Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Lemah Lembut—Ku Naon Sipat Ieu téh Alus keur Urang?

Lemah Lembut—Ku Naon Sipat Ieu téh Alus keur Urang?

Sarah * nyebutkeun, ”Abdi mah jelemana éraan jeung sok teu percaya diri. Jadi mun babarengan jeung jalma nu teu sabaran atawa hayang meunang sorangan, abdi teu resep. Tapi mun babarengan jeung jalma nu lemah lembut sarta rendah haté mah asa reugreug. Abdi jadi laluasa ngungkabkeun parasaan jeung masalah abdi. Tah, sobat abdi mah nu siga kitu.”

Omongan Sarah nunjukkeun yén batur resep deukeut jeung jalma-jalma nu lemah lembut. Yéhuwa gé resep ka nu lemah lembut. Firman-Na ngajurung urang, ”Kudu . . . lemah lembut.” (Kol. 3:12 Terjemahan Dunia Baru [NW]) Naon lemah lembut téh? Kumaha Yésus némbongkeun sipat lemah lembut? Sarta, ku naon urang bakal leuwih bagja lamun lemah lembut?

NAON LEMAH LEMBUT TÉH?

Lemah lembut téh sipatna jalma nu resep rukun. Jalma nu lemah lembut bakal bageur, soméah, jeung tetep tenang waktu aya nu nganyenyeri.

Dina Alkitab, kecap Yunani nu ditarjamahkeun jadi ”lemah lembut” digunakeun jang ngagambarkeun kuda liar nu jadi lindeuk. Najan geus lindeuk, tanagana mah tetep bedas. Kitu ogé, jalma nu lemah lembut téh lain jalma lemah, justru jalma kuat. Ku naon? Sabab manéhna bisa nahan kacondongan nu salah sarta tetep rukun jeung batur.

Meureun urang ngarasa lemah lembut téh lain watek urang. Urang hirup di dunya nu jalma-jalmana hayang meunang sorangan jeung teu sabaran, jadi pikeun lemah lembut téh teu gampang. (Rum 7:19) Urang butuh upaya jang ngamekarkeun sipat ieu, tapi ku bantuan roh suci Yéhuwa, urang pasti bisa. (Gal. 5:22, 23, NW) Ku naon urang kudu boga sipat lemah lembut?

Jalma resep deukeut jeung nu lemah lembut. Siga Sarah, urang gé resep deukeut jeung jalma nu lemah lembut. Yésus téh tuladan nu hadé sabab anjeunna lemah lembut jeung bageur. (2 Kor. 10:1) Malah budak nu kakara panggih jeung Yésus gé hayang deukeut jeung anjeunna.​—Mar. 10:13-16.

Sipat lemah lembut téh alus keur urang jeung keur batur di sakurilingeun urang. Mun lemah lembut, urang moal gancang kuciwa atawa ambek. (Sil. 16:32) Urang moal nganyenyeri batur, utamana nu dipikanyaah ku urang. Ku kituna, urang moal kaduhung. Batur gé bakal meunang mangpaat lantaran urang ngadalikeun parasaan jeung kalakuan, sarta teu nganyenyeri maranéhna.

TULADAN NU SAMPURNA

Yésus téh sibuk jeung boga tanggung jawab gedé, tapi anjeunna lemah lembut ka kabéh jalma. Harita, loba nu hirup susah jeung butuh dililipur. Maranéhna tangtu disegerkeun waktu Yésus ngomong, ”Hiap datang ka Kami . . . Kami teh lemah lembut jeung rendah hate.”​—Mat. 11:28, 29.

Kumaha urang bisa boga sipat lemah lembut saperti Yésus? Urang kudu diajar Firman Allah supaya bisa nyonto sikep Yésus ka jalma-jalma jeung ningali naon nu anjeunna lakukeun waktu aya kasusah. Jadi waktu aya kasusah, urang bakal sabisa-bisa nyonto Yésus nu lemah lembut. (1 Pet. 2:21) Perhatikeun tilu hal nu ngabantu Yésus lemah lembut.

Yésus bener-bener rendah haté. Ceuk Yésus, ”Kami teh lemah lembut jeung rendah hate.” (Mat. 11:29) Alkitab nyebutkeun dua sipat ieu babarengan lantaran lemah lembut jeung rendah haté téh aya hubunganana. (Epe. 4:1-3, NW) Naon hubunganana?

Lamun rendah haté, urang moal ngarasa diri penting jeung moal babari kasinggung. Kumaha sikep Yésus waktu aya nu sangeunahna ngiritik anjeunna ”jelema rakus” jeung ”pamabokan tukang nginum”? Tina tindakanana, anjeunna ngabuktikeun éta téh salah. Sacara lemah lembut, anjeunna ngomong yén ”hikmat Allah mah . . . nyata tina padamelana-Na”.​—Mat. 11:19, Sunda Formal (SF).

Lamun aya omongan nu pinyerieun haté ngeunaan sélér, jenis kelamin, atawa kasang tukang Sadérék, Sadérék bisa tetep lemah lembut teu? Peter, kokolot di Afrika Selatan, nyebutkeun, ”Mun omongan batur nganyenyeri haté, abdi mikir, ’Yésus bakal kumaha nya?’ Abdi diajar sangkan teu ngarasa diri penting.”

Yésus ngarti manusa téh teu sampurna. Murid-murid Yésus téh jalma bageur. Tapi maranéhna teu sampurna, jadi sok hésé nyieun kahadéan. Contona dina peuting saacan Yésus maot, Pétrus, Yakobus, jeung Yohanes kalah ka saré padahal Yésus keur butuh dikuatkeun. Yésus paham, ”karep mah kuat, tapi badan hengker”. (Mat. 26:40, 41, SF) Yésus teu keuheul sabab maklum da maranéhna teu sampurna.

Mandy, saurang sadérék istri, baheulana sok ngiritik batur. Tapi, ayeuna manéhna sabisa-bisa nyonto Yésus. Ceuk manéhna, ”Abdi kudu inget, euweuh jalma nu sampurna. Abdi gé hayang nyonto Yéhuwa nu ningali sipat-sipat hadé batur.” Ningali Yésus lemah lembut ka jalma-jalma, na Sadérék ogé jadi hayang lemah lembut ka batur?

Yésus sumerah ka Allah. Basa di bumi, Yésus ngalaman kateuadilan. Anjeunna disalahartikeun, dipikangéwa, jeung disiksa. Tapi, anjeunna tetep lemah lembut lantaran ”sumerah ka pangersa Allah, Hakim anu adil”. (1 Pet. 2:23) Yésus nyaho Bapana bakal ngabantu anjeunna tetep tabah jeung bakal ngahukum jalma-jalma jahat éta dina waktuna.

Kadang aya alesan keur ambek, misalna waktu batur teu adil ka urang. Tapi inget, urang téh teu sampurna. Lamun urang ambek, tindakan urang bisa salah, kaayaanana gé bisa leuwih parah. Éta sababna, Alkitab ngingetkeun urang, ”Kaambek teh henteu sapuk jeung pangersa Allah.”​—Yak. 1:20.

Sadérék istri di Jerman nu ngaranna Kathy baheulana sok mikir, ’Mun lain urang sorangan, saha nu rék ngabéla?’ Tapi sanggeus ngandelkeun Yéhuwa, sikepna robah. Ceuk manéhna, ”Abdi geus teu teterusan ngabéla diri. Abdi bisa lemah lembut lantaran apal Yéhuwa bakal ngabéréskeun sagala masalah.” Mun ngalaman kateuadilan, pék conto Yésus nu percaya ka Allah. Sadérék bisa tetep lemah lembut.

”BAGJA JELEMA-JELEMA NU LEMAH LEMBUT”

Kumaha urang bisa némbongkeun sipat lemah lembut dina kaayaan siga kieu?

Yésus nyebutkeun mun hayang bagja, urang kudu lemah lembut. Ceuk anjeunna, ”Bagja jelema-jelema nu lemah lembut.” (Mat. 5:5, SF) Perhatikeun kumaha sipat lemah lembut ngabantu urang dina sababaraha kaayaan.

Ngurangan masalah dina perkawinan. ”Pamajikan abdi sering nyeri haté ku omongan abdi waktu abdi keur ambek,” ceuk Robert, saurang sadérék ti Australia. ”Tapi omongan nu geus kaluar teu bisa ditarik deui. Abdi kaduhung geus nganyenyeri manéhna.”

Urang ”sarerea oge remen nyieun kasalahan” dina omongan. (Yak. 3:2) Kekecapan nu teu dipikir heula bisa jadi masalah dina perkawinan. Dina kaayaan siga kitu, urang kudu lemah lembut supaya bisa tetep tenang jeung ngadalikeun omongan.​—Sil. 17:27.

Robert sabisa-bisa upaya pikeun tetep tenang jeung ngadalikeun diri. Naon hasilna? Ceuk manéhna, ”Ayeuna mah lamun béda pandangan, abdi upaya pikeun ngadéngékeun heula, ngajawab ku cara nu lemah lembut, jeung teu keuheul. Hubungan abdi jeung pamajikan jadi jauh leuwih hadé.”

Ngajaga karukunan jeung batur. Jalma nu gampang kasinggung mah moal boga loba babaturan. Tapi, sipat lemah lembut ngabantu urang ngajaga kasatunggalan jeung karukunan. (Epe. 4:2, 3, NW) Kathy, nu tadi geus disebutkeun, ngomong, ”Lamun lemah lembut, abdi ngarasa resep babarengan jeung batur, kaasup jalma nu hésé dideukeutan”.

Matak tengtrem batin. Alkitab ngahubungkeun ”kabijaksanaan ti luhur” jeung sipat lemah lembut sarta katengtreman. (Yak. 3:13, 17, NW) Jalma nu lemah lembut mah ’hatena sugema.’ (Sil. 14:30) Martin nu bajoang pikeun lemah lembut ngomong, ”Ayeuna abdi teu kaku teuing jeung teu keukeuh. Hirup gé jadi leuwih bagja jeung sugema.”

Nya, bisa jadi urang butuh upaya pikeun lemah lembut. Ceuk saurang sadérék, ”Jujur wé, abdi masih sok ngarasa keuheul pisan!” Tapi Yéhuwa, Pribadi nu ngajurung urang pikeun lemah lembut, bakal mantuan. (Yes. 41:10; 1 Tim. 6:11) Mantenna ’bakal nyampurnakeun jeung nguatkeun’ urang. (1 Pet. 5:10) Dina waktuna, siga Paulus, urang bisa nyonto Kristus nu bageur jeung lemah lembut.​—2 Kor. 10:1.

^ par. 2 Sababaraha ngaran geus diganti.