Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 12

Naha Sadérék Ningali Naon nu Ditingali ku Jakaria?

Naha Sadérék Ningali Naon nu Ditingali ku Jakaria?

”Lain ku karana kakuatan balad lain ku karana tanaga maneh sorangan, tapi ku karana Roh [Yéhuwa].”​—JAK. 4:6.

KAWIH 73 Pasihan Abdi Kawani

NU DIBAHAS *

1. Aya hal pikabungaheun naon keur urang Yahudi nu ditawan?

 URANG Yahudi keur bungah pisan! Allah Yéhuwa ”ngagerakkeun manah Kores”, raja Pérsia, pikeun ngabébaskeun urang Israél nu geus puluhan taun ditawan di Babilon. Raja ngumumkeun yén urang Yahudi bisa balik ka nagrina jeung ”ngadegkeun deui Bait PANGERAN Allahna Israil”. (Esra 1:1, 3) Éta téh paréntah nu pikabungaheun! Ku kituna, urang Yahudi bisa ibadah deui ka Allah nu sajati di nagri nu geus dibéré ku Anjeunna ka maranéhna.

2. Naon nu dilakukeun ku urang Yahudi pas nepi di Yérusalém?

2 Dina taun 537 SM, gorombolan urang Yahudi nu mimiti nepi di Yérusalém, ibu kotana Karajaan Yuda di beulah kidul. Prung maranéhna ngabangun deui bait. Hasilna, dina taun 536 SM pondasina bérés dibangun!

3. Urang Yahudi meunang tangtangan naon?

3 Waktu urang Yahudi kakara ngabangun bait, maranéhna meunang tangtangan nu beurat. Jalma-jalma di dinya ”nyingsieunan ka urang Yahudi, ngarerentag sangkan eta gedong ulah jadi”. (Esra 4:4) Geus kitu, aya nu nyieun kaayaan jadi beuki parah. Dina taun 522 SM, Artahsasta jadi raja Pérsia nu anyar. * Jalma-jalma nu nentang ngagunakeun kasempetan ieu pikeun ngeureunkeun pangwangunan ku cara ”ngesahkeun kateuadilan”, atawa nyieun rencana jahat liwat hukum. (Jab. 94:20) Maranéhna méré nyaho ka Raja Artahsasta yén urang Yahudi téh hayang ngabarontak ka raja. (Esra 4:11-16) Raja percaya kana kabohongan maranéhna. Ahirna, Raja ngalarang urang Yahudi pikeun ngabangun bait. (Esra 4:17-23) Ku kituna, urang Yahudi eureun ngabangun bait.​—Esra 4:24.

4. Naon nu dilakukeun ku Yéhuwa waktu aya nu hayang ngeureunkeun pangwangunan bait? (Yesaya 55:11)

4 Sababaraha pajabat Pérsia jeung jalma-jalma di dinya nu teu nyembah ka Yéhuwa téh hayang ngeureunkeun pangwangunan bait. Tapi, ari Yéhuwa hayang pangwangunan bait terus dijalankeun. Rencana Yéhuwa téh pasti laksana. (Baca Yesaya 55:11.) Anjeunna milih saurang nabi nu gedé kawani nu ngaranna Jakaria. Manéhna dibéré dalapan titingalian nu luar biasa. Geus kitu, Jakaria méré nyaho urang Yahudi ngeunaan titingalian-titingalian éta pikeun nguatkeun maranéhna. Titingalian-titingalian éta ngayakinkeun urang Yahudi yén maranéhna teu kudu sieun ka nu nentang jeung kudu neruskeun pagawéan nu dibéré ku Yéhuwa. Dina titingalian nu kalima, Jakaria ningali hiji tempat lampu jeung dua tangkal jetun.

5. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

5 Sakapeung, urang kabéh gé bisa leutik haté. Tapi, urang bisa dikuatkeun ku artikel ieu. Urang bakal ngabahas titingalian nu kalima nu dibéré ku Yéhuwa pikeun bangsa Israél liwat Jakaria. Titingalian éta bisa ngabantu urang tetep satia ngawula Yéhuwa, misalna waktu aya nu nentang urang, waktu kaayaan urang barobah, jeung waktu narima pituduh nu teu dipikaharti.

WAKTU AYA NU NENTANG URANG

Jakaria dibéré titingalian ngeunaan dua tangkal jetun nu terus nyadiakeun minyak pikeun hiji ajug nu boga tujuh lampu (Tingali paragrap 6)

6. Kumaha titingalian ngeunaan tempat lampu jeung dua tangkal jetun dina Jakaria 4:1-3 nguatkeun urang Yahudi? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

6 Baca Jakaria 4:1-3. Titingalian ngeunaan tempat lampu jeung dua tangkal jetun téh nguatkeun urang Yahudi pikeun terus digawé najan aya nu nentang. Ku naon? Pék perhatikeun, tempat lampu éta téh boga sumber minyak nu teu béak-béak. Minyak ti dua tangkal jetun téh ngalir ka wadah nu jiga mangkok, tuluy ngalir deui ka tujuh lampu éta. Ku kituna, lampuna jadi terus hurung jeung henteu pareum-pareum. Jakaria nanya kieu, ”Kangge naon eta ajug teh, Juragan?” Malaikat éta ngajawab jeung nepikeun pesen ti Yéhuwa, ”Lain ku karana kakuatan balad lain ku lantaran tanaga maneh sorangan, tapi ku karana Roh Kami.” (Jak. 4:4, 6) Minyak ti tangkal éta ngagambarkeun kawasa suci Yéhuwa nu luar biasa jeung teu béak-béak. Jadi, kakuatan militér ti karajaan Pérsia mah euweuh nanaonna lamun dibandingkeun jeung kakuatan ti kawasa suci Yéhuwa. Geus kitu, lantaran Yéhuwa téh aya di pihak urang Yahudi, maranéhna bakal bisa ngaréngsékeun bait sanajan aya tangtangan. Éta téh pesen nu nguatkeun pisan! Ayeuna, nu kudu dilakukeun ku urang Yahudi téh ngan ngandelkeun Yéhuwa jeung terus digawé. Ahirna, maranéhna tetep digawé sanajan pangwangunan bait masih kénéh dilarang.

7. Aya parobahan naon nu nguntungkeun jalma-jalma nu ngabangun bait?

7 Aya parobahan nu nguntungkeun jalma-jalma nu ngabangun bait. Naon éta téh? Dina taun 520 SM, Darius I jadi raja Pérsia nu anyar. Dina taun kadua pamaréntahanana, Raja Darius ningali yén sakuduna pangwangunan bait téh teu meunang dilarang. Ku kituna, Darius méré paréntah pikeun ngaréngsékeun pangwangunan éta. (Esra 6:1-3) Jalma-jalma pasti teu nyangka kana paréntah éta. Tapi, aya deui nu luar biasa! Raja maréntahkeun sangkan jalma-jalma di dinya henteu ngahalang-halang urang Yahudi sarta nyumbangkeun duit jeung bahan-bahan pikeun ngadukung pangwangunan éta. (Esra 6:7-12) Hasilna, sanggeus opat taun leuwih, dina taun 515 SM, urang Yahudi réngsé ngabangun bait.​—Esra 6:15.

Andelkeun kawasa ti Yéhuwa waktu aya nu nentang (Tingali paragrap 8)

8. Ku naon urang kudu tetep wani najan nyanghareupan tangtangan?

8 Dina jaman ayeuna gé, umat Yéhuwa nyanghareupan rupa-rupa tangtangan. Misalna, aya nu cicing di nagri nu ngalarang kagiatan urang. Di ditu, sadérék-sadérék urang ditéwak jeung ”dibawa ka hareupeun gubernur-gubernur jeung raja-raja” pikeun ngajelaskeun kapercayaan maranéhna. (Mat. 10:17, 18) Tapi bisa waé aya parobahan dina pamaréntahan, jadi ibadah ka Yéhuwa bisa leuwih bébas. Atawa, aya hakim nu bageur nu leuwih ngabébaskeun kagiatan urang. Tapi, aya ogé Saksi-Saksi nu meunang tangtangan séjénna. Misalna, maranéhna cicing di nagri nu teu ngalarang kagiatan urang, tapi meunang tangtangan ti kulawargana. Kulawargana hayang manéhna eureun ngawula Yéhuwa. Tapi ahirna maranéhna henteu nentang deui, maranéhna sadar moal bisa ngeureunkeun sadérék urang pikeun ngawula Yéhuwa. (Mat. 10:32, 36) Malah aya jalma-jalma nu baheulana nentang pisan, ahirna jadi Saksi nu sumanget pisan. Jadi lamun urang nyanghareupan tangtangan, ulah nyerah. Sing wani. Di pihak urang téh aya Yéhuwa jeung kawasa suci-Na nu luar biasa, jadi, urang teu kudu sieun ku nanaon!

WAKTU KAAYAAN URANG BAROBAH

9. Ku naon aya sababaraha urang Yahudi nu kuciwa waktu ningali pondasi bait nu anyar?

9 Waktu pondasi bait nu anyar geus jadi, aya sababaraha urang Yahudi nu karolot careurik. (Esra 3:12) Ku naon? Maranéhna pernah ningali sakumaha megahna bait nu dibangun ku Sulaéman, jadi maranéhna ngarasa bait nu anyar téh ”sama sakali teu nyugemakeun”. (Hag. 2:2, 3) Maranéhna kuciwa lantaran bait nu heubeul jeung nu anyar téh meni béda pisan. Tapi, titingalian Jakaria ngabantu maranéhna supaya teu kuciwa deui. Kumaha bisa kitu?

10. Kumaha kekecapan malaikat dina Jakaria 4:8-10 bisa ngabantu urang Yahudi supaya teu kuciwa deui?

10 Baca Jakaria 4:8-10, tina catetan handap. * Naon maksudna waktu malaikat ngomong yén urang Yahudi bakal ”bungah sarta nénjo Zérubabél [gubernur Yahudi] nyekel lot”. Lot téh babandul nu ditalian nu dipaké pikeun mariksa lempeng henteuna hiji bangunan. Jadi, malaikat éta téh ngayakinkeun umat Allah yén sanajan éta bait katingalina teu samegah bait nu saacanna, tapi keur Yéhuwa mah éta téh geus cukup sarta cocog jeung standar-Na. Jadi mun Anjeunna resep kana bait éta, ku naon maranéhna ngarasa teu puas? Nu pangpentingna keur Yéhuwa téh nyaéta maranéhna bisa ibadah di bait nu anyar ku cara nu dipikahayang ku Anjeunna. Jadi lamun urang Yahudi mikirkeun yén ibadah maranéhna bisa ditarima jeung dipikaresep ku Yéhuwa, maranéhna pasti bakal bungah deui.

Tetep positif sanajan kaayaan barobah (Tingali paragrap 11-12) *

11. Bisa jadi, naon nu jadi tangtangan keur umat Allah?

11 Parobahan téh bisa jadi tangtangan keur urang. Aya sababaraha sadérék nu geus lila ngawula sabagé palayan sapinuh waktu husus, ayeuna dibéré tugas nu anyar. Aya ogé nu kudu ngaleupaskeun tugas nu dipikaresepna ku lantaran geus kolot. Wajar lamun urang ngarasa leutik haté. Mimitina, meureun urang teu pati ngarti atawa satuju kana parobahan éta. Bisa jadi, urang sono kana kaayaan baheula. Urang gé bisa leutik haté ku lantaran ayeuna ngarasa geus teu pati kapaké deui ku Yéhuwa. (Sil. 24:10) Kumaha titingalian Jakaria bisa ngabantu urang pikeun tetep ngalakukeun nu panghadéna keur Yéhuwa?

12. Kumaha titingalian Jakaria ieu ngabantu urang pikeun tetep bungah sanajan aya parobahan?

12 Urang bakal leuwih gampang nyanghareupan parobahan lamun mikirkeun pandangan Yéhuwa. Ayeuna téh Yéhuwa keur ngalakukeun loba hal. Urang gé dipercaya pikeun jadi batur gawé-Na. (1 Kor. 3:9) Mémang, tugas urang bisa barobah, tapi kanyaah Yéhuwa ka urang moal barobah. Jadi mun aya parobahan dina organisasi-Na, ulah ngan musingkeun ku naon aya parobahan jiga kitu. Tibatan mikirkeun kaayaan ”baheula”, urang bisa ménta bantuan Yéhuwa pikeun mikirkeun hikmahna. (Pan. 7:10) Urang gé ulah ngan mikirkeun naon nu teu bisa dilakukeun deui, tapi pikirkeun naon nu bisa dilakukeun ku urang. Tina titingalian Jakaria, urang diajar pikeun tetep positif. Ku kituna, urang bisa terus bungah jeung satia sanajan kaayaan urang barobah.

WAKTU URANG HÉSÉ NUTURKEUN PITUDUH

13. Ku naon aya urang Israél nu nganggap putusan pikeun neruskeun pangwangunan bait téh anéh?

13 Pangwangunan bait téh masih dilarang, tapi Imam Agung Yosua jeung Gubernur Zérubabél dipilih pikeun ’ngamimitian deui ngagarap Bait Allah’. (Esra 5:1, 2) Sababaraha urang Yahudi nganggap putusan éta téh anéh. Pan musuh pasti bisa ningali mun bait dibangun deui, jadi pasti maranéhna bakal ngalakukeun sagala cara pikeun ngeureunkeunana. Jadi, dua lalaki nu dibéré tanggung jawab ieu, nyaéta Yosua jeung Zérubabél, kudu diyakinkeun yén Yéhuwa téh ngadukung maranéhna. Ahirna, maranéhna diyakinkeun. Kumaha carana?

14. Nurutkeun Jakaria 4:12, 14, kumaha Imam Agung Yosua jeung Gubernur Zérubabél diyakinkeun?

14 Baca Jakaria 4:12, 14. Dina titingalian Jakaria éta, malaikat méré nyaho nabi Allah nu satia yén dua tangkal jetun téh ngagambarkeun ”dua jalma anu ku Allah dipilih jeung diistrénan”, nyaéta Yosua jeung Zérubabél. Dua lalaki ieu digambarkeun siga aya di gigireun ”Gustina saalam dunya”, nyaéta Yéhuwa. Éta téh kahormatan nu luar biasa! Yéhuwa méré kapercayaan ka maranéhna. Jadi, sakuduna urang Israél gé percaya kana pituduh ti maranéhna lantaran Yéhuwa ngagunakeun dua lalaki ieu pikeun mingpin urang Israél.

15. Kumaha urang bisa némbongkeun yén urang téh ngahargaan pituduh Yéhuwa nu aya dina Firman-Na?

15 Ayeuna, salah sahiji cara nu digunakeun ku Yéhuwa pikeun méré pituduh ka umat-Na téh liwat Firman-Na, Alkitab. Dina buku ieu, Yéhuwa méré nyaho jiga kumaha ibadah nu ditarima ku Anjeunna. Kumaha urang bisa ngahargaan pituduh tina Firman Allah? Ku cara maca lalaunan supaya bisa ngarti. Pék pikirkeun, ’Waktu maca Alkitab atawa publikasi, abdi sok eureun heula jeung ngalenyepanana teu? Waktu manggihan hal ”nu hésé dipikaharti” dina Alkitab, abdi daék teu néangan naon maksudna? Atawa, abdi ngan saukur maca saliwat hungkul?’ (2 Pét. 3:16) Lamun urang bener-bener mikirkeun naon nu diajarkeun ku Yéhuwa, urang pasti bisa nuturkeun pituduh-Na jeung ngajalankeun tugas urang dina pangwawaran.​—1 Tim. 4:15, 16.

Percaya kana pituduh ti ”palayan nu satia jeung bijaksana” (Tingali paragrap 16) *

16. Lamun ”palayan nu satia jeung bijaksana” méré pituduh nu teu dipikaharti ku urang, naon nu bisa ngabantu urang pikeun nuturkeunana?

16 Cara séjén nu digunakeun ku Yéhuwa pikeun méré pituduh téh liwat ”palayan nu satia jeung bijaksana”. (Mat. 24:45) Meureun sakapeung, urang ngarasa maranéhna méré pituduh nu teu dipikaharti. Misalna, urang dibéré pituduh pikeun nyiapkeun diri lamun aya musibat alam, tapi urang ngarasa éta mah moal kajadian di daérah urang. Atawa meureun pas keur pandémi, urang ngarasa palayan nu satia téh meni hariwang teuing. Mun kitu, naon nu kudu dilakukeun? Lamun urang ngarasa pituduh ti maranéhna téh katingalina anéh, urang bisa mikirkeun mangpaat nu dirasakeun ku urang Israél lantaran nuturkeun pituduh ti Yosua jeung Zérubabél. Urang gé bisa mikirkeun pangalaman-pangalaman séjénna dina Alkitab. Sakapeung, umat Allah narima pituduh nu katingalina anéh, tapi sabenerna éta bisa nyalametkeun kahirupan urang.​—Hak. 7:7; 8:10.

PIKIRKEUN TITINGALIAN JAKARIA

17. Naon pangaruh titingalian ngeunaan tempat lampu jeung dua tangkal jetun keur urang Yahudi?

17 Titingalian Jakaria nu kalima téh singget, tapi bisa nyumangetan urang Yahudi pikeun terus ngajalankeun pagawéan jeung ibadah maranéhna. Sanggeus ngadéngé titingalian Jakaria jeung ngalarapkeunana, maranéhna bisa ngarasakeun yén Yéhuwa téh ngadukung jeung ngabingbing maranéhna. Geus kitu, liwat bantuan kawasa suci-Na nu luar biasa, Yéhuwa gé mantuan maranéhna supaya bisa neruskeun pagawéanana jeung bisa ngarasa bungah deui.​—Esra 6:16.

18. Naon mangpaat titingalian Jakaria keur Sadérék?

18 Titingalian Jakaria ngeunaan tempat lampu jeung dua tangkal jetun téh aya mangpaatna keur Sadérék. Titingalian éta bisa nguatkeun waktu aya nu nentang Sadérék, bisa ngabantu Sadérék tetep bungah waktu aya parobahan, jeung bisa ngabantu Sadérék pikeun percaya sarta nuturkeun pituduh nu teu dipikaharti. Naon nu kudu dilakukeun waktu Sadérék meunang tangtangan? Pikirkeun titingalian Jakaria. Titingalian éta ngabuktikeun yén Yéhuwa nyaah ka umat-Na. Geus kitu, andelkeun Yéhuwa jeung terus ibadah ka Anjeunna ku sapinuh haté. (Mat. 22:37) Ku kituna, Yéhuwa bisa ngabantu Sadérék supaya bungah ngawula Anjeunna salilana.​—Kol. 1:10, 11.

KAWIH 7 Yéhuwa Kakuatan Abdi

^ par. 5 Yéhuwa méré sababaraha titingalian nu luar biasa ka Nabi Jakaria. Naon nu ditingali ku Jakaria bisa nguatkeun manéhna jeung umat Yéhuwa nu keur mulihkeun deui ibadah nu murni. Titingalian éta gé bisa nguatkeun urang supaya tetep satia ngawula Yéhuwa najan nyanghareupan tangtangan. Dina artikel ieu, urang bakal diajar tina salah sahiji titingalian Jakaria, nyaéta ngeunaan tempat lampu jeung dua tangkal jetun.

^ par. 3 Mangtaun-taun sanggeusna, dina jaman Gubernur Néhémia, aya raja séjén nu ngaranna Artahsasta ogé. Manéhna mah bageur ka urang Yahudi.

^ par. 10 Jakaria 4:8-10 (NW): ”Yéhuwa ngomong deui ka kuring, ’Zérubabél geus masang pondasi imah ieu sarta bakal ngaréngsékeunana. Aranjeun gé bakal nyaho yén nu ngutus abdi ka aranjeun téh Yéhuwa pangawasa pasukan sorga.’ Tong nyapirakeun pagawéan nu mimiti najan katingalina leutik, sabab engké maranéhna bakal bungah sarta nénjo Zérubabél nyekel lot. Tujuh soca ieu téh nyaéta soca Yéhuwa, nu ngawaskeun sakuliah bumi.”

^ par. 63 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék kudu daék narima yén manéhna geus teu ngora deui jeung boga masalah kaséhatan.

^ par. 66 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék istri keur mikirkeun kumaha Yéhuwa ngadukung ”palayan nu satia jeung bijaksana”, sarua jiga nu dilakukeun ku Anjeunna ka Yosua jeung Zérubabél..