Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 26

”Geura Baralik Deui ka Kami”

”Geura Baralik Deui ka Kami”

”Geura baralik deui ka Kami, tangtu Kami oge balik deui ka maraneh.”​—MAL. 3:7.

KAWIH 102 Nulung ka nu Lemah

NU DIBAHAS *

1. Kumaha parasaan Yéhuwa waktu aya hiji domba-Na nu balik deui?

DINA artikel saacanna, Yéhuwa nyaruakeun diri-Na jiga pangangon nu nyaah jeung ngurus unggal dombana. Mun aya hiji waé nu leungit, ku Yéhuwa tangtu ditéangan. Yéhuwa ngomong ka bangsa Israil nu ninggalkeun Mantenna, ”Geura baralik deui ka Kami, tangtu Kami oge balik deui ka maraneh.” Parasaan Yéhuwa masih sarua. Ceuk Mantenna, ”Kami tara robah.” (Mal. 3:6, 7) Yésus nyebutkeun yén Yéhuwa jeung para malaikat bungah pisan mun aya hiji waé umat-Na nu balik deui.​—Luk. 15:10, 32.

2. Dina artikel ieu urang bakal ngabahas naon?

2 Hayu urang bahas tilu ibarat ti Yésus nu nandeskeun carana mantuan jalma nu ngajauh ti Yéhuwa. Tingali, urang kudu boga sipat naon waé keur ngabantu domba nu leungit balik deui. Tingali ogé sakumaha bungahna mantuan nu teu aktif balik deui.

NÉANGAN DUIT LOGAM NU LEUNGIT

3-4. Ku naon awéwé nu dicaritakeun dina Lukas 15:8-10 leukeun néangan duit logamna nu leungit?

3 Urang kudu upaya néangan dulur saiman nu hayang balik deui ka Yéhuwa. Dina ibarat di Injil Lukas, Yésus nyaritakeun ngeunaan saurang awéwé nu kaleungitan duit logamna nu penting, nyaéta duit drakhma. Nu ditandeskeun dina ibarat ieu téh nyaéta kumaha éta awéwé leukeun néangan duit logamna.​—Baca Lukas 15:8-10 tina catetan handap. *

4 Yésus nyaritakeun kumaha parasaan awéwé éta pas duit logamna kapanggih. Baheula, ibu-ibu Yahudi sok méré maskawin mangrupa sapuluh duit logam drakhma ka budak awéwéna. Meureun duit logam nu leungit téh bagian tina maskawinna, matakna éta penting keur awéwé tadi. Manéhna mikir, jigana mah duit logamna téh murag di imah. Jadi, manéhna ngahurungkeun lampu, terus néangan éta duit logam tapi teu kapanggih-panggih, da lampuna teu pati caang. Ahirna, saimah-imah disapuan ku manéhna. Ujug-ujug, aya nu gugurilapan dina kekebul. Duit logamna kapanggih. Manéhna atoh pisan! Tuluy, manéhna nyaritakeun ieu ka babaturan jeung tatanggana.

5. Ku naon hésé néangan pawarta nu teu aktif?

5 Tina ibarat Yésus, urang diajar yén néangan nu leungit téh butuh upaya. Jadi, urang gé kudu bener-bener upaya néangan pawarta nu ngajauh ti sidang. Bisa jadi, manéhna geus mangtaun-taun teu ngumpul jeung sidang atawa geus pindah ka daérah séjén. Di ditu, dulur saiman teu kenaleun ka manéhna. Tapi nu pasti mah, sababaraha pawarta nu teu aktif hayang pisan balik deui ka Yéhuwa. Urang kudu mantuan maranéhna supaya bisa ngawula Yéhuwa deui bareng jeung kulawarga rohanina.

6. Kumaha sakabéh anggota sidang bisa milu néangan pawarta nu teu aktif?

6 Saha waé nu bisa milu néangan pawarta nu teu aktif? Urang kabéh bisa miluan. Para kokolot, panaratas, anggota kulawarga, jeung para pawarta bisa néangan maranéhna. Aya teu babaturan atawa dulur Sadérék nu teu aktif? Basa keur dines, Sadérék pernah teu panggih jeung pawarta nu teu aktif? Lamun maranéhna daékeun, Sadérék bisa méré nyaho alamat atawa nomer telepon maranéhna ka kokolot.

7. Sadérék diajar naon tina pangalaman Tomas?

7 Kumaha kokolot bisa ngajalankeun tanggung jawabna keur mantuan nu teu aktif balik deui ka Yéhuwa? Tomas, * kokolot ti Spanyol, geus ngabantu leuwih ti 40 Saksi balik deui ka sidang. Manéhna nyarita, ”Mimitina urang nanya heula ka sadérék-sadérék di sidang, apal teu pawarta nu teu aktif téh ayeuna cicing di mana? Atawa urang nanyakeun, inget teu saha waé nu geus lila teu masamoan? Maranéhna sumanget pisan ngajawabna sabab ngarasa bisa milu mantuan. Terus, waktu ngadatangan para pawarta nu teu aktif, urang nanyakeun ngeunaan barudak atawa dulur-dulur maranéhna. Sababaraha pawarta nu teu aktif baheulana osok mawa barudakna ka pasamoan. Barudakna gé meureun geus jadi pawarta. Maranéhna gé bisa dibantu keur balik deui ka Yéhuwa.”

BAWA BALIK ANAK-ANAK YÉHUWA NU LEUNGIT KA SIDANG

8. Dina ibarat nu dicatet di Lukas 15:17-24, kumaha sikep saurang bapa ka budakna nu tobat?

8 Sipat-sipat naon waé nu urang butuhkeun pikeun mantuan jalma-jalma balik deui ka Yéhuwa? Urang bisa meunang palajaran penting tina ibarat Yésus ngeunaan budak nu ninggalkeun imahna. (Baca Lukas 15:17-24.) Yésus ngajelaskeun budak éta téh ngarasa kaduhung, terus mutuskeun balik deui ka imahna. Bapana lumpat, terus nangkeup éta budak. Si budak jadi apal, bapana masih nyaah ka manéhna. Tapi, manéhna ngarasa salah sarta teu layak diaku anak. Waktu manéhna ngungkabkeun parasaanna, bapana karunyaeun pisan. Bapana ngayakinkeun yén manéhna geus ditarima deui jadi anggota kulawarga nu dipikanyaah, lainna jadi badéga. Keur ngabuktikeunana, bapana ngayakeun pésta jeung méré pakéan nu alus ka manéhna.

9. Urang kudu boga sipat naon waé lamun hayang mantuan nu teu aktif balik deui ka Yéhuwa? (Tingali kotak ” Carana Mantuan Jalma nu Hayang Balik Deui ka Yéhuwa”.)

9 Yéhuwa téh jiga bapa dina ibarat tadi. Mantenna nyaah pisan ka pawarta nu teu aktif, sarta hayang maranéhna balik deui. Urang bisa nyonto Yéhuwa jeung mantuan maranéhna balik deui. Urang kudu sabar, saperasaan, jeung nyaahan. Ku naon urang kudu nunjukkeun sipat-sipat éta, sarta kumaha carana?

10. Ku naon urang kudu sabar waktu mantuan nu teu aktif balik deui ka Yéhuwa?

10 Urang kudu sabar sabab butuh waktu mun saurang jalma rék balik deui ka Yéhuwa. Loba nu baheulana teu aktif ngomong yén maranéhna bisa balik deui sanggeus sababaraha kali didatangan ku kokolot jeung dulur saiman. Ceuk Nancy ti Asia Tenggara, ”Sobat abdi di sidang ngabantu pisan. Manéhna geus jiga lanceuk sorangan. Abdi diingetan deui hal-hal éndah nu pernah kaalaman ku urang duaan. Basa abdi ngungkabkeun parasaan, manéhna sabar sarta teu asa-asa méré naséhat. Manéhna téh sobat sajati nu siap nulungan iraha waé.”

11. Ku naon urang kudu boga sikep saperasaan waktu nulungan jalma nu nyeri haté?

11 Sikep saperasaan téh jiga ubar nu bisa nyageurkeun haté nu raheut. Sababaraha pawarta nu teu aktif meureun geus mangtaun-taun nyeri haté ka dulur saiman di sidang. Parasaan éta bisa ngahalangan maranéhna balik deui ka Yéhuwa. Maranéhna ngarasa batur téh geus teu adil ka maranéhna. Nu teu aktif butuh babaturan nu daék ngadéngékeun jeung ngarti kana parasaan maranéhna. (Yak. 1:19) Ceuk María nu pernah teu aktif, ”Abdi butuh babaturan nu daék ngadéngékeun, nengtremkeun, méré naséhat, sarta mantuan abdi.”

12. Ku naon kanyaah Yéhuwa téh ibarat tali?

12 Alkitab nyaruakeun kanyaah Yéhuwa jiga tali. Ku naon? Bayangkeun Sadérék tigejebur ka laut nu ombakna gedé jeung caina tiis. Terus aya nu ngalungkeun pelampung, jadi Sadérék teu tilelep. Pasti Sadérék nganuhunkeun pisan kana bantuan éta. Tapi mun hayang salamet, éta téh teu cukup. Sadérék kudu geura naék ka parahu. Jadi, kudu aya nu ngalungkeun tali sarta ngabetot Sadérék ka parahu. Yéhuwa ngomong ngeunaan bangsa Israil nu ngajauh ti Mantenna, ”Ku Kami, maranéhna terus ditarik ku tali kanyaah.” (Hos. 11:4, NW) Kiwari, parasaan Yéhuwa masih sarua ka jalma nu geus teu ngawula Mantenna sarta saolah-olah tilelep ku masalah jeung kahariwangan. Yéhuwa hayang maranéhna ngarasakeun kanyaah-Na sarta hayang narik maranéhna. Bisa waé urang nu digunakeun ku Yéhuwa pikeun nunjukkeun kanyaah-Na.

13. Caritakeun pangalaman nu nunjukkeun yén kanyaah urang bisa mantuan batur balik ka Yéhuwa.

13 Nu teu aktif téh kudu terus diyakinkeun yén Yéhuwa jeung urang nyaah ka manéhna. Pablo nu dicaritakeun dina artikel saacanna pernah teu aktif 30 taun leuwih. Ceuk manéhna, ”Hiji poé basa abdi kaluar ti imah, aya sadérék istri nu geus kolot nyampeurkeun abdi. Manéhna ngomong ku cara nu bageur pisan. Abdi langsung ceurik jiga budak leutik. Abdi ngomong, jigana manéhna diutus ku Yéhuwa. Harita kénéh, abdi mutuskeun rék balik deui ka Yéhuwa.”

BANTU JEUNG PIKANYAAH NU LEMAH

14. Dina ibarat di Lukas 15:4, 5, naon nu dilakukeun ku pangangon sanggeus dombana nu leungit kapanggih?

14 Urang kudu terus mantuan jeung nguatkeun pawarta nu teu aktif. Meureun haténa téh raheut, jiga budak dina ibarat Yésus nu ninggalkeun imahna. Maranéhna geus ngarasakeun hirup di dunya Sétan, jadi meureun ayeuna geus teu pati deukeut jeung Yéhuwa. Urang kudu mantuan maranéhna nguatkeun deui imanna ka Yéhuwa. Dina ibarat ngeunaan domba, Yésus nyaritakeun domba nu leungit téh dipunggu ku pangangonna tuluy dibawa balik. Si pangangon geus ngorbankeun loba tanaga jeung waktu keur néangan éta domba. Tapi, manéhna apal dombana teu kuateun leumpang, jadi kudu dibantuan supaya bisa balik deui.​—Baca Lukas 15:4, 5.

15. Kumaha urang bisa mantuan pawarta teu aktif nu hayang balik deui ka Yéhuwa? (Tingali kotak ” Pakakas nu Ampuh”.)

15 Meureun urang gé kudu ngorbankeun waktu jeung tanaga keur mantuan pawarta teu aktif nyanghareupan masalah nu ngahalangan manéhna ngawula Yéhuwa. Tapi ku bantuan roh suci, Alkitab, sarta publikasi ti organisasi, urang bisa mantuan manéhna kuat deui. (Rum 15:1) Kumaha carana? Ceuk hiji kokolot, ”Kalolobaan nu teu aktif kudu diajar Alkitab deui sanggeus mutuskeun rék balik ka Yéhuwa.” * Jadi, Sadérék kuduna daék mun dipénta ku kokolot pikeun ngajarkeun Alkitab ka pawarta nu teu aktif. Éta téh kahormatan. Kokolot éta gé nyebutkeun, ”Nu manduna kudu bisa jadi sobat jeung dipercaya ku pawarta nu teu aktif.”

SAWARGA JEUNG BUMI GUMBIRA

16. Ti mana urang nyaho para malaikat bakal mantuan urang?

16 Aya loba bukti yén para malaikat mantuan urang néangan pawarta teu aktif nu hayang balik deui. (Wahyu 14:6) Misalna Silvio ti Ekuador. Manéhna ngadoa hayang pisan balik deui ka sidang. Can gé bérés ngadoa, bél imahna disada. Dua kokolot geus aya di hareupeun panto. Maranéhna bungah jeung langsung mantuan Silvio.

17. Naon nu bakal urang rasakeun lamun mantuan pawarta nu teu aktif?

17 Urang bakal bungah pisan waktu mantuan nu lemah rohani balik ka Yéhuwa. Ceuk Salvador, panaratas nu resep mantuan nu teu aktif, ”Bungah pisan mun mikirkeun Yéhuwa nyalametkeun hiji domba-Na ti dunya Sétan. Saking ku bungahna, cipanon sok nepi ka ngeclak. Abdi gé bungah sabab digunakeun ku Yéhuwa keur mantuan maranéhna balik ka sidang.”​—Ras. 20:35.

18. Mun Sadérék teu aktif, Sadérék bisa yakin kana hal naon?

18 Mun Sadérék teu aktif, sing yakin Yéhuwa masih nyaah ka Sadérék. Mantenna hayang Sadérék balik deui, tapi Sadérék gé kudu upaya. Jiga bapa dina ibarat Yésus, Yéhuwa téh keur nungguan Sadérék. Mantenna bungah mun Sadérék balik deui.

KAWIH 103 Para Pangangon Kurnia ti Allah

^ par. 5 Yéhuwa hayang para pawarta nu teu aktif balik deui ka Mantenna. Urang bisa milu ngajurung maranéhna narima ondangan ti Yéhuwa, ”Geura baralik deui ka Kami.” Artikel ieu bakal ngabahas kumaha urang bisa ngabantu maranéhna balik deui.

^ par. 3 Lukas 15:8-10 (Terjemahan Dunia Baru, ”NW”): ”Mun aya hiji awéwé boga sapuluh duit logam drakhma, tuluy leungit hiji, cik manéhna rék kumaha? Manéhna bakal ngahurungkeun lampu, imahna disapuan, jeung lalaunan duit logamna ditéangan nepi ka kapanggih. Tuluy, manéhna manggil babaturan jeung tatanggana sarta nyarita, ’Hayu urang suka-suka, duit logam nu leungit geus kapanggih!’ Ceuk urang ka maranéh, ’Kitu ogé mun hiji jalma dosa tobat, para malaikat Allah kacida barungaheunana.’”^ par. 7 Sababaraha ngaran geus diganti.

^ par. 15 Sababaraha pawarta nu teu aktif bisa dibantu maké buku Carana Tetep Dipikaasih ku Allah. Nu séjénna meunang mangpaat waktu ngabahas buku Mendekatlah kepada Yehuwa. Panitia Dines Sidang bakal nangtukeun saha nu cocog pikeun mandu palajaran Alkitabna.

^ par. 68 KATERANGAN GAMBAR: Tilu dulur saiman mantuan sadérék nu hayang balik ka Yéhuwa. Maranéhna tetep komunikasi jeung sadérék éta, ngayakinkeun yén manéhna masih dipikanyaah, sarta sabar ngadéngékeun manéhna.