Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 19

Raja Kalér dina Ahir Jaman

Raja Kalér dina Ahir Jaman

”Dina ahir jaman, manéhna [raja kalér] jeung raja kidul bakal silih teunggar.”​—DAN. 11:40, Terjemahan Dunia Baru (NW).

KAWIH 150 Andelkeun Allah Sangkan Salamet

NU DIBAHAS *

1. Nubuat Alkitab ngabantu urang nyaho kana hal naon?

NAON nu sakeudeung deui bakal kaalaman ku umat Yéhuwa? Urang nyaho jawabanana. Nubuat Alkitab geus méré nyaho kajadian-kajadian penting nu bakal mangaruhan urang kabéh. Aya hiji nubuat nu ngajelaskeun naon nu bakal dilakukeun ku sababaraha pamaréntahan dunya nu gedé kawasana. Nubuat éta dicatet dina Daniel pasal 11. Di dinya ditulis sajarah ngeunaan dua raja nu silih lawan, nyaéta raja kalér jeung raja kidul. * Nubuat ieu téh lolobana geus laksana, jadi urang bisa yakin bagian nu séjénna ogé pasti laksana.

2. Saperti nu disebutkeun dina Kajadian 3:15 sarta Wahyu 11:7 jeung 12:17, naon nu kudu diinget waktu urang mariksa nubuat Daniél?

2 Sangkan paham kana nubuat dina Daniel pasal 11, urang kudu inget yén nu dibahas di dieu téh ngan pangawasa jeung pamaréntahan nu boga pangaruh langsung ka umat Allah atawa nu nganiaya umat Allah. Ku naon? Sabab tujuan utama Sétan jeung dunyana téh nyaéta ngabasmi kabéh nu taat ka Yéhuwa jeung Yésus. (Baca Kajadian 3:15 jeung Wahyu 11:7; 12:17.) Salian ti éta, nubuat nu aya dina buku Daniel ogé kudu luyu jeung nubuat-nubuat séjénna dina Firman Allah. Malah, urang bisa boga pamahaman nu bener ngeunaan nubuat Daniél lamun ngabandingkeunana jeung bagian-bagian Alkitab séjénna.

3. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu jeung artikel nu saterusna?

3 Ayeuna urang bakal ngabahas Daniel 11:25-39. Urang bakal ningali saha nu dimaksud ku raja kidul jeung raja kaler ti taun 1870 nepi ka 1991. Urang gé bakal merhatikeun ku naon urang kudu nyaluyukeun pamahaman urang kana sawaréh nubuat ieu. Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas Daniel 11:40–12:1. Urang gé bakal nyaluyukeun pamahaman urang kana sabagian nubuat éta nu ngabahas ngeunaan kajadian-kajadian ti taun 1990-an nepi ka perang Armagédon. Bari ngabahas dua artikel ieu, alus lamun urang ningali bagan ”Dua Raja nu Saingan dina Ahir Jaman”. Tapi mimitina, urang kudu nyaho heula saha dua raja nu dimaksud dina nubuat ieu.

SAHA RAJA KALÉR JEUNG RAJA KIDUL TÉH?

4. Tilu hal naon nu ngabantu urang paham saha raja kalér jeung raja kidul?

4 Mimitina, istilah ”raja kalér” jeung ”raja kidul” téh ngamaksudkeun pangawasa nu aya di beulah kalér jeung beulah kidul nagri Israil. Ti mana urang nyaho? Kieu ceuk malaikat nu nepikeun nubuat éta ka Daniél, ”Kami datang supaya maneh bisa ngarti kana hal anu bakal kasorang ku bangsa maneh [umat Allah] ka hareup.” (Dan. 10:14) Baheula, nu dimaksud ku umat Allah téh nyaéta bangsa Israil jasmani. Tapi ti saprak Péntakosta 33 M, Yéhuwa nunjukkeun yén nu jadi umat-Na téh nyaéta kabéh murid Kristus nu satia. Ku kituna, nubuat dina Daniel pasal 11 ieu lolobana ngabahas ngeunaan murid-murid Kristus, lain bangsa Israil jasmani. (Ras. 2:1-4; Rum 9:6-8; Gal. 6:15; 6:16, NW) Salian ti éta, nu jadi raja kalér sarta raja kidul téh gunta-ganti. Tapi, aya sababaraha hal nu tetep sarua. Kahiji, tindakan raja-raja éta boga pangaruh gedé ka umat Allah. Kadua, tindakan maranéhna ka umat Allah nunjukkeun yén maranéhna téh ijid ka Yéhuwa, Allah nu sajati. Jeung katilu, dua raja éta téh saingan.

5. Urang bisa nyaho teu saha raja kalér jeung raja kidul ti taun 100 nepi ka taun 1870? Jelaskeun.

5 Teu lila sanggeus taun 100 M, beuki loba urang Kristen palsu nu asup ka sidang Kristen. Maranéhna ngajarkeun pangajaran-pangajaran palsu jeung nyamunikeun bebeneran tina Firman Allah. Ti harita nepi ka taun 1870-an, teu aya hamba-hamba Allah nu diorganisasi di bumi. Urang Kristen palsu beuki loba siga eurih di lahan, jadi hésé pisan pikeun nyaho saha urang Kristen nu sajati. (Mat. 13:36-43) Ku naon fakta ieu penting? Sabab lamun euweuh umat Allah nu diorganisasi nu bisa diserang, tangtu raja kalér jeung raja kidul téh lain pangawasa nu maréntah ti taun 100 nepi ka taun 1870. * Tapi, urang bisa yakin yén raja kalér jeung raja kidul bakal muncul deui teu lila sanggeus taun 1870. Ti mana urang nyaho?

6. Iraha umat Yéhuwa diorganisasi deui sabagé hiji kelompok? Jelaskeun.

6 Ti saprak taun 1870, umat Yéhuwa diorganisasi deui sabagé hiji kelompok. Dina taun éta, Charles T. Russell jeung babaturanana diajar Alkitab babarengan. Maranéhna téh jadi utusan nu dinubuatkeun pikeun ”nyadiakeun jalan” saacan Karajaan Mésias diadegkeun. (Mal. 3:1) Ahirna, aya deui kelompok nu diorganisasi pikeun ngawula Yéhuwa! Harita, naha aya pangawasa dunya nu nganiaya umat Allah? Hayu urang tingali.

SAHA RAJA KIDUL TÉH?

7. Nepi ka Perang Dunya I, saha nu jadi raja kidul?

7 Dina taun 1870, Inggris geus jadi nagri nu pangkawasana jeung boga pasukan militér nu pangkuatna di sakuliah dunya. Inggris digambarkeun ku tanduk leutik nu ngarungkadkeun tilu tanduk séjénna, nyaéta Prancis, Spanyol, jeung Walanda. (Dan. 7:7, 8) Nepi ka Perang Dunya I, Inggris masih jadi raja kidul. Harita ogé, Amerika Serikat jadi nagri nu pangbeungharna di sakuliah dunya, sarta boga hubungan nu raket jeung Inggris.

8. Saha nu jadi raja kidul sapanjang ahir jaman?

8 Waktu Perang Dunya I, Inggris jeung Amerika Serikat ngagabung jadi hiji kakuatan militér nu hébat. Maranéhna disebut Kawasa Dunya Anglo-Amerika. Ieu cocog jeung nu dinubuatkeun ku Daniél yén raja kidul boga ’balad nu gede jeung rongkah’. (Dan. 11:25) Sapanjang ahir jaman, Anglo-Amerika jadi raja kidul. * Tapi, saha nu jadi raja kalér?

 

RAJA KALÉR MUNCUL DEUI

9. Iraha raja kalér muncul deui, jeung kumaha Daniel 11:25 laksana?

9 Dina taun 1871, sataun sanggeus Russell jeung babaturanana nyieun kelompok diajar Alkitab, raja kalér muncul deui. Harita, sababaraha daérah di Eropa ngagabungkeun kakuatan jadi Impérium Jerman. Mangpuluh-puluh taun saterusna, Jerman jadi nagri nu kuat jeung ngajajah nagri-nagri di Afrika sarta di Samudra Pasifik. Jerman hayang nyaingan kakawasaan Inggris. (Baca Daniel 11:25 tina catetan handap.) * Impérium Jerman ngabentuk pasukan militér nu kuat, jeung boga angkatan laut nu kadua pangkuatna di dunya. Dina Perang Dunya I, Jerman ngagunakeun kakuatan militérna pikeun ngalawan musuh-musuhna.

10. Kumaha Daniel 11:25b, 26 laksana?

10 Tuluy Daniél nyaritakeun naon nu bakal kaalaman ku Impérium Jerman sarta pasukan militérna. Nubuatna nyebutkeun yén raja kalér ”bakal gagal”. Ku naon? ”Lantaran dihianatan.” Ku saha? ”Ku para panasehatna anu pangdeukeutna, anu harayangeun ngagulingkeun manehna.” (Dan. 11:25b, 26a) Dina jaman Daniél, ’panasehat anu pangdeukeutna’ téh kaasup para pajabat istana. Jadi ieu téh ngamaksudkeun pajabat-pajabat tinggi dina Impérium Jerman, kaasup para jéndral jeung panaséhat militér nu deukeut jeung kaisar, nu ka dieunakeun nyababkeun kaisar léngsér. * Daniél teu ngan saukur nganubuatkeun runtuhna Impérium Jerman, tapi ogé nyebutkeun hasil ahir tina perangna jeung raja kidul. Ngeunaan raja kalér, disebutkeun yén ”prajurit-prajuritna loba anu paraeh, baladna kasapu”. (Dan. 11:26b) Saperti nu dinubuatkeun, dina Perang Dunya I, pasukan Jerman éléh jeung ”loba anu paraéh”. Korban perang éta téh kacida lobana, leuwih loba ti batan perang-perang saacanna.

11. Naon nu dilakukeun ku raja kalér jeung raja kidul?

11 Daniel 11:27, 28 ngajelaskeun naon nu kajadian saacan Perang Dunya I. Di dinya disebutkeun yén raja kalér jeung raja kidul bakal ”bareng dahar sameja reujeung, tapi masing-masing ngandung niat dengki jeung silih bohongan”. Disebutkeun ogé yén raja kalér bakal ”mawa barang jarahan”. Éta kabéh bener-bener kajadian! Jerman jeung Inggris, duanana ngomong hayang akur, tapi éta kabéh kabukti bohong waktu maranéhna silih perangan dina taun 1914. Mangpuluh-puluh taun saacan 1914 gé, Jerman geus ngumpulkeun loba harta jeung jadi nagri kadua nu pangbeungharna di dunya. Tuluy, nubuat dina Daniel 11:29 jeung bagian awal ayat 30 laksana waktu Jerman perang jeung raja kidul tapi éléh.

DUA RAJA ÉTA NYERANG UMAT ALLAH

12. Naon nu dilakukeun ku raja kalér jeung raja kidul dina Perang Dunya I?

12 Ti saprak taun 1914, dua raja éta beuki napsu dina silih perangan jeung nyerang umat Allah. Contona dina Perang Dunya I, boh Jerman boh Inggris nganiaya umat Allah sabab embung milu perang. Amerika Serikat ogé ngagebluskeun jalma-jalma nu mingpin kagiatan pangwawaran ka panjara. Panganiayaan ieu téh bukti laksanana nubuat dina Wahyu 11:7-10.

13. Ti saprak taun 1933 jeung salila Perang Dunya II, naon nu dilakukeun ku raja kalér?

13 Tuluy ti saprak taun 1933, jeung hususna salila Perang Dunya II, raja kalér nyerang umat Allah kalawan kejem. Basa partéy Nazi ngawasa di Jerman, Hitler jeung balad-baladna ngalarang kagiatan umat Allah. Maranéhna maéhan ratusan umat Yéhuwa, sarta ngirim rébuan séjénna ka kamp-kamp konséntrasi. Kajadian ieu geus dinubuatkeun ku Daniél. Raja kalér ”nganajiskeun Bait Allah” jeung ”ngeureunkeun kurban-kurban poean” ku cara ngalarang pangwawaran nu dilakukeun ku umat Yéhuwa. (Dan. 11:30b, 31a) Malah pamingpinna, nyaéta Hitler, sumpah bakal ngamusnakeun umat Allah di Jerman.

MUNCULNA RAJA KALÉR NU ANYAR

14. Saha nu jadi raja kalér sanggeus Perang Dunya II? Jelaskeun.

14 Sanggeus Perang Dunya II, Uni Soviet nu komunis ngawasaan kalolobaan daérah nu tadina dikawasaan ku Jerman. Sarua jiga pamaréntahan Nazi nu kejem, Uni Soviet jeung balad-baladna nganiaya kabéh jalma nu leuwih ngutamakeun ibadah ka Allah ti batan ngabdi ka nagara. Ku kituna, Uni Soviet jeung balad-baladna jadi raja kalér.

15. Naon nu dilakukeun ku raja kalér sanggeus Perang Dunya II réngsé?

15 Teu lila sanggeus Perang Dunya II réngsé, raja kalér nu anyar, nyaéta Uni Soviet jeung balad-baladna, nyerang umat Allah. Luyu jeung nubuat dina Wahyu 12:15-17, raja ieu ngalarang pangwawaran jeung ngirim rébuan umat Yéhuwa ka pangbuangan. Salila poé-poé panungtungan, Sétan ngadatangkeun ”banjir” panganiayaan liwat raja kalér, tapi maranéhna teu bisa ngeureunkeun kagiatan umat Allah. *

16. Kumaha Uni Soviet ngalaksanakeun nubuat dina Daniel 11:37-39?

16 Baca Daniel 11:37-39. Luyu jeung nubuat ieu, raja kalér ”nyabodokeun ka dewa pujaan karuhun-karuhunna”. Kumaha carana? Uni Soviet hayang nyingkirkeun agama-agama ku cara ngalemahkeun pangaruhna. Misalna ti taun 1918, pamaréntah Soviet nitah sangkan sakola-sakola ngajungjung atéisme. Tapi, aya ogé nu ku manéhna dihormat, nyaéta ”dewa pangaping benteng-benteng”. Kumaha carana? Ngarah jadi nagri nu kuat, Uni Soviet ngagolontorkeun loba pisan duit pikeun ngabentuk kakuatan militér jeung nyieun rébuan senjata nuklir. Saking lobana senjata nu dipiboga ku raja kalér jeung raja kidul, éta bisa maéhan miliaran jalma!

MUMUSUHAN TAPI SABILULUNGAN

17. Naon ”hal pikageuleuheun nu nyababkeun kabinasaan” téh?

17 Sanajan dua raja ieu téh mumusuhan, raja kalér ngadukung raja kidul pikeun ngawujudkeun hiji tujuan. Maranéhna ”ngadegkeun hal pikageuleuheun nu nyababkeun kabinasaan”. (Dan. 11:31, NW) ”Hal pikageuleuheun” éta téh nyaéta Perserikatan Bangsa-Bangsa.

18. Ku naon Perserikatan Bangsa-Bangsa disebut ”hal pikageuleuheun nu nyababkeun kabinasaan”?

18 Perserikatan Bangsa-Bangsa disebut ”pikageuleuheun” lantaran ngaku bisa ngalakukeun hiji hal nu sabenerna ngan bisa dilaksanakeun ku Karajaan Allah, nyaéta ngawujudkeun katengtreman dunya. Nubuat éta ogé nyebutkeun yén hal pikageuleuheun ieu ”nyababkeun kabinasaan” lantaran Perserikatan Bangsa-Bangsa bakal nyerang jeung ngancurkeun kabéh agama palsu.​—Tingali bagan ”Dua Raja nu Saingan dina Ahir Jaman”.

KU NAON URANG KUDU NYAHO NGEUNAAN SAJARAH IEU?

19-20. (a) Ku naon urang kudu nyaho ngeunaan sajarah ieu? (b) Pananya naon nu bakal dijawab dina artikel saterusna?

19 Urang kudu nyaho ngeunaan sajarah ieu lantaran éta ngabuktikeun yén ti taun 1870-an nepi ka awal 1990-an, nubuat Daniél ngeunaan raja kalér jeung raja kidul téh geus laksana. Ku kituna, urang bisa yakin yén bagian séjénna tina nubuat éta ogé pasti laksana.

20 Dina taun 1991, Uni Soviet runtuh. Jadi, saha atuh nu ayeuna jadi raja kalér? Engké dijawab dina artikel saterusna.

KAWIH 128 Tetep Tabah Nepi ka Panungtungan

^ par. 5 Urang geus ningali bukti yén nubuat Daniél ngeunaan ”raja kalér” jeung ”raja kidul” téh terus laksana. Kumaha urang bisa yakin? Jeung, ku naon urang kudu paham nubuat ieu sacara rinci?

^ par. 1 Luyu jeung kekecapan dina basa aslina, urang ngaganti ”raja Siria” ku ’raja kalér’ sarta ”raja Mesir” ku ’raja kidul’ pikeun cutatan-cutatan tina Daniel pasal 11 dina artikel ieu jeung artikel nu kadua.

^ par. 5 Lantaran katerangan ieu, Kaisar Aurelianus ti Rum (270-275 M) teu bisa deui disebut ”raja kalér”. Kitu ogé, Ratu Zenobia (267-272 M) teu bisa deui disebut ”raja kidul”. Ieu ngagantikeun pamahaman nu dibahas dina buku Perhatikanlah Nubuat Daniel! pasal 13 jeung 14.

^ par. 9 Daniel 11:25 (NW): ”Manéhna ngumpulkeun kakuatan jeung kawani pikeun ngalawan raja kidul maké balad nu gedé. Raja kidul geus taki-taki rék ngaladénan manéhna ku balad nu gedé jeung rongkah. Tapi manéhna [raja kalér] bakal gagal lantaran dihianatan.”

^ par. 10 Maranéhna nyababkeun Impérium Jerman runtuh liwat sababaraha cara. Contona, maranéhna teu ngadukung kaisar deui, ngungkabkeun rasiah perang, jeung maksa kaisar léngsér.

^ par. 15 Saperti nu disebutkeun dina Daniel 11:34, urang Kristen nu cicing di nagri nu dikawasaan ku raja kalér bakal meunang saeutik bongbolongan. Misalna, ieu kajadian basa Uni Soviet runtuh dina taun 1991.