Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 19

Kanyaah jeung Kaadilan di Dunya nu Jahat

Kanyaah jeung Kaadilan di Dunya nu Jahat

”Gusti sanes Allah nu seneng kaawonan, Gusti moal ngantep kajahatan.”​—JAB. 5:5.

KAWIH 142 Sing Pengkuh Pangharepan

NU DIBAHAS *

1-3. (a) Numutkeun Jabur 5:5-7, kumaha parasaan Yéhuwa kana kajahatan? (b) Ku naon pelécéhan budak téh ngalanggar ”hukum Kristus”?

ALLAH YÉHUWA ijid kana sagala bentuk kajahatan, komo deui kana pelécéhan séksual ka budak. (Baca Jabur 5:5-7.) Mantenna ijid pisan lantaran éta kajahatan nu luar biasa bejad! Sabagé Saksi-Saksi Yéhuwa, urang ogé ijid kana pelécéhan budak. Hal nu siga kitu moal diantep di sidang.​—Rum 12:9; Ibr. 12:15, 16.

2 Sagala bentuk pelécéhan budak téh jelas-jelas ngalanggar ”hukum Kristus”! (Gal. 6:2) Naon sababna? Sakumaha nu dibahas dina artikel saacanna, hukum Kristus, nyaéta sakabéh pangajaran Kristus liwat ucapan jeung tindakanana, dumasar kana kanyaah jeung ngajungjung kaadilan. Lantaran taat kana hukum ieu, urang Kristen sajati ngajaga budak sangkan budak ngarasa aman jeung dipikanyaah. Tapi, pelécéhan budak mah tindakan nu mentingkeun diri jeung teu adil. Balukarna, budak ngarasa teu aman jeung teu dipikanyaah.

3 Hanjakalna, pelécéhan séksual ka budak téh geus sumebar ka mamana. Urang Kristen gé keuna ku balukarna. Ku naon? Lantaran ”anu daroraka, anu marunapek” téh loba. Malah aya nu nyulusup ka sidang. (2 Tim. 3:13) Salian ti éta, aya nu ngakuna bagian ti sidang tapi teu bisa ngadalikeun hasratna nu salah tuluy ngalakukeun pelécéhan séksual ka budak. Hayu urang bahas ku naon pelécéhan budak téh dosa nu parah pisan. Terus, urang ogé bakal ngabahas naon nu kudu dilakukeun ku kokolot sidang lamun aya jalma di sidang nu nyieun dosa gedé, saperti pelécéhan budak, sarta kumaha indung bapa bisa ngalindungan budakna. *

DOSA NU PARAH PISAN

4-5. Ku naon pelécéhan budak téh dosa ka korbanna?

4 Akibat ti pelécéhan budak téh bakal lila pangaruhna jeung mangaruhan loba jalma: korbanna keuna, kulawargana keuna, kitu ogé jeung dulur-dulur di sidang. Pelécéhan budak téh dosa nu parah pisan.

5 Dosa ka korbanna. * Nganyenyeri jeung nyangsarakeun batur téh dosa. Saperti nu dibahas dina artikel saterusna, éta pisan nu dilakukeun ku jalma nu ngalécéhkeun budak. Manéhna bener-bener nganyenyeri jeung ngaruksak budak. Manéhna ogé ngahianatan kapercayaan budak sarta nyababkeun budak teu ngarasa aman deui. Budak kudu dilindungan tina kajahatan siga kitu sarta nu geus jadi korban kudu dililipur jeung dibantu.​—1 Tes. 5:14.

6-7. Ku naon pelécéhan budak téh dosa ka sidang jeung ka pamaréntah?

6 Dosa ka sidang. Lamun aya jalma di sidang nu ngalakukeun pelécéhan budak, manéhna ngaruksak réputasi sidang. (Mat. 5:16; 1 Pet. 2:12) Ieu téh teu adil pikeun jutaan urang Kristen nu satia nu bajoang pikeun ”parengkuh kana kayakinan iman”! (Yud. 3) Jalma-jalma nu teu tobat tina kajahatanana sarta nu ngaruksak réputasi sidang moal diantep tetep aya di sidang.

7 Dosa ka pamaréntah. Urang Kristen ”kudu nurut ka pamarentah”. (Rum 13:1) Urang nurut ka pamaréntah lamun ngajénan jeung taat ka hukum pamaréntah. Lamun aya jalma di sidang nu ngalanggar hukum, saperti ngalakukeun pelécéhan budak, manéhna dosa ka pamaréntah. (Bandingkeun Rasul 25:8.) Para kokolot teu boga wewenang pikeun ngahukum jalma-jalma nu ngalanggar hukum pamaréntah. Tapi, maranéhna ogé moal ngalindungan jalma nu salah tina hukuman pamaréntah. (Rum 13:4) Jalma éta kudu ngala naon nu geus dipelak.​—Gal. 6:7.

8. Kumaha pandangan Yéhuwa mun aya jalma nu nyieun dosa ka jalma séjén?

8 Nu pangutamana, éta téh dosa ka Allah. (Jab. 51:6) Waktu saurang jalma nyieun dosa ka jalma séjén, éta téh dosa ka Yéhuwa. Perhatikeun conto tina Hukum nu dibikeun ku Allah ka bangsa Israil. Hukum éta nyebutkeun yén jalma nu ngarampas atawa nipu sasamana dianggap ”boga dosa ka PANGERAN”. (Ima. 6:2-5) Tangtu, saha waé di sidang nu ngalécéhkeun budak, atawa ngarampas rasa aman budak éta, ngalampahkeun dosa ka Allah. Manéhna ngagogoréng nami Yéhuwa. Ku kituna, pelécéhan téh dosa nu gedé pisan ka Allah jeung kudu dipikaijid ku urang.

9. Katerangan naon waé nu geus disadiakeun ku organisasi Yéhuwa ngeunaan pelécéhan budak, jeung ku naon éta terus dipariksa?

9 Salila mangtaun-taun, organisasi Yéhuwa geus nyadiakeun loba katerangan nu dumasar kana Alkitab ngeunaan pelécéhan budak. Misalna, artikel-artikel dina Warta Hadé jeung Éling! pernah ngabahas yén korban pelécéhan séksual téh bisa strés mangtaun-taun, tuluy ngabahas cara batur bisa nulungan jeung nguatkeun maranéhna, sarta ngabahas carana indung bapa ngalindungan budakna. Para kokolot geus narima pituduh nu rinci nu dumasar kana Alkitab pikeun ngurus kasus pelécéhan budak. Organisasi ogé terus mariksa deui cara sidang ngurus kasus siga kieu. Ku naon? Pikeun mastikeun yén carana geus luyu jeung hukum Kristus.

CARA KOKOLOT NGURUS KASUS DOSA GEDÉ

10-12. (a) Waktu ngurus kasus dosa gedé, naon nu kudu diinget jeung naon nu kudu dipikirkeun ku para kokolot? (b) Numutkeun Yakobus 5:14, 15, naon nu sabisa-bisa dilakukeun ku para kokolot?

10 Waktu kokolot ngurus kasus dosa gedé, maranéhna inget yén numutkeun hukum Kristus, maranéhna kudu nyaahan ka jamaah sarta ngalampahkeun nu bener jeung adil di payuneun Allah. Ku kituna, maranéhna kudu mikirkeun sababaraha hal lamun nyaho aya nu nyieun dosa gedé. Para kokolot utamana mikirkeun kasucian nami Allah. (Ima. 22:31, 32; Mat. 6:9) Tapi, maranéhna ogé mikirkeun karohanian dulur-dulur saimanna jeung hayang ngabantu nu jadi korban.

11 Salian ti éta, lamun nu nyieun dosa téh jalma nu aya di sidang, para kokolot ogé mikirkeun carana mulihkeun hubungan jalma éta jeung Yéhuwa. (Baca Yakobus 5:14, 15.) Urang Kristen nu nyerah kana kahayang nu salah jeung nyieun dosa gedé téh keur gering sacara rohani. Manéhna teu boga hubungan nu alus deui jeung Yéhuwa. * Dina hal ieu, para kokolot bisa disaruakeun jeung dokter. Maranéhna sabisa-bisa ”nyageurkeun” nu gering rohani éta. Maranéhna ngagunakeun naséhat Alkitab pikeun mulihkeun hubungan jalma éta jeung Allah, tapi éta gé lamun manéhna bener-bener tobat.​—Ras. 3:19; 2 Kor. 2:5-10.

12 Jelas, tanggung jawab kokolot téh sérius pisan. Maranéhna bener-bener nyaah ka jamaah nu dipercayakeun ku Allah ka maranéhna. (1 Pet. 5:1-3) Maranéhna hayang dulur-dulur saimanna ngarasa aman di sidang. Ku kituna, para kokolot bakal geuwat nyieun tindakan lamun dibéjaan aya nu nyieun dosa gedé, kaasup pelécéhan budak. Perhatikeun pananya-pananya nu aya di awal paragrap 13, 15, jeung 17.

13-14. Naha para kokolot kudu taat kana hukum pamaréntah pikeun ngalaporkeun jalma nu dituduh ngalécéhkeun budak? Jelaskeun.

13 Naha para kokolot kudu taat kana hukum pamaréntah pikeun ngalaporkeun jalma nu dituduh ngalécéhkeun budak? Enya. Di nagri-nagri nu boga hukum ieu, para kokolot kudu ngalaporkeun jalma nu dituduh ngalécéhkeun budak. (Rum 13:1) Hukum ieu teu papalingpang jeung hukum Allah. (Ras. 5:28, 29) Jadi, lamun para kokolot nyaho aya nu dituduh ngalécéhkeun budak, maranéhna gancang néangan pituduh ti kantor cabang sangkan bisa taat kana hukum pamaréntah ngeunaan ngalaporkeun pelécéhan budak.

14 Para kokolot sidang bisa ngayakinkeun korban, kolotna, jeung saha waé nu apal kana kajadian ieu yén maranéhna meunang ngalaporkeun masalahna ka pamaréntah. Tapi, kumaha lamun nu dilaporkeun téh jalma nu aya di sidang, tuluy masalahna jadi kanyahoan ku masarakat? Naha nu ngalapor kudu rumasa salah lantaran ngarasa geus ngagogoréng nami Allah? Henteu. Nu ngagogoréng nami Allah mah jalma nu nyieun dosa éta.

15-16. (a) Numutkeun 1 Timoteus 5:19, ku naon kudu aya dua saksi saacan kokolot sidang bisa ngabuktikeun yén saurang jalma nyieun dosa gedé? (b) Naon nu kudu dilakukeun ku para kokolot lamun aya saurang jalma di sidang nu dituduh ngalécéhkeun budak?

15 Ku naon kudu aya dua saksi saacan kokolot sidang bisa ngabuktikeun yén saurang jalma nyieun dosa gedé? Lantaran ieu téh papakon Alkitab ngeunaan kaadilan. Lamun nu nyieun dosana teu ngaku, butuh dua saksi pikeun mastikeun yén tuduhanana bener jeung para kokolot bisa ngayakeun panitia pangadilan. (Pam. 19:15; Mat. 18:16; baca 1 Timoteus 5:19.) Naha ieu hartina kudu aya dua saksi heula sangkan bisa ngalaporkeun tuduhan pelécéhan ka pamaréntah? Henteu. Kokolot atawa nu séjénna teu kudu nuturkeun aturan ieu lamun rék ngalaporkeun tuduhan ngeunaan tindakan kriminal.

16 Waktu ngadéngé aya jalma di sidang nu dituduh ngalécéhkeun budak, para kokolot kudu nuturkeun hukum pamaréntah pikeun ngalaporkeun tuduhan éta. Geus kitu kakara maranéhna mariksa kasusna dumasar kana prinsip Alkitab pikeun nangtukeun naha perlu aya panitia pangadilan atawa henteu. Lamun jalma nu dituduhna nyangkal, kokolot kudu ngadéngékeun kasaksian ti jalma séjén nu apal kajadianana. Panitia pangadilan bisa diayakeun lamun sahenteuna aya dua saksi. Saksi nu kahiji téh nu ngalapor, jeung nu hijina deui nu bisa neguhkeun yén tuduhan éta téh bener. * Lamun euweuh saksi nu kadua, can tangtu tuduhan éta teu bener. Sanajan teu aya dua saksi nu bisa neguhkeun benerna tuduhan éta, para kokolot sadar yén nu dituduh bisa jadi geus ngalakukeun dosa gedé nu ngalantarankeun batur dinyenyeri. Para kokolot bakal terus ngalilipur korban jeung kulawargana nu geus dinyenyeri. Para kokolot ogé bakal terus waspada ka jalma nu dituduh ngalécéhkeun pikeun ngalindungan sidang.​—Ras. 20:28.

17-18. Jelaskeun naon nu dilakukeun ku panitia pangadilan.

17 Naon nu dilakukeun ku panitia pangadilan? Kecap ”pangadilan” di dieu lain hartina kokolot bakal mutuskeun yén jalma nu dituduh téh kudu dihukum ku pamaréntah lantaran ngalanggar hukum. Para kokolot moal pipilueun kana prosés hukum da éta mah wewenangna pamaréntah. (Rum 13:2-4; Tit. 3:1) Sabalikna, pangadilan nu diayakeun ku kokolot téh pikeun nangtukeun naha jalma éta masih bisa aya di sidang atawa henteu.

18 Nu diurus ku kokolot nu jadi anggota panitia pangadilan téh masalah rohani, atawa ibadah. Maranéhna ngagunakeun Alkitab pikeun nangtukeun naha jalma éta geus tobat atawa henteu. Lamun henteu, manéhna bakal dipecat jeung diumumkeun di sidang. (1 Kor. 5:11-13) Lamun tobat, manéhna bisa tetep aya di sidang. Tapi, para kokolot bakal ngabéjaan yén manéhna bisa jadi moal pernah narima hak istiméwa atawa tanggung jawab nanaon di sidang. Lantaran mikirkeun kaamanan barudak, para kokolot bisa waé sacara pribadi ngingetkeun kolot nu boga budak leutik di sidang sangkan ngawaskeun barudakna mun keur bareng atawa komunikasi jeung jalma éta. Éta dilakukeun bari tetep ngarasiahkeun saha nu jadi korbanna.

CARANA NGALINDUNGAN BUDAK SADÉRÉK

Kolot ngalindungan budakna tina pelécéhan séksual ku cara ngabahas informasi nu cocog ngeunaan séks. Kolot bisa ngagunakeun informasi nu geus disadiakeun ku organisasi Allah. (Tingali paragrap 19-22)

19-22. Naon nu bisa dilakukeun ku kolot pikeun ngalindungan budakna? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

19 Saha nu boga tanggung jawab pikeun ngalindungan budak? Indung bapa. * Budak téh ”kurnia ti PANGERAN” nu geus dipercayakeun ka Sadérék. (Jab. 127:3) Sadérék kudu bener-bener ngajalankeun tanggung jawab ieu. Kumaha carana ngalindungan budak ti pelécéhan?

20 Kahiji, téangan informasi ngeunaan pelécéhan. Sadérék perlu apal saha waé nu bisa ngalécéhkeun budak jeung cara-cara licik nu sok digunakeun. Sing waspada lamun aya kaayaan atawa jalma nu pibahayaeun. (Sil. 22:3; 24:3) Inget yén dina kalolobaan kasus, nu ngalécéhkeun téh jalma nu dikenal atawa dipercaya ku budak.

21 Kadua, usahakeun sangkan budak bébas nyarita ka Sadérék. (Pam. 6:6, 7) Éta hartina Sadérék kudu ngadéngékeun bener-bener caritana. (Yak. 1:19) Inget yén budak nu dilécéhkeun biasana sieun nyarita. Maranéhna bisa jadi sieun teu dipercaya, atawa diancam ku nu ngalécéhkeunana sangkan ngarasiahkeun kajadianana. Lamun Sadérék ngarasa aya nu anéh, tanya budak Sadérék ku cara nu lemah lembut tuluy déngékeun jawabanana sing sabar.

22 Katilu, ajar budak Sadérék. Béré informasi ngeunaan séks ka budak Sadérék luyu jeung umurna. Ajarkeun naon nu kudu diomongkeun atawa dilakukeun lamun aya nu cubak-cabak. Gunakeun informasi nu disadiakeun ku organisasi Allah ngeunaan cara ngalindungan budak Sadérék.​—Tingali kotak ” Indung, Bapa, jeung Budak Kudu Diajar”.

23. Kumaha pandangan Saksi-Saksi Yéhuwa ngeunaan pelécéhan séksual ka budak, jeung pananya naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

23 Saksi-Saksi Yéhuwa nganggap pelécéhan séksual ka budak téh dosa gedé jeung kajahatan nu parah. Lantaran diatur ku hukum Kristus, sidang moal ngalindungan jalma nu ngalakukeun pelécéhan, manéhna kudu tanggung jawab kana dosana. Tapi, naon nu bisa dilakukeun ku urang pikeun ngabantu korban pelécéhan? Artikel saterusna bakal ngabahas pananya ieu.

KAWIH 103 Para Pangangon Kurnia ti Allah

^ par. 5 Artikel ieu bakal ngabahas kumaha carana ngalindungan budak ti pelécéhan séksual. Urang ogé bakal diajar carana kokolot ngajaga sidang sarta carana indung bapa ngalindungan budakna.

^ par. 3 KATERANGAN TAMBAHAN: Pelécéhan séksual ka budak dilakukeun ku jalma déwasa ka budak leutik pikeun muaskeun hasrat séksualna sorangan. Ieu bisa kaasup hubungan séksual; séks oral atawa anal; nyabakan alat kelamin, payudara, atawa bokong; jeung tindakan cabul séjénna. Mémang biasana mah nu jadi korban téh budak awéwé, tapi loba ogé budak lalaki nu jadi korban. Sanajan nu ngalakukeun pelécéhan téh lolobana lalaki, awéwé ogé aya.

^ par. 5 KATERANGAN TAMBAHAN: Dina artikel ieu jeung nu saterusna, kecap ”korban” téh ngamaksudkeun jalma nu ngalaman pelécéhan séksual basa keur budak. Kecap ieu digunakeun pikeun ngajéntrékeun yén budak éta geus dimangpaatkeun sarta dinyenyeri sacara fisik jeung émosi. Kecap ieu gé nandeskeun yén manéhna téh teu salah.

^ par. 11 Gering sacara rohani téh lain alesan pikeun nyieun dosa gedé. Jalma nu boga dosa tetep kudu tanggung jawab ka Yéhuwa lantaran geus nyieun putusan jeung tindakan nu salah.​—Rum 14:12.

^ par. 16 Budak jeung jalma anu dituduh ngalécéhkeunana moal diamprokkeun. Kolot atawa jalma déwasa séjénna nu dipercaya bisa nyaritakeun kumaha kajadianana ka kokolot sidang, jadi teu perlu nambahan kasusah ka budakna.

^ par. 19 Katerangan pikeun kolot nu dibahas di dieu ogé bisa dilarapkeun ku wali nu sah atawa jalma nu ngukut budak.