13:34) Upaya urang pikeun ngadoakeun maranéhna téh henteu percumah sabab Firman Allah nyebutkeun yén ”doa paménta ti jalma bener téh gedé kawasana”.—Yak. 5:16.
15. Ku naon dulur-dulur saiman urang perlu didoakeun?
15 Dulur-dulur saiman téh perlu didoakeun ku urang sabab maranéhna nyanghareupan loba tangtangan. Urang bisa ménta Yéhuwa ngabantu manéhna supaya tetep teger waktu gering, waktu keuna musibat alam, waktu aya perang, waktu dikaniaya, atawa waktu nyanghareupan masalah-masalah séjén. Urang gé bisa ngadoakeun sadérék-sadérék anu geus réla ngabantuan dulur-dulur saiman urang. Meureun Sadérék wawuh ka sababaraha dulur saiman anu ngalaman kasusah sarupa kitu. Pék sebutkeun ngaran maranéhna dina doa pribadi. Lamun urang ménta Yéhuwa pikeun ngabantu maranéhna tetep teger, urang téh nunjukkeun yén urang nyaah ka sasama.
16. Ku naon urang kudu ngadoakeun sadérék-sadérék anu ngatur sidang?
16 Sadérék-Sadérék di sidang bakal resep pisan lamun urang ngadoakeun maranéhna. Maranéhna gé bakal meunang mangpaat lamun didoakeun ku urang. Rasul Paulus sadar yén manéhna perlu didoakeun ku dulur-dulur saimanna. Manéhna nulis, ”Doakeun kuring ogé, supaya kuring nyaho naon nu rék diomongkeun jeung bisa wani nyaritakeun rasiah suci ngeunaan warta hadé.” (Éf. 6:19) Ayeuna gé, loba sadérék pameget anu geus susah payah ngatur sidang. Mun urang ngadoa supaya Yéhuwa ngaberkahan maranéhna, éta tandana urang nyaah ka maranéhna.
WAKTU NGADOA PIKEUN NGAWAKILAN BATUR
17-18. Bisa jadi, iraha waé urang dipénta pikeun ngadoa ngawakilan batur, jeung naon nu kudu diinget?
17 Kadang, urang dipénta pikeun ngadoa ngawakilan batur. Misalna, sadérék istri anu maturan pawarta séjén mandu palajaran Alkitab bisa waé dipénta pikeun ngadoa. Manéhna can nyaho loba ngeunaan si palajar, jadi meureun manéhna dipénta pikeun nepikeun doa panutup. Ku kituna, manéhna bisa nyaho kira-kira naon pangabutuh si palajar nu bisa didoakeun.
18 Sadérék pameget bisa waé dipénta pikeun ngadoa dina riungan dines lapangan atawa dina pasamoan. Manéhna kudu inget naon tujuan riungan dines lapangan jeung pasamoan téh. Doa sakuduna henteu dijadikeun kasempetan pikeun méré naséhat atawa pangumuman ka sidang. Dina loba acara pasamoan, waktu lima menit téh cukup pikeun ngawih jeung ngadoa. Jadi, ulah nepikeun doa anu panjang, komo deui dina doa bubuka.—Mat. 6:7.
DOA TÉH KUDU JADI HAL PENTING DINA KAHIRUPAN URANG
19. Naon nu bisa ngabantu urang pikeun siap nyanghareupan poé Yéhuwa?
19 Poé Yéhuwa téh geus beuki deukeut, jadi sakuduna doa téh kudu beuki penting dina kahirupan urang. Isa ngabéjaan, ”Maranéh kudu tetep sadar bari terus husu ngadoa sangkan bisa salamet tina kabéh kajadian nu bakal laksana.” (Luk. 21:36) Lamun urang sering ngadoa, iman urang téh bakal jadi leuwih kuat sarta urang gé bakal leuwih siap nyanghareupan poé Yéhuwa.
20. Kumaha supaya doa urang seungit siga dupa?
20 Naon waé nu geus dibahas? Urang bener-bener ngahargaan kurnia pikeun ngadoa. Nu utamana kudu didoakeun téh nyaéta hal-hal nu aya hubunganana jeung tujuan Yéhuwa. Urang gé bisa ngadoakeun Pamaréntahan Allah, sarta urang bisa ngahaturkeun nuhun sabab Yéhuwa geus méré Putra-Na. Terus, urang gé bisa ngadoakeun dulur-dulur saiman urang. Urang gé bisa ngadoakeun ngeunaan pangabutuh sapopoé sarta ménta bantuan Yéhuwa supaya urang tetep satia. Lamun urang mikirkeun heula naon nu rék diucapkeun dina doa, éta hartina urang téh ngahargaan kurnia ieu. Ku kituna, kekecapan urang téh bakal seungit siga dupa sarta ”kamanah ku PANGERAN”.—Sil. 15:8.
KAWIH 45 Nu Dilenyepan ku Abdi
^ Urang téh geus dibéré kurnia pikeun ngadoa ka Yéhuwa, jadi urang pasti ngahargaan kurnia éta. Urang hayang doa urang téh seungit jiga dupa supaya bisa nyenangkeun Anjeunna. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas naon waé nu bisa didoakeun ku urang. Urang gé bakal ngabahas sababaraha hal nu kudu diinget waktu urang kudu ngadoa pikeun ngawakilan batur.
^ KATERANGAN GAMBAR: Salaki pamajikan ngadoakeun supaya budakna tetep aman di sakola, supaya kolotna gancang cageur, jeung supaya palajar Alkitabna maju sacara rohani.
^ KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék ngora ngahaturkeun nuhun ka Yéhuwa kana korban tebusan Isa, bumi nu éndah, sarta kadaharan nu loba gizi.
^ KATERANGAN GAMBAR: Sadérék istri ngadoa supaya Yéhuwa ngaberkahan Badan Pingpinan ku kawasa suci-Na sarta nulungan sadérék-sadérék nu keuna musibat alam jeung meunang panganiayaan.