Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 11

Terus Paké ”Kapribadian nu Anyar” Najan Geus Dibaptis

Terus Paké ”Kapribadian nu Anyar” Najan Geus Dibaptis

”Paké kapribadian nu anyar.”​—KOL. 3:10.

KAWIH 49 Nyukakeun Manah Yéhuwa

NU DIBAHAS *

1. Kapribadian urang téh dipangaruhan ku naon?

 TEU SUAL urang kakara pisan dibaptis atawa geus mangpuluh-puluh taun, urang kabéh pasti hayang boga kapribadian nu dipikaresep ku Yéhuwa. Ku kituna, urang kudu ngadalikeun cara pikir urang. Ku naon? Lantaran kapribadian urang dipangaruhan pisan ku cara pikir urang. Lamun urang terus mikirkeun kahayang awak, urang bakal ngucapkeun jeung ngalampahkeun nu goréng. (Ef. 4:17-19) Kitu gé sabalikna, lamun urang mikirkeun nu hadé, omongan jeung kalakuan urang bakal nyenangkeun Bapa urang, Yéhuwa.​—Gal. 5:16.

2. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

2 Jiga nu geus dibahas dina artikel saacanna, urang teu bisa nyegah kabéh pamikiran nu goréng. Tapi, urang bisa mutuskeun pikeun henteu ngalakukeunana. Saacan dibaptis, urang kudu eureun ngucapkeun jeung ngalakukeun sagala hal nu dipikaijid ku Yéhuwa. Éta hal penting nu kudu dilakukeun supaya urang bisa ngalaanan kapribadian nu heubeul. Pikeun bener-bener nyenangkeun Yéhuwa, urang gé kudu nuturkeun paréntah ieu, ”Paké kapribadian nu anyar.” (Kol. 3:10) Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas: Naon ”kapribadian nu anyar” téh? Kumaha urang bisa maké kapribadian nu anyar jeung mertahankeunana?

NAON ”KAPRIBADIAN NU ANYAR” TÉH?

3. Dumasar Galatia 5:22, 23, naon ”kapribadian nu anyar” téh, jeung jiga kumaha jalma nu maké kapribadian nu anyar téh?

3 ”Kapribadian nu anyar” téh nyaéta cara pikir jeung tindakan nu némbongkeun sipat-sipat Yéhuwa. Jalma nu maké kapribadian anyar téh daék dibingbing ku kawasa suci dina cara pikir, parasaan, jeung tindakanana. (Baca Galatia 5:22, 23.) Misalna, manéhna nyaah ka Yéhuwa jeung umat-Na. (Mat. 22:36-39) Manéhna gé bisa tetep bungah najan nyanghareupan masalah. (Yak. 1:2-4) Geus kitu, manéhna téh resep rukun. (Mat. 5:9) Manéhna sabar jeung bageur ka batur. (Kol. 3:13) Manéhna resep kana hal nu hadé jeung daék ngalakukeunana. (Luk. 6:35) Tindakanana ngabuktikeun yén manéhna boga iman nu kuat ka Bapa di sorga. (Yak. 2:18) Manéhna gé bisa tetep tenang waktu aya nu nyiar pipaséaeun jeung bisa nahan diri waktu aya gogoda.​—1 Kor. 9:25, 27; Tit. 3:2.

4. Pikeun maké kapribadian nu anyar, naha bisa mun urang ngan mekarkeun salah sahiji sipat nu aya dina Galatia 5:22, 23? Jelaskeun.

4 Pikeun maké kapribadian nu anyar, urang kudu mekarkeun sipat-sipat nu aya di Galatia 5:22, 23 jeung ayat-ayat séjénna. * Cara maké kapribadian atawa sipat-sipat ieu téh béda jeung cara maké baju. Ari baju mah dipakéna hiji-hiji. Ari sipat-sipat ieu mah silih pakait jeung sipat-sipat séjénna. Misalna, lamun Sadérék nyaah ka sasama, Sadérék bakal sabar jeung bageur ka manéhna. Terus mun Sadérék hayang nyieun kahadéan, Sadérék gé kudu lemah lembut jeung bisa nahan diri.

KUMAHA URANG BISA MAKÉ KAPRIBADIAN NU ANYAR?

Beuki sering urang diajar cara pikir Isa, kapribadian urang gé bakal beuki mirip jiga Isa (Tingali paragrap 5, 8, 10, 12, 14)

5. Kumaha carana ”miboga pikiran Al-Masih”, jeung ku naon urang kudu boga cara pikir jiga Isa? (1 Korintus 2:16)

5 Baca 1 Korintus 2:16. Pikeun maké kapribadian nu anyar, urang kudu ”miboga pikiran Al-Masih”. Éta hartina, urang kudu diajar ngeunaan cara pikir Isa jeung nyonto manéhna. Isa téh némbongkeun sipat-sipat nu dihasilkeun ku kawasa suci sacara sampurna. Sipat-sipat Isa percis jiga sipat-sipat Yéhuwa, jadi Isa téh ibarat eunteung nu euweuh cacadna. (Ibr. 1:3) Ku kituna, mun cara pikir urang beuki mirip jiga Isa, tindakan jeung kapribadian urang bakal beuki mirip jiga manéhna.​—Flp. 2:5.

6. Naon nu kudu diinget waktu urang ngupayakeun pikeun maké kapribadian nu anyar?

6 Bisa kitu urang nyonto Isa? Meureun urang mikir, ’Pan Isa mah sampurna. Urang mah moal bisa atuh jiga manéhna!’ Mun urang ngarasa kitu, sing inget kana hal-hal ieu: Kahiji, urang téh diciptakeun mirip jeung Yéhuwa sarta Isa. Jadi, urang bisa nyonto aranjeunna najan teu bisa bener-bener percis jiga aranjeunna. (Kaj. 1:26) Kadua, kawasa suci ti Allah téh mangrupa kakuatan nu panggedéna di jagat raya ieu. Jadi ku bantuan kawasa suci, urang bisa ngalakukeun hal-hal nu moal bisa dilakukeun mun ku usaha urang sorangan. Katilu, ayeuna Yéhuwa téh teu miharep urang sampurna dina némbongkeun sipat-sipat nu dihasilkeun ku kawasa suci. Malah, Bapa urang nu nyaahan nyadiakeun waktu 1.000 taun nepi ka manusa bisa jadi sampurna. (Why. 20:1-3) Jadi, nu dipiharep ku Yéhuwa ayeuna téh nyaéta urang ngalakukeun nu panghadéna jeung ngandelkeun Anjeunna.

7. Naon nu bakal urang bahas ayeuna?

7 Kumaha carana supaya urang bisa nyonto Isa? Ayeuna, urang bakal ngabahas opat sipat nu dihasilkeun ku kawasa suci. Waktu ngabahas unggal sipatna, urang bakal diajar kumaha Isa bisa némbongkeun sipat-sipat éta. Urang gé bakal ngabahas sababaraha pananya nu bisa ngabantu urang mariksa naon deui nu perlu ditingkatkeun dina maké kapribadian nu anyar.

8. Kumaha Isa ngabuktikeun kanyaahna?

8 Isa téh nyaah pisan ka Yéhuwa, jadi manéhna réla nyieun pangorbanan keur Bapana jeung keur urang. (Yah. 14:31; 15:13) Tina cara hirupna di bumi, kabukti Isa téh nyaah pisan ka jalma-jalma. Unggal poé, sikep manéhna ka batur téh bageur jeung rasrasan sanajan aya ogé nu nentang. Cara utama Isa némbongkeun kanyaahna téh nyaéta ngajarkeun ngeunaan Pamaréntahan Allah ka maranéhna. (Luk. 4:43, 44) Isa gé ngabuktikeun kanyaahna ka Allah jeung ka manusa ku cara réla sangsara jeung dipaéhan ku musuh-musuhna. Hasilna, urang kabéh jadi boga harepan pikeun hirup langgeng.

9. Kumaha urang bisa ngabuktikeun kanyaah urang jiga Isa?

9 Urang ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis téh lantaran urang nyaah ka Bapa nu di sorga. Jadi sarua jiga Isa, urang gé kudu ngabuktikeun kanyaah urang ka Yéhuwa liwat sikep urang. Rasul Yahya nulis kieu, ”Jalma nu teu nyaah ka dulurna nu katempo moal bisa nyaah ka Allah nu teu katempo.” (1 Yah. 4:20) Jadi, pék pikirkeun: ’Abdi bener-bener nyaah teu ka jalma-jalma? Naha bisa abdi tetep rasrasan sanajan maranéhna kasar ka abdi? Abdi daék teu ngagunakeun waktu jeung pangaboga abdi pikeun mantuan maranéhna diajar ngeunaan Yéhuwa? Naha abdi daék terus ngalakukeunana sanajan saeutik nu ngahargaan usaha abdi jeung loba nu nentang abdi? Abdi daék teu nyadiakeun waktu leuwih loba pikeun mantuan batur jadi murid?’—Éf. 5:15, 16.

10. Naon buktina Isa téh jalma nu resep rukun?

10 Isa téh jalma nu resep rukun. Waktu aya nu jahat ka manéhna, manéhna teu ngabales kajahatan ku kajahatan deui. Tapi, manéhna téh ngajaga supaya kaayaan tetep rukun jeung ngajurung batur ngalakukeun nu sarua. Misalna, manéhna ngajarkeun ka jalma-jalma pikeun ngupayakeun karukunan jeung dulur-dulur saimanna supaya ibadah maranéhna ditarima ku Yéhuwa. (Mat. 5:9, 23, 24) Isa gé mangkali-kali ngingetan rasul-rasulna supaya teu paraséa ngaributkeun saha nu pangpunjulna.​—Luk. 9:46-48; 22:24-27.

11. Kumaha urang bisa ngupayakeun karukunan?

11 Pikeun jadi jalma nu resep rukun, teu cukup ngan saukur ngajauhan hal-hal nu nyieun pipaséaeun. Tapi, urang kudu ngupayakeun karukunan sarta ngajurung dulur saiman pikeun ngalakukeun nu sarua. (Flp. 4:2, 3; Yak. 3:17, 18) Jadi, pék pikirkeun: ’Naha enya abdi daék nyieun pangorbanan ngarah bisa rukun jeung batur? Waktu aya dulur saiman nu nganyenyeri, abdi teterusan keuheul ka manéhna teu? Abdi ngan ngadagoan batur nu ngupayakeun karukunan, atawa abdi ti heula nu daék ngupayakeun karukunan sanajan abdi ngarasa manéhna nu salah? Bisa teu abdi gé ngajurung batur pikeun ngupayakeun karukunan?’

12. Naon buktina Isa téh bageur ka batur?

12 Isa téh jalma nu bageur. (Mat. 11:28-30) Sanajan dina kaayaan nu hésé, Isa tetep bageur jeung asup akal. Misalna, pas awéwé ti Fénisia ménta Isa nyageurkeun anakna, mimitina Isa embung nuturkeun paméntana. Tapi waktu manéhna némbongkeun iman nu kuat, Isa jadi daék nyageurkeun anakna. (Mat. 15:22-28) Isa téh bageur, tapi manéhna teu nahan diri pikeun méré naséhat. Malah, kadang Isa gé negor jalma-jalma nu dipikanyaah ku manéhna. Misalna, waktu Pétrus ngahalang-halang Isa pikeun ngalakukeun kahayang Yéhuwa, Isa negor manéhna di hareupeun murid-murid nu séjén. (Mar. 8:22, 23) Isa kitu téh lain rék nyieun Pétrus éra, tapi manéhna hayang ngajar Pétrus jeung murid-murid séjén supaya teu lancang. Nya, harita pasti Pétrus téh éra. Tapi liwat disiplin éta, pasti Pétrus meunangkeun mangpaatna.

13. Mun urang bener-bener bageur ka batur, urang bakal kumaha?

13 Mun urang bener-bener bageur ka batur, urang gé sakapeung perlu méré naséhat ka maranéhna. Waktu méré naséhat, pék tuturkeun Isa nu méré naséhat tina prinsip Firman Allah. Urang gé kudu lemah lembut. Sing yakin, maranéhna gé hayang ngalakukeun nu bener jeung bakal ngahargaan naséhat Sadérék, lantaran maranéhna téh nyaah ka Yéhuwa jeung ka Sadérék. Pék pikirkeun ieu: ’Waktu ningali batur atawa kulawarga nyieun salah, abdi wani teu ngabéjaan manéhna? Mun perlu dibéré naséhat, abdi bakal lembut atawa kasar ngomongna? Naon niat abdi nu sabenerna? Abdi téh méré naséhat lantaran keuheul atawa rék mantuan manéhna?’

14. Kumaha Isa némbongkeun kahadéan?

14 Isa téh teu ngan saukur nyaho kana naon nu hadé, tapi manéhna gé ngalakukeunana. Lantaran nyaah ka Bapana, Isa téh ngalakukeun hal nu bener jeung ku niat nu bener. Jalma nu bageur bakal néangan cara pikeun mantuan sarta nyieun kahadéan keur batur. Tapi, ngan saukur nyaho kana nu bener téh teu cukup. Urang gé kudu ngalakukeunana, jeung niatna gé kudu bener. Bisa jadi aya nu mikir, ’Bisa kitu saurang jalma ngalakukeun nu bener tapi niatna salah?’ Bisa. Misalna, Isa nyaritakeun ngeunaan jalma-jalma nu méré bantuan ka nu miskin, tapi sabenerna maranéhna hayang katempo ku batur hungkul. Mémang katingalina mah alus, tapi Yéhuwa teu resep kana kalakuan maranéhna.​—Mat. 6:1-4.

15. Kumaha urang bisa bener-bener némbongkeun kahadéan?

15 Urang bisa bener-bener némbongkeun kahadéan lamun urang ngalakukeun naon nu bener jeung ku niat nu teu mentingkeun diri. Jadi, pék pikirkeun: ’Abdi téh ngan saukur nyaho nu bener, atawa abdi ngajalankeunana ogé? Waktu nyieun kahadéan, naon niat abdi nu sabenerna?’

KUMAHA URANG BISA MERTAHANKEUN KAPRIBADIAN NU ANYAR?

16. Naon nu kudu diupayakeun ku urang unggal poé, jeung ku naon?

16 Tong mikir, lantaran geus dibaptis, urang teu perlu deui ngupayakeun kapribadian nu anyar. Kapribadian nu anyar téh jiga baju anyar nu kudu terus dijaga ku urang. Jadi, unggal poé urang téh kudu némbongkeun sipat-sipat nu dihasilkeun ku kawasa suci. Ku naon? Yéhuwa téh ngagunakeun kawasa suci-Na pikeun nyieun hiji tindakan. (Kaj. 1:2) Jadi, unggal sipat nu dihasilkeun kawasa suci téh ngajurung urang pikeun nyieun tindakan. Contona Yakobus nulis, ”Ari henteu jeung lampah mah iman téh paéh.” (Yak. 2:26) Kitu ogé jeung sipat-sipat séjénna. Unggal urang némbongkeun sipat-sipat ieu, éta ngabuktikeun yén kawasa suci téh ngabingbing urang.

17. Naon nu kudu dilakukeun waktu urang gagal némbongkeun sipat-sipat nu dihasilkeun ku kawasa suci?

17 Urang Kristen nu geus dibaptis mangtaun-taun gé sakapeung sok gagal pikeun némbongkeun sipat-sipat nu dihasilkeun ku kawasa suci. Tapi ulah nyerah. Pék pikirkeun ibarat ieu: Lamun baju nu paling dipikaresep ku Sadérék soék, Sadérék bakal langsung miceun éta baju kitu? Jigana mah moal. Malah, mun bisa mah Sadérék bakal ngoméanana. Geus kitu, Sadérék gé bakal leuwih ati-ati waktu maké baju éta. Kitu deui mun Sadérék gagal pikeun bageur, sabar, jeung némbongkeun kanyaah ka batur, ulah leutik haté. Lamun Sadérék daék ménta hampura, Sadérék bisa ngoméan hubungan Sadérék jeung batur nu ruksak. Geus kitu, upayakeun pikeun jadi jalma nu leuwih hadé ka hareupna.

18. Urang bisa yakin kana hal naon?

18 Urang pasti nganuhunkeun pisan kana tuladan Isa. Beuki sering urang nuturkeun cara pikir jeung sipatna, beuki gampang ogé pikeun urang nuturkeun laku lampahna. Beuki mirip laku lampah urang jiga Isa, urang gé bakal beuki gampang dina ngagunakeun kapribadian nu anyar. Dina artikel ieu, urang ngan ngabahas opat sipat nu dihasilkeun ku kawasa suci. Leuwih alus deui lamun urang mariksa sipat-sipat séjénna jeung mariksa geus sakumaha alus urang dina némbongkeun sipat-sipat éta. Urang bisa ningali sipat-sipat séjénna dina Panduan Riset untuk Saksi-Saksi Yehuwa dina judul ”Kehidupan Kristen”, tuluy pilih ”Buah Kuasa Kudus”. Sing yakin, lamun Sadérék ngupayakeun pikeun maké kapribadian nu anyar jeung mertahankeunana, Yéhuwa gé bakal ngabantu Sadérék.

KAWIH 127 Jadi Jalma nu Kamanah ku Ama

^ par. 5 Teu sual kumaha kaayaan urang baheula, urang bisa maké ”kapribadian nu anyar”. Ku kituna, urang kudu ngarobah cara pikir jeung nyonto Isa. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas cara pikir jeung tindakan Isa. Urang gé bakal ningali kumaha urang bisa terus nyonto Isa sanggeus urang dibaptis.

^ par. 4 Sipat-sipat alus nu dihasilkeun ku kawasa suci téh teu ngan dicatet dina Galatia 5:22, 23. Pikeun katerangan leuwih loba, tingali ”Pananya Ti Nu Maca” dina Warta Hadé Juni 2020.