ARTIKEL PALAJARAN 10
Sadérék Bisa ’Ngalaanan Kapribadian nu Heubeul’
”Laanan kapribadian nu heubeul jeung sagala kabiasaanana.”—KOL. 3:9.
KAWIH 29 Hirup Ngamulyakeun Nami Ama
NU DIBAHAS *
1. Jiga kumaha kahirupan Sadérék saacan diajar Alkitab?
JIGA kumaha kahirupan urang saacan diajar Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa? Loba nu geus embung deui ngabayangkeunana. Meureun baheula sikep jeung kapribadian urang téh kapangaruhan ku pandangan dunya ieu ngeunaan nu bener jeung nu salah. Jadina, ’di dunya ieu, urang teu boga harepan jeung teu kenal ka Allah’. (Éf. 2:12) Tapi sanggeus diajar Alkitab, kahirupan urang barobah!
2. Sanggeus diajar Alkitab, aya parobahan naon nu karasa ku Sadérék?
2 Sanggeus diajar Alkitab, Sadérék jadi apal yén Sadérék boga Bapa di sorga nu nyaah pisan ka Sadérék. Sadérék gé sadar lamun hayang nyenangkeun Yéhuwa jeung jadi anggota kulawarga-Na, Sadérék téh kudu ngarobah cara hirup, laku lampah, jeung cara pikir. Sadérék gé diajar carana nuturkeun standar Yéhuwa nu luhur.—Éf. 5:3-5.
3. Nurutkeun Kolose 3:9, 10, naon nu dipikahayang ku Yéhuwa, jeung naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?
3 Sabagé Nu Nyipta jeung Bapa urang di sorga, Yéhuwa téh boga hak pikeun nangtukeun naon nu kudu dilakukeun ku anggota kulawarga-Na. Saacan urang dibaptis, Anjeunna ménta supaya urang sabisa-bisa ’ngalaanan kapribadian nu heubeul jeung sagala kabiasaanana’. * (Baca Kolose 3:9, 10.) Artikel ieu bisa ngabantu jalma nu hayang dibaptis pikeun ngajawab tilu hal ieu: (1) Naon ”kapribadian nu heubeul” téh? (2) Ku naon Yéhuwa hayang urang ngalaanan éta? (3) Kumaha carana? Lamun urang geus dibaptis, artikel ieu bisa ngabantu urang supaya kapribadian nu heubeul teu balik deui.
NAON ”KAPRIBADIAN NU HEUBEUL” TÉH?
4. Jiga kumaha kalakuan saurang jalma nu dikadalikeun ku ”kapribadian nu heubeul”?
4 Saurang jalma nu dikawasaan ku ”kapribadian nu heubeul” téh biasana cara pikir jeung laku lampahna ngan nuturkeun kahayangna sorangan. Meureun manéhna téh égois, gancang ambek, tara ngucap sukur, jeung sombong. Meureun manéhna gé resep ningali pornografi jeung nongton film kakerasan. Mémang manéhna boga sipat nu alus. Manéhna gé meureun rumasa salah kana omongan jeung kalakuanana nu goréng. Tapi, manéhna teu pati aya kahayang pikeun ngarobah cara pikir jeung laku lampahna.—Gal. 5:19-21; 2 Tim. 3:2-5.
5. Kumaha sakuduna pandangan urang ngeunaan ngalaanan kapribadian nu heubeul? (Kisah 3:19)
5 Mémang urang teu sampurna, jadi moal aya nu bisa bener-bener miceun pamikiran jeung kahayang nu goréng tina haté jeung pikiran urang. Sakapeung, bisa waé urang ngomong atawa ngalakukeun hiji hal nu tungtungna urang jadi kaduhung. (Yer. 17:9; Yak. 3:2) Tapi lamun urang geus ngalaanan kapribadian nu heubeul, urang moal dikadalikeun deui ku kahayang awak jeung kalakuan nu goréng. Ku kituna, kapribadian urang bakal barobah.—Yes. 55:7; baca Kisah 3:19.
6. Ku naon Yéhuwa ngajurung urang pikeun miceun pamikiran sarta kabiasaan nu goréng?
6 Yéhuwa ngajurung urang pikeun miceun pamikiran sarta kabiasaan nu goréng, sabab Anjeunna téh nyaah pisan ka urang jeung hayang urang hirup bagja. (Yes. 48:17, 18) Yéhuwa apal lamun saurang jalma henteu ngalawan kahayangna nu salah, éta bakal nganyenyeri dirina sorangan jeung jalma-jalma di sakurilingna. Yéhuwa gé sedih pisan ningali hal éta.
7. Nurutkeun Roma 12:1, 2, urang téh boga pilihan naon waé?
7 Lamun urang hayang ngarobah kapribadian supaya jadi leuwih hadé, bisa jadi babaturan jeung kulawarga téh bakal ngaléléwé urang. (1 Pét. 4:3, 4) Maranéhna bisa waé ngomong, ’Nya, éta mah hak manéh atuh rék ngalakukeun naon waé, ulah daék dipapatahan ku batur!’ Tapi, jalma nu nolak standar Yéhuwa mah sabenerna henteu bener-bener bébas. Kanyataanana, maranéhna daék dikadalikeun ku dunya nu dikawasaan ku Sétan. (Baca Roma 12:1, 2.) Urang kabéh téh kudu nyieun pilihan: Naha kapribadian urang téh bakal terus dipangaruhan ku dosa jeung ku dunya Sétan, atawa urang daék barobah jadi jalma nu hadé jeung nuturkeun kahayang Yéhuwa?—Yes. 64:8.
KUMAHA SADÉRÉK BISA ’NGALAANAN’ KAPRIBADIAN NU HEUBEUL?
8. Naon nu bisa ngabantu urang miceun pamikiran jeung kalakuan nu goréng?
8 Yéhuwa nyaho, urang téh butuh waktu jeung upaya pikeun miceun pamikiran jeung kalakuan nu goréng. (Jab. 103:13, 14) Tapi liwat Firman-Na, kawasa suci-Na, jeung organisasi-Na, Yéhuwa méré urang hikmat, kakuatan, jeung dukungan supaya urang bisa barobah. Pasti nepi ka ayeuna Anjeunna geus loba nulungan Sadérék. Ayeuna, hayu urang tingali naon deui nu bisa dilakukeun ku Sadérék supaya bisa ngalaanan kapribadian nu heubeul jeung minuhan sarat pikeun dibaptis.
9. Firman Allah bisa ngabantu Sadérék pikeun ngalakukeun naon?
9 Gunakeun Alkitab pikeun mariksa diri. Firman Allah téh diibaratkeun jiga eunteung, ku lantaran éta bisa ngabantu Sadérék mariksa cara pikir, omongan, jeung kalakuan sorangan. (Yak. 1:22-25) Guru Alkitab Sadérék jeung sadérék-sadérék nu asak rohani bisa mantuan Sadérék. Misalna, maranéhna bisa ngagunakeun Alkitab pikeun ningali kaunggulan jeung kakurangan Sadérék. Maranéhna gé bisa ngajarkeun carana néangan naséhat tina Alkitab nu bisa ngabantu Sadérék miceun kabiasaan nu goréng. Yéhuwa pasti siap nulungan Sadérék. Anjeunna nyaho cara nu panghadéna keur mantuan Sadérék. Anjeunna gé apal eusi haté Sadérék. (Sil. 14:10; 15:11) Jadi, biasakeun pikeun ngadoa jeung diajar Firman-Na unggal poé.
10. Urang bisa diajar naon tina pangalaman Elie?
10 Sing yakin yén standar Yéhuwa téh nu panghadéna. Urang bisa meunang mangpaat lamun ngajalankeun kabéh paréntah Yéhuwa. Jalma nu ngajalankeun standar Yéhuwa bakal leuwih ngahargaan dirina sorangan, boga tujuan hirup, jeung bisa bener-bener bagja. (Jab. 19:8-12) Sabalikna, jalma nu nolak standar Yéhuwa jeung ngalakukeun kahayangna sorangan bakal sangsara. Perhatikeun pangalaman Sadérék Elie nu pernah nolak standar Yéhuwa. Manéhna digedékeun ku kolot nu nyaah ka Yéhuwa. Tapi pas geus rumaja, Elie boga babaturan nu teu bener. Manéhna jadi kababawa pikeun maké narkoba, ngalakukeun nu cabul, jeung sok maling. Manéhna gé jadi gampang ambek jeung kasar. Ceuk Elie, ”Nya, pokona mah abdi ngalakukeun sakabéh nu teu meunang urang Kristen lakukeun.” Tapi, sabenerna Elie teu pernah poho kana naon nu geus diajarkeun waktu manéhna leutik. Ahirna manéhna diajar Alkitab deui. Manéhna ngeureunkeun sakabéh kabiasaan goréngna jeung dibaptis dina taun 2000. Naon mangpaatna ku lantaran manéhna nuturkeun standar ti Yéhuwa? Elie ngomong, ”Ayeuna, hirup téh asa tengtrem. Haté sanubari gé teu kaganggu deui.” * Pangalaman ieu némbongkeun yén jalma-jalma nu nolak standar ti Yéhuwa bakal sangsara. Tapi, Yéhuwa daék ngabantu maranéhna pikeun barobah.
11. Naon waé nu dipikaijid ku Yéhuwa?
11 Urang kudu mikaijid kana naon nu dipikaijid ku Yéhuwa. (Jab. 97:10) Alkitab nyebutkeun yén Yéhuwa téh ijid kana ”sikep nu sombong, sungut nu bohong, leungeun nu maehan jalma teu salah”. (Sil. 6:16-19) Anjeunna gé mikaijid ”tukang maehan sareng tukang tipu”. (Jab. 5:5-7) Matakna dina jaman Nuh, Yéhuwa ngamusnakeun jalma-jalma jiga kitu lantaran dunya téh pinuh ku kalakuan maranéhna nu telenges. (Kaj. 6:13) Salian ti éta, liwat Nabi Malaki, Yéhuwa ngomong yén Anjeunna téh ijid ka jalma-jalma nu ngarancang-rancang ngarah bisa megatkeun batur hirupna. Anjeunna moal bakal narima ibadah maranéhna jeung bakal ngahakiman maranéhna.—Mal. 2:13-16; Ibr. 13:4.
12. Naon maksudna ”ijid kana hal-hal nu jahat”?
12 Yéhuwa hayang urang ”ijid kana hal-hal nu jahat”. (Rm. 12:9) Kecap ”ijid” di dieu ngagambarkeun parasaan nu kuat, nyaéta ngéwa jeung geuleuh pisan kana hiji hal. Bayangkeun lamun Sadérék dititah ngadahar dahareun nu geus bulukan. Meureun mikirkeunana gé Sadérék geus hayang utah! Kitu deui, urang kudu mikaijid hal-hal nu dipikaijid ku Yéhuwa.
13. Ku naon urang kudu ngajaga pikiran urang?
13 Jaga pikiran Sadérék. Pamikiran urang téh mangaruhan tindakan urang. Éta sababna, Isa ngajarkeun supaya urang geura miceun sagala pamikiran nu bisa nyababkeun urang ngalakukeun dosa sérius. (Mat. 5:21, 22, 28, 29) Urang kabéh téh hayang nyenangkeun Bapa urang di sorga, pan? Jadi mun pamikiran goréng ujug-ujug muncul, éta kudu geura dipiceun!
14. Naon nu ditémbongkeun ku omongan urang, jeung pananya naon waé nu kudu dipikirkeun?
14 Jaga omongan Sadérék. Isa ngomong, ”Naon nu kaluar tina baham asalna tina haté.” (Mat. 15:18) Omongan urang téh némbongkeun diri urang nu sabenerna. Jadi pék pikirkeun, ’Abdi sok ngawadul teu, atawa abdi bisa tetep jujur sanajan éta bisa mawa masalah? Lamun geus nikah, abdi masih osok ngagoda lawan jenis teu? Abdi sok nyingkahan omongan nu cabul teu? Waktu aya jalma nu nyieun keuheul, abdi bisa tetep sabar teu?’ Urang kudu bener-bener mikirkeun pananya-pananya ieu. Omongan nu goréng téh ibarat benang jait nu ngahijikeun dua kaén. Lamun urang terus ngabohong sarta ngomong kasar jeung cabul, kapribadian nu heubeul téh moal leupas-leupas ti diri urang. Jadi mun urang hayang ngalaanan kapribadian nu heubeul, urang kudu eureun ngucapkeun omongan nu goréng.
15. Naon maksudna kapribadian urang nu heubeul kudu ”dipakukeun dina tihang”?
15 Kuatkeun tékad pikeun barobah. Kudu sakumaha gedé upaya urang pikeun barobah? Rasul Paulus méré ibarat nu alus. Manéhna ngomong yén kapribadian urang nu heubeul kudu ”dipakukeun dina tihang”. (Rm. 6:6) Jadi, maksudna urang kudu nuturkeun tuladan Al-Masih nu réla dipaéhan demi nyenangkeun Yéhuwa. Kitu ogé, pikeun nyenangkeun Yéhuwa, urang kudu ”maéhan” kalakuan jeung kabiasaan nu dipikaijid ku Yéhuwa. Mun teu kitu, urang moal bisa boga haté sanubari nu bersih jeung meunangkeun hirup langgeng. (Yah. 17:3; 1 Pét. 3:21) Sing inget, standar ti Yéhuwa mah moal barobah. Jadi, urangna nu kudu barobah sarta nuturkeun standar ti Anjeunna.—Yes. 1:16-18; 55:9.
16. Ku naon urang kudu boga tékad pikeun ngalawan kahayang awak nu salah?
16 Terus lawan kahayang awak nu salah. Sanajan geus dibaptis, Sadérék kudu terus ngalawan kahayang awak nu salah. Perhatikeun pangalaman Sadérék Maurício. Basa ngora kénéh, manéhna mulai ngalakukeun hubungan homoséks. Tuluy, manéhna panggih jeung Saksi-Saksi Yéhuwa sarta diajar Alkitab. Manéhna mulai ngarobah kahirupanana, tuluy dibaptis dina taun 2002. Sanajan geus mangtaun-taun ngawula Yéhuwa, Maurício ngomong, ”Nepi ka ayeuna, kadang abdi masih kudu ngalawan kahayang nu salah ieu.” Tapi, manéhna teu leutik haté. Malah manéhna ngomong, ”Abdi nyaho lamun abdi ngalawan kahayang nu salah ieu, abdi bisa nyenangkeun Yéhuwa. Mun mikirkeun ieu, abdi jadi ngarasa dikuatkeun.” *
17. Sadérék bisa diajar naon tina pangalaman Nabiha?
17 Ngadoa ménta bantuan Yéhuwa jeung ngandelkeun kawasa suci-Na, lain kasanggupan sorangan. (Gal. 5:22; Flp. 4:6) Lamun hayang ngalaanan kapribadian nu heubeul jeung ngajaga supaya éta teu balik deui, urang kudu boga tékad. Perhatikeun pangalaman saurang awéwé nu ngaranna Nabiha. Manéhna ditinggalkeun ku bapana ti umur genep taun. Ceuk manéhna, ”Abdi meni nyeri haté pisan.” Sanggeus gedé, Nabiha jadi kasar jeung gancang ambek. Manéhna gé ngajual narkoba, jeung ahirna dipanjara salila sababaraha taun. Di panjara, manéhna diajar Alkitab ku Saksi nu sok datang. Ti dinya, Nabiha mulai nyieun parobahan nu gedé. Ceuk manéhna, ”Sababaraha kabiasaan mah gampang dieureunkeunana, tapi ari ngaroko mah hésé pisan.” Nabiha terus ngupayakeunana salila sataun leuwih, tuluy ahirna manéhna bisa eureun ngaroko. Naon nu ngabantu manéhna? Ceuk Nabiha, ”Pangpangna mah, abdi terus ngadoa ka Yéhuwa.” Ayeuna, manéhna sok ngomong ka batur, ”Baheula abdi téh bisa barobah ku lantaran abdi boga niat pikeun nyenangkeun Yéhuwa. Jadi, abdi mah yakin unggal jalma gé pasti bisa.” *
SADÉRÉK BISA MINUHAN SARAT PIKEUN DIBAPTIS!
18. Jiga nu dicatet dina 1 Korintus 6:9-11, naon nu geus dilakukeun ku hamba-hamba Yéhuwa baheula?
18 Dina abad kahiji, sababaraha jalma nu dipilih ku Yéhuwa pikeun maréntah bareng jeung Al-Masih téh pernah boga kabiasaan nu goréng. Misalna, maranéhna téh baheula osok jinah, ngalakukeun hubungan homoséks, jeung maling. Tapi ku bantuan kawasa suci Yéhuwa, maranéhna bisa ngarobah kapribadianana. (Baca 1 Korintus 6:9-11.) Kitu ogé, ayeuna Alkitab geus mantuan jutaan jalma pikeun ngarobah kahirupanana. * Maranéhna jadi bisa miceun kabiasaan goréng nu geus lila pisan dilakukeun. Pangalaman maranéhna némbongkeun yén Sadérék gé bisa ngarobah kapribadian, miceun kabiasaan nu goréng, jeung minuhan sarat pikeun dibaptis.
19. Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas naon?
19 Salian ti ngalaanan kapribadian nu heubeul, jalma-jalma nu hayang dibaptis kudu ngupayakeun pikeun maké kapribadian nu anyar. Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas kumaha cara maké kapribadian nu anyar jeung kumaha batur bisa ngabantu urang.
KAWIH 41 Mugi Doa Abdi Didangukeun
^ par. 5 Supaya urang bisa dibaptis, urang téh kudu daék ngarobah kapribadian urang. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas naon kapribadian nu heubeul téh, ku naon urang kudu ngalaanan éta, jeung kumaha carana. Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas kumaha urang bisa mertahankeun kapribadian nu anyar sanajan urang geus dibaptis.
^ par. 3 KATERANGAN TAMBAHAN: ’Ngalaanan kapribadian nu heubeul’ téh maksudna miceun kabéh kahayang jeung kalakuan nu teu dipikaresep ku Yéhuwa. Éta sakuduna dilakukeun ti saacan urang dibaptis.—Éf. 4:22.
^ par. 10 Pikeun katerangan leuwih loba, tingali artikel ”Alkitab Mengubah Kehidupan—’Saya Harus Kembali kepada Yehuwa’” dina Menara Pengawal 1 April 2012.
^ par. 16 Pikeun katerangan leuwih loba, tingali artikel ”Alkitab Mengubah Kehidupan—’Mereka Baik Sekali’” dina Menara Pengawal 1 Méi 2012.
^ par. 17 Pikeun katerangan leuwih loba, tingali artikel ”Alkitab Mengubah Kehidupan—’Saya Menjadi Pemarah dan Agresif’” dina Menara Pengawal 1 Oktober 2012.
^ par. 18 Tingali kotak ” Alkitab Ngarobah Kahirupan”.
^ par. 64 KATERANGAN GAMBAR: Miceun kalakuan jeung kabiasaan nu goréng téh sarua jiga ngaleupaskeun baju nu heubeul.