ARTIKEL PALAJARAN 13
Témbongkeun Sipat Saperasaan dina Dines
”Anjeunna kacida hawatoseunana . . . Prak bae ku Anjeunna diwulang rupa-rupa hal.”—MAR. 6:34.
KAWIH 70 Téangan nu Daék Narima
NU DIBAHAS *
1. Naon salah sahiji hal nu matak urang resep kana kapribadian Yésus? Jelaskeun.
SALAH SAHIJI hal nu matak urang resep kana kapribadian Yésus téh lantaran anjeunna paham kana kasusahan manusa nu teu sampurna. Basa di bumi, Yésus ”milu bagja ka nu meunang bagja” jeung ”milu ceurik ka nu ceurik”. (Rum 12:15) Misalna, basa 70 murid balik jeung ngarasa bungah lantaran loba hasil alus waktu ngawawar, Yésus ”ngaraos bingah sakalangkung”. (Luk. 10:17-21, Sunda Formal) Sabalikna, basa ningali jalma-jalma saredih lantaran Lasarus maot, ”manah [Yésus] ngerik liwat saking”.—Yoh. 11:33.
2. Ku naon Yésus bisa némbongkeun sipat saperasaan ka jalma-jalma?
2 Sanajan Yésus sampurna, anjeunna téh welas asih jeung karunyaan ka manusa nu teu sampurna. Ku naon anjeunna bisa kitu? Utamana lantaran Yésus nyaah ka manusa. Sakumaha nu disebutkeun dina artikel saacanna, anjeunna hususna ”kataji ku umat manusa”. (Sil. 8:31) Lantaran nyaah, anjeunna jadi paham kana cara pikir manusa. Rasul Yohanes ngajelaskeun yén anjeunna ”uningaeun kana eusi hatena masing-masing”. (Yoh. 2:25) Yésus welas asih ka jalma-jalma. Maranéhna bisa ngarasakeun yén anjeunna nyaah, ku kituna daék ngadéngékeun warta Karajaan. Lamun urang ogé welas asih ka jalma-jalma, urang bakal suksés dina dines.—2 Tim. 4:5.
3-4. (a) Lamun urang boga sipat saperasaan, kumaha parasaan urang kana dines? (b) Naon nu bakal dibahas dina ieu artikel?
3 Rasul Paulus apal yén manéhna boga tanggung jawab pikeun ngawawar, kitu ogé urang. (1 Kor. 9:16) Tapi, lamun urang boga sipat saperasaan, urang dines téh lain ngan saukur kawajiban, tapi lantaran urang nyaah jeung hayang nulungan jalma-jalma. Urang nyaho ”leuwih bagja mere ti batan nampa”. (Ras. 20:35) Lamun urang boga pandangan siga kitu kana dines, urang bakal leuwih resep ngalakukeunana.
4 Dina ieu artikel, urang bakal ngabahas carana némbongkeun sipat saperasaan dina dines. Mimitina, urang bakal ngabahas kumaha parasaan Yésus ka jalma-jalma. Tuluy, urang bahas opat cara pikeun nyonto anjeunna.—1 Pet. 2:21.
YÉSUS NÉMBONGKEUN SIPAT SAPERASAAN DINA DINES
5-6. (a) Ka saha Yésus némbongkeun sipat saperasaan? (b) Ku naon Yésus karunya ka jalma-jalma nu diwawaran ku anjeunna, sakumaha nu dinubuatkeun dina Yesaya 61:1, 2?
5 Perhatikeun conto Yésus. Sakali waktu, Yésus jeung murid-muridna capé pisan sanggeus ngawawar nepi ka ”teu kaburu tuang-tuang acan”. Jadi, Yésus jeung murid-muridna néangan ”tempat sepi ngarah rineh” jeung ”bisa ngaso heula sakeudeung”. Tapi, loba jalma miheulaan datang ka tempat nu rék dituju ku Yésus jeung murid-muridna. Waktu Yésus nepi ka dinya jeung ningali maranéhna, kumaha réaksina? ”Anjeunna kacida hawatoseunana, * asa ningali domba teu aya anu ngangonna. Prak bae ku Anjeunna diwulang rupa-rupa hal.”—Mar. 6:30-34.
6 Ku naon Yésus ngarasa karunya, atawa saperasaan, ka jalma-jalma ieu? Anjeunna merhatikeun yén maranéhna téh siga ”domba teu aya anu ngangonna”. Meureun Yésus ningali jalma miskin nu digawé sapoé jeput keur nganapkahan kulawargana. Bisa jadi aya nu ngarasa sedih lantaran ditinggal maot ku nu dipikanyaahna. Lamun kitu, Yésus tangtu paham kana kaayaan maranéhna. Sakumaha nu dibahas dina artikel saacanna, Yésus bisa jadi ngalaman sorangan sababaraha masalah ieu. Yésus perhatian ka batur, jeung Yesaya 61:1, 2.
kageuing pikeun ngalilipur maranéhna.—Baca7. Kumaha urang bisa nyonto tuladan Yésus?
7 Urang diajar naon tina tuladan Yésus? Siga Yésus, urang dikurilingan ku jalma-jalma nu saperti ”domba teu aya anu ngangonna”. Maranéhna dibeungbeuratan ku loba masalah. Urang boga nu dibutuhkeun ku maranéhna, nyaéta warta Karajaan. (Wahyu 14:6) Jadi, saperti Dunungan urang, urang ngawawarkeun warta hadé lantaran ”asih ka nu miskin, nyaah ka nu lemah”. (Jab. 72:13) Urang karunya ka jalma-jalma jeung hayang nulungan maranéhna.
CARANA NÉMBONGKEUN SIPAT SAPERASAAN
8. Naon cara kahiji pikeun némbongkeun sipat saperasaan dina dines? Ibaratkeun.
8 Kumaha carana némbongkeun sipat saperasaan ka jalma nu diwawaran ku urang? Urang bisa ngabayangkeun diri urang aya di posisi manéhna. Terus mikir, lamun jadi manéhna, urang hayang dikumahakeun. Prak lampahkeun éta ka manéhna. * (Mat. 7:12) Hayu urang bahas opat carana. Kahiji, pikirkeun kabutuhan unggal jalma. Waktu ngawawar, urang téh siga dokter. Dokter nu hadé mikirkeun kabutuhan unggal pasiénna. Manéhna méré pananya jeung ngadéngékeun bener-bener waktu pasién nyaritakeun naon nu dirasakeun. Ti batan langsung méré resép, manéhna bisa jadi mariksa heula itu ieuna kakara ngubaran panyakitna. Kitu ogé, urang ulah maké kecap panganteur nu sarua ka unggal jalma nu diwawaran ku urang. Tapi, urang kudu mikirkeun kaayaan jeung pandangan unggal jalma.
9. Naon nu ulah dipikirkeun ku urang? Tapi, naon nu bisa dilakukeun?
9 Waktu panggih jeung jalma nu diwawaran, ulah mikir yén Sadérék geus apal kaayaan atawa kapercayaan manéhna jeung alesan manéhna percaya hal éta. (Sil. 18:13) Sabalikna, timba eusi haténa ku pananya-pananya nu bijaksana. (Sil. 20:5) Lamun geus biasa di kabudayaan Sadérék, tanyakeun sual pagawéan, kulawarga, kahirupan, jeung pandanganana. Ku cara tatanya, urang jadi nyaho alesan maranéhna butuh warta hadé. Ku kituna, urang jadi apal naon nu dibutuhkeun ku manéhna jeung bisa méré bantuan, sakumaha nu dilakukeun ku Yésus.—Bandingkeun 1 Korinta 9:19-23.
10-11. Luyu jeung 2 Korinta 4: 7, 8, naon cara kadua pikeun némbongkeun sipat saperasaan? Béré contona.
10 Kadua, bayangkeun kumaha kahirupan manéhna. Dina sababaraha hal, urang ngarti kana kaayaan manéhna. Urang gé teu sampurna jeung boga masalah. 1 Kor. 10:13) Urang apal hirup di dunya kiwari téh sakapeung hésé pisan. Urang bisa tabah ngan ku bantuan Yéhuwa. (Baca 2 Korinta 4:7, 8.) Tapi, pikirkeun jalma-jalma nu teu nyobat jeung Yéhuwa. Tangtu beurat pisan keur maranéhna lantaran kudu bajoang sorangan di dunya ieu. Siga Yésus, urang karunya ka maranéhna jeung kageuing pikeun méré ”beja matak suka”.—Yes. 52:7.
(11 Perhatikeun conto ti sadérék nu ngaranna Sergey. Saacan diajar bebeneran, Sergey téh éraan jeung cicingeun. Manéhna hésé pisan ngobrol jeung batur. Sakali waktu, manéhna diajar Alkitab. Ceuk Sergey, ”Waktu diajar Alkitab, abdi nyaho urang Kristen boga kawajiban pikeun nyaritakeun kapercayaanana ka batur. Geus pasti lah abdi mah moal bisa.” Tapi, manéhna mikirkeun jalma-jalma nu can diajar bebeneran jeung ngabayangkeun kumaha kahirupan maranéhna mun teu wanoh ka Yéhuwa. Manéhna ngomong, ”Hal-hal anyar nu diajarkeun ka abdi ngalantarankeun abdi jadi bagja jeung tengtrem. Batur gé perlu diajar bebeneran ieu.” Waktu Sergey ngamekarkeun sipat saperasaan, manéhna jadi beuki wani ngawawar. Ceuk Sergey, ”Abdi teu nyangka, abdi jadi leuwih percaya diri waktu nyaritakeun Alkitab ka batur. Ieu ogé nguatkeun iman abdi.” *
12-13. Ku naon urang kudu sabar ka palajar Alkitab? Kumaha babandinganana?
12 Katilu, sing sabar ka palajar Alkitab. Inget yén manéhna bisa jadi tara mikirkeun bebeneran Alkitab siga urang. Loba ogé nu boga kayakinan nu kuat kana kapercayaanana. Bisa jadi manéhna ngarasa agamana téh nu ngahijikeun manéhna jeung kulawarga, kabudayaan, sarta masarakat. Kumaha urang bisa ngabantu manéhna?
13 Pikirkeun babandingan ieu: Kumaha lamun aya jambatan nu heubeul jeung ruksak rék diganti? Biasana, jambatan nu Rum 12:2.
heubeul masih dipaké bari jambatan nu anyar diwangun. Lamun nu anyar geus siap, kakara jambatan nu heubeul diruntuhkeun. Sarupa kitu, urang teu bisa langsung ngajurung jalma ninggalkeun kapercayaan ”heubeulna” nu penting keur manéhna. Urang kudu ngabantu heula manéhna ngahargaan bebeneran ”anyar”, nyaéta pangajaran Alkitab nu awalna teu dikenal ku manéhna. Ngan ku cara kitu, manéhna bakal siap ninggalkeun kapercayaanana. Butuh waktu pikeun ngabantu jalma nyieun parobahan siga kitu.—14-15. Kumaha urang bisa ngabantu jalma-jalma nu apal saeutik atawa teu apal sama sakali ngeunaan hirup langgeng di bumi pirdaus? Béré contona.
14 Lamun urang sabar ka jalma-jalma nu diwawaran, urang teu ngarepkeun maranéhna langsung ngarti tur narima bebeneran Alkitab. Sipat saperasaan ngajurung urang pikeun méré waktu ka manéhna keur ngalenyepan jeung paham kana pangajaran Alkitab. Misalna, kumaha lamun urang rék ngajelaskeun harepan hirup langgeng di pirdaus di bumi ka saurang jalma? Lolobana mah apal saeutik atawa teu apal sama sakali ngeunaan pangajaran ieu. Maranéhna percaya yén maot téh ahir sagalana atawa kabéh jalma bageur bakal ka sawarga. Kumaha urang bisa ngabantu maranéhna?
15 Saurang sadérék ngajelaskeun hiji cara nu alus. Mimitina, manéhna macakeun Kajadian 1:28, tuluy nanyakeun Allah hoyong manusa hirup di mana jeung dina kaayaan nu kumaha. Loba nu ngajawab, ”Di bumi, dina kaayaan nu éndah.” Terus, manéhna macakeun Yesaya 55:11 jeung nanyakeun naha kahoyong Allah geus barobah. Biasana, jawabanana henteu. Ahirna, manéhna macakeun Jabur 37:10, 11 jeung nanyakeun bakal kumaha mangsa kahareup manusa. Ku cara ngagunakeun ayat-ayat, manéhna geus ngabantu sababaraha jalma paham yén Allah hoyong manusa nu balageur hirup langgeng di Pirdaus di bumi.
16-17. Bari mikirkeun Siloka 3:27, kumaha prak-prakanana némbongkeun sipat saperasaan? Béré contona.
16 Kaopat, pikirkeun cara pikeun némbongkeun kanyaah ka maranéhna. Misalna, naha urang téh datang pas waktuna teu cocog? Urang bisa ménta hampura jeung ngomong rék datang deui dina waktu nu cocog. Kumaha lamun nu boga imah butuh saeutik bantuan? Atawa, kumaha lamun manéhna teu bisa ka mamana jeung butuh bantuan, misalna pikeun balanja atawa ngirim surat? Dina kaayaan kitu, urang bisa nulungan manéhna.—Baca Siloka 3:27.
17 Aya hasil nu alus sanggeus saurang sadérék istri nyieun kahadéan leutik.
Kajurung ku sipat saperasaan, manéhna nulis surat ka kulawarga nu budakna maot. Manéhna nuliskeun sababaraha ayat nu ngalilipur. Naon pangaruhna ka kulawarga éta? Indung nu keur sungkawa éta nulis, ”Kamari téh abdi keur sedih pisan. Anjeun moal bisa ngabayangkeun sakumaha gedé pangaruh surat éta ka abdi sakulawarga. Abdi nganuhunkeun pisan kana surat anjeun nu kacida ngalilipurna ka abdi. Kamari, abdi maca éta surat leuwih ti 20 kali. Surat éta bener-bener ngupahan, ngalilipur, jeung ngagedékeun haté. Hatur nuhun pisan nya.” Tangtu, urang gé bisa narima hasil alus lamun nempatkeun diri urang di posisi batur nu keur susah tuluy prak nulungan maranéhna.BOGA PANDANGAN NU SAIMBANG KANA PALAYANAN URANG
18. Luyu jeung 1 Korinta 3:6, 7, naon nu kudu diinget ngeunaan palayanan urang, jeung naon sababna?
18 Tangtu, urang kudu boga pandangan nu saimbang kana palayanan urang. Mémang urang nu ngajar batur ngeunaan Allah, tapi lain urang nu pangpentingna dina tugas ieu. (Baca 1 Korinta 3:6, 7.) Yéhuwa nu narik jalma-jalma. (Yoh. 6:44) Tungtungna, unggal jalma kudu nyieun putusan gumantung kana kaayaan haténa. (Mat. 13:4-8) Inget, kalolobaan jalma teu narima warta Yésus padahal anjeunna téh Guru nu agung! Jadi, urang teu kudu leutik haté lamun loba jalma teu ngadéngékeun warta urang.
19. Naon hasilna lamun urang némbongkeun sipat saperasaan?
19 Pasti aya hasil nu alus lamun urang némbongkeun sipat saperasaan. Urang bakal leuwih resep ngawawar. Urang bakal leuwih bagja lantaran resep méré. Jalma ”nu boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng” ogé jadi leuwih gampang narima warta hadé. (Ras. 13:48, Terjemahan Dunia Baru) Jadi, ”saban aya kasempetan sing getol migawe kahadean ka sing saha bae”. (Gal. 6:10) Ku kituna, urang bakal bungah bisa ngamulyakeun Bapa urang di sawarga.—Mat. 5:16.
KAWIH 64 Bungah dina Mangsa Panén
^ par. 5 Lamun urang némbongkeun sipat saperasaan, urang bakal leuwih bagja dina dines, batur gé bakal leuwih daék ngadéngékeun. Ku naon bisa kitu? Artikel ieu bakal ngabahas kumaha urang bisa diajar tina tuladan Yésus. Urang gé bakal ngabahas opat cara pikeun némbongkeun sipat saperasaan ka jalma nu diwawaran ku urang.
^ par. 5 KATERANGAN TAMBAHAN: Dina kalimah ieu, hawatoseun téh hartina karunya ka jalma nu sangsara atawa nu dikaniaya. Parasaan ieu bisa ngageuing hiji jalma pikeun sabisa-bisa nulungan manéhna.
^ par. 8 Tingali artikel ”Terapkan Aturan Emas dalam Pelayanan” dina Menara Pengawal 15 Méi 2014.
^ par. 11 Tingali Menara Pengawal 1 Agustus 2011, kaca 21-22.