Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJRAN 25

Ulah Nganyenyeri Haté ”Barudak Leutik Ieu”

Ulah Nganyenyeri Haté ”Barudak Leutik Ieu”

”Ulah nepi nyapelekeun salah sahiji barudak leutik ieu.”​—MAT. 18:10, Sunda Formal.

KAWIH 113 Katengtreman Umat Allah

NU DIBAHAS *

1. Yéhuwa geus ngalakukeun naon keur urang?

YÉHUWA geus narik urang kabéh ka Mantenna. (Yoh. 6:44) Naon maksudna? Yéhuwa merhatikeun miliaran jalma di sakuliah dunya. Tapi, Yéhuwa ningali Sadérék téh istimewa. Sadérék téh hadé haté sarta bakal nyaah ka Mantenna. (1 Bab. 28:9) Yéhuwa bener-bener paham jeung nyaah ka Sadérék. Mun mikirkeun éta hal, urang pasti jadi gedé haté!

2. Kumaha Yésus ngagambarkeun kanyaah Yéhuwa ka ungga domba-Na?

2 Yéhuwa nyaah pisan ka Sadérék. Yéhuwa gé nyaah pisan ka dulur-dulur saiman nu séjén. Pikeun ngagambarkeun hal ieu, Yésus nyaruakeun Yéhuwa jiga saurang pangangon. Lamun saurang pangangon boga domba 100, terus leungit 1, naon anu bakal dilakukeunana? Manéhna ”tangtu indit neangan nu hiji, nu salapan puluh salapan diantep heula nyaratuan di lamping pasir”. Terus, mun domba nu hiji éta geus kapanggih, manéhna moal nyarékan éta domba, justru bakal bungah. Naon palajaranana? Unggal domba téh penting keur Yéhuwa. Ceuk Yésus, ”Rama maraneh di sawarga oge kitu. Kahoyong-Na ulah aya saurang-urang acan umat-Na anu laleutik keneh anu leungit ti Mantenna.”​—Mat. 18:12-14.

3. Urang bakal ngabahas naon dina ieu artikel?

3 Urang kabéh pasti embung nganyenyeri haté dulur-dulur saiman. Jadi, kumaha carana supaya urang ulah nepi ka kitu? Sarta, urang kudu kumaha lamun urang dinyenyeri ku batur? Pananya-pananya éta bakal dijawab dina artikel ieu. Tapi, mimitina hayu urang bahas heula, ”barudak leutik” nu aya dina Mateus pasal 18 téh saha?

SAHA ”BARUDAK LEUTIK IEU” TÉH?

4. Saha ”barudak leutik ieu” téh?

4 ”Barudak leutik ieu” téh nyaéta kabéh murid Yésus, teu sual sabaraha umur maranéhna. Maranéhna téh disaruakeun jiga ”budak leutik”, sabab daék diajar ku Yésus. (Mat. 18:3) Maranéhna boga kasang tukang jeung kabudayaan nu béda-béda. Maranéhna ogé boga cara pikir jeung sipat nu béda. Tapi, kabéhanana boga iman ka Kristus. Kristus gé nyaah pisan ka maranéhna.​—Mat. 18:6; Yoh. 1:12.

5. Kumaha parasaan Yéhuwa lamun aya jelema anu nganyenyeri umat-Na?

5 Yéhuwa nyaah ka kabéh ”barudak leutik ieu”. Supaya paham kumaha parasaan Yéhuwa, pék pikirkeun kumaha parasaan Sadérék ka budak leutik. Biasana, urang nyaah ka budak leutik. Urang hayang ngalindungan maranéhna lantaran apal yén maranéhna téh teu sakuat urang, teu sapinter urang, sarta can boga loba pangalaman. Urang teu resep mun ningali aya jelema nu dinyenyeri ku batur, komo deui mun anu dinyenyerina téh budak leutik. Urang bakal keuheul, malah mah bisa jadi ambek. Sarua jiga kitu, Yéhuwa gé hayang ngalindungan urang. Mantenna bakal keuheul, malah mah jadi ambek, lamun aya jelema anu nganyenyeri umat-Na!​—Yes. 63:9; Mar. 9:42.

6. Sajalan jeung 1 Korinta 1:26-29, murid-murid Yésus dianggap kumaha ku dunya?

6 Naon deui alesan séjénna murid-murid Yésus disaruakeun jiga ”barudak leutik”? Pikirkeun hal ieu. Saha anu ku dunya dianggap penting? Biasana mah jelema nu beunghar, anu kasohor, jeung nu boga kawasa. Tapi, ari murid-murid Yésus mah dianggap teu penting jeung disapirakeun, jiga ”barudak leutik”. (Baca 1 Korinta 1:26-29) Najan kitu, keur Yéhuwa mah maranéhna téh penting.

7. Yéhuwa hayang urang kumaha ka dulur-dulur saiman?

7 Yéhuwa nyaah ka kabéh umat-Na, teu sual maranéhna geus mangtaun-taun ngawula Mantenna atawa kakara jadi Saksi. Keur Yéhuwa mah, kabéh dulur saiman urang téh penting. Jadi, urang gé kudu nganggap maranéhna penting. Urang hayang ”nyaah ka papada batur sakapercayaan”, teu ngan ka sababaraha dulur saiman hungkul. (1 Pet. 2:17) Urang kudu upaya ngarah maranéhna ngarasa dipikanyaah. Urang gé kudu ati-ati ulah nepi ka nganyenyeri haté manéhna. Lamun urang apal urang geus nganyenyeri haté batur, ulah nganggap énténg hal éta. Ulah mikir, ’Ah, manéhna wéh nu babari kasinggung, da sakuduna mah manéhna téh daék ngahampura jeung mopohokeun hal éta.’ Urang kudu mikirkeun ku naon maranéhna nepi ka nyeri haté. Meureun aya dulur-dulur saiman urang nu osok minder, lantaran kapangaruhan ku cara maranéhna digedékeun. Aya ogé anu kakara jadi Saksi. Meureun maranéhna can biasa ngamaklum kakurangan batur. Tapi teu sual naon alesanana, urang kabéh kudu upaya pikeun ngajaga karukunan. Ayeuna, kumaha mun urang nu babari kasinggung? Urang kudu sadar yén sipat ieu téh goréng sarta kudu dirobah. Urang kudu ngarobah sipat ieu supaya urang bisa suka bungah sarta rukun jeung dulur-dulur saiman.

BATUR KUDU DIANGGAP LEUWIH HADÉ

8. Sikep jalma-jalma nu kumaha anu mangaruhan murid-murid Yésus?

8 Ku naon Yésus ngabahas ngeunaan ”barudak leutik ieu”? Sabab murid-muridna nanya kieu ka anjeunna, ”Dupi anu bakal pangpunjulna di Karajaan Sawarga, saha?” (Mat. 18:1) Harita, loba urang Yahudi hayang dihormat ku batur. Malah ceuk saurang ahli, ”Keur jalma-jalma harita, nu pangpentingna téh nyaéta dihormat ku batur sarta jadi jalma nu kasohor.”

9. Naon nu kudu dilakukeun ku murid-murid Yésus?

9 Yesus apal, murid-muridna bisa kabawakeun ku cara pikir urang Yahudi nu hayang dianggap leuwih punjul ti batur. Jadi, maranehna kudu upaya pikeun ngarobah cara pikirna. Yesus ngajar maranehna, ”Anu pangpunjulna di maraneh kudu saperti anu panghandapna, nu jadi pamingpin kudu saperti anu ngawula.” (Luk. 22:26) Urang bisa jadi saperti ”anu panghandapna” lamun urang nganggap batur ”leuwih hade ti batan diri sorangan”. (Pil. 2:3) Lamun urang jiga kitu, urang bakal leuwih jarang nganyenyeri haté batur.

10. Naon naséhat Paulus nu kudu dijalankeun ku urang?

10 Kabéh dulur saiman téh sahenteuna pasti boga hiji hal nu leuwih hadé tibatan urang. Urang bisa nganggap maranéhna leuwih hadé mun urang mikirkeun sipat-sipat alus maranéhna. Urang kudu inget kana naséhat Paulus ka urang Korinta, ”Saha anu ngaleuwihkeun aranjeun ti anu sejen? Ti saha pangaboga aranjeun ayeuna lamun lain ti Allah? Anu matak ku naon rek dipake dir, kawas ka nu lain kurnia Allah?” (1 Kor. 4:7) Jadi, urang kudu ati-ati. Ulah hayang kapuji ku batur atawa dianggap leuwih hadé tibatan batur. Lamun saurang sadérék pameget pinter nepikeun hutbah, atawa saurang sadérék istri boga loba palajar Alkitab, maranéhna kudu sadar yén éta téh ku lantaran bantuan ti Yéhuwa. Jadi, nu sakuduna dipuji téh Yéhuwa.

”IKLAS NGAHAMPURA”

11. Naon palajaran tina ibarat raja jeung badégana?

11 Sanggeus Yésus ngingetan murid-muridna supaya ulah nepi ka nganyenyeri haté batur, anjeunna nyaritakeun hiji ibarat ngeunaan raja jeung badégana. Raja éta ngabébaskeun hutang saurang badégana nu jumlahna gedé pisan. Tapi kadieunakeun, badéga éta embung ngabébaskeun hutang babaturanana. Padahal, hutangna téh euweuh nanaonna mun dibandingkeun jeung hutang manéhna. Ahirna, raja dina ibarat éta ngajebloskeun badéga nu jahat ka panjara. Naon palajaranana? Ceuk Yésus, ”Rama Kami nu di sawarga ge bakal kitu ka maraneh, kajaba lamun maraneh iklas ngahampura kasalahan dulur.”​—Mat. 18:21-35.

12. Mun urang embung ngahampura batur, engké bakal kumaha?

12 Tindakan badéga tadi téh ngarugikeun manéhna sorangan jeung batur. Kahiji, manéhna teu karunya ka sasama badéga. Babaturanana kalah ka ”dijebloskeun ka panjara nepi ka hutangna lunas”. Kadua, manéhna ngarugikeun badéga-badéga séjén nu ningali kalakuanana. ”Badega-badega sejen barang nyarahoeun eta kajadian kacida ngareneseunana.” Sarupa kitu, tindakan urang gé bisa mangaruhan dulur-dulur saiman. Lamun aya nu nyieun salah ka urang, terus urangna embung ngahampura, engké bakal kumaha? Kahiji, urang bisa nganyenyeri haté manéhna. Malah, bisa jadi urang ngabaékeun atawa teu nyaah deui ka manéhna. Kadua, dulur-dulur saiman séjén di sidang bisa jadi teu ngeunah haté mun ningali urang teu akur jeung batur.

Na Sadérék bakal nyimpen kakeuheul atawa iklas ngahampura? (Tingali paragrap 13-14) *

13. Sadérék meunang palajaran naon tina pangalaman saurang panaratas?

13 Sabalikna, mun urang daék ngahampura dulur-dulur saiman, mangpaatna téh bakal karasa ku urang sorangan jeung ku batur. Hayu perhatikeun pangalaman ti saurang panaratas nu ngaranna Crystal. * Manéhna téh geus dinyenyeri ku sadérék istri di sidangna. Ceuk Crystal, ”Kekecapan manéhna téh siga péso nu ngaraheutan haté. Waktu dines, abdi embung samobil jeung manéhna. Tapi lila-lila, abdi jadi teu sumanget jeung teu suka bungah deui.” Harita, Crystal ngarasa wajar mun manéhna nyeri haté. Tapi, manéhna embung teterusan nyimpen kakeuheul atawa mikarunya diri sorangan. Jadi, Crystal néangan naséhat Alkitab tina artikel ”Ampunilah dengan Segenap Hati Saudara” nu aya dina Menara Pengawal 15 Oktober 1999. Crystal ngalarapkeun naséhatna. Ahirna, manéhna ngahampura dulur saiman nu geus nganyenyeri haté manéhna. Ceuk Crystal, ”Abdi sadar, urang kabéh téh keur bajuang pikeun ngarobah sipat-sipat urang. Abdi gé sadar, unggal poé Yéhuwa geus réla ngahampura urang. Ayeuna, abdi ngarasa plong. Abdi gé jadi bungah deui.”

14. (a) Dumasar Mateus 18:21, 22, naon nu jadi masalah keur Pétrus? (b) Mun urang gé jiga kitu, urang kudu kumaha?

14 Urang apal, urang kabéh kudu silih hampura. Tapi, éta téh teu gampang. Kadang, Rasul Pétrus gé ngarasa kitu. (Baca Mateus 18:21, 22.) Jadi, naon nu kudu dilakukeun? Kahiji, pikirkeun sakumaha sering Yéhuwa ngahampura urang. (Mat. 18:32, 33) Sabenerna, urang téh teu layak dihampura. Tapi, Mantenna réla ngahampura urang. (Jab. 103:8-10) Terus, ”urang oge kudu silih pikaasih”. Hartina, urang kudu silih hampura jeung dulur saiman. Éta téh kawajiban, lain piliheun. (1 Yoh. 4:11) Kadua, pikirkeun kumaha jadina mun urang ngahampura batur. Mun urang ngahampura dulur saiman nu boga salah ka urang, manéhna moal susah haté. Sidang gé bakal terus ngahiji, sosobatan urang jeung Yéhuwa bakal tetep kuat, sarta haté urang bakal jadi plong. (2 Kor. 2:7; Kol. 3:14) Jeung katilu, pék ngadoa ménta bantuan Yéhuwa. Yéhuwa hayang urang ngahampura batur, jadi Mantenna pasti mantuan urang. Ulah méré kasempetan ka Sétan pikeun ngaruksak sosobatan urang jeung dulur-dulur saiman (Epe. 4:26, 27) Urang butuh bantuan Yéhuwa pikeun nyingkahan jiret Sétan.

ULAH BABARI KASINGGUNG

15. Sajalan jeung Kolosa 3:13, urang kudu kumaha mun aya tindakan dulur saiman nu nganyenyeri haté urang?

15 Mun aya tindakan dulur saiman nu bener-bener nganyenyeri haté Sadérék, Sadérék bakal kumaha? Pék upaya sabisa-bisana pikeun ngajaga karukunan. Sadérék bisa bener-bener ngadoa ka Yéhuwa. Pénta Mantenna pikeun ngabantu jalma éta. Sarta, pénta Yéhuwa ngabantu Sadérék pikeun ningali sipat-sipat alus ti jalma éta, nyaéta sipat-sipat nu ngalantarankeun Yéhuwa nyaah ka manéhna. (Luk. 6:28) Lamun Sadérék teu bisa ngabaékeun tindakanana, Sadérék bisa ngomong langsung ka manéhna. Tapi saacanna, pikirkeun cara nu pangalusna pikeun ngomong ka manéhna. Ulah mikir manéhna ngahaja nganyenyeri haté Sadérék. (Mat. 5:23, 24; 1 Kor. 13:7) Waktu ngomong jeung manéhna, ulah boga prasangka goréng. Tapi, kumaha mun manéhna tetep embung rukun jeung Sadérék? Sadérék ”kudu daek silih eledan”. Sadérék kudu tetep sabar ka dulur-dulur saiman. (Baca Kolosa 3:13.) Nu pangpentingna, ulah nyimpen kakeuheul sabab éta bisa ngaruksak sosobatan Sadérék jeung Yéhuwa. Ulah nepi ka aya hal nu ngahalangan Sadérék ibadah ka Mantenna. Mun Sadérék ngalakukeun éta kabéh, hartina Sadérék téh leuwih nyaah ka Yéhuwa tibatan hal naon waé.​—Jab. 119:165.

16. Urang kabéh boga tanggung jawab naon?

16 Urang boga kahormatan pikeun ibadah ka Yéhuwa sabagé ’domba-domba nu sakandang’ nu diurus ku ”hiji pangangon”! (Yoh. 10:16) Buku Diorganisasi untuk Melakukan Kehendak Yéhuwa kaca 165 nyebutkeun kieu, ”Lantaran Sadérék geus ngarasakeun mangpaatna kasatunggalan, Sadérék ogé boga tanggung jawab pikeun ngajaga hal éta.” Jadi, urang kudu ”ngalatih diri pikeun ningali dulur-dulur saiman, sakumaha Yéhuwa ningali maranéhna”. Keur Yéhuwa, urang kabéh téh ”barudak leutik” nu dipikanyaah. Na Sadérék gé nyaah ka dulur-dulur saiman jiga kitu? Yéhuwa merhatikeun jeung ngahargaan sagala hal nu dilakukeun ku Sadérék pikeun nulungan jeung nunjukkeun kanyaah ka maranéhna.​—Mat. 10:42.

17. Sabisa-bisa, urang kudu ngalakukeun naon?

17 Urang nyaah ka dulur-dulur saiman. Jadi, sing sabisa-bisa ulah nganyenyeri haté maranéhna. Urang kudu nganggap dulur-dulur saiman leuwih hadé tibatan urang sarta iklas ngahampura maranéhna. Urang gé ulah jadi jalma nu babari kasinggung. Sabalikna, ”anu kudu dijieun tujuan teh salilana kudu hal-hal anu pirukuneun jeung anu baris bisa dipake silih tunjang pada batur”.​—Rum 14:19.

KAWIH 130 Sing Réla Ngahampura

^ par. 5 Ku lantaran urang teu sampurna, bisa waé aya omongan atawa tindakan urang anu nganyenyeri haté dulur saiman. Mun geus kitu, urang kudu kumaha? Na urang hayang ngupayakeun karukunan? Na urang buru-buru ménta maap? Atawa urang mikir, ’Ah, salah sorangan manéhna kitu. Éta mah masalahna, lain masalah urang.’ Terus, kumaha lamun urang babari kasinggung ku omongan atawa tindakan batur? Na urang nganggap sikep urang téh wajar, da urang mah jelemana mémang jiga kieu? Atawa, na urang sadar éta téh kalemahan jeung kudu dirobah?

^ par. 13 Ngaran geus diganti.

^ par. 54 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék istri keuheul ka sadérék séjén di sidang. Sanggeus masalahna diobrolkeun, maranéhna silih hampura jeung dines bareng bari suka bungah.