Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 22

Harta-Harta Istiméwa nu Teu Katémbong

Harta-Harta Istiméwa nu Teu Katémbong

”Neuteup teh museur ka anu teu katembong. . . . Anu katembong mah umurna moal lila, sabalikna anu teu katembong mah umurna langgeng abadi.”​—2 KOR. 4:18.

KAWIH 45 Nu Dilenyepan ku Abdi

NU DIBAHAS *

1. Naon nu dijelaskeun ku Yésus ngeunaan harta di sawarga?

TEU kabéh harta bisa ditingali ku panon. Malahan, harta nu panghadéna téh harta nu teu katémbong. Dina Hutbah di Gunung, Yésus nyebutkeun harta di sawarga nu leuwih unggul ti batan harta banda. Ceuk anjeunna, ”Di mana bae ayana harta maneh nya di dinya nempelna hate maneh.” (Mat. 6:19-21) Biasana, urang bakal ngudag naon waé nu ku urang dianggap istiméwa ibarat harta. Urang bisa ngumpulkeun ’harta di sawarga’ ku cara ngalakukeun hal-hal nu dipikaresep ku Allah. Ceuk Yésus, harta siga kieu mah moal bisa ruksak atawa dipaok.

2. (a) Numutkeun 2 Korinta 4:17, 18, Paulus ngajurung urang museur kana naon? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

2 Rasul Paulus ngajurung urang ngarah ”museur ka anu teu katembong”. (Baca 2 Korinta 4:17, 18.) Nu teu katémbong éta téh kaasup berkah-berkah nu bakal urang tarima di dunya anyar. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas opat harta nu teu katémbong, tapi bisa urang rasakeun mangpaatna ti ayeuna kénéh. Éta téh sosobatan jeung Allah, doa, bantuan ti roh suci, jeung dukungan ti sawarga dina dines urang. Urang gé bakal ngabahas carana ngahargaan harta-harta éta.

SOSOBATAN JEUNG YÉHUWA

3. Naon harta panghadéna nu teu katémbong, jeung ku naon urang bisa meunangkeun éta harta?

3 Harta panghadéna nu teu katémbong téh nyaéta sosobatan jeung Allah Yéhuwa. (Jab. 25:14) Kumaha Yéhuwa bisa tetep suci sanajan nyobat jeung manusa nu dosa? Mantenna bisa tetep suci lantaran korban tebusan Yésus ”ngaleungitkeun dosa” umat manusa. (Yoh. 1:29) Ti saacan Yésus maot gé, Yéhuwa geus apal rencana-Na nyadiakeun Jurusalamet moal gagal. Ku kituna, jalma-jalma nu hirup saacan Yésus maot gé bisa jadi sobat Allah.​—Rum 3:25.

4. Béré conto sababaraha jalma nu bisa nyobat jeung Allah saacan jaman Yésus.

4 Perhatikeun sababaraha sobat Allah nu hirup saacan jaman Yésus. Contona Ibrahim. Imanna téh kuat pisan. Leuwih ti 1.000 taun sanggeus manéhna maot, Yéhuwa masih nyebut Ibrahim ”sahabat Kami”. (Yes. 41:8) Ibrahim masih tetep diinget ku Yéhuwa. (Luk. 20:37, 38) Hartina, sosobatan jeung Yéhuwa moal pegat sanajan saurang jalma maot. Conto séjénna téh Ayub. Di hareupeun para malaikat, Yéhuwa nunjukkeun yén Mantenna yakin Ayub jalma nu satia. Ayub disebut jalma nu ”estu gumusti, tata titi ati-ati, nyingkah tina lampah salah”. (Ayub 1:6-8) Conto séjénna deui nyaéta Daniél. Salila kira-kira 80 taun Daniél satia ngawula Yéhuwa di nagri nu jalma-jalmana teu nyembah Mantenna. Tilu kali para malaikat nyebut yén Yéhuwa ”nyaah” pisan ka Daniél. (Dan. 9:23; 10:11, 19) Urang yakin, Yéhuwa hayang pisan ngahirupkeun deui kabéh sobat-Na nu geus maot.​—Ayub 14:15.

Ku cara naon waé urang bisa ngahargaan harta-harta nu teu katémbong? (Tingali paragrap 5) *

5. Urang kudu kumaha sangkan bisa nyobat jeung Yéhuwa?

5 Kiwari, aya sabaraha loba jalma nu jadi sobat Yéhuwa? Jutaan. Di sakuliah dunya, aya loba lalaki, awéwé, jeung barudak nu laku lampahna nunjukkeun maranéhna téh hayang jadi sobat Allah. Mantenna nyobat jeung jalma-jalma nu kalakuanana bener. (Jab. 15:1, 2) Lamun boga iman kana tebusan Yésus, urang kabéh bisa nyobat jeung Yéhuwa. Urang gé jadi bisa ngabaktikeun diri ka Mantenna jeung dibaptis. Ku kituna, urang bisa jadi bagian ti jutaan umat Allah nu ngabaktikeun diri, dibaptis, sarta nyobat jeung Pribadi nu Maha Agung!

6. Kumaha urang bisa ngahargaan sosobatan jeung Yéhuwa?

6 Kumaha urang bisa ngahargaan sosobatan jeung Allah? Ibrahim jeung Ayub satia ka Allah salila leuwih ti saratus taun. Urang kudu nyonto maranéhna, tetep satia ka Yéhuwa teu sual geus sabaraha lila urang ngawula Mantenna di dunya ieu. Urang gé bisa nyonto Daniél nu nganggap sosobatan jeung Mantenna leuwih penting ti batan hirupna. (Dan. 6:7, 10, 16, 22) Ku bantuan Yéhuwa, urang bisa tabah nandangan kasusah naon waé sarta tetep nyobat jeung Mantenna.​—Pil. 4:13, Terjemahan Dunia Baru (NW).

DOA

7. (a) Numutkeun Siloka 15:8, kumaha parasaan Yéhuwa kana doa urang? (b) Kumaha cara Yéhuwa ngajawab doa urang?

7 Harta séjén nu teu katémbong téh nyaéta doa. Saurang jalma biasana laluasa nyaritakeun parasaan jeung pikiranna ka sobatna. Urang bisa kitu teu ka Yéhuwa? Bisa! Liwat Firman-Na, Yéhuwa méré nyaho pikiran jeung parasaan-Na ka urang. Urang bisa nyarita ka Yéhuwa ku cara ngadoa. Urang bisa ngabudalkeun eusi haté jeung nyaritakeun naon waé nu keur dipikirkeun. Yéhuwa resep ngadéngékeun doa urang. (Baca Siloka 15:8.) Tapi, Mantenna teu ngan ngadéngékeun wungkul. Sabagé Sobat urang, Mantenna gé ngajawab doa urang. Bisa jadi doa urang langsung dijawab, tapi kadang urang kudu terus ngadoakeunana. Nu pasti mah, Yéhuwa bakal ngajawab dina waktu jeung cara nu cocog. Tapi, bisa waé jawaban doa urang teu jiga nu dipiharep ku urang. Misalna lamun urang boga kasusah, meureun Mantenna teu nyingkirkeun masalahna, tapi méré kakuatan jeung kabijaksanaan supaya urang sanggup nandanganana.​—1 Kor. 10:13.

(Tingali paragrap 8) *

8. Kumaha urang bisa ngahargaan harta nu istiméwa mangrupa doa?

8 Kumaha carana ngahargaan harta nu istiméwa mangrupa doa ieu? Salah sahijina nyaéta ku ”neneda saban waktu”. (1 Tes. 5:17) Yéhuwa teu pernah maksa urang ngadoa sabab Mantenna ngahargaan kabébasan urang. Tapi, Mantenna ngajurung urang supaya ”rajin neneda”. (Rum 12:12) Jadi lamun urang ngahargaan harta nu istiméwa ieu, urang pasti bakal ngadoa unggal poé. Urang gé ulah nepi ka poho ngucap sukur jeung muji Yéhuwa dina doa.​—Jab. 145:2, 3.

9. Kumaha parasaan Chris ngeunaan doa? Ari Sadérék kumaha?

9 Beuki lila urang ngawula Yéhuwa jeung ningali kumaha Mantenna ngajawab doa-doa urang, kuduna mah urang beuki ngahargaan harta mangrupa doa ieu. Perhatikeun pangalaman Chris, saurang sadérék nu geus ngawula dina dines sapinuh waktu salila 47 taun. Ceuk manéhna, ”Urang resep hudang subuh-subuh, jadi urang boga waktu pikeun ngadoa. Mani seger téh bisa ngomong ka Yéhuwa bari ningali panonpoé bijil sarta ciibun nu gugurilapan! Urang jadi hayang nganuhunkeun kabéh hadiah ti Yéhuwa, kaasup kurnia pikeun ngadoa. Terus peuting-peuting, sanggeus ngadoa, haté téh asa tenang. Saré gé jadi tibra.”

BANTUAN TI ROH SUCI

10. Ku naon urang kudu ngahargaan roh suci ti Allah?

10 Roh suci atawa kawasa ti Allah téh harta séjénna nu teu katémbong. Yésus ngajurung urang pikeun terus ngadoa ménta roh suci. (Luk. 11:9, 13) Liwat roh suci, Allah bisa méré urang kasanggupan nu teu pernah kabayangkeun saacanna. (2 Kor. 4:7; Ras. 1:8) Ku bantuan ti roh suci, urang bakal sanggup nyanghareupan tangtangan naon waé.

(Tingali paragrap 11) *

11. Kumaha roh suci bisa ngabantu urang?

11 Roh suci bisa ngamekarkeun bakat jeung kamampuh urang. Ku kituna, urang bisa ngajalankeun tanggung jawab jeung tugas ti Allah. Jadi lamun urang suksés dina palayanan, éta téh lantaran bantuan ti roh suci, lain lantaran kasanggupan sorangan.

12. Ceuk Jabur 139:23, 24, urang bisa ngadoakeun naon?

12 Kumaha urang bisa ngahargaan roh suci Allah? Salah sahijina ku cara ngadoa ménta bantuan roh suci keur mariksa haté urang. Bisa jadi, urang boga pikiran jeung kahayang nu salah. (Baca Jabur 139:23, 24.) Roh suci ti Yéhuwa bakal ngabantu urang sadar lamun aya pikiran jeung kahayang nu salah. Lamun geus apal naon nu salah, urang kudu ngadoa ménta bantuan roh suci sangkan bisa ngalawan pikiran jeung kahayang éta. Ku cara kitu, urang ngabuktikeun yén urang ngalakukeun nu panghadéna supaya Yéhuwa teu eureun méré bantuan liwat roh suci-Na.​—Epe. 4:30.

13. Kumaha urang bisa leuwih ngahargaan roh suci?

13 Urang bisa leuwih ngahargaan roh suci lamun urang mikirkeun naon waé nu geus dihasilkeunana dina jaman urang. Saacan diangkat ka sawarga, Yésus ngomong ka murid-murid, ”Maraneh, lamun Roh Suci geus sumping bakal narampa kawasa, pikeun jaradi saksi-saksi Kami . . . nepi ka tungtung bumi.” (Ras. 1:8) Éta pisan nu kajadian ayeuna téh! Ku bantuan roh suci, ayeuna aya leuwih ti dalapan satengah juta jalma di sakuliah dunya nu jadi umat Yéhuwa. Sabagé umat Yéhuwa, urang kabéh gé bisa hirup rukun ngahiji lantaran roh suci ngabantu urang boga sipat-sipat hadé, saperti kanyaah, gumbira, tengtrem haté, sabar, kahadéan haté, kahadéan, iman, lemah lembut, kadali diri. Sipat-sipat ieu téh hasil tina ’buah padamelan Ruh’. (Gal. 5:22, 23, Sunda Formal) Roh suci téh bener-bener harta nu istiméwa!

DUKUNGAN TI SAWARGA DINA DINES URANG

14. Sanajan teu katémbong, saha waé nu ngadukung urang waktu dines?

14 Urang gé dibéré harta séjénna nu teu katémbong, nyaéta kahormatan keur ”digawé bareng” jeung Yéhuwa, Yésus, sarta para malaikat. (2 Kor. 6:1, NW) Urang gawé bareng jeung Aranjeunna waktu dines. Ceuk Paulus, urang kabéh téh ”gawe babarengan” jeung Allah. (1 Kor. 3:9) Waktu dines gé, urang jadi batur gawéna Yésus. Sanggeus nitah murid-muridna ngajar ’jalma-jalma saalam dunya pikeun dijadikeun murid’, Yésus ngomong, ”Kami tangtu nyarengan.” (Mat. 28:19, 20) Kumaha jeung para malaikat? Urang pasti bungah sabab maranéhna ngabingbing urang waktu nepikeun ”warta hal Injil Kasalametan nu langgeng . . . ka nu di bumi”!​—Wahyu 14:6.

15. Béré conto Alkitab nu nunjukkeun yén Yéhuwa ngadukung urang dina dines.

15 Waktu urang nebarkeun binih, nyaéta warta Karajaan, sababaraha binih ragrag ka haté jalma-jalma nu daék ngadéngékeun, tuluy tumuwuh. (Mat. 13:18, 23) Saha nu ngajadikeun binih éta tumuwuh jeung ngahasilkeun buah? Ceuk Yésus, moal aya saurang-urang acan nu bisa jadi muridna lamun teu ”ditarik ku Rama”. (Yoh. 6:44) Urang bisa ningali hiji conto dina Alkitab. Basa Paulus ngawawar ka sababaraha awéwé di luareun kota Pilipi, aya saurang awéwé nu ngaranna Lidia nu disebutkeun kieu ku Alkitab, ”Hatena digerakkeun ku Gusti, kacida ngaregepkeunana ka anu dilahirkeun ku Paulus.” (Ras. 16:13-15) Jiga Lidia, ayeuna jutaan jalma geus ditarik ku Yéhuwa.

16. Saha nu sakuduna dimulyakeun waktu urang suksés dina dines?

16 Saha nu sakuduna dimulyakeun waktu urang suksés dina dines? Jawabanana aya dina surat Paulus ka sidang di Korinta, ”Sim kuring anu melakeunana, Apolos anu nyiramanana, tapi anu ngajadikeunana mah Allah.” (1 Kor. 3:6, 7) Jadi, urang kudu nyonto Paulus. Mun urang suksés dina dines, urang kudu ngamulyakeun Yéhuwa.

17. Kumaha carana ngahargaan kahormatan pikeun ”gawé bareng” jeung Yéhuwa, Yésus, sarta para malaikat?

17 Urang geus dibéré kahormatan pikeun ”digawé bareng” jeung Yéhuwa, Yésus, sarta para malaikat. Kumaha cara ngahargaanana? Ku cara sabisa-bisana nepikeun warta hadé ka jalma-jalma. Aya loba cara pikeun nepikeun warta hadé, misalna méré kasaksian ”boh di tempat umum, boh di imah-imah”. (Ras. 20:20) Loba ogé nu méré kasaksian teu resmi. Waktu panggih jeung batur, maranéhna ngajak ngobrol ku cara nu soméah. Maranéhna gé bakal nepikeun hiji topik Alkitab sacara bijaksana lamun batur daék ngadéngékeun.

(Tingali paragrap 18) *

18-19. (a) Kumaha urang nyiram binih bebeneran? (b) Caritakeun pangalaman nu nunjukkeun Yéhuwa ngabantu saurang palajar Alkitab.

18 Sabagé batur gawé Allah, urang sakuduna teu melak binih bebeneran wungkul, tapi ogé nyiramanana. Lamun aya nu nunjukkeun minat, urang kudu sabisa-bisa ngadatangan manéhna deui. Atawa, urang bisa ménta saurang sadérék ngadatangan manéhna deui sangkan bisa diajar Alkitab. Lamun urang ningali Yéhuwa ngabantu palajar Alkitab ngarobah haté jeung pikiranana, urang tangtu bungah!

19 Perhatikeun pangalaman saurang dukun di Afrika Selatan nu ngaranna Rapalani. * Manéhna téh resep diajar Alkitab. Tapi, manéhna hésé pisan narima naon nu dijelaskeun ku Firman Allah ngeunaan komunikasi jeung arwah karuhun. (Pam. 18:10-12) Sanajan kitu, lalaunan manéhna daék ngarobah pikiranna sangkan luyu jeung cara pikir Allah. Ahirna manéhna eureun jadi dukun, padahal éta téh hiji-hijina cara manéhna néangan napkah. Ayeuna, Rapalani geus umur 60 taun. Manéhna ngomong, ”Abdi nganuhunkeun pisan, Saksi-Saksi Yéhuwa geus méré loba bantuan, misalna mantuan abdi néangan gawé. Pangpangna, abdi nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa nu geus ngabantu abdi ngarobah kahirupan. Ayeuna, abdi geus jadi pawarta jeung geus dibaptis sabagé Saksi.”

20. Naon tékad Sadérék?

20 Dina artikel ieu, urang geus ngabahas opat harta nu teu katémbong. Harta nu panghadéna téh nyaéta jadi sobat Yéhuwa. Lamun urang jadi sobat-Na, urang bisa ngarasakeun mangpaat tina harta-harta séjénna nu teu katémbong, saperti nyarita ka Mantenna dina doa, ngarasakeun bantuan ti roh suci, sarta meunang dukungan ti sawarga dina dines. Mugia urang boga tékad pikeun leuwih ngahargaan harta-harta nu teu katémbong ieu. Mugia urang gé terus ngucap sukur sabab Yéhuwa daék jadi Sobat sajati urang.

KAWIH 145 Jangji Allah ngeunaan Pirdaus

^ par. 5 Artikel saacanna ngabahas sababaraha hadiah ti Allah nu bisa ditingali ku urang. Tapi dina artikel ieu, urang bakal ngabahas sababaraha harta nu teu katémbong, jeung kumaha urang bisa ngahargaanana. Urang gé bisa leuwih nganuhunkeun ka Sumber harta éta, nyaéta Allah Yéhuwa.^ par. 19 Ngaran geus diganti.

^ par. 58 KATERANGAN GAMBAR: (1) Waktu ningali ciptaan Yéhuwa, saurang sadérék istri mikirkeun sosobatanana jeung Mantenna.

^ par. 60 KATERANGAN GAMBAR: (2) Manéhna ménta kakuatan ka Yéhuwa sangkan bisa méré kasaksian.

^ par. 62 KATERANGAN GAMBAR: (3) Roh suci ngabantu manéhna sangkan wani méré kasaksian teu resmi.

^ par. 64 KATERANGAN GAMBAR: (4) Manéhna ngajarkeun Alkitab ka jalma nu diwawaran téa. Manéhna bisa ngawawar jeung ngajadikeun murid téh ku dukungan para malaikat.