Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 23

Sadérék Teu Sorangan, Sabab Aya Yéhuwa

Sadérék Teu Sorangan, Sabab Aya Yéhuwa

”Mantenna deukeut ka sakur anu sasambat . . . ka Mantenna.”​—JAB. 145:18.

KAWIH 28 Jadi Sobat Yéhuwa

NU DIBAHAS *

1. Ku naon hamba-hamba Yéhuwa kadang ngarasa sorangan?

AMPIR kabéh jalma pernah ngarasa sorangan. Aya nu ngan saharitaeun, aya ogé nu teterusan ngarasa sorangan. Malah, aya nu ngarasa sorangan sanajan di sakurilingna aya loba jalma. Aya nu ngarasa hésé pikeun boga sobat di sidang nu anyar. Aya ogé anu deukeut pisan jeung kulawargana, jadi waktu pindah ka tempat nu jauh, manéhna ngarasa sorangan. Terus, aya anu sono pisan ka kulawarga atawa babaturan nu geus maot. Sababaraha urang Kristen, hususna nu kakara diajar bebeneran, ngarasa sorangan lantaran dijauhan atawa dimusuhan ku anggota kulawarga atawa ku babaturan nu henteu sakapercayaan.

2. Pananya naon waé anu bakal dibahas dina artikel ieu?

2 Yéhuwa apal jeung ngarti sagala hal ngeunaan urang. Waktu urang ngarasa sorangan, Yéhuwa merhatikeun urang sarta hayang nulungan. Kumaha carana Yéhuwa nulungan urang? Naon anu bisa urang lakukeun pikeun ngalawan parasaan éta? Jeung urang kudu kumaha pikeun mantuan dulur saiman anu ngarasa sorangan? Hayu urang bahas jawabanana.

YÉHUWA MERHATIKEUN URANG

Yéhuwa ngutus saurang malaikat pikeun ngayakinkeun Élia yén manéhna téh teu sorangan (Tingali paragrap 3)

3. Kumaha Yéhuwa merhatikeun Élia?

3 Yéhuwa hayang kabéh umat-Na bagja. Mantenna deukeut jeung urang sarta apal waktu urang ngarasa sedih atawa leutik haté. (Jab. 145:18, 19) Tingali kumaha Yéhuwa merhatikeun jeung nulungan nabi Élia. Nabi Élia hirup waktu bangsa Israil aya dina kaayaan nu susah. Para pamingpin anu teu nyembah ka Yéhuwa nganiaya umat Yéhuwa jeung hayang pisan maéhan Élia. (1 Rja. 19:1, 2) Élia mikir, hiji-hijina nabi anu nyembah Yéhuwa téh ngan manéhna hungkul. Meureun éta nu ngalantarankeun Élia jadi leutik haté. (1 Rja. 19:10) Jadi, Yéhuwa langsung nulungan Élia. Mantenna ngutus saurang malaikat pikeun ngayakinkeun Élia yén manéhna téh henteu sorangan, masih loba kénéh jalma anu nyembah ka Yéhuwa!​—1 Rja. 19:5, 18.

4. Kumaha Markus 10:29, 30 nunjukkeun sakumaha perhatianana Yéhuwa ka umat-Na nu ditinggalkeun ku kulawarga atawa babaturanana?

4 Yéhuwa ngarti sababaraha jalma anu milih pikeun ngawula Mantenna kudu nyieun pangorbanan anu gedé. Meureun, maranéhna ditinggalkeun ku kulawarga atawa babaturanana. Baheula, Pétrus gé pernah nanya kieu ka Yésus, ”Abdi-abdi parantos ngantunkeun sagala rupi, ngiring ka Bapa. Bakal kenging naon?” (Mat. 19:27) Ku cara nu bageur, Yésus ngayakinkeun murid-muridna yén maranéhna bakal meunang kulawarga rohani anu loba pisan. (Baca Markus 10:29, 30.) Terus, salaku Bapa urang di sawarga, Yéhuwa jangji yén Mantenna bakal mantuan jalma-jalma anu ngawula Mantenna. (Jab. 9:11) Yéhuwa bisa nulungan urang ngarah urang teu ngarasa sorangan. Perhatikeun naon anu kudu urang lakukeun ngarah bisa meunang bantuan ti Yéhuwa.

NAON NU BISA SADÉRÉK LAKUKEUN WAKTU NGARASA SORANGAN?

5. Naon mangpaatna lamun urang mikirkeun kumaha Yéhuwa geus nulungan urang?

5 Pikirkeun kumaha Yéhuwa geus nulungan Sadérék. (Jab. 55:23) Ku kituna, Sadérék moal ngarasa sorangan deui. Carol, * saurang sadérék istri nu léngoh sarta kulawargana lain Saksi, ngomong kieu, ”Lamun nginget-nginget deui kumaha Yéhuwa geus nulungan abdi nyanghareupan tangtangan-tangtangan, abdi jadi henteu ngarasa sorangan deui. Abdi gé yakin Yéhuwa bakal terus nulungan abdi.”

6. Kumaha 1 Petrus 5:9, 10 bisa nguatkeun jalma-jalma anu ngarasa sorangan?

6 Pikirkeun kumaha Yéhuwa nulungan dulur saiman anu ngarasa sorangan. (Baca 1 Petrus 5:9, 10.) Hiroshi téh saurang sadérék nu geus lila jadi Saksi. Manéhna hiji-hijina Saksi dina kulawargana. Manéhna ngomong, ”Di sidang, urang kabéh pasti boga masalah masing-masing. Tapi, kabéh bajuang pikeun ngawula Yéhuwa. Mun mikirkeun ieu, saha waé anu kulawargana lain Saksi pasti dikuatkeun.”

7. Kumaha doa bisa mantuan Sadérék?

7 Pék rutin ngadoa, maca Alkitab, jeung masamoan. Dina doa, pék ungkabkeun parasaan Sadérék ka Yéhuwa. (1 Pet. 5:7) Perhatikeun pangalaman Massiel. Manéhna téh saurang sadérék istri anu ngarasa sorangan lantaran manéhna téh hiji-hijina Saksi di kulawargana. Massiel nyarita, ”Salah sahiji hal pangpentingna nu mantuan abdi téh nyaéta ngadoa ka Yéhuwa. Keur abdi mah, Yéhuwa téh geus jiga Bapa sorangan. Abdi ngadoa ka Mantenna unggal poé. Dina sapoé téh, abdi bisa mangkali-kali ngadoa. Abdi osok ngungkabkeun sakabéh parasaan abdi ka Mantenna.”

Lamun ngadéngékeun rekaman audio Alkitab atawa publikasi, meureun urang moal ngarasa sorangan teuing (Tingali paragrap 8) *

8. Kumaha maca jeung mikirkeun kisah-kisah Alkitab bisa ngabantu Sadérék?

8 Sing rutin maca Alkitab. Pikirkeun kisah mana waé nu ngayakinkeun Sadérék yén Yéhuwa téh nyaah ka Sadérék. Bianca, saurang sadérék anu ngarasa leutik haté lantaran omongan kulawargana, ngomong, ”Abdi kalilipur waktu maca jeung mikirkeun kisah hamba-hamba Yéhuwa di jaman baheula anu masalahna sarua jiga abdi.” Sababaraha sadérék ngapalkeun ayat nu nengtremkeun haté, misalna Jabur 27:10 jeung Yesaya 41:10. Aya ogé anu ngadéngékeun rekaman audio pas keur persiapan pikeun pasamoan atawa keur maca Alkitab. Éta ngabantu maranéhna supaya teu ngarasa sorangan teuing.

9. Naon mangpaatna masamoan?

9 Upayakeun pikeun rutin masamoan. Acara pasamoan téh bisa nguatkeun Sadérék. Terus, Sadérék gé bisa gaul jeung dulur saiman dina pasamoan. (Ibr. 10:24, 25) Massiel, nu tadi disebutkeun, ngomong, ”Abdi téh jalmana éraan pisan. Tapi abdi upaya pikeun datang ka kabéh acara pasamoan jeung méré koméntar. Ku kituna, abdi ngarasa jadi bagian ti sidang.”

10. Ku naon penting pikeun nyobat jeung dulur-dulur saiman?

10 Pék nyobat jeung dulur-dulur saiman. Téangan sobat nu bisa dijadikeun tuladan. Maranéhna téh bisa waé leuwih kolot atawa leuwih ngora. Atawa, bisa waé kabudayaan maranéhna téh béda jeung Sadérék. Sadérék-sadérék ngora bisa diajar ti sadérék nu leuwih kolot, sabab ceuk Alkitab, ”Jalma nu geus karolot baroga hikmat.” (Ayub 12:12, 13) Tapi, sadérék-sadérék nu kolot gé bisa diajar ti sadérék nu leuwih ngora. Perhatikeun conto Daud jeung Yonatan. Daud téh jauh leuwih ngora tibatan Yonatan, tapi éta teu ngahalangan maranéhna pikeun jadi sobat. (1 Sam. 18:1) Daud jeung Yonatan silih kuatkeun, ku kituna maranéhna bisa terus satia ngawula Yéhuwa sanajan aya tangtangan. (1 Sam. 23:16-18) Irina, saurang sadérék istri nu kulawargana lain Saksi, ngomong, ”Dulur-dulur saiman téh bisa jadi kolot, adi, atawa lanceuk rohani urang. Yéhuwa bisa ngagunakeun maranéhna pikeun mantuan urang.”

11. Sadérék kudu kumaha mun hayang nyobat jeung batur?

11 Nyobat jeung batur téh bisa jadi teu gampang, komo mun Sadérék téh éraan. Perhatikeun pangalaman Ratna. Waktu diajar bebeneran, manéhna téh meunang tangtangan. Geus kitu, manéhna téh éraan. Ceuk Ratna, ”Abdi kudu sadar, abdi téh butuh bantuan jeung dukungan ti sadérék-sadérék di sidang.” Nyaritakeun parasaan Sadérék ka batur téh bisa jadi hésé, tapi éta penting lamun Sadérék hayang nyobat jeung batur. Dulur-dulur saiman téh hayang jadi sobat nu bisa nguatkeun jeung ngadukung Sadérék. Tapi, maranéhna moal bisa mantuan Sadérék mun teu nyaho naon nu kudu dilakukeun.

12. Mun hayang boga sobat, urang kudu kumaha?

12 Salah sahiji cara panghadéna supaya bisa boga sobat téh nyaéta dines bareng jeung dulur saiman. Carol, anu tadi disebutkeun, ngomong, ”Lantaran osok dines jeung ngalakukeun kagiatan séjénna bareng jeung dulur saiman, abdi jadi boga loba sobat. Salila mangtaun-taun, Yéhuwa mantuan abdi liwat maranéhna.” Mun urang nyobat jeung dulur saiman, urang bakal ngarasakeun mangpaatna. Yéhuwa ngagunakeun maranéhna pikeun ngabantu urang waktu keur leutik haté, misalna waktu urang keur ngarasa sorangan.​—Sil. 17:17.

BANTU BATUR NGARASA JADI BAGIAN TINA KULAWARGA URANG

13. Kabéh anggota sidang boga tanggung jawab naon?

13 Kabéh anggota sidang boga tanggung jawab pikeun ngajaga sidang tetep tengtrem jeung nunjukkeun kanyaah ka kabéh dulur saiman. Ku kituna, moal aya nu bakal ngarasa sorangan. (Yoh. 13:35) Kekecapan jeung laku lampah urang téh bisa nguatkeun batur. Perhatikeun naon nu diomongkeun ku saurang sadérék istri, ”Waktu abdi diajar bebeneran, dulur-dulur saiman di sidang téh jadi kulawarga abdi. Abdi moal bisa jadi Saksi Yéhuwa lamun henteu dibantuan ku maranéhna.” Naon nu bisa Sadérék lakukeun supaya jalma nu kulawargana lain Saksi bisa ngarasa dipikanyaah ku dulur-dulur saiman?

14. Urang kudu kumaha supaya bisa nyobat jeung nu kakara ngagabung di sidang?

14 Pék nyobat jeung anu kakara ngagabung di sidang urang. Mun aya jalma nu minat, dulur saiman nu kakara gabung jeung sidang urang, atawa pawarta nu kakara dibaptis, urang bisa soméah nyambut maranéhna. (Rum 15:7) Tapi lamun hayang nyobat jeung maranéhna, éta hungkul teu cukup. Urang kudu bageur jeung nunjukkeun perhatian. Urang hayang ngarti kaayaan maranéhna, tapi urang moal pipilueun kana urusan pribadi maranéhna. Aya anu hésé ngungkabkeun parasaanana, jadi ulah méré pananya anu bisa nyieun maranéhna risi. Urang kudu bijaksana waktu méré pananya. Misalna, urang bisa nanyakeun kumaha manéhna bisa jadi Saksi. Terus mun manéhna keur nyarita, urang kudu sabar ngadéngékeunana.

15. Kumaha Sadérék-sadérék anu karohanianana alus bisa ngabantu Sadérék séjén?

15 Kabéh anggota sidang bisa dikuatkeun lamun urang nunjukkeun perhatian, komo lamun nu perhatianana téh kokolot atawa sadérék-sadérék anu karohanianana alus. Melissa, anu ti leuleutik diajarkeun bebeneran ku indungna, ngomong, ”Abdi teu bisa ngungkabkeun sakumaha bungahna abdi, sabab salila ieu sadérék-sadérék pameget jadi bapa rohani keur abdi. Maranéhna perhatian jeung nyadiakeun waktu keur abdi.” Tapi Mauricio, saurang sadérék anu ngora kénéh, ngarasa diculkeun waktu guru Alkitabna jadi pawarta nu teu aktif. Mauricio ngomong, ”Para kokolot perhatian jeung bener-bener ngabantu abdi. Maranéhna sering ngajak ngobrol abdi. Maranéhna gé osok ngajak abdi dines, ngabagikeun hal-hal anu alus tina Alkitab jeung ngajak abdi olahraga bareng.” Ayeuna, Melissa jeung Mauricio ngalayanan Yéhuwa sapinuh waktu.

Di sidang Sadérék, na aya dulur saiman nu katingalina perlu diperhatikeun jeung diajak gaul? (Tingali paragrap 16-19) *

16-17. Kumaha urang bisa mantuan batur?

16 Béré bantuan. (Gal. 6:10) Léo, saurang utusan injil nu ngalayanan di luar nagri, ngomong, ”Sabenerna, nu urang butuhkeun téh ngan tindakan saderhana dina waktu anu pas. Abdi inget, sakali waktu abdi kacilakaan basa keur nyetir mobil. Waktu nepi di imah, abdi ngarasa strés pisan. Tapi, harita aya salaki pamajikan anu ngondang abdi dahar di imahna. Abdi teu inget naon nu didahar, tapi abdi inget maranéhna téh meni sabar ngadéngékeun abdi. Abdi jadi tenang pisan!”

17 Biasana, urang kabéh resep mun aya kongrés. Di ditu, urang bisa gaul jeung dulur-dulur saiman bari ngabahas hutbah-hutbah. Tapi, Carol anu tadi dicaritakeun ngomong, ”Abdi sok ngarasa euweuh batur lamun datang ka kongrés.” Ku naon manéhna ngarasa kitu? ”Sanajan di sakurilingeun abdi aya ratusan, malah mah rébuan dulur saiman, maranéhna téh sok datang jeung diuk bareng jeung kulawargana. Abdi jadi ngarasa euweuh batur.” Aya ogé nu ngarasa beurat datang ka kongrés lantaran kakara ditinggal maot ku batur hirupna. Na Sadérék kenal jeung dulur saiman nu kaayaanana jiga kitu? Meureun Sadérék bisa ngajak manéhna diuk bareng jeung kulawarga Sadérék.

18. Kumaha urang bisa ngalarapkeun naséhat nu aya dina 2 Korinta 6:11-13?

18 Gaul bareng. Pék gaul jeung dulur saiman nu béda-béda, pangpangna anu katingalina ngarasa euweuh batur. Urang hayang ”bruk-brak”, utamana ka maranéhna. (Baca 2 Korinta 6:11-13.) Melissa, anu tadi dicaritakeun, ngomong, ”Resep pisan lamun dulur-dulur saiman ngajak urang ulin.” Di sidang Sadérék, na aya dulur saiman nu katingalina ngarasa euweuh batur? Pék ajak manéhna gaul bareng.

19. Dina kaayaan naon waé dulur saiman bakal bungah pisan mun dibaturan ku urang?

19 Bisa jadi aya dulur saiman anu bungah pisan mun urang maturan maranéhna dina sababaraha kaayaan. Misalna, waktu kulawargana keur ngarayakeun parayaan-parayaan anu henteu sajalan jeung Alkitab, atawa waktu maranéhna keur sedih pisan dina tanggal-tanggal nu husus, sabab éta téh tanggal maotna kulawarga atawa sobatna. Mun urang maturan manéhna, urang nunjukkeun sipat ”saperasaan”.​—Pil. 2:20.

20. Kumaha kekecapan Yésus dina Mateus 12:48-50 bisa ngabantu urang waktu keur ngarasa sorangan?

20 Kadang umat Allah bisa ngarasa sorangan, alesanana téh rupa-rupa. Tapi sing inget, Yéhuwa paham kumaha parasaan urang. Mantenna bisa ngagunakeun dulur-dulur saiman pikeun mantuan urang. (Baca Mateus 12:48-50.) Urang pasti nganuhunkeun kana bantuan éta. Urang bisa nunjukkeun rasa sukur urang ka Yéhuwa ku cara sabisa-bisa mantuan dulur-dulur saiman urang ogé. Teu sual kumaha parasaan urang, urang moal pernah sorangan, sabab aya Yéhuwa!

KAWIH 46 Hatur Nuhun Yéhuwa

^ par. 5 Na Sadérék kadang ngarasa sorangan? Lamun enya, sing yakin Yéhuwa merhatikeun jeung hayang mantuan Sadérék. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas naon nu bisa urang lakukeun lamun urang ngarasa sorangan. Urang gé bakal diajar kumaha carana mantuan dulur saiman nu ngarasa sorangan.

^ par. 5 Sababaraha ngaran geus diganti.

^ par. 60 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék nu ditinggal maot ku pamajikanana teu ngarasa sorangan lantaran ngadéngékeun rekaman Alkitab jeung warta hadé palajaran.

^ par. 62 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék jeung budakna datang jeung nunjukkeun perhatian ka sadérék nu geus sepuh di sidangna.