Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 22

Mantuan Palajar Alkitab Supaya Bisa Dibaptis

Mantuan Palajar Alkitab Supaya Bisa Dibaptis

”Kudu dibaptis.”​—RAS. 2:38.

KAWIH 72 Ngawawarkeun Bebeneran

NU DIBAHAS *

1. Jalma-jalma nu datang ka Yérusalém dibéré nyaho ngeunaan naon?

HIJI poé, aya kajadian nu luar biasa di Yérusalém. Loba lalaki jeung awéwé datang ka Yérusalém. Maranéhna téh asalna ti nagri nu béda-béda jeung ngomong maké basa nu béda-béda. Harita, aya sakelompok urang Yahudi nu ujug-ujug bisa ngomong maké basa maranéhna! Jalma-jalma rareuwaseun pisan. Tapi, maranéhna leuwih reuwas deui waktu ngadéngé naon nu diomongkeun ku urang Yahudi jeung naon nu diomongkeun ku Pétrus. Maranéhna dibéré nyaho, supaya bisa salamet téh maranéhna kudu boga iman ka Yésus Kristus. Maranéhna kageuing pisan, nepi ka nanya, ”Kedah kumaha kuring sadaya teh?” Pétrus ngajawab, ”Kudu dibaptis.”​—Ras. 2:37, 38.

Saurang sadeˊrˊek jeung pamajikanana ngajarkeun Alkitab ka saurang budak ngora makeˊ buku Hirup Bagja Salilana! (Tingali paragrap 2)

2. Urang bakal ngabahas naon dina artikel ieu? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

2 Nu kajadian sanggeusna téh luar biasa pisan. Dina poé éta, kira-kira 3.000 jalma dibaptis jeung jadi murid Kristus! Ti saprak harita, kagiatan ngajadikeun murid sakumaha nu diparéntahkeun ku Yésus téh dimimitian. Nepi ka ayeuna, murid-murid Yésus masih ngajalankeun kagiatan éta. Tapi mémang, dina jaman ayeuna, jalma nu kakara diajar Alkitab sababaraha jam mah moal bisa dibaptis. Meureun butuh waktu mangbulan-bulan atawa mangtaun-taun nepi ka palajar Alkitab bisa dibaptis. Kagiatan ngajadikeun murid téh butuh upaya anu gedé. Mun Sadérék ayeuna keur mandu palajaran Alkitab, Sadérék gé pasti ngarasakeun hal éta. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas naon nu bisa urang lakukeun pikeun mantuan palajar Alkitab urang supaya bisa dibaptis.

PÉK BANTU PALAJAR ALKITAB NGALARAPKEUN NU GEUS DIAJARKEUN

3. Jiga nu disebutkeun dina Mateus 28:19, 20, naon nu kudu dilakukeun ku palajar Alkitab supaya bisa dibaptis?

3 Supaya bisa dibaptis, palajar kudu ngalarapkeun pangajaran-pangajaran Alkitab anu geus diajarkeun. (Baca Mateus 28:19, 20.) Mun manéhna ngalakukeunana, manéhna téh saperti ”jalma nu bijaksana” dina ibarat Yésus. Éta jalma ngali taneuh nepi ka jero supaya bisa ngawangun imah di luhureun batu. (Mat. 7:24, 25, Sunda Formal; Luk. 6:47, 48) Kumaha carana mantuan palajar Alkitab ngalarapkeun naon nu geus diajarkeun? Hayu bahas tilu carana.

4. Kumaha urang bisa mantuan palajar Alkitab nyieun kamajuan supaya bisa dibaptis? (Tingali ogé kotak ” Bantu Palajar pikeun Netepkeun jeung Ngahontal Cita-Cita”.)

4 Pék bantu palajar Alkitab pikeun netepkeun cita-cita. Ku naon éta téh penting? Pikirkeun ibarat ieu: Mun Sadérék keur iinditan ka tempat nu jauh, waktu di jalan meureun Sadérék bakal eureun di sababaraha tempat anu dipikaresep ku Sadérék. Mun Sadérék ngalakukeun éta, perjalanan moal karasa jauh. Sarua jiga kitu, mun palajar Alkitab netepkeun cita-cita nu bisa dihontal dina waktu deukeut, manéhna moal ngarasa yén dibaptis téh cita-cita nu mustahil. Nah, dina buku Hirup Bagja Salilana!, aya bagian ”Pék upayakeun”. Unggal bérés ngabahas hiji bab, gunakeun bagian ieu pikeun mantuan palajar netepkeun cita-cita nu bisa dihontal dina waktu deukeut. Cita-cita téh bisa ngabantu manéhna ngalarapkeun naon nu geus diajarkeun. Mun Sadérék kapikiran aya hal séjén anu bisa diupayakeun ku palajar Alkitab, Sadérék bisa nuliskeunana dina bagian ”Nu séjénna”. Sacara rutin, pék bahas jeung palajar Alkitab ngeunaan cita-cita nu bisa dihontal dina waktu deukeut jeung cita-cita nu bisa dihontal dina waktu nu leuwih lila.

5. Jiga nu disebutkeun dina Markus 10:17-22, Yésus nitah saurang lalaki beunghar pikeun ngalakukeun naon, jeung ku naon?

5 Pék bantu palajar Alkitab pikeun ngarobah cara hirup. (Baca Markus 10:17-22.) Yésus apal, jalma nu beunghar téh hésé pikeun ngajual kabéh pangabogana. (Mar. 10:23) Tapi, Yésus nitah saurang lalaki beunghar pikeun ngalakukeun hal éta. Ku naon? Sabab Yésus nyaah ka manéhna. Kadang, meureun urang teu terus terang méré nyaho naon nu kudu dirobah ku si palajar. Bisa jadi, urang ngarasa manéhna can siap ngalakukeun hal éta. Mémang, butuh waktu pikeun barobah jeung ngagunakeun kapribadian anu anyar. (Kol. 3: 9, 10) Tapi mun ti mimiti urang geus terus terang, manéhna bakal gancang nyieun parobahan. Éta gé bukti urang nyaah ka manéhna.​—Jab. 141:5; Sil. 27:17.

6. Ku naon alus mun Sadérék nanyakeun pandangan palajar Alkitab ngeunaan hiji topik?

6 Alus lamun urang nanyakeun pandangan palajar Alkitab ngeunaan hiji topik. Pananya-pananya jiga kitu bisa mantuan Sadérék ningali naon nu dipikaharti jeung dipercaya ku palajar Alkitab. Mun Sadérék sering nanya jiga kitu, engké waktu ngabahas topik-topik anu leuwih hésé, Sadérék bakal leuwih gampang ngajelaskeunana. Dina buku Hirup Bagja Salilana!, aya loba pananya jiga kitu. Misalna, dina bab 04 aya pananya: ”Mun anjeun nyebutkeun nami Yéhuwa, kira-kira kumaha parasaan Anjeunna?” Dina bab 09, aya pananya: ”Anjeun rék ngadoakeun hal naon waé?” Mimitina, meureun palajar Alkitab ngarasa hésé pikeun ngajawab pananya-pananya éta. Kumaha Sadérék bisa mantuan manéhna? Latih manéhna pikeun ngahubungkeun topik nu keur dibahas jeung ayat atawa gambar dina buku.

7. Kumaha carana ngagunakeun pangalaman batur pikeun ngajurung palajar?

7 Lamun palajar apal naon anu kudu dirobah tapi hésé pikeun ngalakukeunana, tunjukkeun pangalaman batur. Sugan manéhna jadi kajurung pikeun barobah. Misalna, mun palajar henteu rutin datang ka pasamoan, Sadérék bisa nunjukkeun vidéo Yéhuwa nu Ngurus Abdi anu aya dina bagian ”Tingali Ogé” dina bab 14. Dina buku Hirup Bagja Salilana!, aya loba pangalaman jiga kitu dina bagian ”Hayu Ngulik” atawa bagian ”Tingali Ogé”. * Sadérék kudu ngayakinkeun yén manéhna gé bisa nyieun parobahan. Tapi ati-ati, ulah ngabanding-bandingkeun palajar Alkitab jeung batur. Ulah ngomong, ”Mun batur bisa, anjeun gé sakuduna bisa.” Sadérék bisa ngabahas hal-hal alus nu ngabantu jalma dina vidéo éta pikeun ngalarapkeun pangajaran Alkitab. Misalna, Sadérék bisa nyebutkeun deui ayat dina vidéo atawa naon nu dilakukeun ku jalma éta. Salian ti éta, Sadérék gé bisa nandeskeun kumaha Yéhuwa mantuan jalma nu dicaritakeun dina vidéo éta.

8. Kumaha carana urang bisa ngabantu palajar Alkitab pikeun nyaah ka Yéhuwa?

8 Pék bantu palajar Alkitab pikeun nyaah ka Yéhuwa. Kumaha carana? Sing sering ngabahas sipat-sipat Yéhuwa. Bantu palajar Alkitab supaya manéhna bisa ningali yén Yéhuwa téh Allah anu bagja, anu resep nulungan saha waé anu nyaah ka Mantenna. (1 Tim. 1:11, Terjemahan Dunia Baru; Ibr. 11:6) Jelaskeun yén Yéhuwa gé bisa nulungan manéhna. Éta téh bukti Yéhuwa nyaah ka manéhna. (Yes. 48:17, 18) Lamun kanyaah palajar Alkitab ka Yéhuwa beuki gedé, manéhna gé bakal beuki sumanget dina nyieun parobahan nu dibutuhkeun.​—1 Yoh. 5:3.

PÉK KENALKEUN PALAJAR KA DULUR SAIMAN

9. Sajalan jeung Markus 10:29, 30, naon anu bisa ngabantu palajar pikeun nyieun pangorbanan supaya bisa dibaptis?

9 Supaya bisa dibaptis, palajar Alkitab kudu nyieun pangorbanan. Jiga lalaki beunghar nu tadi disebutkeun, meureun sababaraha palajar kudu ngorbankeun hartana. Misalna, meureun aya palajar anu pagawéanana téh henteu sajalan jeung prinsip-prinsip Alkitab. Mun kitu, manéhna kudu néangan pagawéan séjén. Terus, aya ogé palajar anu kudu ninggalkeun babaturanana nu teu nyaah ka Yéhuwa. Nu séjénna meureun ditinggalkeun ku kulawargana nu teu resep ka Saksi Yéhuwa. Yésus apal, nyieun pangorbanan jiga kitu téh teu gampang. Tapi Yésus jangji, jalma-jalma nu jadi muridna moal kuciwa, justru maranéhna bakal narima berkah anu gedé, nyaéta dibéré kulawarga rohani. (Baca Markus 10:29, 30.) Kumaha carana mantuan palajar supaya narima berkah éta?

10. Sadérék meunang palajaran naon tina pangalaman Manuel?

10 Pék nyobat jeung palajar Alkitab Sadérék. Sadérék perlu nunjukkeun yén Sadérék nyaah ka palajar Alkitab. Ku naon? Perhatikeun koméntar ti Manuel nu cicing di Meksiko. Manéhna nyaritakeun pangalamanana waktu masih diajar Alkitab. Ceuk Manuel, ”Saacan mulai, biasana sadérék nu ngajarkeun Alkitab ka abdi sok nanyakeun kumaha kabar abdi. Ngobrol téh jadi ngeunaheun. Abdi jadi teu asa-asa nyarita naon waé ka manéhna. Karasa manéhna téh nyaah ka abdi.”

11. Naon mangpaatna mun urang nyadiakeun waktu keur palajar Alkitab?

11 Sadiakeun waktu keur palajar Alkitab Sadérék, jiga Yésus nyadiakeun waktu keur murid-muridna. (Yoh. 3:22) Mun palajar Alkitab geus nyieun kamajuan, meureun Sadérék bisa ngondang manéhna ka imah Sadérék keur ngopi bareng atawa dahar bareng. Atawa, ajak manéhna nongton JW Broadcasting® babarengan. Terus, Sadérék bisa ngajak manéhna ulin waktu babaturan atawa kulawargana keur ngarayakeun perayaan-perayaan nu teu sajalan jeung Alkitab. Ku kituna, palajar moal ngarasa sorangan. Kazibwe ti Uganda ngomong, ”Waktu abdi keur ulin jeung sadérék anu ngajarkeun Alkitab ka abdi, abdi diajar loba hal ngeunaan Yéhuwa. Éta téh sarua jiga pas abdi diajar Alkitab. Abdi ningali Yéhuwa nyaah pisan ka umat-Na. Terus, umat-Na gé bener-bener bagja. Abdi hayang jiga kitu.”

Mun Sadérék ngajak pawarta nu béda-béda pas mandu palajaran Alkitab, si palajar bakal leuwih hayang masamoan (Tingali paragrap 12) *

12. Ku naon urang kudu ngajak pawarta nu béda-béda waktu rék mandu palajaran Alkitab?

12 Ajak pawarta anu béda-béda waktu mandu palajaran Alkitab. Waktu rék mandu palajaran Alkitab, kadang urang leuwih resep indit sorangan atawa ngajak pawarta nu éta deui éta deui. Éta mémang katingalina leuwih gampang. Tapi, palajar Alkitab urang bakal meunangkeun mangpaat nu leuwih loba lamun urang ngajak pawarta nu béda-béda. Ceuk Dmitrii nu cicing di Moldova, ”Para pawarta nu datang bareng jeung guru Alkitab abdi téh cara ngajarna béda-béda. Abdi jadi bisa meunang palajaran nu béda-béda tina hiji topik. Abdi gé geus teu éra-éra deui waktu mimiti datang ka pasamoan, da geus kenal ka loba dulur saiman.”

13. Ku naon urang kudu mantuan palajar pikeun datang ka pasamoan?

13 Pék bantu palajar Alkitab pikeun datang ka pasamoan. Ku naon éta téh penting? Sabab Yéhuwa maréntahkeun umat-Na ngumpul bareng pikeun ibadah ka Mantenna. (Ibr. 10:24, 25) Sadérék-sadérék di sidang téh kulawarga rohani urang. Waktu urang masamoan, urang téh jiga keur dahar bareng jeung kulawarga urang. Terus, mun urang mantuan palajar Alkitab pikeun datang ka pasamoan, éta hartina urang keur mantuan manéhna nyieun kamajuan gedé supaya bisa dibaptis. Tapi, keur palajar Alkitab, meureun datang ka pasamoan téh henteu gampang. Kumaha buku Hirup Bagja Salilana! bisa mantuan palajar nyanghareupan tangtangan-tangtangan?

14. Kumaha carana urang bisa ngajurung palajar Alkitab pikeun datang ka pasamoan?

14 Gunakeun buku Hirup Bagja Salilana! bab 10 pikeun ngajurung palajar Alkitab datang ka pasamoan. Saacanna, buku ieu téh geus dicoba heula di lapangan ku sababaraha pawarta. Maranéhna dipénta pikeun ngabahas bab 10 bareng jeung para palajar Alkitabna. Ceuk maranéhna hasilna téh alus pisan. Para palajar Alkitab jadi daék datang ka pasamoan. Sanajan kitu, Sadérék teu kudu ngadagoan nepi ka bab 10 pikeun ngajak palajar Alkitab ka pasamoan. Ti mimiti gé, Sadérék bisa ngajak maranéhna ka pasamoan. Pék terus ajak maranéhna. Tapi, bisa jadi palajar téh teu bisa langsung milu masamoan lantaran aya hahalang. Unggal palajar téh hahalangna béda-béda. Jadi, perhatikeun naon nu ngahalangan palajar Alkitab Sadérék. Terus, pikirkeun naon nu bisa Sadérék lakukeun pikeun mantuan maranéhna. Ulah leutik haté lamun palajar Sadérék can daék datang ka pasamoan. Sing sabar sarta ulah bosen-bosen ngajak maranéhna masamoan.

PÉK BANTU PALAJAR ALKITAB NGALAWAN KASIEUN

15. Palajar Alkitab bisa hariwang kana hal naon waé?

15 Meureun Sadérék inget kénéh, baheula Sadérék sieun pikeun jadi Saksi Yéhuwa. Bisa waé Sadérék ngarasa moal pernah sanggup ngawawar. Atawa meureun, Sadérék sieun dimusuhan ku kulawarga atawa babaturan Sadérék. Mun Sadérék pernah ngarasa jiga kitu, Sadérék bisa ngarti naon nu dirasakeun ku palajar Alkitab. Yésus apal, bisa waé aya anu bakal sieun. Tapi, anjeunna ngajurung murid-muridna supaya henteu eureun ngawula Yéhuwa. (Mat. 10:16, 17, 27, 28) Naon anu Yésus lakukeun pikeun mantuan murid-muridna ngalawan kasieun? Jeung kumaha urang bisa nyonto anjeunna?

16. Kumaha carana urang bisa ngalatih palajar Alkitab pikeun nyaritakeun imanna?

16 Saeutik-saeutik, pék latih palajar Alkitab Sadérék pikeun nyaritakeun imanna. Murid-murid Yésus gé meureun ngarasa geumpeur waktu mimiti dititah ngawawar. Tapi, Yésus mantuan maranéhna ku cara méré nyaho ka saha maranéhna bisa ngawawar jeung naon nu kudu diwawarkeun. (Mat. 10:5-7) Kumaha Sadérék bisa nyonto tuladan Yésus? Pék bantu palajar Alkitab Sadérék supaya manéhna nyaho ka saha manéhna bisa ngawawar. Misalna, tanyakeun ka manéhna, na aya jalma nu dikenal ku manéhna nu kira-kira daék diajar bebeneran? Terus, tunjukkeun cara nu saderhana pikeun nepikeun bebeneran. Sadérék gé bisa latihan heula jeung manéhna ngagunakeun bagian ”Aya nu Ngomong” jeung ” Mun Aya nu Nanya” tina buku Hirup Bagja Salilana! Pék latih palajar ngagunakeun Alkitab pikeun méré jawaban nu saderhana jeung bijaksana.

17. Kumaha urang bisa ngagunakeun Mateus 10:19, 20, 29-31 pikeun mantuan palajar ngandelkeun Yéhuwa?

17 Pék bantu palajar pikeun ngandelkeun Yéhuwa. Yésus ngayakinkeun murid-muridna yén Yéhuwa bakal nulungan maranéhna sabab Mantenna nyaah ka maranéhna. (Baca Mateus 10:19, 20, 29-31.) Sadérék gé bisa ngayakinkeun palajar yén Yéhuwa bakal mantuan manéhna. Pék bantu palajar ngandel ka Yéhuwa ku cara ngadoakeun cita-citana waktu ngadoa bareng. Ceuk Franciszek anu cicing di Polandia, ”Guru Alkitab abdi sering ngadoakeun cita-cita abdi. Waktu ningali doa-doana dijawab ku Yéhuwa, abdi gé jadi hayang ngadoa. Abdi ngarasakeun bantuan ti Yéhuwa. Misalna, abdi diidinan datang ka pasamoan jeung ka kongrés ku si bos, padahal abdi téh pagawé anyar.”

18. Kumaha parasaan Yéhuwa waktu ningali upaya para pawarta?

18 Yéhuwa nyaah pisan ka para palajar Alkitab. Yéhuwa gé nyaah jeung ngahargaan upaya ti para pawarta nu mantuan jalma-jalma ngadeukeutkeun diri ka Mantenna. (Yes. 52:7) Mun Sadérék ayeuna can boga palajar Alkitab, Sadérék tetep bisa mantuan palajar Alkitab batur pikeun nyieun kamajuan nepi ka dibaptis. Sadérék bisa maturan pawarta séjén pikeun mandu palajaran Alkitab.

KAWIH 60 Kahirupan keur Sadaya

^ par. 5 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas carana Yésus mantuan jalma-jalma pikeun jadi muridna sarta kumaha urang bisa nyonto tuladan anjeunna. Salian ti éta, urang gé bakal ngabahas carana ngagunakeun buku nu anyar, nyaéta Hirup Bagja Salilana! Buku ieu dirancang pikeun mantuan palajar Alkitab supaya bisa dibaptis.

^ par. 7 Sadérék gé bisa ningali pangalaman séjén dina (1) Panduan Riset untuk Saksi-Saksi Yehuwa, tingali bagian ”Alkitab”, terus ka ”Nilai Praktis”, terus ka ”’Alkitab Mengubah Kehidupan’ (Artikel Berseri di Menara Pengawal)” atawa dina (2) JW Library®, tingali bagian media, terus ka ”Wawancara jeung Pangalaman”.

^ par. 62 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék ngajarkeun Alkitab bari dibaturan ku pamajikanana. Geus kitu, manéhna ngajak sadérék nu béda-béda pikeun ngajarkeun Alkitab.