Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pananya ti Nu Maca

Pananya ti Nu Maca

Naha enya sipat-sipat nu bisa ”dihasilkeun ku roh suci” téh geus dicatet kabéh dina Galata 5:22, 23 (Terjemahan Dunia Baru, ”NW”)?

Dua ayat éta nyebutkeun salapan sipat Kristen, ”Sipat-sipat nu dihasilkeun ku roh suci nyaéta kanyaah, gumbira, tengtrem haté, sabar, kahadéan haté, kahadéan, iman, lemah lembut, kadali diri.” Tapi, teu ngan éta wungkul sipat-sipat alus nu bisa dipiboga ku urang liwat bantuan roh suci.

Ti mana urang nyaho? Saacanna, Paulus nulis, ”Napsu badan ngajakna kana rucah, aeb, teu uni, muja brahala, sihir, ngamusuh, gelut, dengki, ngumbar amarah, mentingkeun sorangan, papecah, sirik-pidik, beuki kana mabok, ria-ria, jeung salian ti eta.” (Gal. 5:19-21) Dina ayat éta, Paulus can nyebutkeun kabéh hal nu kaasup ”kahayang-kahayang jasmani”, sabab dina Kolosa 3:5 aya kénéh hal-hal séjénna. Waktu nyebutkeun salapan sipat alus gé, Paulus ngomong dina ayat 23 (NW), ”Taya hukum nu ngalarang hal-hal jiga kieu.” Jadi, Paulus can nyebutkeun kabéh sipat alus nu bisa urang piboga liwat bantuan roh suci.

Urang bisa leuwih ngarti kana hal ieu lamun maca surat Paulus ka sidang di Épésus. Manéhna nulis, ”Anu dipencarkeun ku caang mah nya eta sakur kalakuan anu hade, jujur, jeung bener.” (Epe. 5:8, 9) ”Kalakuan anu hadé, jujur, jeung bener” téh ”dipencarkeun ku caang”, sarta mangrupa sipat nu ”dihasilkeun ku roh suci”.

Urang gé bisa merhatikeun naséhat Paulus nu ngajurung Timoteus pikeun ngamekarkeun genep sipat alus, ”Sing jadi jelema nu bener, ngabakti ka Allah, boga iman, nyaahan, tabah, jeung lemah lembut.” (1 Tim. 6:11, NW) Di antara genep sipat éta, ngan tilu (iman, nyaahan, jeung lemah lembut) nu disebutkeun sabagé ’hasil tina roh suci’. Tapi, Timoteus ogé butuh bantuan roh suci pikeun ngamekarkeun tilu sipat séjénna, nyaéta jadi jalma bener, ngabakti ka Allah, jeung tabah.​—Bandingkeun jeung Kolosa 3:12; 2 Petrus 1:5-7.

Jadi, Galata 5:22, 23 can nyebutkeun kabéh sipat nu kudu dipiboga ku urang Kristen. Roh suci bisa ngabantu urang sangkan boga salapan sipat nu disebutkeun sabagé ’hasil tina roh suci’. Tapi, aya kénéh sipat-sipat séjén nu kudu dipiboga ku urang lamun hayang nyonto Allah jeung hayang terus ”jaradi manusa anyar anu diciptakeunana nurut tuladan Allah, hirup kudu bener, lempeng, suci”.​—Epe. 4:24