Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Dua Raja nu Saingan dina Ahir Jaman

Dua Raja nu Saingan dina Ahir Jaman

Dina bagan ieu, aya sababaraha nubuat nu laksana dina waktu nu sarua. Éta kabéh jadi bukti yén urang keur hirup dina ”ahir jaman”.​—Dan. 12:4.

  • Ayat Wahyu 11:7; 12:13, 17; 13:1-8, 12

    Nubuat ”Sato” galak geus ngawasaan jalma-jalma di bumi salila rébuan taun. Dina ahir jaman, huluna nu katujuh raheut. Ka dieunakeun, hulu éta cageur, tuluy ”saeusi jagat” naluturkeun éta sato. Sétan ngagunakeun sato ieu ”rek ngabasmi” sésa ”turunan [awéwé]”.

    Laksanana Sanggeus Caah Gedé, muncul pamaréntahan-pamaréntahan manusa nu ngalawan ka Allah. Rébuan taun sanggeusna, salila Perang Dunya I, Inggris jadi lemah. Tapi, Inggris kuat deui waktu ngagabung jeung Amerika Serikat. Sapanjang ahir jaman, Sétan ngagunakeun kabéh pamaréntahan manusa pikeun nganiaya umat Allah.

  • Ayat Dan. 11:25-45

    Nubuat Raja kalér jeung raja kidul saingan dina ahir jaman.

    Laksanana Jerman saingan jeung Anglo-Amerika. Dina taun 1945, Uni Soviet jeung balad-baladna jadi raja kalér. Dina taun 1991, Uni Soviet runtuh. Ka dieunakeun, Rusia jeung balad-baladna nu jadi raja kalér.

  • Ayat Yes. 61:1; Mal. 3:1; Luk. 4:18

    Nubuat Yéhuwa ngirim ”utusan” pikeun ”nyadiakeun jalan” saacan Karajaan Mésias diadegkeun. Kelompok ieu ngamimitian kagiatan pikeun ”nepikeun beja alus” ka nu lemah lembut.

    Laksanana Ti saprak 1870-an, C.T. Russell jeung babaturanana sumanget diajar Alkitab, hayangeun nyaho kumaha sabenerna pangajaran Alkitab. Salila taun 1880-an, maranéhna paham yén umat Allah kudu ngawawar. Maranéhna nerbitkeun artikel-artikel saperti ”Dibutuhkeun 1.000 Pawarta” jeung ”Dilantik pikeun Ngawawar”.

  • Ayat Mat. 13:24-30, 36-43

    Nubuat Saurang jalma nebarkeun binih gandum di lahan. Tuluy, musuh nebarkeun binih eurih. Eurih éta tumuwuh nepi ka gandumna teu katingali. Pas usum panén datang, eurih dipisahkeun tina gandum.

    Laksanana Dimimitian tina taun 1870, urang Kristen nu sajati geus bisa dibédakeun ti urang Kristen palsu. Dina ahir jaman, urang Kristen nu sajati dikumpulkeun ka sidang jeung dipisahkeun ti urang Kristen palsu.

  • Ayat Dan. 2:31-33, 41-43

    Nubuat Suku tina beusi jeung taneuh liket téh bagian tina arca nu dijieun tina rupa-rupa logam.

    Laksanana Taneuh liket ngagambarkeun rahayat Inggris jeung Amerika nu sok protés ka pamaréntah. Ku kituna, kawasa dunya ieu teu bisa ngagunakeun sakabéh kakuatanana.

  • Ayat Mat. 13:30; 24:14, 45; 28:19, 20

    Nubuat ”Gandum” dikumpulkeun ka ”leuit”, tuluy ”gandek satia jeung bijaksana” dilantik pikeun ngurus ”gandek-gandek lianna”. ’Injil Kasalametan anu mertelakeun hal Karajaan Sawarga diuarkeun ka sakuliah dunya’.

    Laksanana Dina taun 1919, gandék satia dilantik pikeun ngurus umat Allah. Ti saprak harita, Siswa-Siswa Alkitab beuki getol ngawawar. Kiwari, Saksi-Saksi Yéhuwa ngawawar di leuwih ti 200 nagri jeung medalkeun bacaan nu dumasar kana Alkitab dina leuwih ti 1.000 basa.

  • Ayat Dan. 12:11; Wahyu 13:11, 14, 15

    Nubuat Sato galak nu boga dua tanduk nitah jalma-jalma nyieun ”arca sato” nu huluna tujuh, tuluy manéhna ”niupkeun napas hirup ka eta arca”.

    Laksanana Kawasa Dunya Anglo-Amerika téh gegedug nu ngadegkeun Liga Bangsa-Bangsa. Organisasi ieu didukung ogé ku bangsa-bangsa séjén. Malah, raja kalér gé milu ngagabung, tapi ngan ti taun 1926 nepi ka 1933. Sarua jeung Perserikatan Bangsa-Bangsa (PBB) nu diadegkeun sanggeusna, Liga ieu diagul-agul bisa ngawujudkeun katengtreman dunya nu sabenerna ngan bisa diwujudkeun ku Karajaan Allah.

  • Ayat Dan. 8:23, 24

    Nubuat ”Raja anu tabeatna heuras” ieu ”ngajalankeun panumpesan anu pohara pikasieuneunana”.

    Laksanana Inggris jeung Amerika geus maéhan loba jalma jeung nyababkeun loba karuksakan nu parah. Contona dina Perang Dunya II, Amerika Serikat ngaragragkeun dua bom atom ka musuhna. Teu pernah aya karuksakan nu saparah kieu saacanna.

  • Ayat Dan. 11:31, NW; Wahyu 17:3, 7-11

    Nubuat ”Sato rupa beureum” nu boga sapuluh tanduk bijil ti jero guha kereman jeung jadi raja nu kadalapan. Dina buku Daniel, raja ieu disebut ”hal pikageuleuheun nu nyababkeun kabinasaan”.

    Laksanana Salila Perang Dunya II, Liga Bangsa-Bangsa teu aktif. Sanggeus perang éta, PBB diadegkeun. Sarua jeung Liga Bangsa-Bangsa, PBB ogé meunang kahormatan nu sakuduna dibikeun ka Karajaan Allah. PBB bakal nyerang agama.

  • Ayat 1 Tes. 5:3; Wahyu 17:16

    Nubuat Bangsa-bangsa ngumumkeun ’kaayaan tenang jeung aman’. Tuluy, ”tanduk nu sapuluh” jeung ”sato” galak nyerang jeung ngancurkeun ”awewe palacuran”. Sanggeus kitu, bangsa-bangsa bakal diancurkeun.

    Laksanana Bangsa-bangsa bisa jadi ngaku geus ngawujudkeun kaayaan nu tenang jeung aman di dunya. Tuluy, bangsa-bangsa nu ngadukung PBB bakal ngancurkeun agama-agama palsu. Ieu bakal jadi awal tina mangsa cilaka. Dina ahir mangsa cilaka, bakal aya perang Armagédon nu ngabinasakeun kabéh dunya Sétan.

  • Ayat Yeh. 38:11, 14-17; Mat. 24:31

    Nubuat Gog nyerang nagrina umat Allah. Tuluy, para malaikat ”ngumpulkeun umat pilihan”.

    Laksanana Raja kalér bareng jeung pamaréntah-pamaréntah séjénna bakal nyerang umat Allah. Teu lila sanggeus serangan ieu dimimitian, kaom nu diistrénan nu masih aya di bumi bakal dikumpulkeun ka sawarga.

  • Ayat Yeh. 38:18-23; Dan. 2:34, 35, 44, 45; Wahyu 6:2; 16:14, 16; 17:14; 19:20

    Nubuat ’Anu numpak kuda bodas’ unggul nalukkeun musuhna, Gog jeung pasukanana ditumpes kabéh. Sato galak ”digebruskeun hirup-hirup kana lautan seuneu”, arca raksasa gé diancurkeun.

    Laksanana Yésus, Raja Karajaan Allah, bakal nyalametkeun umat Allah. Bareng jeung ka-144.000 sarta pasukan malaikat, anjeunna bakal ngancurkeun kabéh bangsa nu nyerang umat Allah. Dunya Sétan disingkirkeun.