Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naha Sadérék Terang?

Naha Sadérék Terang?

Na jalma-jalma dina jaman Alkitab ngagunakeun papirus pikeun nyieun parahu?

Tangkal papirus

LOBA jalma geus apal, baheula urang Mesir osok nulis dina kertas anu dijieun tina tangkal papirus. Urang Yunani jeung urang Rum ogé osok nulis dina papirus. * Tapi, sabenerna papirus bisa ogé dipaké pikeun nyieun parahu.

Dua paparahuan tina papirus nu kapanggih dina makam urang Mesir

Leuwih ti 2.700 taun katukang, Nabi Yésaya nulis yén jalma-jalma di ”wilayah walungan-walungan di Étiopia” ngirim ”utusan ngaliwatan laut, mareuntasna téh numpak parahu nu dijieun tina papirus”. Ka dieunakeun, Nabi Yérmia ngaramalkeun yén pasukan Média-Pérsia bakal nyerang kota Babilon jeung ngaduruk ”parahu-parahu tina papirus” supaya urang Babilon teu bisa kalalabur.​—Yes. 18:1, 2, Terjemahan Dunia Baru [NW]; Yer. 51:32, NW.

Alkitab téh wahyu ti Allah, jadi eusina pasti bener. Matakna, jalma-jalma nu diajar Alkitab mah teu héraneun waktu para ahli manggihan bukti yén baheula papirus digunakeun pikeun nyieun parahu. (2 Tim. 3:16) Bukti nu dipanggihan ku para ahli téh nunjukkeun sacara rinci carana urang Mesir nyieun parahu tina papirus.

KUMAHA CARANA NYIEUN PARAHU TINA PAPIRUS?

Lukisan jeung ukiran dina kuburan urang Mesir ngajelaskeun carana ngala papirus jeung nyieun parahu tina éta tangkal. Sababaraha dahan diteukteuk tina tangkal, terus dibeungkeut jadi hiji. Engké, beungkeutan éta bakal ditalian jeung beungkeutan séjénna supaya ngahiji. Dahan papirus téh bentukna sagitilu. Jadi mun ditalianana pageuh, engké beungkeutanana bakal weweg. Ceuk buku A Companion to Ancient Egypt, parahu tina papirus téh panjangna bisa nepi ka 17 méter. Jadi, dina unggal sisina téh bisa diteundeun 10 nepi ka 12 dayung.

Ukiran urang Mesir nu nunjukkeun carana nyieun parahu tina papirus

KU NAON JALMA-JALMA NGAGUNAKEUN PAPIRUS PIKEUN NYIEUN PARAHU?

Di Mesir, néangan tangkal papirus téh babari lantaran aya loba di lebak-lebak di sapanjang Walungan Nil. Salian ti éta, nyieun parahu tina papirus téh teu pati hésé. Matakna, sanajan jalma-jalma mulai ngagunakeun kai pikeun nyieun parahu nu gedé, para nalayan jeung tukang moro mah masih kénéh resep nyieun parahu jeung rakit tina tangkal papirus.

Salila mangabad-abad, jalma-jalma terus ngagunakeun parahu tina papirus. Ceuk saurang ahli sastra ti Yunani nu ngaranna Plutarch, nu hirup di antara abad kahiji atawa kadua M, parahu tina papirus téh masih kénéh digunakeun dina jaman manéhna.

^ par. 3 Papirus téh bangsa tatangkalan nu jiga awi. Tangkal papirus biasana aya di rawa jeung di walungan anu caina tenang. Tangkal papirus téh jangkungna bisa nepi ka 5 méter. Diaméter dahanna bisa nepi ka 15 sentiméter.