Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 25

Andelkeun Yéhuwa Waktu Keur Strés

Andelkeun Yéhuwa Waktu Keur Strés

”Sing hawatos ka abdi nu kasesahan, nun PANGERAN, panon carindul balas ceurik awak parantos teu walakaya.”​—JAB. 31:10.

KAWIH 30 Allah, Bapa, jeung Sobat Abdi

NU DIBAHAS *

1. Ku naon urang kudu ngaregepkeun pépéling Yésus?

DINA nubuatna ngeunaan ahir jaman, Yésus ngomong, ”Jaga diri! Ulah . . . mikiran teuing kipayah,” nyaéta kahariwangan hirup sapopoé. (Luk. 21:34) Ku naon urang kudu ngaregepkeun pépéling éta? Lantaran urang ayeuna nyanghareupan loba masalah nu kaalaman ogé ku loba jalma.

2. Masalah-masalah naon nu nyababkeun sadérék-sadérék urang strés?

2 Sakapeung, urang nyanghareupan sababaraha masalah sakaligus, nu nyababkeun urang jadi strés. Perhatikeun conto-conto ieu. Saurang Saksi nu ngaranna John * keuna ku sklérosis multipel, nyaéta panyakit nu nyerang sistim saraf. Tapi manéhna beuki nalangsa waktu ditinggalkeun ku pamajikanana nu geus babarengan salila 19 taun. Geus kitu, dua budak awéwéna eureun ngawula Yéhuwa. Pasangan Bob jeung Linda ngalaman tangtangan nu béda deui. Duanana di-PHK jeung kudu kaluar ti imahna lantaran teu bisa mayar séwa. Salian ti éta, Linda didiagnosis keuna ku panyakit jantung nu ngabahayakeun kahirupanana, jeung aya panyakit séjén nu ngaruksak sistim imunna.

3. Numutkeun Pilipi 4:6, 7, urang bisa yakin kana hal naon?

3 Urang bisa yakin yén Yéhuwa, Bapa nu nyiptakeun urang, paham kana parasaan urang waktu keur strés. Mantenna hoyong ngabantu urang nyanghareupan masalah-masalah urang. (Baca Pilipi 4:6, 7.) Dina Firman Allah, aya loba kisah nu nyaritakeun hamba-hamba Allah nu nyanghareupan rupa-rupa masalah. Alkitab ogé ngajelaskeun carana Yéhuwa ngabantu maranéhna supaya henteu strés deui. Hayu urang bahas sababaraha contona.

ÉLIAS—”JELEMA BIASA KAWAS URANG”

4. Masalah naon waé nu disanghareupan ku Élias, jeung naon nu dirasakeun ku manéhna?

4 Élias nyanghareupan loba masalah lantaran ngawula Yéhuwa dina mangsa nu susah. Ahab, salah sahiji raja nu teu satia di Israil, kawin jeung Isebél, putri jahat nu nyembah ka Baal. Maranéhna maéhan loba nabi Yéhuwa jeung ngajurung bangsa Israil pikeun nyembah ka Baal. Élias bisa kabur ti raja nu jahat ieu. Waktu aya kalaparan, manéhna bisa tetep dahar lantaran ngandel ka Yéhuwa. (1 Rja. 17:2-4, 14-16) Salian ti éta, Élias muntang ka Yéhuwa waktu nangtang para nabi Baal jeung nu nyarembahna. Manéhna ngadesek urang Israil pikeun ngawula Yéhuwa. (1 Rja. 18:21-24, 36-38) Élias geus mangkali-kali ngarasakeun dukungan Yéhuwa dina mangsa nu susah éta.

Yéhuwa ngutus malaikat pikeun nguatkeun Élias (Tingali paragrap 5-6) *

5-6. Numutkeun 1 Raja 19:1-4, kumaha parasaan Élias, jeung kumaha Yéhuwa nunjukkeun kanyaah-Na ka Élias?

5 Baca 1 Raja 19:1-4. Sanajan kitu, Élias sieuneun lantaran Ratu Isebél ngancam rék maéhan manéhna. Ku kituna, manéhna kabur ka daérah Bérsyéba. Manéhna ngarasa sakitu leutik haténa nepi ka ”ngarasula mundut ajal”. Ku naon manéhna bisa nepi ka ngarasa kitu? Élias téh ”jelema biasa kawas urang” nu teu sampurna. (Yak. 5:17) Bisa jadi, manéhna geus ngarasa teu kuat lantaran strés jeung capé pisan. Katingalina, Élias mikir yén sagala upayana ngabéla ibadah sajati téh cumah, kaayaan di Israil kitu-kitu waé. Manéhna gé ngarasa ngan sorangan ngawula Yéhuwa. (1 Rja. 18:3, 4, 13; 19:10, 14) Urang bisa jadi teu nyangka yén saurang nabi nu satia bisa ngarasa kitu. Tapi, Yéhuwa paham kana parasaan Élias.

6 Yéhuwa teu ambek ka Élias nu ngarasa kitu. Mantenna malah ngabantu sangkan Élias kuat deui. (1 Rja. 19:5-7) Ka dieunakeun, Yéhuwa ngabantu Élias boga pandangan nu bener ku cara némbongkeun kawasa-Na nu luar biasa. Tuluy, Yéhuwa masihan terang yén masih kénéh aya 7.000 jalma nu teu daék sujud ka Baal. (1 Rja. 19:11-18) Ku cara-cara ieu, Yéhuwa nunjukkeun yén Mantenna nyaah ka Élias.

CARA YÉHUWA NGABANTU URANG

7. Tina cara Yéhuwa ngabantu Élias, urang yakin kana hal naon?

7 Naha Sadérék keur nyanghareupan kaayaan nu nyusahkeun haté? Urang kalilipur lantaran nyaho Yéhuwa paham kana parasaan Élias! Urang jadi yakin Mantenna ogé paham kana kasusah haté urang. Mantenna apal naon nu bisa jeung teu bisa dilakukeun ku urang, jeung apal pipikiran sarta parasaan urang. (Jab. 103:14; 139:3, 4) Lamun urang nyonto Élias jeung ngandel ka Yéhuwa, Mantenna ogé bakal ngabantu urang nyanghareupan masalah nu nyababkeun urang susah haté.​—Jab. 55:23.

8. Kumaha Yéhuwa ngabantu urang sangkan teu strés deui?

8 Waktu keur susah haté, urang bisa boga pikiran nu goréng jeung ngarasa leutik haté. Lamun kitu, inget yén Yéhuwa bakal ngabantu urang sangkan teu strés deui. Kumaha carana? Yéhuwa ngondang urang nyaritakeun kahariwangan urang. Waktu urang ngadoa nyuhunkeun pitulung, Mantenna bakal ngajawab. (Jab. 5:4; 1 Pet. 5:7) Jadi, sing sering ngadoa ka Yéhuwa pikeun nyaritakeun masalah urang. Mantenna moal nyarios langsung ka urang saperti ka Élias, tapi bakal ngajawab liwat Firman-Na, Alkitab, jeung organisasi-Na. Kisah-kisah dina Alkitab ogé bisa ngalilipur jeung méré harepan ka urang. Salian ti éta, dulur saiman bisa ngagedékeun haté urang.​—Rum 15:4; Ibr. 10:24, 25.

9. Kumaha sobat nu bisa dipercaya bisa ngabantu urang?

9 Yéhuwa nitah Élias pikeun nyerahkeun sababaraha tanggung jawabna ka Élisa. Ku cara kitu, Yéhuwa masihan naon nu dibutuhkeun pisan ku Élias, nyaéta sobat nu bisa ngagedékeun haténa. Sarupa kitu, lamun urang nyaritakeun kasusah ka sobat nu bisa dipercaya, manéhna bisa ngagedékeun haté urang. (2 Rja. 2:2; Sil. 17:17) Lamun Sadérék ngarasa teu boga sasaha keur diajak ngobrol, pék ngadoa ka Yéhuwa sangkan aya dulur saiman nu asak rohani nu bisa ngagedékeun haté.

10. Ku naon pangalaman Élias ngagedékeun haté urang, jeung kumaha jangji di Yesaya 40:28, 29 bisa ngabantu urang?

10 Yéhuwa ngabantu Élias sangkan teu strés deui jeung bisa satia ngawula mangtaun-taun sanggeusna. Pangalaman Élias ngagedékeun haté urang. Urang bisa waé ngalaman strés beurat nu nyababkeun urang capé fisik jeung émosi. Tapi lamun urang ngandelkeun Yéhuwa, Mantenna bakal masihan kakuatan sangkan urang bisa tetep ngawula Mantenna.​—Baca Yesaya 40:28, 29.

HANA, DAUD, JEUNG ”ASAP” NGANDELKEUN YÉHUWA

11-13. Naon nu dirasakeun ku tilu hamba Allah nu keur strés?

11 Hamba-hamba Allah séjénna ogé ngalaman kasusah nu beurat. Misalna, Hana ngarasa sedih pisan lantaran éra teu bisa boga budak. Manéhna ogé diléléwé ku maruna. (1 Sam. 1:2, 6) Sakitu strésna Hana nepi ka ceurik jeung teu daékeun dahar.​—1 Sam. 1:7, 10.

12 Dina sababaraha kaayaan, Raja Daud ngarasa strés pisan. Perhatikeun kasusah naon waé nu disanghareupan ku manéhna. Batinna kasiksa lantaran nyieun loba dosa. (Jab. 40:13) Putrana nu dipikaasih, Absalom, barontak tuluy maot. (2 Sam. 15:13, 14; 18:33) Geus kitu, salah sahiji sobat dalitna ngahianat. (2 Sam. 16:23–17:2; Jab. 55:13-15) Tina loba jabur nu ditulis ku Daud, urang bisa nyaho yén manéhna leutik haté pisan, tapi tetep ngandel ka Yéhuwa.​—Jab. 38:6-11; 94:17-19.

Naon nu ngabantu nu nulis jabur tetep bungah ngawula Yéhuwa? (Tingali paragrap 13-15) *

13 Ka dieunakeun, hiji jalma nu nulis jabur sirik kana kahirupan jalma-jalma nu jahat. Manéhna bisa jadi turunan Asap ti kaom Léwi nu ngawula di bait. Manéhna strés sarta ngarasa teu bagja. Malah, manéhna ngarasa teu puas kana berkah nu ditarima tina palayananana ka Allah.​—Jab. 73:2-5, 7, 12-14, 16, 17, 21.

14-15. Urang diajar naon ti tilu hamba Allah nu ditulungan ku Yéhuwa?

14 Tilu hamba Allah tadi ngandelkeun bantuan Yéhuwa. Maranéhna ngungkabkeun kahariwanganana liwat doa nu husu. Maranéhna gé teu asa-asa nyaritakeun sagala hal nu nyababkeun maranéhna sakitu strésna. Tuluy, maranéhna teu eureun indit ka tempat ibadah.​—1 Sam. 1:9, 10; Jab. 55:23; 73:17; 122:1.

15 Yéhuwa nyaaheun ka maranéhna, doana dijawab hiji-hiji. Pikiran Hana jadi tengtrem. (1 Sam. 1:18) Daud nulis, ”Jalma bener memang loba kasusahna, tapi pasti ku PANGERAN dijait tina sakabeh karerepetna.” (Jab. 34:20) Nu nulis jabur gé ngarasa yén ’leungeunna dicepeng’ ku Yéhuwa ku cara dipasihan bingbingan nu hadé. Manéhna ngawih, ”Keur kaula mah raket ka Allah teh kacida hadena; ka PANGERAN Nu Maha Agung kaula seja nyalindung.” (Jab. 73:23, 24, 28) Naon palajaranana keur urang? Sakapeung, urang boga masalah nu beurat pisan nu ngalantarankeun urang strés. Tapi, urang bisa nyanghareupanana lamun ngalenyepan cara Yéhuwa nulungan batur, ngandelkeun Mantenna ku cara ngadoa, jeung taat kana paréntah-Na.​—Jab. 143:1, 4-8.

ANDELKEUN YÉHUWA SANGKAN TEU STRÉS DEUI

Mimitina mah sadérék istri ieu hayang nyorangan waé, tapi manéhna jadi teu pati strés deui waktu mikirkeun carana nulungan batur (Tingali paragrap 16-17)

16-17. (a) Ku naon urang ulah ngajauh ti Yéhuwa jeung umat-Na? (b) Kumaha urang bisa kuat deui?

16 Tilu conto éta méré palajaran penting, nyaéta urang ulah ngajauh ti Yéhuwa jeung umat-Na. (Sil. 18:1) Nancy, nu pernah ngalaman strés beurat sanggeus ditinggalkeun ku salakina, nyarita, ”Sababaraha poé abdi embung panggih jeung ngomong ka sasaha. Tapi beuki abdi nyorangan, abdi kalah ka beuki sedih.” Kaayaanana barobah waktu Nancy mikirkeun kumaha carana nulungan batur nu keur boga masalah. Ceuk manéhna, ”Abdi ngadéngékeun waktu batur nyaritakeun kasusahna. Abdi ngarasa lamun abdi rasrasan ka maranéhna, abdi jadi teu pati mikirkeun kasusah sorangan.”

17 Urang bisa kuat deui lamun datang ka pasamoan. Yéhuwa jadi boga leuwih loba kasempetan pikeun ’nulung sareng ngalilipur’ urang. (Jab. 86:17) Mantenna nguatkeun urang liwat roh suci-Na, Firman-Na, jeung umat-Na. Dina pasamoan, urang bisa ”silih kuatkeun”. (Rum 1:11, 12) Saurang sadérék nu ngaranna Sophia ngomong, ”Nu ngabantu abdi tabah téh Yéhuwa jeung dulur saiman. Abdi kabantu pisan ku pasamoan. Abdi ngarasa lamun beuki sibuk dina palayanan jeung sidang, abdi jadi teu pati strés jeung hariwang.”

18. Waktu urang keur leutik haté, naon nu dijangjikeun ku Yéhuwa?

18 Waktu urang keur leutik haté, inget Yéhuwa teu ngan saukur jangji bakal ngaleungitkeun éta salilana dina mangsa kahareup, tapi ayeuna ogé Mantenna ngabantu urang sangkan teu strés deui. Mantenna ngabantu urang supaya ’daek jeung sanggup’ ngéléhkeun parasaan leutik haté jeung putus asa.​—Pil. 2:13.

19. Numutkeun Rum 8:37-39, urang bisa yakin kana hal naon?

19 Baca Rum 8:37-39. Rasul Paulus ngayakinkeun urang yén moal aya nu bisa megatkeun kaasih Allah ka urang. Kumaha urang bisa ngabantu dulur-dulur saiman nu keur strés? Artikel saterusna bakal ngabahas kumaha urang bisa nyonto Yéhuwa ku cara némbongkeun kanyaah jeung nulungan dulur saiman nu keur strés.

KAWIH 44 Doa Waktu keur Nalangsa

^ par. 5 Strés nu parah atawa strés nu teterusan bisa ngaruksak awak jeung émosi urang. Kumaha Yéhuwa bisa ngabantu? Urang bakal ngabahas cara Yéhuwa ngabantu Élias nu keur strés. Aya ogé conto-conto Alkitab séjén nu némbongkeun carana urang bisa ngandelkeun Yéhuwa waktu keur strés.

^ par. 2 Ngaran-ngaran dina artikel ieu geus diganti.

^ par. 53 KATERANGAN GAMBAR: Ku cara anu lemah lembut, malaikat Yéhuwa ngahudangkeun Élias tuluy méré roti jeung cai nginum.

^ par. 55 KATERANGAN GAMBAR: Saurang Léwi, nu bisa jadi turunan Asap, keur nulis jabur sarta ngawih bareng jeung sasama urang Léwi.