Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naha Sadérék Terang?

Naha Sadérék Terang?

Dina jaman Yésus, pajeg naon waé nu kudu dibayar ku rahayat?

TI BAHEULA kénéh, bangsa Israil téh geus biasa méré sumbangan pikeun ngadukung ibadah sajati. Tapi dina jaman Yésus, urang Israil kudu mayar rupa-rupa pajeg nu ngabeungbeurat maranéhna.

Pikeun ngadukung ibadah ka Allah di Tabernakel jeung ka dieunakeun di bait, kabéh priya Yahudi nu geus déwasa kudu mayar satengah syékel (dua drakhma) unggal taunna. Dina abad kahiji, duit éta téh dipaké pikeun méré kurban sarta pikeun ngurus bait nu diwangun ku Hérodés. Sababaraha urang Yahudi nanyakeun ka Pétrus, kumaha pandangan Yésus ngeunaan mayar pajeg. Yésus teu nganggap mayar pajeg téh salah. Malah, anjeunna nitah Pétrus nyokot duit logam pikeun mayar pajeg.​—Mat. 17:24-27.

Baheula, umat Allah kudu mayar perpuluhan ogé. Jumlahna téh sapersapuluh tina hasil tani atawa tina panghasilan maranéhna. (Ima. 27:30-32; Bil. 18:26-28) Para pamingpin agama maksa rahayat pikeun mayar perpuluhan keur unggal jinis sayuran. Malah mah, bungbu-bungbu saperti ”mint, adas, jeung jinten” ogé aya perpuluhanana. Yésus teu nganggap mayar perpuluhan téh salah. Tapi, nu dianggap salah téh nyaéta carana para ahli Torét jeung urang Parisi ngajalankeun hukum ieu.​—Mat. 23:23, Terjemahan Dunia Baru.

Terus, harita urang Yahudi gé kudu mayar rupa-rupa pajeg ka pamaréntah Rum. Misalna, saurang tuan tanah kudu mayar pajeg maké duit atawa hasil tanahna. Saupama hasil panénna 100 kilogram, manéhna kudu mikeun 20 nepi ka 25 kilogram ka pamaréntah. Geus kitu, urang Yahudi gé kudu mayar pajeg kapala. Nah, pajeg ieu nu ditanyakeun ku urang Parisi ka Yésus pikeun ngajiret anjeunna. Tapi, Yésus ngajawab sacara bijaksana. Ceuk anjeunna, ”Bayarkeun ka Prabu nu kagungan Prabu, bayarkeun ka Allah nu kagungan Allah.”​—Mat. 22:15-22.

Terus, aya ogé cuké keur barang nu kaluar asup ka hiji daérah. Cukéna téh biasana kudu dibayar di palabuhan, jambatan, parapatan, gerbang kota, atawa pas rék asup ka pasar.

Jalma-jalma nu cicing di daérah kakawasaan Rum ngarasa rupa-rupa pajeg éta téh ngabeungbeurat maranéhna. Tacitus, saurang ahli sajarah Rum, nyebutkeun yén salila Kaisar Tibérius maréntah dina jaman Yésus, ”Siria jeung Yudéa nunuhun supaya pajegna dikurangan lantaran maranéhna ngarasa geus teu sanggup deui mayar pajeg éta”.

Rahayat gé ngarasa leuwih beurat deui lantaran carana éta pajeg ditarik. Jadi, harita pamaréntah téh milih jalma-jalma pikeun narikan pajeg ti rahayat. Nu dipilih téh jalma-jalma nu bisa méré kauntungan panggedéna. Terus, jalma-jalma éta gé boga bawahan masing-masing pikeun narikan pajeg ti rahayat. Tapi lantaran hayang meunang bati, unggal bawahan narik pajegna téh leuwih gedé ti nu samistina. Nah, Sakéus téh salah sahiji jalma nu boga bawahan jiga kitu. (Luk. 19:1, 2) Matakna, teu héran mun jalma-jalma dina jaman harita téh geuleuheun ka tukang mulung pajeg.