Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 18

Na Sadérék Teu Yakin pikeun Jadi Murid Yésus?

Na Sadérék Teu Yakin pikeun Jadi Murid Yésus?

”Bagja jamuga sing saha anu henteu cangcaya ka Kami!”​—MAT. 11:6.

KAWIH 54 ”Ieu jalanna”

NU DIBAHAS *

1. Waktu Sadérék ngabagikeun bebeneran, bisa jadi kumaha réaksi batur?

NA SADÉRÉK inget pas mimiti diajar bebeneran? Pangajaran Alkitab téh meni jelas pisan jeung gampang dipikaharti. Sadérék ngarasa, kabéh jalma pasti daék ngadéngékeun hal ieu. Sadérék yakin, naon anu diajarkeun Alkitab téh bisa ngabantu jalma-jalma boga kahirupan nu leuwih hadé jeung boga harepan. (Jab. 119:105) Jadi, Sadérék meni sumanget pisan hayang méré nyaho bebeneran ka kulawarga jeung kabéh babaturan Sadérék. Éh tapi geuningan, loba nu embung ngadéngékeun.

2-3. Kumaha sikep kalolobaan jalma dina jaman Yésus?

2 Urang teu kudu héran lamun jalma-jalma embung ngadéngékeun warta nu urang uarkeun. Ku naon? Dina jaman Yésus gé, kalolobaan jalma embung ngadéngékeun anjeunna. Padahal, jelas-jelas mujijat Yésus ngabuktikeun anjeunna téh didukung ku Allah. Misalna, Yésus pernah ngahirupkeun deui Lasarus. Éta téh bukti anu daék teu daék kudu ditarima ku musuh-musuhna. Najan kitu, para pamingpin agama Yahudi mah angger wéh embung narima Yésus sabagé Mésias. Malah, maranéhna justru hayang maéhan Yésus jeung Lasarus!​—Yoh. 11:47, 48, 53; 12:9-11.

3 Yésus apal, kalolobaan jalma teu percaya yén anjeunna téh Mésias. (Yoh. 5:39-44) Yésus ngomong ka sababaraha muridna Yohanes Jurubaptis, ”Bagja jamuga sing saha nu henteu cangcaya ka Kami!” (Mat. 11:2, 3, 6) Tapi, ku naon loba nu teu percaya ka Yésus?

4. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

4 Dina artikel ieu jeung artikel saterusna, urang bakal ngabahas sababaraha alesan ku naon jalma-jalma dina jaman Yésus henteu percaya ka anjeunna. Terus, urang bakal ngabahas ku naon jalma-jalma dina jaman ayeuna gé embung ngadéngékeun warta urang. Tapi nu pangpentingna, urang bakal ngabahas carana boga iman nu kuat ka Yésus supaya terus jadi muridna.

(1) KASANG TUKANG YÉSUS

Loba nu embung jadi murid Yésus sabab ningali kasang tukang anjeunna. Kumaha hal éta gé nyababkeun jalma-jalma embung ngadéngékeun warta urang? (Tingali paragrap 5) *

5. Ku naon sababaraha jalma teu percaya Yésus téh Mésias nu diramalkeun?

5 Loba nu teu percaya ka Yésus sabab ningali kasang tukangna. Maranéhna ngakukeun yén Yésus téh mémang guru nu hébat jeung bisa nyieun loba mujijat. Tapi keur maranéhna mah, Yésus téh ngan anak ti saurang tukang kayu. Geus kitu, Yésus téh asalna ti Nasarét, kota nu disapirakeun ku jalma-jalma. Malah salah saurang muridna, nyaéta Natanaél, pernah nanya kieu, ”Na aya kitu anu hade ti Nasaret?” (Yoh. 1:46) Meureun, harita Natanaél nyapirakeun kota asalna Yésus. Atawa, meureun manéhna inget kana ramalan nu dicatet dina Mika 5:1, nu nyebutkeun Mésias téh lahirna di Bétléhém, lainna di Nasarét.

6. Naon nu sakuduna dilakukeun ku jalma-jalma dina jaman Yésus ngarah apal yén anjeunna téh Mésias?

6 Naon nu geus diramalkeun dina Kitab Suci? Nabi Yésaya ngaramalkeun yén musuh-musuh Yésus bakal ngabaékeun ”asal-usul [Mésias]”. (Yes. 53:8, Terjemahan Dunia Baru) Kuduna jalma-jalma téh mariksa asal-usulna Yésus sarta ngabandingkeunana jeung ramalan ngeunaan Mésias. Ku kituna, maranéhna bakal apal yén Yésus téh lahirna di Bétléhém, sarta turunan ti Raja Daud. (Luk. 2:4-7) Yésus lahir di tempat nu geus diramalkeun dina Mika 5:1. Jadi, ku naon jalma-jalma harita teu percaya ka Yésus? Maranéhna téh gancang teuing nyieun kasimpulan, padahal can nyaho kabéh katerangan ngeunaan Yésus. Matakna, maranéhna jadi teu percaya ka Yésus.

7. Ku naon loba jalma embung ngadéngé warta ti Saksi Yéhuwa?

7 Na dina jaman ayeuna gé masalahna sarua? Enya. Kalolobaan Saksi Yéhuwa téh jalma anu saderhana. Maranéhna dianggap ”jalma-jalma basajan bae, lain anu palinter”. (Ras. 4:13) Sababaraha jalma nganggap Saksi Yéhuwa téh teu pantes ngajarkeun Alkitab ku sabab maranéhna henteu sakola agama. Salian ti éta, Saksi-Saksi Yéhuwa gé dianggap sabagé ”agamana urang Amerika”. Padahal sabenerna, kira-kira ngan 14 persén Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya anu cicing di Amerika Serikat. Terus, aya ogé nu nganggap Saksi Yéhuwa téh teu percaya ka Yésus. Malah, salila mangtaun-taun Saksi Yéhuwa dicap sabagé ”agama nu nyasabkeun batur” atawa ”tukang ngaruksak kulawarga”. Jadi, loba jalma embung ngadéngékeun warta ti urang. Maranéhna geus kapangaruhan ku carita-carita éta jeung teu nyaho nu sabenerna ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa.

8. Dumasar Rasul 17:11, naon nu kuduna dilakukeun ku jalma-jalma supaya nyaho nu sabenerna ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa?

8 Kumaha supaya iman urang tetep kuat? Urang kudu mariksa kabéh faktana. Éta anu dilakukeun ku Lukas nu nulis Injil. Manéhna mariksa ’kalayan taliti sagala perkawis ti awit kajadianana’. Manéhna gé hayang jalma-jalma anu maca Injilna nyaho sakumaha ’benerna sagala perkawis’ anu diajarkeun ngeunaan Yésus. (Luk. 1:1-4) Baheula, urang Yahudi di Béréa téh taliti jiga Lukas. Sanggeus ngadéngé warta hadé ngeunaan Yésus, maranéhna langsung mariksa Kitab-Kitab Ibrani pikeun ngabuktikeun bener henteuna nu diajarkeun. (Baca Rasul 17:11.) Ayeuna gé, urang kudu mariksa kabéh faktana. Urang kudu ngabandingkeun naon nu diajarkeun ku umat Allah jeung nu diajarkeun ku Kitab Suci. Urang gé kudu mariksa bener henteuna naon nu diomongkeun ku batur ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa. Lamun urang geus bener-bener mariksa, urang moal langsung percaya kana omongan batur. Urang gé moal kababawa ku prasangka goréng.

(2) YÉSUS EMBUNG NYIEUN KAAJAIBAN

Loba nu embung jadi murid Yésus sabab anjeunna embung nyieun kaajaiban. Kumaha hal éta gé nyababkeun jalma-jalma embung ngadéngékeun warta urang? (Tingali paragrap 9-10) *

9. Waktu Yésus embung nyieun kaajaiban, jalma-jalma jadi kumaha?

9 Sababaraha jalma dina jaman Yésus ngarasa teu puas ngan saukur ngadéngé pangajaran Yésus anu luar biasa. Maranéhna ménta Yésus ”ngadamel kaajaiban geusan ngabuktikeun yen Anjeunna asal ti Allah”. (Mat. 16:1) Meureun maranéhna jiga kitu téh lantaran boga pamahaman anu salah ngeunaan Daniel 7:13, 14. Tapi, harita can waktuna Yéhuwa ngawujudkeun ramalan éta. Pangajaran Yésus sakuduna geus cukup pikeun ngabuktikeun anjeunna téh Mésias. Jadi waktu Yésus embung nyieun kaajaiban, maranéhna kalah ka teu percaya Yésus téh Mésias.​—Mat. 16:4.

10. Kumaha ramalan Yésaya ngeunaan Mésias laksana dina diri Yésus?

10 Naon nu geus diramalkeun dina Kitab Suci? Nabi Yésaya pernah nulis kieu ngeunaan Mésias, ”Anjeunna moal huak-haok garawak-garowok, moal pidato di jalan-jalan.” (Yes. 42:1, 2) Yésus ngajalankeun palayananana ku cara nu basajan. Anjeunna teu ngawangun imah-imah ibadah, teu maké baju kaagamaan anu istiméwa, sarta embung dibéré gelar-gelar kahormatan jiga para pamingpin agama. Waktu Yésus diadilan, Raja Hérodés ménta anjeunna nyieun mujijat. Tapi, Yésus nolak paméntana sanajan nyawana kaancam. (Luk. 23:8-11) Mémang, Yésus pernah nyieun sababaraha mujijat, tapi lain éta tujuan utama Yésus datang ka bumi. Keur anjeunna, nu pangutamana téh nyaéta ngawawarkeun warta hadé. Yésus pernah ngomong ka murid-muridna, ”Sabab kitu tujuan Kami datang teh.”​—Mar. 1:38.

11. Naon nu dipiharep ku jalma-jalma?

11 Na dina jaman ayeuna gé masalahna sarua? Enya. Loba jalma ayeuna tajub ningali tempat-tempat ibadah anu megah jeung para pamingpin agama nu boga gelar-gelar kahormatan. Maranéhna gé resep kana perayaan-perayaan nu asal usulna henteu dipikanyaho jeung henteu dumasar kana Alkitab. Tapi, jalma-jalma jiga kitu téh teu nyaho loba ngeunaan Allah jeung tujuana-Na. Sabalikna, jalma-jalma nu datang ka pasamoan Kristen mah diajarkeun naon anu dipikahayang ku Yéhuwa ti urang. Geus kitu, Balé Karajaan urang gé bersih jeung saderhana, henteu dihias ku barang-barang anu méwah. Salian ti éta, jalma-jalma anu ngurus sidang henteu maké baju-baju anu husus. Maranéhna gé henteu dibéré gelar-gelar kahormatan. Kabéh anu diajarkeun jeung dipercaya ku urang téh dasarna tina Alkitab. Najan kitu, masih loba kénéh nu embung ngadéngékeun warta urang, sabab maranéhna mikir cara ibadah urang téh biasa-biasa waé. Terus, nu diajarkeun ku urang téh henteu sajalan jeung kahayang maranéhna.

12. Jiga nu dijelaskeun dina Ibrani 11:1, 6, naon anu sakuduna jadi dasar pikeun iman urang?

12 Kumaha supaya iman urang tetep kuat? Rasul Paulus ngomong ka urang Kristen di Rum, ”Percaya kana eta warta teh kudu ngadenge heula wartana, ari wartana katarimana ti jelema-jelema anu ngawawarkeun hal Kristus.” (Rum 10:17) Jadi, kumaha supaya iman urang bisa kuat? Urang kudu bener-bener diajar Alkitab, lainna datang ka perayaan-perayaan anu teu sajalan jeung Alkitab, sanajan perayaanana katingalina pikaresepeun pisan. Iman urang kudu dumasar kana pamahaman anu bener. Mun teu boga iman mah, urang moal bisa nyenangkeun Allah. (Baca Ibrani 11:1, 6.) Urang teu kudu ningali kaajaiban heula pikeun ngabuktikeun bebeneran. Sakuduna diajar Alkitab téh geus cukup.

(3) YÉSUS TEU NUTURKEUN KABIASAAN URANG YAHUDI

Loba nu embung jadi murid Yésus sabab anjeunna embung teu nuturkeun kabiasaan jalma-jalma. Kumaha hal éta gé nyababkeun jalma-jalma embung ngadéngékeun warta urang? (Tingali paragrap 13) *

13. Ku naon jalma-jalma embung jadi murid Yésus?

13 Dina jaman Yésus, murid-muridna Yohanes Jurubaptis haréraneun ningali murid-muridna Yésus teu ngajalankeun puasa. Yésus ngajelaskeun yén murid-muridna teu kudu puasa lantaran anjeunna hirup kénéh. (Mat. 9:14-17) Tapi angger wéh, urang Parisi jeung jalma-jalma nu teu resep ka Yésus mah ngagogoréng anjeunna, lantaran Yésus teu nuturkeun kabiasaan urang Yahudi. Para pamingpin agama ngaku yén maranéhna ngajalankeun Sabat, matakna maranéhna ambek waktu Yésus nyageurkeun jalma nu gering dina poé Sabat. (Mar. 3:1-6; Yoh. 9:16) Tapi héranna, waktu ningali jalma-jalma dagang di bait, maranéhna kalah ka cicing waé. Malah mah, maranéhna jadi ambek ka Yésus waktu Yésus nyarékan para tukang dagang. (Mat. 21:12, 13, 15) Terus, waktu Yésus ngajar di imah ibadah di Nasarét, jalma-jalma di ditu ambek lantaran Yésus nyaritakeun sajarah Israil pikeun ngabolékérkeun yén maranéhna téh égois sarta teu boga iman. (Luk. 4:16, 25-30) Sikep Yésus ieu ngalantarankeun jalma-jalma embung jadi muridna.​—Mat. 11:16-19.

14. Ku naon Yésus ngutuk kabiasaan jalma-jalma nu teu sajalan jeung Firman Allah?

14 Naon nu geus diramalkeun dina Kitab Suci? Liwat Nabi Yésaya, Yéhuwa ngomong, ”Ieu bangsa majar ngaku ka Kami teh ngan semet biwir, teu terus jeung hatena. Agamana taya lian ti aturan-aturan jeung tali paranti beunang nyieun jalma. Eta bae anu diarapalkeunana teh.” (Yes. 29:13) Harita, Yésus téh ngutuk kabiasaan jalma-jalma sabab teu sajalan jeung Firman Allah. Aya nu nganggap aturan jeung kabiasaan jieunan manusa leuwih penting tibatan Firman Allah. Tindakan éta téh sarua jiga nolak Yéhuwa sarta pribadi nu diutus ku Mantenna sabagé Mésias.

15. Ku naon loba anu teu resep ka Saksi Yéhuwa?

15 Na dina jaman ayeuna gé masalahna sarua? Enya. Loba jalma keuheul lantaran Saksi Yéhuwa embung miluan perayaan-perayaan anu teu sajalan jeung Alkitab, misalna ulang taun jeung taun baru. Nu séjénna ambek lantaran Saksi Yéhuwa embung ngarayakeun hari raya nasional atawa miluan upacara pikeun ngahormat jalma anu geus maot. Jalma-jalma nu ambek jiga kitu biasana mah ngarasa cara ibadahna geus bener jeung ditarima ku Allah. Tapi sabenerna, maranéhna moal bisa nyenangkeun Allah lamun masih kénéh miluan perayaan-perayaan anu henteu sajalan jeung Alkitab.​—Mar. 7:7-9.

16. Dumasar Jabur 119:97, 113, 163-165, naon nu kudu dilakukeun jeung nu kudu dijauhan ku urang?

16 Kumaha supaya iman urang tetep kuat? Urang kudu upaya supaya beuki cinta kana hukum jeung prinsip ti Yéhuwa. (Baca Jabur 119:97, 113, 163-165.) Mun urang nyaah ka Yéhuwa, urang moal pipilueun kabiasaan anu dipikangéwa ku Mantenna. Urang moal ngantep naon waé ngéléhkeun kanyaah urang ka Yéhuwa.

(4) YÉSUS HENTEU NGAROBAH PAMARÉNTAHAN

Loba nu embung jadi murid Yésus sabab anjeunna teu pipilueun dina urusan pulitik. Kumaha hal éta gé nyababkeun jalma-jalma embung ngadéngékeun warta urang? (Tingali paragrap 17) *

17. Ku naon loba urang Yahudi embung jadi murid Yésus?

17 Dina jaman Yésus, sababaraha jalma hayang pamaréntahan dirobah. Maranéhna miharep Mésias bisa ngabébaskeun maranéhna nu ditindes ku pamaréntah Rum. Tapi waktu maranéhna nyoba ngajadikeun Yésus raja, anjeunna embungeun. (Yoh. 6:14, 15) Tapi nu séjénna, kaasup para imam, sieun lamun Yésus ngarobah pamaréntahan. Maranéhna sieun pamaréntah Rum ngambek jeung nyabut wewenang maranéhna. Ku karana hal-hal éta, loba urang Yahudi embung jadi murid Yésus.

18. Jalma-jalma teu paduli kana ramalan nu jiga kumaha?

18 Naon nu geus diramalkeun dina Kitab Suci? Mémang, loba ramalan anu nunjukkeun yén Mésias bakal jadi Raja nu nalukkeun kabéh pamaréntahan. Tapi, aya ogé ramalan nu nyebutkeun yén anjeunna kudu maot heula demi nebus dosa urang. (Yes. 53:9, 12) Jadi, ku naon atuh urang Yahudi boga pandangan nu salah ngeunaan Mésias? Sabab maranéhna ngan mikirkeun ramalan-ramalan nu bisa langsung ngaréngsékeun masalah maranéhna. Maranéhna teu paduli kana ramalan-ramalan nu ngawujudna téh lain dina jaman maranéhna.​—Yoh. 6:26, 27.

19. Ku naon loba jalma embung ngadéngékeun warta ti urang?

19 Na dina jaman ayeuna gé masalahna sarua? Enya. Ayeuna gé, loba jalma nu teu resep ka urang lantaran urang henteu pipilueun dina urusan pulitik. Maranéhna hayang urang miluan nyoblos waktu aya pemilu. Tapi urang apal, dina pandangan Yéhuwa, mun urang milih pamingpin manusa, éta hartina urang nolak Mantenna. (1 Sam. 8:4-7) Jalma-jalma gé meureun mikir sakuduna urang téh ngawangun sakola, rumah sakit, atawa ngalakukeun kagiatan-kagiatan amal séjénna. Éta sababna, jalma-jalma embungeun ngadéngékeun warta urang, lantaran nu diutamakeun ku urang téh nyaéta kagiatan pangwawaran, lainna langsung ngaréngsékeun masalah-masalah nu aya di dunya.

20. Jiga nu ditandeskeun ku Yésus dina Mateus 7:21-23, naon nu kuduna diutamakeun ku urang?

20 Kumaha supaya iman urang tetep kuat? (Baca Mateus 7:21-23.) Nu kudu diutamakeun ku urang téh nyaéta ngajalankeun paréntah Yésus. (Mat. 28:19, 20) Urang kuduna teu disimpangkeun ku urusan pulitik atawa masalah-masalah nu aya di dunya. Urang mémang nyaah ka jalma-jalma jeung hayang mantuan maranéhna. Tapi urang apal cara nu panghadéna pikeun mantuan maranéhna téh nyaéta ku ngajarkeun ngeunaan Karajaan Allah jeung mantuan maranéhna jadi sobat Yéhuwa.

21. Naon sakuduna tékad urang?

21 Dina artikel ieu, urang geus ngabahas opat hal nu nyababkeun jalma-jalma dina abad kahiji nolak Yésus. Hal-hal éta ogé nyababkeun jalma-jalma dina jaman ayeuna embung ngadéngékeun warta urang. Tapi, teu ngan hal-hal éta hungkul anu kudu disingkahan ku urang. Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas opat hal séjén anu bisa ngahalangan urang pikeun jadi muridna Yésus. Mugia urang boga tékad pikeun boga iman nu kuat jeung teu eureun jadi murid Yésus!

KAWIH 56 Cekel Pageuh Bebeneran

^ par. 5 Yésus téh Guru nu panghébatna nu pernah aya di bumi, tapi kalolobaan jalma dina jamanna teu percaya ka Yésus. Ku naon? Urang bakal ngabahas opat alesanana. Urang gé bakal ningali yén ayeuna, loba nu embung ngadéngékeun warta urang lantaran keur maranéhna mah, omongan jeung laku lampah urang téh anéh. Nu pangpentingna, urang bakal ngabahas carana boga iman nu kuat ka Yésus ngarah urang teu eureun jadi muridna. Artikel ieu jeung artikel saterusna hususna bakal ngabantu jalma-jalma nu geus diajar Alkitab tapi teu yakin pikeun jadi Saksi.

^ par. 60 KATERANGAN GAMBAR: Pilipus ngajurung Natanaél pikeun manggihan Yésus.

^ par. 62 KATERANGAN GAMBAR: Yésus nguarkeun warta hadé.

^ par. 64 KATERANGAN GAMBAR: Yésus nyageurkeun lalaki nu leungeunna kémpér.

^ par. 66 KATERANGAN GAMBAR: Yésus nyorangan di gunung.