Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Kadali Diri—Penting Sangkan Urang Dipikaresep ku Allah

Kadali Diri—Penting Sangkan Urang Dipikaresep ku Allah

”Pas dulur ngajak gelut, beuheungna langsung dicekék ku urang. Mani asa hayang maéhan!”​—Paul.

”Mun di imah, bawaanna téh asa hayang ngamuk waé! Kabéh barang bakal dibantingkeun ku urang.”​—Marco.

Meureun urang mah teu kitu-kitu teuing. Tapi, urang kabéh pasti pernah hésé ngadalikeun diri. Pangpangna mah, éta téh lantaran urang ngawarisan dosa ti Adam. (Rum 5:12) Urang jadi babari pisan ngalakukeun dosa. Aya sababaraha jalma nu hésé ngadalikeun émosina, jiga Paul jeung Marco. Aya ogé nu hésé ngadalikeun pikiranna. Maranéhna sok kasieunan atawa mikir nu garoréng. Nu séjénna hésé ngadalikeun hasrat séksual, osok nginum-nginum, jeung maké narkoba.

Jalma nu hésé ngadalikeun pikiran, kahayang, jeung kalakuan, biasana hirupna gé ruksak. Tapi, aya nu bisa urang lakukeun sangkan urang teu jiga kitu. Naon éta téh? Ngamekarkeun kadali diri. Sangkan urang bisa ngadalikeun diri, hayu urang bahas tilu hal: (1) Naon kadali diri téh? (2) Ku naon éta téh penting? (3) Kumaha carana sangkan urang boga sipat ieu, nu kaasup ’buah padamelan Ruh’? (Gal. 5:22, 23, Sunda Formal [SF]) Geus kitu, urang gé bakal ningali naon nu bisa urang lakukeun lamun gagal ngadalikeun diri.

NAON KADALI DIRI TÉH?

Jalma nu bisa ngadalikeun diri mah moal gagabah. Manéhna bisa nahan diri sangkan omongan atawa tindakanana teu nganyenyeri haté Allah.

Yésus nunjukkeun jiga kumaha kadali diri téh

Yésus nunjukkeun jiga kumaha kadali diri téh. Alkitab nyebutkeun, ”Anjeunna mah dihina tara ngahina deui; dikaniaya taya manah hoyong ngabales, anggur sumerah ka pangersa Allah, Hakim anu adil.” (1 Pet. 2:23) Yésus ngadalikeun diri sanajan musuh-musuh moyokan basa anjeunna keur digantung dina tihang siksaan. (Mat. 27:39-44) Saacanna, Yésus gé nahan diri basa para pamingpin ngajiret sangkan anjeunna salah omong. (Mat. 22:15-22) Salian ti éta, Yésus gé ngadalikeun diri basa sababaraha urang Yahudi ngamuk jeung hayang ngabalédogan anjeunna ku batu! Yésus teu ngabales maranéhna, tapi anjeunna ”ngereles kaluar ti Bait Allah”.​—Yoh. 8:57-59.

Na urang bisa nyonto Yésus? Bisa, sanajan teu persis pisan. Rasul Pétrus nulis, ”Kristus oge geus nandangan sangsara pikeun aranjeun, sarta Anjeunna maparin tuladan anu ku urang kudu dipiconto.” (1 Pet. 2:21) Jadi najan urang teu sampurna, urang bisa nyonto Yésus dina ngadalikeun diri. Ku naon éta téh penting?

KU NAON KADALI DIRI TÉH PENTING?

Lamun urang bisa ngadalikeun diri, Yéhuwa bakal resep ka urang. Sanajan geus lila ngawula Yéhuwa, sosobatan urang jeung Mantenna bisa ruksak lamun urang teu ngadalikeun omongan jeung kalakuan.

Perhatikeun Musa, ”jalma nu paling lemah lembut” dina jamanna. (Bil. 12:3, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Salila puluhan taun, Musa sabar sanajan diprotés terus ku bangsa Israil. Tapi sakali waktu, manéhna teu bisa ngadalikeun diri. Musa ambek basa bangsa Israil protés deui lantaran teu boga cai. Manéhna nyentak, ”Darengekeun, eh jelema-jelema doraka! Na Kami jeung Harun teh kudu ngabijilkeun cai tina ieu batu cadas pikeun maraneh?”​—Bil. 20:2-11.

Musa teu ngamulyakeun Yéhuwa, padahal Mantenna nu nyadiakeun cai sacara mujijat. (Jab. 106:32, 33) Balukarna, Yéhuwa teu ngidinan manéhna asup ka Tanah Perjangjian. (Bil. 20:12) Éta téh lantaran Musa gagal ngadalikeun diri. Nepi ka maotna, katingalina Musa ngarasa kaduhung lantaran hal éta.​—Pam. 3:23-27.

Naon palajaranna? Bisa waé, urang geus lila ngawula Yéhuwa. Tapi, omongan urang kudu tetep sopan, boh ka jalma nu nganyenyeri haté urang boh ka jalma nu perlu dibéré naséhat. (Epe. 4:32; Kol. 3:12) Mémang, beuki kolot téh awak urang beuki lemah, jadi beuki hésé pikeun sabar. Tapi, inget pangalaman Musa. Urang pasti embung mun Yéhuwa jadi teu resep ka urang gara-gara urang gagal ngadalikeun diri. Jadi, urang kudu kumaha sangkan bisa ngadalikeun diri?

CARANA SANGKAN BISA NGADALIKEUN DIRI

Ngadoa ménta roh suci. Ku naon? Sabab kadali diri téh salah sahiji sipat nu dihasilkeun roh suci. Yéhuwa bakal méré roh suci-Na ka jalma-jalma nu ménta. (Luk. 11:13) Ku roh suci-Na, Yéhuwa bisa méré urang kakuatan nu dibutuhkeun. (Pil. 4:13, NW) Yéhuwa gé bisa ngabantu urang supaya boga sipat séjénna nu dihasilkeun ku roh suci, misalna kanyaah. Lamun nyaah ka batur, urang bakal leuwih bisa ngadalikeun diri.​—1 Kor. 13:5, SF.

Jauhan naon waé nu bisa nyababkeun urang hésé ngadalikeun diri

Jauhan naon waé nu bisa nyababkeun urang hésé ngadalikeun diri. Misalna, ulah muka situs Internét atawa hiburan nu némbongkeun kalakuan nu teu pantes. (Epe. 5:3, 4) Malah, urang kudu ngajauhan naon waé nu bisa ngajurung urang ngalakukeun hal nu salah. (Sil. 22:3; 1 Kor. 6:12) Contona mun hésé ngadalikeun hasrat séksual, ulah maca buku atawa lalajo film romantis.

Bisa jadi, ngajalankeun naséhat ieu téh teu gampang. Tapi mun urang upaya, Yéhuwa pasti méré urang kakuatan sangkan bisa ngadalikeun diri. (2 Pet. 1:5-8) Mantenna bakal ngabantu urang ngadalikeun pikiran, omongan, jeung kalakuan. Buktina, Paul jeung Marco nu tadi dicaritakeun. Maranéhna upaya sangkan teu kasar deui ka batur. Aya ogé sadérék séjén nu émosian waktu keur nyetir, malah sok nepi ka paséa jeung batur. Jadi, naon nu dilakukeunana? ”Urang ngadoa husu unggal poé. Urang maca artikel ngeunaan kadali diri jeung nginget-nginget ayat naon waé nu bisa ngabantu. Najan geus mangtaun-taun, unggal poé urang kudu terus upaya sangkan teu gancang émosi. Mun boga jangji gé, urang moal mépéd inditna méh teu rurusuhan di jalan.”

LAMUN GAGAL NGADALIKEUN DIRI

Bisa waé, engké urang gagal deui ngadalikeun diri. Mun kitu, meureun urang éra ngadoa ka Yéhuwa. Tapi justru pas keur kitu, urang keur butuh-butuhna bantuan Yéhuwa. Jadi, ulah asa-asa ngadoa ménta dihampura jeung dibantu ku Mantenna. Urang gé kudu upaya ngarah teu nyieun kasalahan nu sarua. (Jab. 51:11-13) Ulah mikir Yéhuwa moal ngadéngékeun doa urang. (Jab. 102:18) Yohanes ngingetan yén urang ”geus beresih tina dosa” ku lantaran getih Putra Allah. (1 Yoh. 1:7; 2:1; Jab. 86:5) Inget, Yéhuwa nitah umat-Na sangkan terus ngahampura. Jadi, Mantenna gé pasti ngahampura urang.​—Mat. 18:21, 22; Kol. 3:13.

Yéhuwa teu resep basa Musa gagal ngadalikeun diri di gurun keusik. Sanajan kitu, Yéhuwa ngahampura manéhna. Firman Allah gé nyebut Musa téh jalma nu imanna kudu dipiconto ku urang. (Pam. 34:10; Ibr. 11:24-28) Yéhuwa mémang teu ngidinan Musa asup ka Tanah Perjangjian, tapi Mantenna bakal ngidinan Musa hirup langgeng di Pirdaus di bumi. Urang gé bisa narima berkah nu sarua lamun terus upaya pikeun ngadalikeun diri.​—1 Kor. 9:25, NW.