WARTA HADÉ—ÉDISI PALAJARAN Juni 2020

Bahan palajaran pikeun 3–30 Agustus 2020.

”Jenengan Ama Mugi Disucikeun”

Artikel palajaran 23: 3-9 Agustus 2020. Manusa jeung malaikat boga masalah naon? Ku naon éta penting? Naon hubunganna jeung urang? Mun ngarti jawabanna, urang bakal beuki raket ka Yéhuwa.

”Buleudkeun Haté Abdi Supaya Mikasieun Nami Gusti”

Artikel palajaran 24: 10-16 Agustus 2020. Artikel ieu ngabahas sabagian doa Raja Daud dina Jabur 86:11, 12. Naon maksudna sieun ka nami Yéhuwa? Ku naon urang kudu ngahormat nami-Na nu mulya? Kumaha rasa hormat ka Allah ngabantu urang ngalawan gogoda?

Pananya ti Nu Maca

Naha enya sipat-sipat nu bisa ”dihasilkeun ku roh suci” téh geus dicatet kabéh dina Galata 5:22, 23?

”Domba Kami Rek Diteangan ku Sorangan”

Artikel palajaran 25: 17-23 Agustus 2020. Ku naon jalma nu ngawula Yéhuwa mangtaun-taun ninggalkeun sidang? Kumaha parasaan Allah? Tingali jawabanna. Urang gé bakal diajar kumaha Yéhuwa ngabantu hamba-hamba-Na dina jaman baheula basa maranéhna ngajauh ti Mantenna.

”Geura Baralik Deui ka Kami”

Artikel palajaran 26: 24-30 Agustus 2020. Yéhuwa hayang nu teu aktif balik deui ka sidang. Maranéhna diondang ku Yéhuwa: ”Geura Baralik Deui ka Kami.” Tingali cara mantuan maranéhna.