Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pananya ti Nu Maca

Pananya ti Nu Maca

Ku naon urang Kristen kudu ati-ati waktu ngagunakeun aplikasi pikeun ngirim pesen éléktronik?

Loba Saksi ngagunakeun téknologi canggih pikeun komunikasi jeung kulawarga atawa dulur saiman. Tapi, urang Kristen nu bijaksana mah bakal nuturkeun naséhat ieu, ”Jalma anu surti mah kana pibahlaeun teh awas, seug disingkahan. Ari nu teu boga pikiran mah noyod bae, temahna kaduhung.”​—Sil. 27:12.

Urang nyaho, Yéhuwa téh hayang ngalindungan urang. Ku kituna, urang embung campur gaul jeung jalma-jalma nu sok mecah belah, nu dipecat, atawa nu muter balikkeun pangajaran Alkitab. (Rum 16:17; 1 Kor. 5:11; 2 Yoh. 10, 11) Tapi, di sidang ogé meureun aya dulur saiman atawa jalma anu laku lampahna teu sajalan jeung prinsip-prinsip Alkitab. (2 Tim. 2:20, 21, Terjemahan Dunia Baru) Waktu milih babaturan, urang kudu inget kana hal ieu. Tapi, bisa jadi éta teu gampang lamun gaulna liwat aplikasi.

Dina aplikasi téh sok aya grup-grup pikeun ngobrol. Lamun urang ngagabung ka hiji grup nu anggotana loba, urang kudu leuwih ati-ati deui. Sababaraha urang Kristen nu ngagabung ka grup-grup nu gedé jiga kitu, ngarasakeun pangaruh goréngna. Urang kudu leuwih ati-ati mun anggotana nepi ka ratusan atawa rébuan, sabab mustahil urang bisa kenal ka kabéh jalma di éta grup. Urang gé moal nyaho kumaha karohanian maranéhna. Jabur 26:4 nyebutkeun, ”Abdi tara babaturan sareng tukang tipu, tara campur sareng tukang munapek.” Jadi, alus mun urang ngagunakeun éta aplikasi pikeun ngobrol jeung ngirim pesen ka jalma-jalma nu dikenal wungkul.

Saupama grupna teu pati gedé gé, urang Kristen kudu tetep ati-ati. Urang kudu mikirkeun sabaraha lila urang ngagunakeun aplikasi éta jeung naon nu diobrolkeun dina éta grup. Terus, ulah ngarasa kudu ngabales kabéh pesen anu dikirimkeun ka éta grup. Paulus ngingetan Timoteus ngeunaan jalma-jalma nu sok ”ngupat, campur kana urusan batur”. (1 Tim. 5:13) Ayeuna gé, dina aplikasi bisa waé aya jalma-jalma anu jiga kitu.

Urang Kristen nu bijaksana moal méré jeung ngadéngékeun koméntar nu ngiritik atawa ngabolékérkeun rasiah dulur saiman. (Jab. 15:3; Sil. 20:19) Manéhna ogé embung nyebarkeun atawa ngadéngékeun carita nu héboh atawa nu can pasti faktana. (Epe. 4:25) Urang narima informasi nu dumasar kana Alkitab jeung bisa dipercaya dina situs Internét jw.org jeung acara JW Broadcasting®.

Aya Saksi nu ngagunakeun aplikasi jang jualan, meuli barang, atawa nawarkeun barang jeung pagawéan ka batur. Ieu téh urusan bisnis, jadi alus mun ieu teu dicampurkeun jeung hal-hal rohani. Urang Kristen nu embung ”kaedanan” kana duit mah, moal néangan duit ku cara ngamangpaatkeun dulur-dulur saiman.​—Ibr. 13:5.

Tapi, kumaha mun aplikasina dipaké keur ngumpulkeun sumbangan pikeun dulur saiman anu keur kasusahan atawa nu keuna musibat? Mémang urang nyaah ka dulur saiman, jadi hayang mantuan jeung nguatkeun maranéhna. (Yak. 2:15, 16) Tapi mun urang ngumpulkeun sumbanganana liwat grup, éta bisa pakétrok jeung bantuan anu geus diatur ku kantor cabang jeung ku sidang. (1 Tim. 5:3, 4, 9, 10, 16) Urang gé pasti embung batur nganggap urang boga tugas anu istiméwa di antara domba-domba Allah.

Urang hayang kabéh tindakan urang ngamulyakeun Allah. (1 Kor. 10:31) Jadi, waktu maké aplikasi pikeun ngirim pesen atawa téknologi komunikasi séjénna, urang kudu ati-ati. Pikirkeun heula bahayana.