Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 30

Hiji Nubuat nu Penting Pisan keur Urang

Hiji Nubuat nu Penting Pisan keur Urang

”Manéh jeung awéwé éta bakal disina mumusuhan.”​—KAJ. 3:15, Terjemahan Dunia Baru (NW).

KAWIH 15 Puji Putra Cikal Yéhuwa!

NU DIBAHAS *

1. Naon anu dilakukeun ku Yéhuwa teu lila sanggeus Adam jeung Hawa nyieun dosa? (Kajadian 3:15)

 HENTEU lila sanggeus Adam jeung Hawa nyieun dosa, Yéhuwa méré harepan ka turunan maranéhna ku nyebutkeun hiji nubuat nu penting. Nubuatna dicatet dina Kajadian 3:15, NW.​—Baca tina catetan handap. *

2. Ku naon nubuat dina Kajadian 3:15 téh penting?

2 Nubuat ieu téh mémang ngan dicatet dina buku kahiji dina Alkitab. Tapi, buku-buku séjénna dina Alkitab aya hubunganana jeung nubuat ieu. Sarua siga tali anu ngabeungkeut sapu nyéré, nubuat ieu téh ngahijikeun eusi ti kabéh buku dina Alkitab jadi hiji pesen, nyaéta Allah bakal ngutus Jurusalamet keur ngabinasakeun Iblis jeung kabéh nu ngadukung manéhna. * Ieu téh hal anu diarep-arep ku jalma-jalma anu nyaah ka Yéhuwa!

3. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas nubuat dina Kajadian 3:15. Saha waé nu disebutkeun dina nubuat ieu? Kumaha nubuat ieu jadi kanyataan? Sarta, naon mangpaat nubuat ieu keur urang?

SAHA WAÉ NU DISEBUTKEUN DINA NUBUAT IEU?

4. Saha si ”oray” téh, jeung urang nyaho ti mana?

4 Kajadian 3:14, 15 (NW) nyebutkeun ngeunaan ”oray”, ”turunan” oray, ”awéwé”, jeung ”turunan” awéwé. Alkitab méré nyaho saha maranéhna téh. * Hayu urang pariksa saha si ”oray” téh. Oray nyaanan mah moal ngarti maksud omongan Yéhuwa di Taman Éden, jadi si oray téh pasti ngamaksudkeun ciptaan Yéhuwa anu boga akal budi. Saha ieu téh? Wahyu 12:9 méré nyaho jawabanana. Di ditu, ”oray nu mimiti” téh jelas-jelas ngamaksudkeun Sétan si Iblis. Tapi, saha turunanana?

ORAY

Sétan si Iblis, dina Wahyu 12:9 téh disebutna ”oray nu mimiti” (Tingali paragrap 4)

5. Saha turunan si oray téh?

5 Dina Alkitab, istilah turunan nu maké basa kiasan téh ngamaksudkeun jalma-jalma anu cara pikir jeung kalakuanana nuturkeun saurang jalma. Saking miripna, maranéhna bisa dianggap barudak ti jalma éta. Jadi, saha turunan si oray téh? Roh-roh jahat jeung jalma-jalma anu kalakuanana siga Sétan. Maranéhna ngalawan ka Allah Yéhuwa sarta ngamusuhan umat-Na. Ieu téh kaasup para malaikat nu ninggalkeun sorga dina jaman Nuh sarta jalma-jalma jahat nu kalakuanana siga si Iblis.​—Kaj. 6:1, 2; Yah. 8:44; 1 Yah. 5:19; Yud. 6.

TURUNAN ORAY

Roh-roh jahat sarta jalma-jalma nu ngalawan ka Allah Yéhuwa jeung ngamusuhan umat Allah (Tingali paragrap 5)

6. Ku naon ”awéwé éta” téh moal mungkin Hawa?

6 Ari ”awéwé éta” téh saha? Moal mungkin ieu téh Hawa. Ku naon? Pék pikirkeun alesanana. Nubuat ieu nyebutkeun yén turunan ti awéwé éta bakal ngancurkeun hulu si oray. Urang geus nyaho si oray téh Sétan. Moal mungkin manusa teu sampurna ti turunan Hawa sanggup ngancurkeun Sétan, da manéhna téh mahluk roh. Jadi, kumaha Sétan diancurkeun?

7. Siga nu disebutkeun dina Wahyu 12:1, 2, 5, 10, saha awéwé anu dicaritakeun dina Kajadian 3:15 téh?

7 Buku Alkitab nu pangahirna méré nyaho saha awéwé éta. (Baca Wahyu 12:1, 2, 5, 10.) Manéhna téh lain awéwé nu aya di bumi. Dina buku Wahyu disebutkeun, di handapeun sukuna aya bulan, dina sirahna aya makuta nu dijieun tina 12 béntang. Geus kitu, manéhna gé ngalahirkeun orok anu teu biasa, nyaéta Pamaréntahan Allah. Pamaréntahan ieu téh aya di sorga, jadi manéhna gé pasti aya di sorga. Awéwé ieu ngagambarkeun bagian tina organisasi Yéhuwa nu aya di sorga, nu eusina para malaikat nu satia.​—Gal. 4:26.

AWÉWÉ ÉTA

Bagian ti organisasi Yéhuwa nu aya di sorga, nyaéta para malaikat nu satia (Tingali paragrap 7)

8. Saha nu jadi bagian utama ti turunan awéwé éta, jeung iraha manéhna jadi bagian utama? (Kajadian 22:15-18)

8 Firman Allah gé nunjukkeun saha nu jadi bagian utama ti turunan awéwé éta. Bagian utama turunan ieu téh ti turunan Ibrahim. (Baca Kajadian 22:15-18.) Tapi manéhna teu mungkin manusa biasa, sabab engké manéhna bakal ngancurkeun Sétan si Iblis. Jadi, saha bagian utama ti turunan awéwé éta? Isa. Naon buktina? Isa téh turunan Ibrahim. (Luk. 3:23, 34) Terus waktu umurna kira-kira 30 taun, manéhna diistrénan ku kawasa suci. Harita, manéhna jadi bagian utama ti turunan awéwé éta. (Gal. 3:16) Sanggeus Isa maot sarta dihirupkeun deui, manéhna ”dimakutaan ku kamulyaan jeung kahormatan” sarta dibéré ”kabéh kakawasaan di sorga jeung di bumi”, kaasup kakawasaan ”pikeun ngancurkeun pagawéan-pagawéan Iblis”.​—Ibr. 2:7; Mat 28:18; 1 Yah. 3:8.

TURUNAN AWÉWÉ

Isa Al-Masih sarta 144.000 nu maréntah bareng jeung manéhna (Tingali paragrap 8-9)

9-10. (a) Saha bagian séjén ti turunan awéwé éta, jeung iraha maranéhna jadi bagian ti turunan awéwé? (b) Ayeuna naon nu bakal dibahas?

9 Tapi aya deui bagian séjén ti turunan awéwé éta. Waktu ngomong ka urang Yahudi jeung Yunani nu diistrénan, Rasul Paulus méré nyaho saha maranéhna téh. Ceuk Paulus, ”Lamun aranjeun milik Al-Masih, aranjeun téh bener-bener turunan Ibrahim, jeung bakal narima warisan nu dijangjikeun.” (Gal. 3:28, 29) Waktu saurang jalma diistrénan ku kawasa suci, éta hartina manéhna téh jadi bagian ti turunan awéwé éta. Jadi, turunan ti awéwé éta téh nyaéta Isa Al-Masih sarta 144.000 nu bakal maréntah bareng jeung Isa. (Why. 14:1) Pikiran jeung tindakan maranéhna téh nuturkeun Bapana, Allah Yéhuwa.

10 Urang geus ngabahas saha waé nu disebutkeun dina Kajadian 3:15. Ayeuna, hayu urang tingali kumaha Yéhuwa geus ngawujudkeun sabagian tina nubuat ieu sarta naon mangpaatna keur urang.

KUMAHA NUBUAT IEU JADI KANYATAAN?

11. Kumaha ”keuneung” ti turunan awéwé éta diremukkeun?

11 Dina Kajadian 3:15, dicaritakeun yén oray ’ngaremukkeun keuneung’ ti turunan awéwé éta. Ieu jadi kanyataan waktu Sétan ngahasud urang Yahudi jeung Roma pikeun maéhan Putra Allah. (Luk. 23:13, 20-24) Lamun keuneung saurang jalma raheut, manéhna bakal cingked leumpangna keur sababaraha waktu. Kitu ogé, Isa teu bisa ngalakukeun nanaon salila tilu poé, sabab manéhna maot jeung aya di jero kuburan.​—Mat. 16:21.

12. Kumaha jeung iraha hulu si oray bakal diancurkeun?

12 Supaya nubuat dina Kajadian 3:15 jadi kanyataan, Isa teu meunang salilana aya di kuburan. Ku naon? Sabab ceuk nubuat ieu, turunan awéwé éta bakal ngancurkeun hulu si oray. Éta hartina, Isa kudu dihirupkeun deui. Mémang kitu kanyataanana. Dina poé katilu sanggeus manéhna maot, Isa dihirupkeun deui jadi mahluk roh di sorga anu moal bisa maot. Engké dina waktu anu geus ditetepkeun ku Allah, Isa bakal ngabinasakeun Sétan. (Ibr. 2:14) Nu maréntah bareng jeung Isa bakal milu mantuan manéhna pikeun ngabinasakeun musuh-musuh Allah nu aya di bumi, nyaéta turunan si oray.​—Why. 17:14; 20:4, 10. *

 

NAON MANGPAAT NUBUAT IEU KEUR URANG?

13. Urang meunang mangpaat naon tina ngawujudna nubuat ieu?

13 Lamun Sadérék geus jadi umat Allah, Sadérék téh keur ngarasakeun mangpaat tina ngawujudna nubuat ieu. Baheula, Isa téh datang ka bumi sabagé manusa. Sipat-sipat manéhna téh percis siga Bapana. (Yah. 14:9) Jadi liwat Isa, urang bisa kenal jeung nyaah ka Allah Yéhuwa. Urang gé geus ngarasakeun mangpaat tina pangajaran Isa sarta bingbinganana ka sidang Kristen ayeuna. Manéhna téh ngajarkeun cara hirup nu bisa nyenangkeun Yéhuwa. Salian ti éta, urang kabéh gé bisa meunang mangpaat tina maotna Isa, atawa diremukkeunana keuneung ti turunan awéwé éta. Sanggeus Isa dihirupkeun deui, Yéhuwa téh narima korban nu sampurna ti Putra-Na nu bisa ”mupus sagala dosa urang”.​—1 Yah. 1:7.

14. Ti mana urang nyaho yén nubuat anu diucapkeun ku Yéhuwa di Taman Éden téh teu langsung jadi kanyataan? Jelaskeun.

14 Kekecapan Yéhuwa di Taman Éden nunjukkeun yén nubuat ieu téh moal langsung jadi kanyataan harita kénéh, tapi butuh waktu. Awéwé éta bakal ngahasilkeun turunan anu geus dijangjikeun heula. Terus, Iblis bakal ngumpulkeun balad-baladna heula. Salian ti éta, dua kelompok ieu bakal mumusuhan atawa silih pikangéwa heula. Lamun ngarti kana nubuat ieu, urang moal héran lamun dunya nu dikawasaan ku Sétan ieu ngéwa ka umat Allah. Isa gé pernah méré paringetan anu mirip siga kitu ka murid-muridna. (Mar. 13:13; Yah. 17:14) Ayeuna urang geus ningali yén sababaraha hal dina nubuat ieu geus jadi kanyataan, utamana dina 100 taun ieu. Naon waé nu geus jadi kanyataan?

15. Ku naon beuki ka dieu umat Allah beuki dipikangéwa ku dunya ieu, tapi ku naon urang teu kudu sieun?

15 Dina taun 1914, Isa jadi Raja dina Pamaréntahan Allah. Teu lila ti harita, Sétan dibalangkeun ti sorga ka bumi. Manéhna nyahoeun sakeudeung deui bakal dibinasakeun. (Why. 12:9, 12) Bakating ku ambek, Sétan bébéakan nyerang umat Allah. (Why. 12:13, 17) Ku kituna beuki ka dieu, umat Allah téh beuki dipikangéwa ku dunya ieu. Tapi, urang teu kudu sieun ka Sétan jeung balad-baladna. Urang bisa yakin siga Rasul Paulus anu nulis, ”Lamun Allah di pihak urang, saha nu bisa ngalawan ka urang?” (Rm. 8:31) Urang bisa percaya ka Yéhuwa, lantaran siga nu geus ditingali ku urang sorangan, sabagian tina nubuat dina Kajadian 3:15 téh geus jadi kanyataan.

16-18. Kumaha Curtis, Ursula, jeung Jessica meunang mangpaat lantaran ngarti kana nubuat dina Kajadian 3:15?

16 Jangji Yéhuwa dina Kajadian 3:15 téh bisa ngabantu urang pikeun tabah nyanghareupan cocoba. Curtis, saurang utusan injil di Guam, nyarita kieu, ”Mun keur aya cocoba, abdi sok ngarasa hésé pikeun satia ka Yéhuwa. Tapi, abdi ngalenyepan nubuat dina Kajadian 3:15. Éta ngabantu abdi pikeun ngandel ka Bapa urang di sorga.” Curtis ngadago-dago pisan waktuna Yéhuwa nyingkirkeun kabéh masalah manusa.

17 Sadérék Ursula ti Bavaria ngomong yén lantaran ngarti kana Kajadian 3:15, manéhna jadi beuki yakin yén Alkitab téh diilhamkeun ku Allah. Manéhna tajub sabab nubuat-nubuat séjén téh aya hubunganana jeung nubuat dina ayat ieu. Terus manéhna ngomong, ”Abdi ningali Yéhuwa téh langsung méré harepan ka umat manusa. Abdi jadi beuki nyaah ka Anjeunna.”

18 Jessica ti Mikronesia ngomong kieu, ”Abdi inget kénéh kumaha rasana waktu mimiti nyaho kana bebeneran. Nubuat dina Kajadian 3:15 téh keur ngawujud. Nubuat ieu ngabantu abdi pikeun terus inget yén kahirupan nu pinuh kasusah nu disanghareupan ku urang ayeuna téh sabenerna lain kahirupan nu dipikahayang ku Yéhuwa keur urang. Nubuat ieu gé ngabantu abdi yakin, mun abdi ngalayanan Yéhuwa, abdi bisa boga kahirupan anu hadé ti ayeuna kénéh sarta di mangsa ka hareup.”

19. Kumaha urang bisa yakin yén nubuat ieu téh bakal jadi kanyataan sapinuhna?

19 Urang geus ningali Kajadian 3:15 téh keur ngawujud. Urang geus nyaho saha turunan ti awéwé éta jeung turunan si oray. Ayeuna, keuneung nu raheut ti turunan awéwé éta geus cageur. Isa geus jadi Raja nu gedé kawasana jeung moal bisa maot. Bagian séjén ti turunan awéwé éta gé geus téréh lengkep jumlahna. Nubuat ieu téh sabagian geus jadi kanyataan. Jadi urang bisa yakin sésana gé pasti jadi kanyataan. Hulu si oray pasti diancurkeun. Umat Allah bakal bungah pisan waktu engké Sétan dibinasakeun. Saacan waktuna datang, ulah nyerah. Allah urang téh bisa diandelkeun. Liwat turunan ti awéwé éta, Yéhuwa bakal méré loba berkah ka ”bangsa-bangsa saalam dunya”.​—Kaj. 22:18.

KAWIH 23 Yéhuwa Geus Maréntah

^ Urang moal bener-bener ngarti kana eusi Alkitab lamun urang teu ngarti kana nubuat dina Kajadian 3:15. Lamun urang diajar ngeunaan nubuat ieu, iman urang ka Yéhuwa bakal beuki kuat sarta urang gé bakal beuki yakin yén Anjeunna bakal ngawujudkeun kabéh jangji-Na.

^ Kajadian 3:15 (NW): ”Ku Kuring, manéh jeung awéwé éta bakal disina mumusuhan, kitu ogé turunan manéh jeung turunanana. Turunanana bakal ngancurkeun hulu manéh, ari manéh bakal ngaremukkeun keuneungna.”

^ Tingali Lampiran B1, ”Berita Utama Alkitab”, dina Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru.

^ Tingali kotak ”Saha Waé nu Disebutkeun dina Kajadian 3:14, 15?”