ARTIKEL PALAJARAN 14
Para Kokolot, Pék Terus Tuturkeun Tuladan Rasul Paulus
”Pék conto kuring.”—1 KOR. 11:1.
KAWIH 99 Jutaan Dulur Saiman
NU DIBAHAS *
1-2. Kumaha tuladan Paulus bisa ngabantu para kokolot ayeuna?
RASUL Paulus téh nyaah ka dulur-dulur saimanna, jadi Paulus mantuan maranéhna sakuat tanaga. (Kis. 20:31) Ku kituna, dulur-dulur saimanna gé nyaah pisan ka Paulus. Sakali waktu, pas para kokolot di Éfésus nyaho moal bisa panggih deui jeung Paulus, maranéhna ”ceurik tingsalegruk”. (Kis. 20:37) Para kokolot gé nyaah pisan ka dulur-dulur saimanna jeung bakal sabisa-bisa mantuan maranéhna. (Flp. 2:16, 17) Tapi, sakapeung para kokolot gé nyanghareupan tangtangan. Naon nu bisa ngabantu maranéhna?
2 Para kokolot bisa mikirkeun tuladan ti Paulus. (1 Kor. 11:1) Paulus téh lain manusa super. Manéhna téh teu sampurna jeung sakapeung sok hésé pikeun ngalakukeun nu bener. (Rm. 7:18-20) Paulus gé nyanghareupan sababaraha tangtangan, tapi manéhna teu nyerah jeung bisa tetep suka bungah. Jadi lamun para kokolot nuturkeun tuladan Paulus, maranéhna bisa tetep bungah ngawula Yéhuwa sanajan aya tangtangan. Hayu tingali kumaha carana.
3. Urang bakal ngabahas opat tangtangan naon, jeung naon deui nu bakal dibahas?
3 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas opat tangtangan nu sok disanghareupan ku para kokolot: (1) ngatur waktu pikeun ngawawar jeung ngajalankeun tanggung jawab séjénna, (2) jadi pangangon nu perhatian, (3) nyanghareupan kalemahan sorangan, jeung (4) nyanghareupan kalemahan batur. Urang gé bakal ngabahas kumaha Paulus nyanghareupan unggal tangtangan jeung kumaha para kokolot bisa nyonto manéhna.
NGATUR WAKTU PIKEUN NGAWAWAR JEUNG NGAJALANKEUN TANGGUNG JAWAB SÉJÉNNA
4. Ku naon ngatur waktu pikeun kagiatan pangwawaran téh bisa jadi tangtangan keur para kokolot?
4 Ku naon ieu bisa jadi tangtangan? Sabab salian ti nguarkeun warta hadé, para kokolot téh boga loba tanggung jawab séjénna. Misalna, manéhna sok meunang tugas pikeun jadi pupuhu dina pasamoan tengah minggu, mandu Palajaran Alkitab Sidang, atawa kudu nepikeun hutbah. Geus kitu, manéhna gé kudu ngalatih para palayan sidang jeung nguatkeun dulur-dulur saiman. (1 Pét. 5:2) Aya ogé para kokolot nu milu ngabangun jeung ngarawat Balé Karajaan sarta fasilitas cabang séjénna. Najan kitu, para kokolot téh boga tanggung jawab nu sarua jiga unggal pawarta di sidang, nyaéta nguarkeun warta hadé. Éta téh tanggung jawab nu pangpentingna.—Mat. 28:19, 20.
5. Paulus méré tuladan naon dina ngawawar?
5 Tuladan Paulus. Dina Filipi 1:10, Paulus ngajurung urang pikeun ”mastikeun hal-hal nu leuwih penting”. Paulus teu ngan saukur méré naséhat hungkul, tapi manéhna sorangan gé ngajalankeunana. Ku kituna, Paulus bisa suksés. Misalna waktu ditugaskeun dina palayanan. Salila puluhan taun, manéhna nganggap ieu tugas téh nu pangpentingna. Paulus téh ngawawar ”boh di hareupeun umum boh ti imah ka imah”. (Kis. 20:20) Paulus teu netepkeun kudu jam sabaraha dinesna atawa poé naon hungkul. Manéhna ngagunakeun unggal kasempetan pikeun ngawawar! Misalna, waktu keur ngadagoan babaturanana di Athéna, Paulus ngawawar ka sakumpulan jalma-jalma penting. Hasilna gé alus. (Kis. 17:16, 17, 34) Malah waktu keur dipanjara, Paulus tetep ngawawar ka jalma-jalma di sakurilingeunana.—Flp. 1:13, 14; Kis. 28:16-24.
6. Paulus ngajarkeun naon ka batur?
6 Paulus téh ngamangpaatkeun waktu sahadé-hadéna. Manéhna gé sok ngajak batur pikeun miluan dina palayananana. Misalna dina perjalanan utusan injil nu kahiji, manéhna ngajak Yahya Markus. Tuluy dina perjalanan nu kadua, manéhna ngajak Timotius. (Kis. 12:25; 16:1-4) Pasti Paulus gé ngajarkeun carana ngurus sidang, jadi pangangon nu hadé, jeung jadi guru nu tarampil.—1 Kor. 4:17.
7. Kumaha para kokolot bisa nuturkeun naséhat Paulus dina Éfésus 6:14, 15?
7 Palajaranana. Para kokolot bisa nyonto Paulus ku cara teu ngan saukur ngawawar ti imah ka imah hungkul, tapi ogé siap méré kasaksian unggal aya kasempetan. (Baca Éfésus 6:14, 15.) Misalna, maranéhna bisa méré kasaksian di tempat gawé atawa waktu keur balanja. Waktu manéhna keur ngabantu proyék pangwangunan, manéhna bisa méré kasaksian ka tatangga atawa ka toko-toko nu nyadiakeun bahan keur maranéhna. Terus jiga Paulus, waktu keur dines, para kokolot gé bisa bari ngalatih batur, kaasup palayan sidang.
8. Sakapeung naon nu kudu dilakukeun ku kokolot?
8 Para kokolot sakuduna henteu sibuk teuing ngurus sidang atawa kagiatan wilayah nepi ka teu bisa ngawawar. Jadi supaya saimbang, meureun maranéhna kudu nolak sababaraha tugas nu dibikeun. Sanggeus mikirkeun jeung ngadoakeunana, bisa jadi maranéhna sadar lamun tugasna ditarima, maranéhna téh moal bisa ngalakukeun tugas nu leuwih penting, misalna ngayakeun ibadah kulawarga unggal minggu, ngawawar, atawa ngalatih budak sorangan pikeun ngawawar. Bisa waé aya nu asa-asa pikeun nolak tugas nu dibikeun, tapi maranéhna bisa yakin Yéhuwa téh ngarti yén maranéhna hayang saimbang ngajalankeun tanggung jawab séjénna.
JADI PANGANGON NU PERHATIAN
9. Ku lantaran sibuk, naon nu bisa jadi tangtangan keur para kokolot?
9 Ku naon ieu bisa jadi tangtangan? Umat Yéhuwa téh nyanghareupan rupa-rupa tangtangan. Komo dina ahir jaman ieu, urang kabéh butuh dukungan, dikuatkeun, jeung dililipur. Sakapeung, aya ogé nu perlu dibantu ngarah henteu ngalakukeun hal-hal nu goréng. (1 Tés. 5:14) Tangtu para kokolot teu bisa nyingkirkeun sakabéh masalah umat Yéhuwa. Tapi, Yéhuwa hayang para kokolot sabisa-bisana nguatkeun sarta ngalindungan domba-domba-Na. Najan sibuk, kumaha para kokolot bisa nyadiakeun waktu pikeun nulungan dulur saiman nu butuh bantuan?
10. Jiga nu disebutkeun dina 1 Tésalonika 2:7, kumaha cara Paulus ngurus umat Yéhuwa?
10 Tuladan Paulus. Paulus téh sok muji jeung nguatkeun dulur-dulur saimanna. Jadi, para kokolot gé bisa nyonto Paulus ku cara bageur jeung nyaah ka sadérék-sadérékna. (Baca 1 Tésalonika 2:7.) Geus kitu, Paulus gé ngayakinkeun dulur-dulurna yén Paulus sarta Yéhuwa téh nyaah ka maranéhna. (2 Kor. 2:4; Éf. 2:4, 5) Paulus nganggap dulur-dulur saimanna téh jiga babaturan, jadi Paulus sering campur gaul jeung maranéhna. Paulus gé teu éra méré nyaho naon kasieun jeung kalemahanana. (2 Kor. 7:5; 1 Tim. 1:15) Tapi, Paulus teu ngan mikirkeun masalahna sorangan. Manéhna gé hayang mantuan dulur-dulur saimanna.
11. Naon nu ngajurung Paulus pikeun méré naséhat ka dulur-dulur saimanna?
11 Sakapeung, Paulus gé kudu méré naséhat ka dulur-dulur saimanna. Manéhna méré naséhat téh lain ku lantaran keuheul, tapi ku lantaran nyaah jeung hayang ngalindungan maranéhna ti loba bahaya. Manéhna ngusahakeun supaya naséhatna téh gampang dipikaharti jeung bisa ditarima. Misalna, dina suratna ka urang Korintus, Paulus téh méré naséhat nu tegas. Terus, Titus nu dititah pikeun nganteurkeun suratna. Paulus téh waswas, kumaha engké tanggapan ti maranéhna. Tapi manéhna bungah waktu nyaho dulur-dulur saimanna daék narima naséhatna.—2 Kor. 7:6, 7.
12. Kumaha para kokolot bisa nguatkeun dulur-dulur saimanna?
12 Palajaranana. Para kokolot bisa nyonto tuladan Paulus ku cara sering-sering campur gaul jeung dulur saimanna. Salah sahiji carana téh nyaéta datang leuwih awal ka pasamoan supaya bisa ngobrol jeung nguatkeun sadérék-sadérék. Seringna mah, ngan butuh sababaraha menit pikeun nguatkeun dulur saiman. (Rm. 1:12; Éf. 5:16) Kokolot gé bisa nuturkeun Paulus ku cara ngagunakeun Firman Allah pikeun nguatkeun iman sadérék-sadérékna jeung ngayakinkeun yén Allah téh nyaah ka maranéhna. Salian ti éta, manéhna gé bisa ngungkabkeun kanyaahna ka dulur saimanna. Para kokolot bisa sering-sering ngobrol jeung muji maranéhna. Terus mun dulur saimanna perlu dibéré naséhat, kokolot perlu mastikeun yén naséhatna téh dumasar kana Alkitab. Maranéhna ogé perlu méré naséhat ku cara nu bageur supaya naséhatna bisa ditarima.—Gal. 6:1.
NYANGHAREUPAN KALEMAHAN SORANGAN
13. Bisa jadi, kumaha parasaan kokolot kana kalemahan sorangan?
13 Ku naon ieu bisa jadi tangtangan? Para kokolot téh teu sampurna. Maranéhna gé bisa nyieun kasalahan. (Rm. 3:23) Sakapeung, maranéhna bisa teu saimbang. Misalna, aya nu teterusan mikirkeun kalemahanana sorangan nepi ka jadi leutik haté. Aya ogé nu nyapirakeunana, jadi manéhna ngarasa euweuh nu kudu dirobah.
14. Dumasar Filipi 4:13, kumaha sipat rendah haté ngabantu Paulus nyanghareupan kalemahanana?
14 Tuladan Paulus. Paulus téh rendah haté jeung sadar yén manéhna moal bisa nyanghareupan kalemahanana ku usaha sorangan. Paulus butuh bantuan ti Allah. Baheula, Paulus téh sering pisan nganiaya urang Kristen. Tapi, ahirna manéhna sadar yén manéhna téh salah sarta daék ngarobah sipat jeung kalakuanana. (1 Tim. 1:12-16) Ku bantuan Yéhuwa, Paulus jadi pangangon nu nyaahan, rasrasan, jeung rendah haté. Manéhna téh sadar boga loba kakurangan, tapi manéhna henteu teterusan mikirkeunana. Manéhna percaya yén Yéhuwa bakal ngahampura manéhna. (Rm. 7:21-25) Paulus sadar manéhna moal bisa sampurna, tapi manéhna terus mekarkeun sipat-sipat Kristen jeung daék ngandel ka Yéhuwa dina ngajalankeun tugasna.—1 Kor. 9:27; baca Filipi 4:13.
15. Kumaha carana supaya para kokolot bisa saimbang dina ningali kalemahan sorangan?
15 Palajaranana. Para kokolot téh dilantik lain ku lantaran manéhna sampurna. Tapi Yéhuwa miharep, lamun maranéhna nyieun kasalahan, maranéhna daék ngakukeunana. Yéhuwa gé miharep maranéhna terus mekarkeun sipat-sipat Kristen. (Éf. 4:23, 24) Para kokolot perlu ngagunakeun Firman Allah pikeun mariksa diri sorangan. Mun aya nu perlu dirobah, maranéhna kudu barobah. Ku kituna, Yéhuwa bakal ngabantu maranéhna supaya bisa jadi kokolot nu bagja jeung suksés ngajalankeun tugasna.—Yak. 1:25.
NYANGHAREUPAN KALEMAHAN BATUR
16. Naon akibatna lamun saurang kokolot ngan merhatikeun kalemahan batur?
16 Ku naon ieu bisa jadi tangtangan? Bisa jadi, para kokolot téh sok ningali kalemahan sadérék-sadérék di sidang lantaran sering babarengan jeung maranéhna. Tapi lamun teu ati-ati, para kokolot bisa jadi keuheul, kasar, atawa jadi sok ngahakiman batur. Paulus ngingetan, Sétan téh senang mun maranéhna jiga kitu.—2 Kor. 2:10, 11.
17. Kumaha pandangan Paulus ka dulur-dulur saimanna?
17 Tuladan Paulus. Paulus téh tetep positif ka dulur-dulurna. Paulus nyaho yén maranéhna sok nyieun kasalahan, malah sakapeung kalakuan maranéhna gé nganyenyeri Paulus. Tapi Paulus ngarti lamun saurang jalma nyieun kasalahan, éta lain hartina manéhna jalma nu jahat. Paulus téh nyaah jeung leuwih merhatikeun kahadéan dulur-dulur saimanna. Lamun aya nu hésé pikeun ngalakukeun nu bener, Paulus nganggap yén sabenerna maranéhna téh hayang ngalakukeun nu bener tapi maranéhna perlu dibantu.
18. Sadérék bisa diajar naon tina cara Paulus mantuan Éuodia jeung Sintikhé? (Filipi 4:1-3)
18 Pék pikirkeun kumaha Paulus ngabantu dua sadérék istri di sidang Filipi. (Baca Filipi 4:1-3.) Éuodia jeung Sintikhé téh henteu akur ku lantaran boga pamikiran nu béda. Paulus henteu kasar atawa langsung ngahakiman maranéhna. Tapi, Paulus leuwih merhatikeun sipat-sipat hadé maranéhna. Dua sadérék istri ieu téh satia jeung geus lila ngawula Yéhuwa. Paulus nyaho yén Yéhuwa téh nyaah ka maranéhna. Ku lantaran Paulus tetep positif, manéhna jadi daék ngabantu dua sadérék istri ieu pikeun ngaréngsékeun masalahna. Ku lantaran sipat ieu ogé, Paulus jadi bisa tetep bungah sarta nyobat jeung sadérék-sadérék di sidang éta.
19. (a) Kumaha para kokolot bisa tetep positif ka dulur-dulur saimanna? (b) Sadérék bisa diajar naon tina gambar ngeunaan saurang kokolot nu keur mersihan Balé Karajaan?
19 Palajaranana. Para kokolot, pék téangan sipat-sipat hadé ti dulur-dulur saiman. Maranéhna téh teu sampurna, tapi pasti boga sipat-sipat nu hadé. (Flp. 2:3) Mémang, para kokolot sakapeung kudu méré naséhat ka saurang sadérék. Tapi siga Paulus, para kokolot sakuduna henteu ngan merhatikeun omongan atawa kalakuan goréng manéhna. Para kokolot kudu terus ningali kanyaahna jeung kasatiaanana ka Yéhuwa, sarta kudu yakin yén manéhna pasti bisa ngalakukeun nu hadé. Para kokolot nu boga pandangan positif bisa ngabantu sadérék-sadérék di sidang silih raketan.
TERUS TUTURKEUN TULADAN PAULUS
20. Kumaha para kokolot bisa terus diajar ti tuladan Paulus?
20 Para kokolot bisa terus diajar ti tuladan Paulus. Misalna, Sadérék bisa néangan di Indeks Publikasi Menara Pengawal. Di ditu, téangan judul ”Paulus”, tuluy subjudul ”teladan bagi penatua”. Waktu maca bahan-bahan éta, Sadérék bisa mikirkeun, ’Kumaha abdi bisa diajar ti Paulus supaya abdi tetep bungah waktu ngajalankeun tugas sabagé kokolot?’
21. Para kokolot bisa yakin kana hal naon?
21 Para kokolot, sing inget yén Yéhuwa téh teu miharep Sadérék jadi sampurna, tapi Anjeunna hayang Sadérék téh satia. (1 Kor. 4:2) Yéhuwa ngahargaan palayanan jeung kasatiaan Paulus. Sadérék gé bisa yakin yén Anjeunna ngahargaan palayanan Sadérék. Yéhuwa moal ”mopohokeun pagawéan aranjeun sarta kanyaah nu ditémbongkeun ku aranjeun ka ngaran-Na. Aranjeun némbongkeunana ku cara ngalalayanan jeung terus ngalalayanan jalma-jalma suci”.—Ibr. 6:10.
KAWIH 87 Pasamoan Méré Kakuatan
^ par. 5 Urang pasti nganuhunkeun kana naon nu geus dilakukeun ku para kokolot keur urang. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas opat tangtangan nu sok disanghareupan ku para kokolot. Urang gé bakal ngabahas tuladan Paulus nu bisa ngabantu para kokolot pikeun nyanghareupan tangtangan-tangtangan éta. Artikel ieu gé bakal ngajurung urang pikeun rasrasan, némbongkeun kanyaah, sarta ngadukung para kokolot.
^ par. 61 KATERANGAN GAMBAR: Waktu rék balik gawé, saurang sadérék méré kasaksian ka batur gawéna.
^ par. 63 KATERANGAN GAMBAR: Saurang kokolot nguatkeun sadérék nu sok nyorangan.
^ par. 65 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék méré naséhat ka dulur saimanna nu keur kuciwa.
^ par. 67 KATERANGAN GAMBAR: Saurang kokolot teu langsung ngahakiman sadérék nu kasimpangkeun, padahal sakuduna manéhna bebersih.