Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 12

Pikirkeun Parasaan Batur

Pikirkeun Parasaan Batur

”Aranjeun kabeh sing sapaham saperasaan.”​—1 PET. 3:8.

KAWIH 90 Sing Silih Hatéan

NU DIBAHAS *

1. Numutkeun 1 Petrus 3:8, ku naon urang resep aya di antara jalma-jalma nu merhatikeun parasaan jeung kabagjaan urang?

URANG resep aya di antara jalma-jalma nu merhatikeun parasaan jeung kabagjaan urang. Maranéhna ngabayangkeun dirina aya di posisi urang sangkan paham pikiran jeung parasaan urang. Maranéhna ogé mikirkeun kabutuhan urang jeung nawarkeun bantuan, malah saacan dipénta. Urang ngahargaan jalma-jalma nu ”saperasaan” * siga kitu.​—Baca 1 Petrus 3:8.

2. Naon nu nyababkeun urang hésé rasrasan?

2 Salaku urang Kristen, urang kabéh hayang rasrasan, atawa saperasaan. Tapi, éta kudu diupayakeun. Ku naon? Hiji alesanana téh urang teu sampurna. (Rum 3:23) Jadi, urang kudu bajoang ngalawan watek lahir urang nu mentingkeun diri. Aya ogé nu kudu satékah polah rasrasan lantaran digedékeun di kulawarga nu teu rasrasan atawa baheulana pernah boga pangalaman goréng. Geus kitu, urang dipangaruhan ku jalma-jalma di sakurilingeun urang. Dina ahir jaman ieu, jarang aya nu mikirkeun parasaan batur. Maranéhna ”ngan inget ka diri sorangan bae”. (2 Tim. 3:1, 2) Kumaha urang bisa mikirkeun parasaan batur sanajan aya tangtangan-tangtangan siga kitu?

3. (a) Kumaha urang bisa ngamekarkeun sipat saperasaan? (b) Naon nu bakal dibahas dina ieu artikel?

3 Urang bisa ngamekarkeun sipat saperasaan ku cara nyonto Allah Yéhuwa jeung Putra-Na, Yésus Kristus. Yéhuwa téh Allah nu nyaahan, jadi Mantenna tuladan nu panghadéna dina mikirkeun batur. (1 Yoh. 4:8) Yésus kalawan sampurna nyonto sipat-sipat Bapana. (Yoh. 14:9) Basa di bumi, anjeunna némbongkeun kumaha carana manusa bisa welas asih. Dina ieu artikel, urang bakal ngabahas kumaha Yéhuwa jeung Yésus mikirkeun parasaan batur. Tuluy, urang bakal ngabahas carana nyonto tuladan Aranjeunna.

TULADAN YÉHUWA DINA MIKIRKEUN BATUR

4. Kumaha Yesaya 63:7-9 nunjukkeun yén Yéhuwa mikirkeun parasaan umat-Na?

4 Alkitab ngajarkeun yén Yéhuwa mikirkeun parasaan umat-Na. Misalna, bayangkeun parasaan Yéhuwa ka bangsa Israil kuno nu ngalaman rupa-rupa kasangsaraan. Ningali kasusahan maranéhna, Yéhuwa ogé ngarasa susah. (Baca Yesaya 63:7-9.) Tuluy, liwat Nabi Jakaria, Yéhuwa nyebutkeun lamun aya nu jahat ka umat-na, éta sarua jeung jahat ka Mantenna. Yéhuwa nyarios ka umat-Na, ”Sing saha anu narajang ka maraneh, narajang buah hate Kami.” (Jak. 2:8) Ieu téh ungkapan nu luar biasa nu ngabuktikeun Yéhuwa merhatikeun umat-Na!

Lantaran karunya, Yéhuwa ngabébaskeun bangsa Israil ti pangbudakan di Mesir (Tingali paragrap 5)

5. Béré conto kumaha Yéhuwa nyieun tindakan pikeun nulungan umat-Na nu sangsara.

5 Yéhuwa teu ngan saukur karunya ka umat-Na nu keur sangsara. Mantenna ogé nyieun tindakan pikeun nulungan. Misalna, waktu urang Israil sangsara di Mesir, Yéhuwa paham parasaan maranéhna jeung kageuing pikeun ngaleungitkeun kanyeri maranéhna. Yéhuwa nyarios ka Musa, ”Kami geus waspaos yen umat Kami di Mesir kacida dikakayana. Sasambatna . . . ku Kami geus kadangu. Kami uninga kasangsaraan maranehanana. Nu matak Kami teh lungsur rek ngajait maranehna ti urang Mesir.” (Bud. 3:7, 8) Lantaran karunya, Yéhuwa ngabébaskeun umat-Na ti pangbudakan. Mangabad-abad sanggeusna, di Tanah Perjangjian, urang Israil diserang ku musuh. Naon nu dilakukeun ku Yéhuwa? Mantenna ”welaseun ngadangu maranehna sasambat teu kuat nandangan sangsara”. Sakali deui, lantaran rasrasan, Yéhuwa kageuing pikeun nulungan umat-Na. Mantenna ngirim para hakim keur mingpin jeung nyalametkeun urang Israil ti musuh.​—Hak. 2:16, 18.

6. Béré conto yén Yéhuwa mikirkeun parasaan jalma nu cara pikirna osok salah.

6 Yéhuwa mikirkeun parasaan umat-Na sanajan cara pikir maranéhna osok salah. Perhatikeun conto Yunus. Allah ngutus nabi ieu pikeun nepikeun warta hukuman ka urang Ninéwé. Waktu maranéhna tobat, Allah teu jadi ngabinasakeun maranéhna. Yunus kalah ka teu resepeun kana putusan ieu. Manéhna ”bendu” lantaran nubuatna teu laksana. Tapi, Yéhuwa sabar ka Yunus jeung ngalempengkeun cara pikirna. (Yun. 3:10–4:11) Ahirna, Yunus paham maksud Yéhuwa. Manéhna digunakeun ku Yéhuwa pikeun nyatet kisah ieu keur mangpaat urang.​—Rum 15:4. *

7. Nu dilakukeun Yéhuwa ka umat-Na ngayakinkeun urang kana hal naon?

7 Nu dilakukeun Yéhuwa ka umat-Na ngayakinkeun urang yén Mantenna rasrasan ka urang. Mantenna apal kana kanyeri jeung kasangsaraan urang masing-masing. Yéhuwa ”waspaos kana kereteging hate manusa”. (2 Bab. 6:30) Mantenna paham kana pikiran jeung parasaan urang nu pangjerona sarta kakurangan urang. Mantenna gé ”moal ngantep [urang] meunang cocoba leuwih tina kakuatan”. (1 Kor. 10:13) Ieu kacida ngagedékeun haté urang!

TULADAN YÉSUS DINA MIKIRKEUN BATUR

8-10. Hal naon waé nu nyababkeun Yésus perhatian ka batur?

8 Waktu jadi manusa di bumi, Yésus perhatian pisan ka batur. Sahenteuna aya tilu hal nu nyababkeun anjeunna perhatian. Kahiji, sakumaha nu disebutkeun tadi, Yésus nyonto sipat-sipat Bapana kalawan sampurna. Saperti Bapana, Yésus gé nyaah ka jalma-jalma. Sanajan Yésus bungah ningali sakabéh ciptaan Yéhuwa, anjeunna hususna ”kataji ku umat manusa”. (Sil. 8:31) Kanyaah ngajurung Yésus pikeun mikirkeun parasaan batur.

9 Kadua, Yésus bisa maca haté sakumaha Yéhuwa. Anjeunna nyaho kana maksud haté jeung parasaan jalma-jalma. (Mat. 9:4; Yoh. 13:10, 11) Jadi waktu Yésus ningali aya jalma nu keur sedih pisan, anjeunna mikirkeun tuluy ngalilipur manéhna.​—Yes. 61:1, 2; Luk. 4:17-21.

10 Katilu, Yésus ngalaman sorangan tangtangan nu disanghareupan ku jalma-jalma. Misalna, Yésus digedékeun di kulawarga nu miskin. Lantaran digawé jeung Yusup, bapa angkatna, Yésus diajar gawé beurat. (Mat. 13:55; Mar. 6:3) Sigana mah Yusup maot sababaraha waktu saacan Yésus ngamimitian palayananana. Jadi, Yésus nyaho peurihna ditinggal maot ku nu dipikanyaah. Yésus ogé apal kumaha rasana aya anggota kulawarga nu teu sakapercayaan. (Yoh. 7:5) Lantaran ngalaman kaayaan-kaayaan éta, Yésus jadi paham tangtangan jeung parasaan jalma biasa.

Yésus welas asih ka jalma nu torék ku cara nyageurkeun manéhna di tempat nu sepi (Tingali paragrap 11)

11. Iraha hususna perhatian Yésus katémbong? Jelaskeun. (Tingali gambar dina sampul hareup.)

11 Perhatian Yésus hususna katingali waktu anjeunna nyieun mujijat. Yésus nyieun mujijat lain saukur keur kawajiban. Tapi, anjeunna ”ngahelas manah-Na” waktu ningali nu keur sangsara. (Mat. 20:29-34, Sunda Formal; Mar. 1:40-42) Misalna, bayangkeun parasaan Yésus waktu mawa jalma nu torék misah ti jalma réa pikeun dicageurkeun atawa waktu anjeunna ngahirupkeun deui budak lalaki saurang randa. (Mar. 7:32-35; Luk. 7:12-15) Yésus ngarasakeun kasusah maranéhna jeung hayang nulungan.

12. Kumaha Yohanes 11:32-35 nunjukkeun yén Yésus saperasaan ka Marta jeung Maria?

12 Yésus saperasaan jeung Marta sarta Maria. Waktu anjeunna ningali maranéhna sedih lantaran ditinggal maot ku Lasarus, dulurna, ”Yesus oge datang ka nangis”. (Baca Yohanes 11:32-35.) Anjeunna ceurik téh lain lantaran moal bisa panggih deui jeung sobat deukeutna. Anjeunna apal bakal ngahirupkeun deui Lasarus. Jadi, anjeunna ceurik téh lantaran paham sakumaha nalangsa sobat-sobatna jeung milu ngarasa sedih.

13. Lantaran apal Yésus téh rasrasan, ku naon urang jadi gedé haté?

13 Urang mani gedé haté pisan lantaran nyaho Yésus téh rasrasan ka batur. Urang jadi nyaah ka anjeunna. (1 Pet. 1:8) Urang gé gedé haté lantaran nyaho Yésus ayeuna geus jadi Raja Karajaan Allah. Sakeudeung deui, anjeunna bakal mupus sagala kasangsaraan. Yésus pernah jadi manusa, ku kituna anjeunna téh cocog pisan pikeun mulihkeun kaayaan manusa nu sangsara lantaran Sétan. Urang tangtu bungah pisan boga Pangawasa nu bisa ”ngaraskeun kahengkeran-kahengkeran urang”.​—Ibr. 2:17, 18; 4:15, 16.

PÉK CONTO TULADAN YÉHUWA JEUNG YÉSUS

14. Sanggeus maca Epesus 5:1, 2, urang kajurung pikeun ngalampahkeun naon?

14 Lamun urang mikirkeun tuladan Yéhuwa jeung Yésus, urang jadi kajurung pikeun leuwih rasrasan ka batur. (Baca Epesus 5:1, 2.) Urang mémang teu bisa maca haté kawas Aranjeunna. Tapi, urang bisa ngupayakeun paham kana parasaan jeung kabutuhan batur. (2 Kor. 11:29) Teu siga jalma-jalma nu mentingkeun diri di dunya ieu, urang mah ’ngahargaan kapentingan batur, teu mentingkeun diri sorangan’.​—Pil. 2:4.

(Tingali paragrap 15-19) *

15. Saha nu hususna kudu boga sipat saperasaan?

15 Nu hususna kudu boga sipat saperasaan téh kokolot sidang. Maranéhna boga tanggung jawab pikeun ngajaga domba Yéhuwa. (Ibr. 13:17) Pikeun ngabantu dulur-dulur saimanna, kokolot kudu rasrasan. Kumaha kokolot bisa némbongkeun sipat ieu?

16. Kokolot nu rasrasan daék ngalakukeun naon, jeung ku naon éta téh penting?

16 Kokolot nu rasrasan daék nyadiakeun waktu keur dulur-dulur saimanna. Maranéhna daék nanya jeung ngaregepkeun jawabanana kalawan sabar. Éta téh penting utamana lamun aya sadérék nu rék ngabudalkeun eusi haténa tapi hésé ngomongna. (Sil. 20:5) Lantaran réla nyadiakeun waktu, para kokolot jeung dulur-dulurna bisa silih percaya, nyobat, jeung silih pikanyaah.​—Ras. 20:37.

17. Naon nu dihargaan pisan ku sadérék-sadérék ti para kokolot? Béré contona.

17 Loba sadérék ngomong yén maranéhna téh ngahargaan pisan kokolot nu mikirkeun parasaan batur. Ku naon? Ceuk Adelaide, ”Lantaran apal maranéhna ngarti kana parasaan urang, urang teu asa-asa ngobrol jeung maranéhna.” Manéhna nambahkeun, ”Kokolot nu rasrasan téh kaciri tina cara maranéhna ngobrol jeung urang.” Saurang sadérék nu ngahargaan pisan perhatian ti hiji kokolot ngomong, ”Abdi ningali cimatana ngembeng basa abdi nyaritakeun kaayaan abdi. Abdi moal bisa poho.”​—Rum 12:15.

18. Kumaha cara ngamekarkeun sipat saperasaan?

18 Tangtu, lain kokolot wungkul nu kudu némbongkeun sipat saperasaan. Urang kabéh bisa ngamekarkeun sipat ieu. Kumaha carana? Pék bayangkeun kasusahan nu keur disanghareupan ku anggota kulawarga atawa ku dulur saiman. Perhatikeun rumaja di sidang kitu ogé jeung nu gering, nu geus kolot, jeung nu ditinggal maot. Tanyakeun kumaha kabarna. Déngékeun bener-bener waktu manéhna ngungkabkeun parasaanana. Témbongkeun yén Sadérék paham kana kaayaan manéhna. Tuluy tawarkeun bantuan. Ku kituna, urang némbongkeun kanyaah nu sajati.​—1 Yoh. 3:18.

19. Naon sababna urang kudu bisa nyaluyukeun diri waktu rék nulungan batur?

19 Urang kudu bisa nyaluyukeun diri waktu rék nulungan batur. Naon sababna? Lantaran réaksi jalma kana kasusahan téh béda-béda. Aya nu resep nyarita, aya nu cicingeun. Waktu rék nulungan batur, ulah nanyakeun hal-hal nu matak manéhna éra. (1 Tes. 4:11) Sanajan manéhna nyaritakeun parasaanana, bisa jadi urang teu satuju kana pandangan manéhna. Tapi, urang kudu inget yén éta téh parasaan manéhna. Urang hayang cepet kana ngadéngé, lambat kana nyarita.​—Mat. 7:1; Yak. 1:19.

20. Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

20 Salian ti némbongkeun sipat saperasaan di sidang, urang gé hayang némbongkeun sipat ieu dina dines. Kumaha urang bisa némbongkeun sipat ieu waktu ngajarkeun Alkitab? Ieu bakal dibahas dina artikel saterusna.

KAWIH 130 Sing Réla Ngahampura

^ par. 5 Yéhuwa jeung Yésus resep mikirkeun parasaan batur. Artikel ieu bakal ngabahas kumaha urang bisa diajar ti tuladan Aranjeunna. Urang ogé bakal ngabahas ku naon urang kudu saperasaan jeung kumaha cara ngalampahkeunana.

^ par. 1 KATERANGAN TAMBAHAN: ”Saperasaan” téh paham kana parasaan batur jeung milu ngarasakeun parasaan manéhna. (Rum 12:15) Dina ieu artikel, ”saperasaan” jeung ”rasrasan” téh sarua hartina.

^ par. 6 Yéhuwa ogé ngarasa karunya ka hamba-hamba-Na nu séjén nu keur kasieunan atawa leutik haté. Misalna, Hana (1 Sam. 1:9-20), Élias (1 Rja. 19:1-18), jeung Ébéd Mélék (Yer. 38:7-13; 39:15-18).

^ par. 65 KATERANGAN GAMBAR: Di pasamoan aya loba kasempetan pikeun némbongkeun perhatian ka batur. Aya (1) kokolot sidang nu soméah keur ngobrol jeung saurang pawarta ngora sarta indungna, (2) saurang bapa jeung budakna keur mapagkeun sadérék istri nu geus kolot asup ka mobil, jeung (3) dua kokolot keur ngadéngékeun saurang sadérék istri nu ménta naséhat.