Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 28

Pamaréntahan Allah Geus Ngadeg!

Pamaréntahan Allah Geus Ngadeg!

”Pamaréntahanana Gusti urang jeung Al-Masih-Na ayeuna geus maréntah dunya.”​—WHY. 11:15.

KAWIH 22 Karajaan Allah, Sing Geura Datang!

NU DIBAHAS *

1. Urang bisa yakin kana hal naon, jeung ku naon?

 WAKTU urang ningali kaayaan dunya ieu, urang meureun mikir yén dunya ieu téh moal mungkin jadi leuwih hadé. Kulawarga-kulawarga teu silih nyaah, jalma-jalma jadi beuki jahat, égois, jeung kasar. Loba jalma jadi teu percaya deui ka nu boga wewenang. Tapi, kaayaan-kaayaan éta justru bisa ngayakinkeun urang yén kaayaan dunya téh bakal jadi leuwih hadé. Ku naon? Ku lantaran sikep jalma-jalma téh sarua percis siga nu disebutkeun dina nubuat ngeunaan ”ahir jaman”. (2 Tim. 3:1-5) Jalma nu jujur pasti ngakukeun yén nubuat ieu keur ngawujud ayeuna. Ngawujudna nubuat ieu gé ngabuktikeun yén ayeuna Isa téh geus jadi Raja dina Pamaréntahan Allah. Tapi éta kakara salah sahiji nubuat ngeunaan Pamaréntahan Allah. Jadi urang bakal ngabahas nubuat-nubuat séjénna nu ayeuna geus ngawujud, ku lantaran éta bisa nguatkeun iman urang.

Lamun potongan-potongan gambar dihijikeun, gambar lengkepna téh jadi leuwih jelas. Kitu ogé, nubuat dina buku Daniel jeung Wahyu téh silih lengkepan, méré gambaran nu leuwih jelas ngeunaan kajadian nu bakal datang, luyu jeung waktu nu geus ditangtukeun ku Yéhuwa. (Tingali paragrap 2)

2. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas naon, jeung ku naon? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

2 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas (1) nubuat nu ngabantu urang ngarti iraha Pamaréntahan Allah ngadeg, (2) nubuat-nubuat nu ngabantu urang ngarti yén Isa téh geus jadi Raja dina Pamaréntahan Allah di sorga, (3) nubuat-nubuat nu nyingkabkeun yén musuh-musuh tina Pamaréntahan Allah bakal dibinasakeun. Nubuat-nubuat ieu téh silih lengkepan, sarua siga potongan-potongan gambar nu dihijikeun. Ku kituna, urang jadi bisa leuwih ngarti, dina jadwal Yéhuwa, urang téh keur aya di mana.

TI MANA URANG NYAHO YÉN PAMARÉNTAHAN ALLAH GEUS NGADEG?

3. Daniel 7:13, 14 ngayakinkeun urang kana hal naon?

3 Nubuat dina Daniel 7:13, 14 ngayakinkeun urang yén Isa Al-Masih téh Raja nu pangcocogna keur Pamaréntahan Allah. Jalma-jalma ti unggal bangsa bakal ngawula Isa, jeung moal aya nu bakal ngagantikeun manéhna. Nubuat séjén dina buku Daniel gé nyebutkeun yén Isa bakal mulai maréntah dina ahir tujuh mangsa. Jadi, ti mana urang bisa nyaho iraha Isa mulai maréntah?

4. Kumaha Daniel 4:10-17 ngabantu urang ngarti iraha Al-Masih mulai jadi Raja? (Tingali catetan handap.)

4 Baca Daniel 4:10-17. ”Tujuh mangsa” [NW] ngamaksudkeun 2.520 taun. Mangsa éta dimimitian dina taun 607 SM, basa Babilon nyingkirkeun raja nu pangpandeurina di Yérusalém nu ngawakilan tahta Yéhuwa. Mangsa éta enggeusan dina taun 1914 M, waktu Yéhuwa ngangkat Isa jadi Raja dina Pamaréntahan Allah. Manéhna téh pribadi nu ”kapilih”, atawa nu boga hak nu sah. *Yeh. 21:25-27.

5. Naon mangpaatna lamun urang ngarti kana nubuat ngeunaan ”tujuh mangsa”?

5 Naon mangpaat nubuat ieu keur urang? Lamun urang ngarti kana ”tujuh mangsa”, éta bisa ngayakinkeun urang yén Yéhuwa téh pasti bakal ngalaksanakeun nubuat-nubuat séjénna dina waktuna. Yéhuwa geus nangtukeun iraha Isa bakal jadi Raja, jeung éta bener-bener laksana dina waktuna. Jadi, urang bisa yakin yén nubuat-nubuat séjénna gé pasti jadi kanyataan dina waktu nu geus ditangtukeun ku Anjeunna. Nya, poé Yéhuwa ”moal ditunda-tunda”.​—Hab. 2:3.

KUMAHA URANG NYAHO AL-MASIH GEUS JADI RAJA DINA PAMARÉNTAHAN ALLAH?

6. (a) Urang bisa ningali bukti-bukti naon waé nu ngayakinkeun yén Al-Masih geus maréntah di sorga? (b) Kumaha bukti ieu sajalan jeung nubuat dina Wahyu 6:2-8?

6 Dina ahir palayananana, Isa méré nyaho murid-muridna ngeunaan naon nu bakal kajadian sanggeus manéhna maréntah di sorga. Isa nyebutkeun bakal aya perang, kalaparan, jeung lini. Geus kitu, ”di mana-mana” bakal aya wabah panyakit, misalna anyaran ieu aya pandémi COVID-19. Dina Alkitab, kajadian-kajadian éta téh kaasup tina ’tanda’ kahadiran Al-Masih. (Mat. 24:3, 7; Luk. 21:7, 10, 11) Sanggeus 60 taun leuwih ti saprak Isa maot jeung dihirupkeun deui, Isa gé méré nyaho Rasul Yahya ngeunaan kajadian-kajadian éta. (Baca Wahyu 6:2-8.) Kajadian-kajadian éta téh jadi kanyataan sanggeus Isa jadi Raja dina taun 1914.

7. Ku naon sanggeus Isa jadi Raja, kaayaan bumi malah jadi beuki parah?

7 Ku naon sanggeus Isa jadi Raja, kaayaan bumi malah jadi beuki parah? Wahyu 6:2 ngajelaskeunana. Tugas Isa nu mimiti sabagé Raja téh nyaéta merangan Sétan jeung roh-roh jahat. Kumaha hasilna? Dina Wahyu 12 disebutkeun yén Sétan téh éléh perang. Jadi, manéhna sarta roh-roh jahat dibalangkeun ka bumi. Saking ambekna, Sétan mudalkeun amarahna ka manusa. Akibatna, ’cilaka di bumi’.​—Why. 12:7-12.

Mémang urang henteu resep kana kajadian goréng, tapi éta nandakeun nubuat Alkitab téh keur ngawujud, ku kituna urang jadi yakin yén Pamaréntahan Allah geus ngadeg (Tingali paragrap 8)

8. Naon mangpaatna lamun urang ngarti yén nubuat ngeunaan Pamaréntahan Allah téh keur ngawujud?

8 Naon mangpaat nubuat ieu keur urang? Kajadian-kajadian di dunya jeung sikep jalma-jalma nu barobah téh nyirikeun yén Isa geus jadi Raja. Jadi lamun ningali jalma-jalma beuki égois jeung beuki kejem, urang teu kudu keuheul. Justru éta hartina nubuat Alkitab keur ngawujud. Pamaréntahan Allah geus ngadeg! (Jab. 37:1) Urang gé moal héran, beuki deukeut ka Armagédon, kaayaan dunya bakal beuki parah. (Mar. 13:8; 2 Tim. 3:13) Urang pasti nganuhunkeun ka Yéhuwa lantaran urang bisa ngarti ku naon ayeuna kaayaan dunya téh meni kacow pisan.

KUMAHA MUSUH TI PAMARÉNTAHAN ALLAH BAKAL DIBINASAKEUN?

9. Kumaha nubuat dina Daniel 2:28, 31-35 ngagambarkeun kawasa dunya nu pangpandeurina, jeung iraha maranéhna muncul?

9 Baca Daniel 2:28, 31-35. Urang ningali nubuat ieu keur ngawujud ayeuna. Impian Nébukadnésar nunjukkeun naon nu bakal kajadian dina ahir mangsa éta, waktu Isa geus mulai maréntah. Musuh Isa di bumi téh kaasup kawasa dunya nu pangpandeurina, nu digambarkeun sabagé ”suku arca anu tina beusi sareng taneuh liket”. Kawasa dunya ieu téh geus muncul. Iraha? Waktu Perang Dunya I, basa Britania jeung Amerika Serikat mulai sakongkol. Maranéhna disebut Anglo-Amerika. Patung dina impian Nébukadnésar némbongkeun yén aya dua hal nu ngabédakeun kawasa dunya ieu jeung kawasa dunya saacanna.

10. (a) Siga nu geus dinubuatkeun dina buku Daniel, sakumaha kuat hubungan Anglo-Amerika? (b) Urang kudu nyingkahan bahaya naon? (Tingali kotak ” Ati-Ati ka Taneuh Liket!”)

10 Kahiji, béda jeung kawasa-kawasa dunya saacanna, Kawasa Dunya Anglo-Amerika mah digambarkeun lain ku logam anu kuat saperti emas atawa pérak, tapi ku campuran beusi jeung taneuh liket. Taneuh liket téh ngagambarkeun ”warga-wargana”, atawa jalma-jalma sacara umum. (Dan. 2:43) Siga nu ditingali ku urang, dina jaman ayeuna, rahayat téh gedé pangaruhna. Misalna dina pemilu, kampanyeu hak-hak rahayat, démo, protés, jeung serikat buruh. Éta kabéh téh ngahalangan para pamingpin pikeun ngawujudkeun naon anu dipikahayang ku maranéhna.

11. Ku munculna Kawasa Dunya Anglo-Amerika, ku naon urang jadi beuki yakin yén urang téh hirup dina ahir jaman?

11 Kadua, Anglo-Amerika téh digambarkeun ku bagian suku tina patung nu badag pisan. Manéhna téh kawasa dunya nu pangpandeurina nu disebutkeun dina Alkitab. Sanggeusna, moal aya deui kawasa pulitik nu ngagantikeunana. Malah, manéhna jeung kabéh pamaréntahan manusa bakal dibinasakeun ku Pamaréntahan Allah di Armagédon. *Why. 16:13, 14, 16; 19:19, 20.

12. Bukti naon deui dina nubuat Daniél nu méré urang harepan?

12 Naon mangpaat nubuat ieu keur urang? Nubuat Daniél méré bukti séjén nu ngayakinkeun urang yén urang téh keur hirup dina ahir jaman. Leuwih ti 2.500 taun ka tukang, Daniél nyebutkeun yén sanggeus Babilon, aya opat kawasa dunya deui nu gedé pangaruhna keur umat Allah. Salian ti éta, manéhna gé nyingkabkeun yén Kawasa Dunya Anglo-Amerika téh nyaéta kawasa dunya nu pangpandeurina. Ku kituna, urang jadi boga harepan ku sabab sakeudeung deui Pamaréntahan Allah bakal ngabinasakeun sakabéh pamaréntahan manusa jeung ngawasaan bumi.​—Dan. 2:44.

13. Dina Wahyu 17:9-12, saha anu digambarkeun ku ”raja kadalapan” jeung ”sapuluh raja”, jeung kumaha nubuat ieu jadi kanyataan?

13 Baca Wahyu 17:9-12. Karuksakan parah nu disababkeun ku Perang Dunya I téh nyababkeun nubuat Alkitab séjén ngeunaan ahir jaman ngawujud. Para pangawasa dunya hayang ngawujudkeun kaayaan dunya anu tengtrem. Jadi, dina Januari 1920, maranéhna ngadegkeun Liga Bangsa-Bangsa anu digantikeun ku Perserikatan Bangsa-Bangsa dina Oktober 1945. Organisasi ieu téh disebut ”raja kadalapan”, tapi ieu téh lain kawasa dunya. Organisasi ieu bisa kuat ku lantaran didukung ku kawasa-kawasa pulitik. Dina Alkitab, kawasa-kawasa pulitik ieu disebut ”sapuluh raja”.

14-15. (a) Naon nu disingkabkeun ku Wahyu 17:3-5 ngeunaan ”Babilon Gedé”? (b) Jalma-jalma nu ngadukung agama palsu téh bakal kumaha?

14 Baca Wahyu 17:3-5. Rasul Yahya dibéré titingalian ngeunaan palacur, atawa ”Babilon Gedé”, nu ngagambarkeun impérium agama palsu sadunya. Naon maksud tina titingalian éta? Ti baheula kénéh, agama palsu téh ngadukung sarta akrab jeung kawasa pulitik di dunya. Tapi engké sakeudeung deui, Yéhuwa bakal méré kahayang ka kawasa pulitik ”pikeun ngalaksanakeun tujuan Anjeunna”. Naon éta téh? Kawasa-kawasa pulitik atawa ”sapuluh raja” bakal nyerang jeung ngancurkeun agama-agama palsu.​—Why. 17:1, 2, 16, 17.

15 Ti mana urang nyaho Babilon Gedé téh sakeudeung deui bakal diancurkeun? Hayu pikirkeun kaayaan di jaman baheula. Sabagian kota Babilon kuno téh dilindungan ku cai ti Walungan Éfrat. Dina buku Wahyu, ”cai” téh ngagambarkeun jutaan jalma nu ngadukung Babilon Gedé. (Why. 17:15) Tapi, buku Wahyu gé nyebutkeun yén ’caina bakal saat’. Jadi, maksudna bakal aya loba jalma nu ninggalkeun agama palsu. (Why. 16:12) Ayeuna nubuat éta téh jadi kanyataan. Loba pisan jalma nu teu percaya deui kana agama jeung néangan cara séjén pikeun ngaréngsékeun masalahna.

16. Naon mangpaatna lamun urang ngarti kana nubuat ngeunaan munculna Perserikatan Bangsa-Bangsa jeung ancurna Babilon Gedé?

16 Naon mangpaat nubuat ieu keur urang? Munculna Perserikatan Bangsa-Bangsa jeung ditinggalkeunana agama palsu ku loba jalma téh ngabuktikeun yén urang keur hirup dina ahir jaman. Sanajan aya loba nu ninggalkeun Babilon Gedé, tapi lain éta nu bakal ngancurkeun agama palsu. Siga nu geus disebutkeun saacanna, Yéhuwa bakal méré kahayang ka ”sapuluh raja”, atawa kawasa pulitik, nu ngadukung Perserikatan Bangsa-Bangsa, ”pikeun ngajalankeun kahayang Anjeunna”. Maranéhna bakal ujug-ujug ngancurkeun agama palsu. Hal ieu moal disangka-sangka ku sakuliah dunya. * (Why. 18:8-10) Ancurna Babilon Gedé bakal mangaruhan sakuliah dunya sarta bisa jadi nyababkeun kasusah. Tapi, umat Allah mah boga dua alesan pikeun tetep bungah. Kahiji, musuh Allah ti baheula, nyaéta agama palsu, bakal geura diancurkeun jeung moal aya-aya deui. Kadua, urang gé bakal dibébaskeun ti dunya nu jahat ieu.​—Luk. 21:28.

SING YAKIN, YÉHUWA BAKAL NGALINDUNGAN UMATNA

17-18. (a) Kumaha urang bisa nguatkeun iman urang? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

17 Daniél nganubuatkeun yén pangaweruh anu bener bakal minuhan bumi. Éta geus jadi kanyataan! Buktina, urang bisa ngarti kana nubuat-nubuat anu ngawujud dina jaman urang. (Dan. 12:4, 9, 10) Nubuat-nubuat éta teu pernah mélését. Urang jadi leuwih ngahargaan Yéhuwa sarta Firman-Na. (Yes. 46:10; 55:11) Jadi, hayu urang nguatkeun iman ku cara getol diajar Alkitab sarta mantuan jalma-jalma pikeun kenal sarta akrab jeung Yéhuwa. Anjeunna bakal ngalindungan jalma-jalma nu percaya ka Anjeunna sarta ”maparin kasantosaan”.​—Yes. 26:3.

18 Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas nubuat-nubuat ngeunaan sidang Kristen dina ahir jaman. Urang bakal diajar yén nubuat-nubuat éta téh nunjukkeun yén urang keur hirup dina ahir jaman. Urang gé bakal ningali bukti leuwih loba yén Isa, Raja urang, terus mingpin urang Kristen nu satia.

KAWIH 61 Maju, Saksi-Saksi!

^ Urang hirup dina jaman nu paling luar biasa dina sapanjang sajarah. Tina nubuat-nubuat Alkitab, urang nyaho yén Pamaréntahan Allah téh geus ngadeg. Artikel ieu bakal ngabahas sababaraha ti nubuat éta supaya iman urang ka Yéhuwa beuki kuat sarta urang bisa tetep tenang jeung ngandelkeun Yéhuwa ayeuna jeung ka hareupna.

^ Tingali bab 32 nomer 4 dina buku Hirup Bagja Salilana!, jeung tongton vidéo Pamaréntahan Allah Mulai Maréntah dina Taun 1914 dina jw.org.

^ Pikeun katerangan leuwih loba ngeunaan nubuat Daniél, tingali Menara Pengawal 15 Juni 2012, kaca 14-18, 19.

^ Pikeun katerangan leuwih loba ngeunaan kajadian nu sakeudeung deui bakal ngawujud, tingali buku Kerajaan Allah Memerintah! pasal 21.