Pananya Ti Nu Maca
Naon maksud Isa waktu ngomong, ”Ulah nyangka urang datang ka dunya téh rék mawa karukunan”?
Isa ngajarkeun murid-muridna pikeun ngajaga karukunan jeung batur. Tapi, sakali waktu manéhna ngomong kieu ka para rasul, ”Ulah nyangka urang datang ka dunya téh rék mawa karukunan. Urang datang lain mawa karukunan, tapi pedang. Urang datang rék nyababkeun kulawarga papecah, anak lalaki ngalawan bapana, anak awéwé ngalawan indungna, jeung minantu awéwé ngalawan mitoha awéwéna.” (Mat. 10:34, 35) Naon maksudna?
Isa teu boga niat pikeun mecah belah kulawarga. Tapi, manéhna apal yén pangajaranana bisa nyababkeun sababaraha kulawarga papecah. Ku kituna, jalma-jalma nu hayang jadi muridna Isa jeung dibaptis kudu nyaho kana hal ieu. Bisa waé pasangan hirup atawa kulawargana teu satuju manéhna jadi murid Isa. Éta téh bisa jadi tangtangan keur manéhna.
Ceuk Alkitab, urang Kristen kudu ”sabisa-bisa sing akur jeung saha baé”. (Rm. 12:18) Tapi, pangajaran Isa bisa jadi ”pedang” keur sababaraha kulawarga. Dina hiji kulawarga, meureun aya nu narima pangajaran Isa, aya ogé nu nolak. Tah mun kitu, anggota kulawarga nu nolak téh saolah-olah jadi ”musuh” keur nu narima pangajaran Isa.—Mat. 10:36.
Murid-muridna Isa nu kulawargana teu saiman bisa waé meunang tangtangan. Dina sababaraha kaayaan, meureun maranéhna kudu mutuskeun rék nyenangkeun Yéhuwa jeung Isa atawa rék nyenangkeun kulawargana. Misalna, bisa waé kulawargana nu teu saiman ngajak maranéhna pikeun ngarayakeun parayaan-parayaan kaagamaan. Mun kitu, saha nu rék disenangkeun ku maranéhna? Isa ngomong, ”Saha waé nu leuwih nyaah ka indung bapana tibatan ka urang teu pantes jadi murid urang.” (Mat. 10:37) Lamun urang jadi murid Isa, lain hartina urang kudu eureun mikanyaah kulawarga. Najan kitu, Isa ngajarkeun yén urang téh kudu bisa nangtukeun mana nu leuwih penting. Saupama aya anggota kulawarga nu ngahalang-halang urang pikeun ibadah ka Yéhuwa, urang tetep nyaah ka maranéhna. Tapi, kanyaah urang ka Yéhuwa téh kudu leuwih gedé tibatan kanyaah urang ka kulawarga urang.
Tangtangan ti kulawarga téh bisa jadi beurat pisan. Tapi, murid-muridna Isa kudu inget kekecapan ieu, ”Saha waé nu teu daék manggul tihang siksaan jeung embung nuturkeun urang teu pantes jadi murid urang.” (Mat. 10:38) Jadi, tangtangan ti kulawarga téh bisa dianggap sabagé bagian tina kasangsaraan nu pasti kaalaman ku urang Kristen. Tapi urang gé ngaharep, kalakuan hadé urang bisa ngageuing haté anggota kulawarga nu teu saiman, sugan engké maranéhna barobah pikiran jeung daék diajar Alkitab.—1 Pét. 3:1, 2.