Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pananya Ti Nu Maca

Pananya Ti Nu Maca

Naon maksud omongan Paulus, ”Sim kuring geus maot tina hukum eta, dipaehkeun ku Hukum eta keneh”?​—Gal. 2:19.

Paulus nulis, ”Sim kuring geus maot tina hukum eta, dipaehkeun ku Hukum eta keneh, supaya bisa hirup pikeun Allah.”​—Gal. 2:19.

Kekecapan Paulus éta sajalan jeung inti suratna anu ditujukeun pikeun sidang jamaah di propinsi Galata, Rum. Sababaraha urang Kristen di ditu kapangaruhan ku guru-guru palsu. Guru-guru palsu éta ngajarkeun, mun saurang jalma hayang disalametkeun, manéhna kudu ngajalankeun Hukum Musa, utamana kudu disunat. Tapi Paulus apal, Allah geus teu ngawajibkeun umat-Na pikeun disunat. Jadi, Paulus ngajelaskeun jeung ngabuktikeun yén pangajaran éta téh salah. Hasilna, sadérék-sadérék di ditu jadi boga iman nu leuwih gedé kana kurban tebusan Yésus Kristus.​—Gal. 2:4; 5:2.

Alkitab jelas-jelas nyebutkeun, lamun saurang jalma maot, manéhna geus teu nyaho naon-naon jeung geus moal bisa kapangaruhan deui ku naon waé nu aya di sakurilingna. (Pan. 9:5) Jadi waktu Paulus ngomong, ”Sim kuring geus maot tina hukum eta”, maksudna téh manéhna geus teu kapangaruhan atawa kabeungkeut ku Hukum Musa deui. Paulus yakin, lamun manéhna boga iman kana korban tebusan, manéhna bisa ”hirup pikeun Allah”.

Paulus bisa hirup pikeun Allah téh lantaran geus ”dipaehkeun ku Hukum”. Naon maksudna? Dina ayat-ayat saacanna, Paulus ngajelaskeun yén ”jelema bisa diangken bener ku Allah teh lain ku pedah ngalaksanakeun Hukum . . . tapi ku lantaran percaya ka Yesus Kristus”. (Gal. 2:16) Sanajan kitu, Hukum téh aya mangpaatna. Paulus ngajelaskeun ka urang Galata yén Hukum Musa téh ”pikeun panambah, pikeun nuduhkeun yen manusa geus ngalanggar. Hukum . . . sipatna ngan pikeun saheulaanan, waktuna ngan nepi ka mangsa sumpingna turunan Ibrahim anu dijangjikeun tea”. (Gal. 3:19) Nya, ku ayana Hukum Musa, jadi jelas yén manusa nu boga dosa mah moal bisa ngajalankeun Hukum éta sacara sampurna. Ku kituna, maranéhna butuh korban tebusan anu sampurna. Jadi, Hukum Musa ngabantu jalma-jalma paham yén Yésus téh ”turunan” anu dijangjikeun téa. Jadi mun saurang jalma boga iman ka Yésus Kristus, manéhna bisa dianggap bener ku Allah. (Gal. 3:24) Paulus gé dianggap bener ku Allah téh lantaran manéhna daék narima jeung boga iman ka Yésus. Ku kituna, Paulus bisa dianggap ”geus maot tina hukum” sarta ”hirup pikeun Allah”. Paulus geus teu kudu taat deui kana Hukum, tapi taatna kudu ka Allah.

Paulus gé nuliskeun hal nu sarua ka urang Rum. Ceuk manéhna, ”Dulur-dulur! Aranjeun tina Hukum . . . geus maraot, sabab geus ngahiji jeung salira Kristus . . . ayeuna mah urang geus leupas tina eta Hukum . . . geus maot tina eta hukum anu tadina ngawasaan.” (Rum 7:4, 6) Waktu nulis éta surat jeung waktu nulis Galata 2:19, Paulus téh henteu keur ngomongkeun manusa nu bener-bener maot lantaran teu bisa ngajalankeun Hukum Musa. Tapi, ”maot” anu dimaksud ku Paulus téh, nyaéta bébas atawa geus teu kabeungkeut deui ku Hukum Musa. Paulus jeung jalma-jalma séjénna geus teu kudu ngajalankeun Hukum Musa, lantaran maranéhna boga iman kana tebusan Kristus.