Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 19

Moal Aya nu Bisa Ngahalangan Jalma nu Cinta kana Hukum Allah

Moal Aya nu Bisa Ngahalangan Jalma nu Cinta kana Hukum Allah

”Anu cinta kana hukum Gusti, kaamanana reugreug, moal aya naon-naon anu bisa ngabahyakeun maranehna.”​—JAB. 119:165.

KAWIH 122 Sing Teger sarta Pengkuh!

NU DIBAHAS *

1-2. Naon nu diomongkeun ku saurang jalma nu nulis buku, jeung naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

AYEUNA, jutaan jalma ngaku percaya ka Yésus, tapi henteu nuturkeun naon nu diajarkeun ku anjeunna. (2 Tim. 4:3, 4) Saurang jalma nu nulis buku pernah ngomong kieu, ”Saupama aya jalma nu jiga Yésus dina jaman ayeuna jeung ngomongkeun hal-hal nu percis jiga nu diomongkeun ku anjeunna . . . , na urang ogé bakal nolak anjeunna, sakumaha jalma-jalma dina jaman baheula? . . . Jawabanana nyaéta: Enya.”

2 Dina abad kahiji, loba jalma geus ngadéngékeun pangajaran Yésus jeung ningali anjeunna nyieun loba mujijat. Tapi, angger wéh maranéhna henteu boga iman ka Yésus. Ku naon bisa kitu? Dina artikel saacanna, urang geus ngabahas opat alesan ku naon jalma-jalma embung jadi murid Yésus. Ayeuna, urang bakal ngabahas opat alesan séjénna. Urang gé bakal ningali ku naon jalma-jalma embung ngadéngékeun warta ti urang, jeung kumaha supaya urang teu eureun ngawula Yéhuwa. Jiga nu geus dijelaskeun dina artikel saacanna, hal-hal nu dibahas dina artikel ieu téh hususna bisa ngabantu jalma-jalma nu asa-asa pikeun jadi Saksi.

(1) YÉSUS TEU NGABÉDA-BÉDAKEUN JELEMA

Loba nu embung jadi murid Yésus sabab anjeunna gaul jeung jalma-jalma nu dianggap daroraka. Kumaha hal éta gé nyababkeun jalma-jalma embung ngadéngékeun warta urang? (Tingali paragrap 3) *

3. Naon nu nyababkeun sababaraha jalma nolak Yésus?

3 Waktu aya di bumi, Yésus daék gaul jeung kabéh jalma. Anjeunna dahar bareng jeung jalma-jalma anu baleunghar sarta boga kawasa. Tapi, Yésus gé daék gaul jeung jalma-jalma nu mariskin sarta digencét ku batur. Yésus karunyaeun ka jalma-jalma nu dianggap ”daroraka”. Éta anu nyababkeun sababaraha jalma anu sombong nolak Yésus. Maranéhna nanya ka murid-muridna Yésus, ”Naha maraneh wet dahar nginum bareng jeung tukang-tukang cuke jeung bangsa daroraka?” Yésus ngajawab, ”Nu sarehat mah, teu perlu tabib. Nu perlu tabib mah, anu garering. Kami ka dunya teh lain rek nyaur nu balener, tapi rek nyaur nu daroraka, sina tobat tina dosana.”​—Luk. 5:29-32, Sunda Formal [SF].

4. Mun ningali ramalan Nabi Yésaya, urang Yahudi kuduna geus nyaho kana hal naon?

4 Naon nu geus diramalkeun dina Kitab Suci? Jauh saacan Mésias datang, Nabi Yésaya geus ngaramalkeun yén Mésias moal ditarima ku dunya ieu. Nabi Yésaya nulis, ”Anjeunna ku [jalma-jalma] dihina, ditampik . . . Saurang ge euweuh nu hayangeun nenjo-nenjo acan ka anjeunna, ku urang teu dipalire, dianggap teu aya bae.” (Yes. 53:3) Mésias geus diramalkeun bakal ditampik ku jalma-jalma. Jadi, kuduna urang Yahudi geus nyaho yén Yésus bakal ditolak ku jalma-jalma.

5. Umat Allah dianggap kumaha ku dunya?

5 Na dina jaman ayeuna gé masalahna sarua? Enya. Para pamingpin agama resep lamun anu jadi jamaahna téh jalma-jalma anu penting, nu beunghar, jeung nu dianggap pinter ku dunya. Maranéhna teu paduli najan jalma-jalma éta kalakuan jeung ahlakna ruksak, atawa teu nuturkeun patokan hirup ti Allah. Tapi umat Allah nu kalakuanana bener kalah ka direndahkeun ku maranéhna. Ku naon bisa kitu? Sabab umat Allah dianggap teu penting ku dunya. Tapi Paulus ngomong, anu dipilih ku Allah téh nyaéta jalma-jalma ”anu ku dunya dianggap hina”. (1 Kor. 1:26-29) Jadi, keur Yéhuwa mah kabéh umat-Na téh penting.

6. Dina Mateus 11:25, 26, Yésus ngomong naon? Kumaha urang bisa nyonto anjeunna?

6 Kumaha supaya iman urang tetep kuat? (Baca Mateus 11:25, 26.) Ulah kapangaruhan ku cara pandang dunya ieu ka umat Allah. Sing inget, Yéhuwa ngan ngagunakeun jalma-jalma anu rendah haté pikeun ngajalankeun kahayang-Na. (Jab. 138:6) Terus, pikirkeun ogé kumaha Yéhuwa ngalakukeun loba hal liwat jalma-jalma anu dianggap teu pinter ku dunya ieu.

(2) YÉSUS NGABOLÉKÉRKEUN PANGAJARAN NU SALAH

7. Ku naon Yésus nyebut urang Parisi téh munapék? Kumaha réaksi maranéhna?

7 Yésus wani ngabolékérkeun kamunapékan para pamingpin agama dina jamanna. Misalna, Yésus nunjukkeun yén urang Parisi téh jalma-jalma anu marunapék. Maranéhna leuwih mentingkeun carana ngumbah leungeun tibatan ngurus kolotna sorangan. (Mat. 15:1-11) Katingalina, murid-murid Yésus rareuwaseun ngadéngé omongan Yésus ka urang Parisi. Jadi maranéhna nanya ka Yésus, ”Bapa, uninga urang Parisi nyarerieun hate ku kasauran Bapa tadi?” Yésus ngajawab, ”Pepelakan anu lain beunang melak Rama Kami nu di sawarga, kabeh bakal dirabut. Teu kudu risi ku urang Parisi! Pamingpin-pamingpin lolong kabehanana. Nu lolong nungtun nu lolong tangtu duanana tiguling kana solokan.” (Mat. 15:12-14) Sanajan para pamingpin agama teu resep kana omongan Yésus, Yésus tetep méré nyaho naon anu bener.

8. Kumaha cara Yésus ngajelaskeun yén teu kabéh agama ditarima ku Allah?

8 Yésus ogé ngabolékérkeun pangajaran-pangajaran anu palsu. Ceuk anjeunna, teu kabéh agama ditarima ku Allah. Anjeunna ngajelaskeun, bakal loba nu milih jalan nu lega anu tungtungna kana kabinasaan, jeung bakal saeutik nu milih jalan anu sempit anu nungtun kana kahirupan. (Mat. 7:13, 14) Maksudna, bakal aya nu ngakuna ngalayanan Allah, padahal kanyataanana mah henteu. Jadi anjeunna ngingetan, ”Sing awas ka nabi-nabi palsu! Datangna ka maraneh make ulat domba, tapi hatena mah hate ajag. Maraneh baris nyaho ka maranéhna tina tingkah lakuna.”​—Mat. 7:15-20.

Loba nu embung jadi murid Yésus sabab anjeunna ngabolékérkeun pangajaran palsu jeung tindakan anu salah. Kumaha hal éta gé nyababkeun jalma-jalma embung ngadéngékeun warta urang? (Tingali paragrap 9) *

9. Yésus ngabolékérkeun pangajaran salah naon waé?

9 Naon nu geus diramalkeun dina Kitab Suci? Ramalan dina Alkitab méré nyaho yén Mésias bakal cinta pisan ka imah Yéhuwa. (Jab. 69:10; Yoh. 2:14-17) Parasaan éta anu ngagerakkeun Yésus pikeun ngabolékérkeun pangajaran-pangajaran jeung tindakan-tindakan anu salah. Misalna, urang Parisi percaya, sanajan saurang jalma maot, arwahna mah bakal terus hirup. Ari ceuk Yésus, jalma anu geus maot téh jiga nu keur saré. (Yoh. 11:11) Terus, urang Saduki henteu percaya saurang jalma bisa dihirupkeun deui tina maot. Yésus ngabuktikeun éta téh salah ku cara ngahirupkeun deui Lasarus. (Yoh. 11:43, 44; Ras. 23:8) Salian ti éta, urang Parisi percaya kana takdir, jadi manusa teu bisa ngarobah jalan hirupna. Tapi ari ceuk Yésus mah, manusa téh bisa bébas nyieun putusan, misalna mutuskeun rék ngawula Allah atawa henteu.​—Mat. 11:28.

10. Ku naon loba nu teu resep kana pangajaran urang?

10 Na dina jaman ayeuna gé masalahna sarua? Enya. Ayeuna gé, loba nu teu resep ka urang lantaran urang ngagunakeun Alkitab pikeun ngabolékérkeun pangajaran palsu ti agama-agama. Para pamingpin agama ngajarkeun yén Allah nyiksa jalma-jalma jahat di naraka. Maranéhna ngagunakeun pangajaran palsu ieu pikeun nyingsieunan jamaahna supaya jamaahna nurut ka maranéhna. Tapi sabalikna, umat Yéhuwa mah ngajarkeun Allah téh nyaahan. Urang ngabantu jalma-jalma paham yén pangajaran ngeunaan naraka téh salah. Para pamingpin agama gé ngajarkeun, sanajan saurang jalma maot, arwahna mah bakal terus hirup. Tapi lamun pangajaran éta mémang bener, jang naon aya jangji yén jalma-jalma bakal dihirupkeun deui? Jadi, urang ngabuktikeun yén pangajaran éta gé teu dumasar kana Alkitab. Terus sanajan loba agama ngajarkeun ngeunaan takdir, urang mah ngajarkeun yén jalma-jalma boga kabébasan pikeun nyieun putusan sarta boga kabébasan pikeun milih, na rék ngawula ka Allah atawa henteu. Kumaha réaksi para pamingpin agama? Maranéhna ambek pisan ka urang!

11. Dumasar kana kekecapan Yésus dina Yohanes 8:45-47, naon nu dipiharep ku Allah ti umat-Na?

11 Kumaha supaya iman urang tetep kuat? Lamun urang cinta kana bebeneran, urang bakal percaya jeung nuturkeun firman ti Allah. (Baca Yohanes 8:45-47.) Urang mah moal jiga Sétan si Iblis nu ninggalkeun bebeneran. Urang gé moal ngalakukeun naon waé anu teu sajalan jeung kapercayaan urang. (Yoh. 8:44) Allah miharep urang ’ngamusuh kagorengan’ jeung ”mikasuka anu bener” jiga Yésus.​—Rum 12:9; Ibr. 1:9.

(3) YÉSUS DIKANIAYA

Loba nu embung jadi murid Yésus sabab anjeunna maot dina tihang. Kumaha hal éta gé nyababkeun jalma-jalma embung ngadéngékeun warta urang? (Tingali paragrap 12) *

12. Ku naon loba urang Yahudi nolak Yésus lantaran ningali cara anjeunna maot?

12 Hal naon deui nu nyababkeun urang Yahudi nolak Yésus? Ceuk Paulus, ”Ku sim kuring sabatur-batur ngan disodoran wawaran hal Kristus [digantung dina tihang]. Puguh bae urang Yahudi asa dihina.” (1 Kor. 1:23) Ku naon cara maotna Yésus jadi masalah keur maranéhna? Yésus téh maotna dina tihang, jadi Yésus dianggap sabagé penjahat jeung jalma anu dosa, lainna Mésias.​—Pam. 21:22, 23.

13. Urang Yahudi nu nolak Yésus teu paduli kana kanyataan naon?

13 Urang Yahudi nu nolak Yésus harita téh teu paduli kana kanyataan yén anjeunna teu salah jeung anjeunna geus dipitnah. Para hakim dina Mahkamah Agung Yahudi ngahakiman Yésus ku cara nu teu adil. Maranéhna gé henteu nuturkeun aturan dina pangadilan. (Luk. 22:54; Yoh. 18:24) Maranéhna henteu mariksa heula tuduhan anu ditujukeun ka Yésus. Terus, maranéhna gé kalah ka ”neangan bukti palsu anu bisa ngalantarankeun Yesus dihukum pati”. Tapi pas buktina teu kapanggih-panggih, maranéhna ngahaja mancing Yésus supaya salah ngomong jeung bisa didakwa. Cara jiga kitu téh ngalanggar hukum. (Mat. 26:59; Mar. 14:55-64) Terus waktu Yésus geus dihirupkeun deui, para hakim nu teu jujur ieu méré ”duit gede pisan” pikeun nyogok para prajurit Rum. Maranéhna hayang para prajurit nyebarkeun kabohongan yén murid-murid Yésus geus maok mayit anjeunna.​—Mat. 28:11-15.

14. Naon nu geus diramalkeun dina Kitab Suci ngeunaan Mésias?

14 Naon nu geus diramalkeun dina Kitab Suci? Harita, loba urang Yahudi teu nyangka Mésias kudu maot. Padahal sabenerna, hal éta téh geus diramalkeun dina Kitab Suci, ”Anjeunna geus ihlas ngurbankeun nyawana nalangan hukuman jalma doraka, jadi gaganti jalma doraka. Sarta mangnedakeun sangkan maranehna bisa dihampura.” (Yes. 53:12) Jadi, sabenerna urang Yahudi téh teu kudu héran waktu Yésus dihukum pati sabagé jalma dosa.

15. Ku naon sababaraha jalma embung ngadéngékeun warta ti Saksi Yéhuwa?

15 Na dina jaman ayeuna gé masalahna sarua? Enya. Baheula, Yésus dipitnah jeung dihakiman ku cara nu teu adil. Ayeuna gé, Saksi-Saksi Yéhuwa ngalaman hal éta. Perhatikeun sababaraha contona. Di Amerika Serikat, dina taun 1920-1950, urang kudu mangkali-kali ngabéla hak urang di pangadilan pikeun ibadah ka Yéhuwa. Sababaraha hakim jelas-jelas boga prasangka goréng ka urang. Terus di Quebec, Kanada, garéja jeung pamaréntah sakongkol hayang ngeureunkeun kagiatan urang. Loba pawarta dipanjara lantaran ngawawarkeun Karajaan Allah. Terus di Jerman, sababaraha sadérék ngora dipaéhan ku Nazi. Salian ti éta, sababaraha taun ieu, di Rusia loba dulur saiman urang anu didakwa jeung dipanjara lantaran ngawawar. Ceuk pamaréntah di ditu, ngawawar téh kagiatan anu bahaya. Malah Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru dina basa Rusia dilarang. Éta dianggap buku nu pibahayaeun, sabab di jerona aya nami Yéhuwa.

16. Jiga nu disebutkeun dina 1 Yohanes 4:1, ku naon urang sakuduna henteu percaya kana carita bohong ngeunaan umat Yéhuwa?

16 Kumaha supaya iman urang tetep kuat? Pariksa heula nu sabenerna. Waktu méré hutbah di gunung, Yésus ngingetan yén para murid bakal ”dipitenah, disebut jelema jahat”. (Mat 5:11, SF) Gegedug tina kabohongan éta téh nyaéta Sétan. Manéhna mangaruhan jalma-jalma pikeun nyebarkeun kabohongan ngeunaan umat Allah anu cinta kana bebeneran. (Wahyu 12:9, 10) Tong percaya kana kabohongan jiga kitu, sabab engké urang bisa jadi sieun jeung lemah iman.​—Baca 1 Yohanes 4:1.

(4) YÉSUS DIHIANATAN JEUNG DITINGGALKEUN

Loba nu embung jadi murid Yésus sabab anjeunna dihianatan ku Yudas. Kumaha hal éta gé nyababkeun jalma-jalma embung ngadéngékeun warta urang? (Tingali paragrap 17-18) *

17. Kajadian-kajadian naon nu nyababkeun batur embung jadi muridna Yésus?

17 Saacan Yésus maot, salah sahiji ti 12 rasulna ngahianat ka Yésus. Aya ogé nu teu ngaku ka Yésus tilu kali. Geus kitu, dina peuting saacan Yésus dipaéhan, kabéh rasulna ninggalkeun Yésus. (Mat. 26:14-16, 47, 56, 75) Tapi, Yésus teu héran kana hal ieu. Malah, anjeunna sorangan geus ngaramalkeun ieu téh bakal kajadian. (Yoh. 6:64; 13:21, 26, 38; 16:32) Nah harita, jalma-jalma nu ningali hal ieu meureun mikir, ’Ah, jang naon jadi muridna Yésus? Kabéh rasulna gé ninggalkeun anjeunna!’

18. Ramalan-ramalan naon anu jadi kanyataan saacan Yésus maot?

18 Naon nu geus diramalkeun dina Kitab Suci? Ratusan taun saacanna, Yéhuwa geus nyebutkeun dina Firman-Na yén Mésias bakal dihianatan demi 30 geblég pérak. (Jak. 11:12, 13) Nu ngahianatna téh sobatna sorangan. (Jab. 41:10) Terus Nabi Jakaria nulis, ”Tarajang itu pangangon anu digawe pikeun Kami! Paehan, dombana pabalencarkeun.” (Jak. 13:7) Jelema anu bener mah moal eureun jadi murid Yésus waktu ningali kajadian éta. Justru, imanna bakal beuki kuat.

19. Jalma nu bener geus nyaho kana hal naon?

19 Na dina jaman ayeuna gé masalahna sarua? Enya. Dina jaman urang gé, aya sababaraha Saksi anu eureun ngawula Yéhuwa. Geus kitu maranéhna jadi jalma murtad jeung hayang ngahasud dulur-dulur saiman nu séjén. Maranéhna ngagogoréng urang, nyebarkeun carita nu geus diréka-réka, sarta nyebarkeun kabohongan ngeunaan Saksi Yéhuwa dina koran, radio, TV, jeung Internét. Tapi, jalma anu bener mah moal kapangaruhan. Maranéhna teu héran, sabab hal-hal éta geus diramalkeun dina Alkitab.​—Mat. 24:24; 2 Pet. 2:18-22.

20. Kumaha supaya urang teu kapangaruhan ku jalma nu murtad? (2 Timoteus 4:4, 5)

20 Kumaha supaya iman urang tetep kuat? Urang kudu ngajaga iman urang supaya tetep kuat ku cara rutin diajar Alkitab, ngadoa, jeung terus sibuk dina ngajalankeun tugas ti Yéhuwa. (Baca 2 Timoteus 4:4, 5.) Lamun boga iman nu kuat, urang moal hariwang mun aya nu ngagogoréng Saksi Yéhuwa. (Yes. 28:16, Terjemahan Dunia Baru) Urang gé moal kapangaruhan ku jalma-jalma murtad lamun urang nyaah ka Yéhuwa, kana Firman-Na, jeung ka dulur-dulur urang.

21. Sanajan kalolobaan jalma embung ngadéngékeun warta urang, urang bisa yakin kana hal naon?

21 Dina abad kahiji, loba jalma nolak Yésus. Tapi, loba ogé anu daék jadi muridna. Malah, aya ”loba imam” jeung sahenteuna saurang anggota Sanhédrin anu jadi muridna Yésus. (Ras. 6:7; Mat. 27:57-60; Mar. 15:42, 43) Ayeuna gé kitu. Jutaan jalma daék jadi murid Yésus. Ku naon? Sabab maranéhna apal jeung cinta kana bebeneran anu aya dina Alkitab. Alkitab nyebutkeun, ”Anu cinta kana hukum Gusti kaamanana reugreug, moal aya naon-naon anu bisa ngabahyakeun maranehna.”​—Jab. 119:165.

KAWIH 124 Terus Satia

^ par. 5 Dina artikel saacanna, urang geus ngabahas opat alesan ku naon jalma-jalma nolak Yésus jeung embung ngadéngékeun warta ti Saksi-Saksi Yéhuwa. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas opat alesan séjénna. Urang gé bakal ningali ku naon jalma nu nyaah ka Yéhuwa kuduna moal pernah eureun ngawula Mantenna.

^ par. 60 KATERANGAN GAMBAR: Yésus dahar bareng jeung Mateus sarta tukang cuké.

^ par. 62 KATERANGAN GAMBAR: Yésus ngusir para tukang dagang ti bait.

^ par. 64 KATERANGAN GAMBAR: Yésus dipaksa manggul tihang siksaan.

^ par. 66 KATERANGAN GAMBAR: Yudas ngahianat Yésus ku cium.