Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Tuturkeun Sora Tarompét dina Jaman Ayeuna

Tuturkeun Sora Tarompét dina Jaman Ayeuna

URANG kabéh yakin Yéhuwa ngabingbing jeung ngajaga umat-Na sacara rohani dina ”ahir jaman”. (2 Tim. 3:1) Tapi kumaha urangna ogé, rék taat atawa henteu. Kaayaan urang bisa disaruakeun jiga kaayaan bangsa Israil waktu di gurun keusik. Maranéhna kudu nyieun tindakan waktu ngadéngé sora tarompét.

Yéhuwa nitah Musa pikeun nyieun ”dua tarompet tina pérak ketokan” pikeun manggil jalma-jalma ”sina karumpul, jeung pikeun tangara kudu ngaruag pasanggrahan”. (Bil. 10:2) Para imam kudu niup tarompét ku cara nu béda-béda sangkan jalma-jalma ngarti kudu kumaha. (Bil. 10:3-8) Kiwari, umat Allah gé narima pituduh liwat sababaraha cara. Urang bakal ngabahas tilu carana, sarta ngabandingkeunana jeung sora tarompét dina jaman baheula. Tilu cara ieu téh nyaéta waktu urang kabéh diondang pikeun ngumpul, waktu para kokolot narima palatihan, jeung waktu aya pituduh anyar keur kabéh sidang.

WAKTU KABÉH DIONDANG PIKEUN KUMPUL

Waktu Yéhuwa nitah ”jalma-jalma . . . kumpul kabeh” di lawang nu aya di beulah wétan tabernakel, para imam niup dua tarompét. (Bil. 10:3) Kabéh kaom bisa ngadéngé sora éta sabab kémah maranéhna ngurilingan opat sisi tabernakel. Nu kémahna deukeut jeung lawang tabernakel mah bisa langsung datang. Ari nu jauh mah butuh leuwih loba waktu jeung upaya. Tapi intina, Yéhuwa hayang kabéh ngumpul jeung ngadéngé pituduh-Na.

Ayeuna, urang kabéh ngumpulna lain di tabernakel. Tapi urang diondang pikeun ngumpul bareng jeung umat Allah, misalna dina kongrés régional atawa acara-acara nu istiméwa. Di dinya, urang narima informasi sarta pituduh nu penting. Di sakuliah dunya, acarana téh sarua. Kabéh nu datang ka acara éta jadi bagian tina hiji kelompok gedé nu bagja. Aya nu imahna deukeut, aya ogé nu jauh. Tapi, kabéh nu datang pasti ngarasakeun mangpaatna.

Kumaha mun aya kelompok nu tempatna mencil pisan? Ayeuna téknologi téh geus canggih, jadi maranéhna bisa meunang mangpaat tina acara nu sarua sarta ngarasa jadi bagian tina kelompok gedé nu keur ngarumpul. Misalna di Gurun Sahara, aya kelompok leutik di kota tambang Arlit, Niger. Pas wakil kantor pusat datang, kantor cabang Benin nyiarkeun acarana supaya kelompok éta bisa ngadéngékeun acara nu sarua. Jadi, 5 Saksi jeung 16 jalma nu minat bisa ngadéngékeun acara ieu. Najan tempat maranéhna mencil pisan, maranéhna ngarasa jadi bagian ti 44.131 jalma nu datang dina acara éta. Malah, aya sadérék nu nulis surat, ”Nuhun pisan geus nyiarkeun acara ieu. Abdi sadaya ngarasa dipikanyaah pisan.”

WAKTU PARA KOKOLOT NARIMA PALATIHAN

Lamun ngan hiji tarompét nu ditiup ku imam, anu kudu ngumpul di Kémah Tepangan téh ”ngan para pamingpin kaom wungkul”. (Bil. 10:4) Di ditu, maranéhna narima informasi jeung palatihan ti Musa. Éta ngabantu maranéhna pikeun ngurus kaomna. Lamun Sadérék jadi salah sahiji ti para pamingpin éta, Sadérék gé pasti bakal upaya pikeun hadir jeung narima mangpaatna pan?

Kiwari, para kokolot sidang téh lain ”pamingpin” atawa dunungan ti domba-domba Allah. (1 Pet. 5:1-3) Sanajan kitu, maranéhna pasti ngalakukeun nu panghadéna pikeun ngurus domba-domba éta. Ku kituna, maranéhna bakal datang waktu aya ondangan pikeun palatihan-palatihan tambahan, saperti Sekolah Pelayanan Kerajaan. Dina palatihan éta, para kokolot diajar sangkan leuwih hadé dina ngurus sidang. Hasilna, karohanian sidang gé jadi beuki alus. Sanajan Sadérék teu diondang ka sakola-sakola jiga kitu, Sadérék tetep meunang mangpaat ti jalma-jalma nu geus narima palatihan éta.

WAKTU AYA PITUDUH ANYAR

Sakapeung, tarompét ditiup sangkan ngaluarkeun sora nu robah-robah. Éta tandana Yéhuwa hayang sakabéh bangsa Israil mindahkeun kémahna. (Bil. 10:5, 6, Terjemahan Dunia Baru) Maranéhna mani tartib pisan basa pindah, tapi unggal jalma kudu nyieun pangorbanan. Malah sakapeung, sok aya nu horéam. Ku naon?

Meureun, aya nu ngarasa mani sering-sering teuing atawa mani ngadadak teuing. ”Sakapeung eta mega teh aya di luhureun Kemah Suci ngan ti sareupna nepi ka isuk.” Tapi kadang, éta méga ngagantungna ’dua poe, sabulan’, atawa leuwih. (Bil. 9:21, 22) Jadi sabenerna, sabaraha kali maranéhna pindah? Bilangan pasal 33 nyebutkeun kira-kira 40 kali maranéhna pundah-pindah.

Kadang, maranéhna masang kémah di tempat nu iuh. Mun kitu mah maranéhna resep, sabab di ”gurun keusik anu nya lega nya matak sieun”, tempat jiga kitu téh genah. (Pam. 1:19) Éta sababna mun kudu pindah, maranéhna bisa waé hariwang, engké tempatna teu genah jiga kieu.

Waktu rék pindah, bisa jadi aya kaom nu teu sabar. Pas tarompét ditiup, kabéh bisa ngadéngé, tapi teu kabéh bisa langsung indit. Aya nu kudu ngadagoan giliranna. Sora tarompét nu kahiji nandakeun kaom-kaom nu aya di beulah wétan kudu indit. Éta téh kaom Yuda, Isaskar, jeung Sébulun. (Bil. 2:3-9; 10:5, 6) Sanggeus maranéhna indit, para imam niup deui tarompétna. Sora nu kadua téh pikeun tilu kaom nu aya di beulah kidul. Para imam terus niup tarompét ku cara kitu nepi ka kabéh kaom indit.

Meureun Sadérék pernah ngarasa hésé narima pituduh anyar. Sadérék ngarasa mani loba-loba teuing parobahan téh. Atawa, bisa waé Sadérék ngarasa cara-cara nu baheula geus cocog, jeung hayangna mah teu aya nu dirobah. Intina mah, rék sabar pas aya parobahan téh teu gampang. Urang gé butuh waktu pikeun nuturkeunana. Tapi lamun urang upaya, urang bakal ningali parobahan éta téh aya mangpaatna keur urang. Urang gé bakal nyenangkeun Yéhuwa.

Dina jaman Musa, Yéhuwa nungtun jutaan lalaki, awéwé, jeung barudak leutik ngaliwatan gurun keusik. Mun teu diurus jeung dibingbing ku Yéhuwa mah, maranéhna moal salamet. Ayeuna gé, Yéhuwa ngabingbing urang ngaliwatan poé-poé panungtungan nu pinuh ku kasukeran. Mantenna mantuan supaya urang tetep deukeut ka Mantenna jeung supaya iman urang tetep kuat. Jadi jiga urang Israil nu nyieun tindakan waktu ngadéngé sora tarompét, sakuduna urang gé sabisa-bisa upaya pikeun tetep satia!