Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 21

Yéhuwa Bakal Méré Kakuatan ka Sadérék

Yéhuwa Bakal Méré Kakuatan ka Sadérék

”Ari keur lembek sim kuring mah jadi bedas.”​—2 KOR. 12:10.

KAWIH 73 Pasihan Abdi Kawani

NU DIBAHAS *

1-2. Masalah naon waé nu disanghareupan ku umat Yéhuwa?

RASUL Paulus méré naséhat ka Timoteus pikeun ngalakukeun nu panghadéna dina palayanan. (2 Tim. 4:5) Urang gé kudu sabisa-bisa nuturkeun naséhatna Paulus. Tapi, éta téh teu gampang. Loba dulur saiman urang anu kudu bener-bener wani pikeun ngawawar. (2 Tim. 4:2, Sunda Formal) Misalna, aya dulur saiman nu cicing di nagri anu pamaréntahna ngawatesan atawa ngalarang kagiatan urang. Maranéhna kudu wani ngawawar sanajan bisa waé maranéhna jadi dipanjara!

2 Umat Yéhuwa nyanghareupan masalah-masalah nu bisa ngaleutikkeun haté. Misalna, loba nu kudu digawé banting tulang demi nyumponan kabutuhan kulawarga. Meureun maranéhna gé hayang leuwih sering dines, tapi biasana dina ahir minggu, maranéhna geus capé pisan. Terus, aya ogé nu teu bisa sering-sering dines lantaran gering parah, geus kolot, atawa teu bisa ka mamana. Nu séjénna ngarasa diri euweuh gunana keur Yéhuwa. Mary, * saurang sadérék istri nu cicing di Timur Tengah, ngomong, ”Abdi kudu bener-bener upaya ngalawan pikiran goréng. Abdi jadi capé. Abdi gé sok jadi teu boga waktu jeung tanaga pikeun dines. Jadi wéh, abdi beuki ngarasa salah.”

3. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Teu sual naon masalah nu disanghareupan ku urang, Yéhuwa bisa méré urang kakuatan nu dibutuhkeun supaya urang bisa terus ngawula Mantenna sabisa-bisana. Tapi saacan urang bahas carana Yéhuwa mantuan urang, hayu urang bahas heula carana Yéhuwa méré kakuatan ka Paulus jeung Timoteus ngarah maranéhna bisa ngalakukeun nu panghadéna dina palayanan sanajan aya tangtangan.

KAKUATAN PIKEUN TERUS NGAWAWAR

4. Paulus boga masalah naon waé?

4 Paulus téh boga loba masalah. Misalna, manéhna pernah diteunggeulan, dibalédogan ku batu, jeung dibui. (2 Kor. 11:23-25) Harita, pasti manéhna butuh kakuatan ti Yéhuwa. Manéhna gé ngaku, kadang manéhna kudu bajoang ngalawan parasaan leutik haté. (Rum 7:18, 19, 24) Salian ti éta, manéhna téh boga ”kanyeri dina awak” nu ibarat cucuk. Manéhna nepi ka sababaraha kali ménta supaya Yéhuwa ngaleungitkeunana.​—2 Kor. 12:7, 8.

Ku naon Paulus bisa terus ngalayanan Yéhuwa? (Tingali paragrap 5-6) *

5. Najan boga loba masalah, naon waé nu bisa dilakukeun ku Paulus?

5 Waktu Paulus boga loba masalah, Yéhuwa nguatkeun Paulus supaya manéhna bisa terus ngajalankeun palayananana. Perhatikeun naon hasilna. Misalna, waktu jadi tahanan imah di Rum, Paulus terus ngawawar ka loba jalma, kaasup ka para pamingpin agama Yahudi jeung para pajabat. (Ras. 28:17; Pil. 4:21, 22) Manéhna gé ngawawar ka para pangawal karaton jeung ka saha waé nu ngadatangan manéhna. (Ras. 28:30, 31; Pil. 1:13) Terus, harita Paulus dibéré ilham ku Allah pikeun nulis surat-surat nu nguatkeun dulur-dulur saimanna. Surat-suratna gé masih nguatkeun urang ayeuna. Tuladan Paulus gé nguatkeun dulur-dulur saiman di sidang Rum. Sadérék-sadérék di ditu jadi ”leuwih warani nguarkeun eta amanat Allah”. (Pil. 1:14) Jadi najan Paulus teu bisa ngalakukeun loba hal, manéhna ngalakukeun nu panghadéna, ”malah ngalantarankeun eta wawaran hal Injil Kasalametan leuwih maju”.​—Pil. 1:12.

6. Dumasar 2 Korinta 12:9, 10, ku naon Paulus bisa ngalakukeun nu panghadéna dina palayanan?

6 Paulus sadar, manéhna bisa ngalakukeun nu pangahadéna dina palayanan téh lain ku kakuatanana sorangan, tapi ku lantaran kakuatan ti Allah. Paulus ngarasakeun sorangan, kakawasaan Allah ”paling matih ana [urang] keur lembek”. (Baca 2 Korinta 12:9, 10.) Liwat roh suci-Na, Yéhuwa méré kakuatan ka Paulus pikeun ngalakukeun nu panghadéna dina palayanan, sanajan manéhna dikaniaya, dipanjara, jeung boga masalah séjénna.

Ku naon Timoteus bisa terus ngalayanan Yéhuwa? (Tingali paragrap 7) *

7. Masalah naon waé nu disanghareupan ku Timoteus?

7 Timoteus gé kudu ngandelkeun kakuatan ti Yéhuwa supaya bisa ngalakukeun nu panghadéna dina palayanan. Geus lila Timoteus maturan Paulus dina tugas utusan injil. Salian ti éta, Paulus gé ngutus Timoteus ka sababaraha sidang pikeun nguatkeun dulur-dulur saiman. (1 Kor. 4:17) Meureun, Timoteus ngarasa teu sanggup. Matakna, Paulus méré nyaho Timoteus, ”Hidep ulah pedah ngora tuluy beunang disapirakeun.” (1 Tim. 4:12) Terus, harita Timoteus gé boga cucuk di jero awak, manéhna téh geringan. (1 Tim. 5:23) Tapi Timoteus apal, liwat roh suci, Yéhuwa bisa méré kakuatan nu dibutuhkeun supaya manéhna bisa terus ngawawarkeun warta hadé jeung ngalayanan dulur-dulur saiman.​—2 Tim. 1:7.

KAKUATAN PIKEUN TERUS SATIA SANAJAN AYA LOBA MASALAH

8. Kumaha Yéhuwa nguatkeun urang ayeuna?

8 Dina jaman ayeuna gé, Yéhuwa méré kakuatan nu luar biasa ka umat-Na supaya bisa terus satia ngalayanan Mantenna. (2 Kor. 4:7) Hayu bahas opat hal nu disadiakeun ku Yéhuwa pikeun nguatkeun urang jeung ngabantu urang tetep satia ngalayanan Mantenna, nyaéta: doa, Alkitab, dulur saiman, jeung dines.

Yéhuwa méré urang kakuatan liwat doa (Tingali paragrap 9)

9. Kumaha doa bisa ngabantu urang?

9 Meunang kakuatan tina doa. Jiga nu dicatet dina Epesus 6:18, Paulus ngajurung urang pikeun terus ngadoa ka Allah dina ”sagala perkara”. Allah pasti nguatkeun urang. Jonnie ti Bolivia ngarasakeun kumaha Yéhuwa mantuan manéhna waktu manéhna boga masalah. Sakali waktu, pamajikan jeung indung bapana Jonnie gering parah. Manéhna kudu ngurus tiluanana sakaligus. Éta téh beurat pisan. Terus, indungna maot. Pamajikan jeung bapana gé meni lila cageurna. Jonnie nyarita, ”Basa éta, pas keur hariwang pisan, abdi ngadoa ka Yéhuwa jeung nyaritakeun sakabéh parasaan abdi. Éta téh ngabantu pisan.” Yéhuwa méré kakuatan ka Jonnie supaya manéhna tetep teger. Terus, aya deui pangalaman saurang kokolot nu ngaranna Ronald ti Bolivia. Indungna téh keuna kangker jeung maot sabulan sanggeusna. Naon nu ngabantu manéhna tetep teger? Ceuk Ronald, ”Abdi ngadoa ka Yéhuwa jeung nyaritakeun sakabéh parasaan abdi. Abdi yakin, Yéhuwa nu paling kenal ka diri abdi. Malah, Mantenna leuwih kenal ka abdi tibatan abdi sorangan.” Kadang, meureun urang gé ngarasa teu sanggup nyanghareupan masalah-masalah urang, jeung teu nyaho kudu ngomong naon dina doa. Tapi sanajan urang hésé ngungkabkeun parasaan urang, Yéhuwa tetep hayang urang ngadoa.​—Rum 8:26, 27.

Yéhuwa méré urang kakuatan liwat Alkitab (Tingali paragrap 10)

10. Dumasar Ibrani 4:12, ku naon maca jeung ngalenyepan Alkitab téh penting pisan?

10 Meunang kakuatan tina Alkitab. Paulus maca Kitab Suci supaya bisa ditegerkeun jeung meunang kakuatan. Urang bisa nurutan Paulus. (Rum 15:4) Waktu urang maca jeung ngalenyepan Alkitab, Yéhuwa bisa ngagunakeun roh suci-Na pikeun ngabantu urang ngarti kumaha ayat-ayat nu dibaca bisa ngabantu urang nyanghareupan masalah. (Baca Ibrani 4:12.) Ronald, nu tadi dicaritakeun, ngomong, ”Abdi bungah lantaran geus biasa maca Alkitab unggal peuting. Abdi ngalenyepan sipat-sipat Yéhuwa sarta kanyaah-Na waktu urusan jeung umat-Na. Éta bener-bener nguatkeun abdi.”

11. Kumaha saurang sadérék istri nu keur sungkawa meunang kakuatan tina Alkitab?

11 Mun urang ngalenyepan Firman Allah, urang bisa boga cara pikir nu bener kana masalah nu keur disanghareupan ku urang. Hayu tingali kumaha Alkitab ngabantu saurang sadérék istri nu keur sungkawa. Aya kokolot nu méré saran ka sadérék istri ieu pikeun maca buku Ayub. Pas maca, manéhna langsung ningali yén Ayub téh boga cara pikir nu salah. Di jero haté, manéhna ngomong, ”Ayub, ulah boga pikiran goréng jiga kitu!” Tapi sanggeus ngomong kitu, manéhna sadar, manéhna gé boga cara pikir jiga kitu. Alkitab ngabantu sadérék ieu supaya ngandelkeun Yéhuwa jeung teu mikirkeun teuing masalahna. Manéhna jadi boga kakuatan pikeun nyanghareupan kasedih lantaran ditinggal maot ku salakina.

Yéhuwa méré urang kakuatan liwat dulur saiman (Tingali paragrap 12)

12. Kumaha Yéhuwa ngagunakeun dulur-dulur saiman pikeun nguatkeun urang?

12 Meunang kakuatan ti dulur saiman. Yéhuwa gé bisa ngagunakeun dulur-dulur saiman pikeun nguatkeun urang. Paulus pernah nyebutkeun, manéhna téh hayang pisan papanggih jeung dulur-dulur saimanna supaya ”bisa silih kuatkeun”. (Rum 1:11, 12) Mary, nu disebutkeun dina awal artikel gé, ngarasakeun mangpaatna gaul jeung dulur-dulur saiman. Ceuk manéhna, ”Yéhuwa téh ngagunakeun dulur-dulur saiman pikeun nguatkeun abdi, padahal maranéhna teu nyaho masalah abdi. Omongan maranéhna téh meni ngagedékeun haté pisan! Maranéhna gé sok méré kartu ucapan ka abdi. Abdi jadi kahibur pisan. Abdi gé sok nyarita jeung tatanya ka sadérék istri nu boga masalah nu sarua jiga abdi. Terus di sidang gé, para kokolot ngayakinkeun, abdi téh dipikanyaah ku sidang.”

13. Kumaha urang bisa silih kuatkeun jeung dulur-dulur saiman dina pasamoan?

13 Salah sahiji tempat anu paling cocog pikeun silih kuatkeun jeung dulur-dulur saiman téh nyaéta dina pasamoan. Waktu datang ka pasamoan, Sadérék bisa ngungkabkeun kanyaah ka dulur-dulur saiman. Sadérék gé bisa ngahaturkeun nuhun kana naon anu geus dilakukeun ku maranéhna. Misalna, saacan pasamoan, saurang kokolot nu ngaranna Peter muji saurang sadérék istri anu salakina lain Saksi. Ceuk manéhna, ”Nuhun nya, geus datang ka pasamoan. Meni nguatkeun pisan. Sadérék terus mawa genep budak Sadérék ka pasamoan. Barudak gé meni rapih jeung siap méré koméntar.” Pas ngadéngé kitu, sadérék istri éta ampir ngeclakkeun cipanon. Manéhna ngomong, ”Duh, nuhun pisan nya! Omongan Sadérék téh meni nguatkeun abdi.”

Yéhuwa méré urang kakuatan liwat dines (Tingali paragrap 14)

14. Kumaha dines bisa méré kakuatan ka urang?

14 Meunang kakuatan tina dines. Waktu urang méré nyaho bebeneran Alkitab ka batur, urang bungah, teu sual maranéhna daék ngadéngékeun atawa henteu. (Sil. 11:25) Saurang sadérék istri nu ngaranna Stacy ngarasakeun kumaha dines téh méré kakuatan. Waktu aya kulawargana anu dipecat ti sidang, Stacy sedih pisan jeung teterusan mikir, ’Kuduna mah baheula abdi bisa mantuan manéhna.’ Stacy terus kapikiran hal éta. Naon nu ngabantu manéhna? Dines! Waktu dines, manéhna mikirkeun jalma-jalma di daérahna anu kudu dibantuan. Ceuk manéhna, ”Harita, Yéhuwa méré abdi palajar Alkitab anu gancang pisan nyieun kamajuanana. Abdi dikuatkeun pisan. Nu paling ngabantu abdi nyanghareupan masalah téh, nya dines.”

15. Sadérék diajar naon tina pangalaman Mary?

15 Aya dulur saiman anu ngarasa, maranéhna teu bisa ngalakukeun loba hal dina palayanan lantaran kaayaan maranéhna. Lamun Sadérék ngarasa jiga kitu, inget ieu: Yéhuwa senang lamun Sadérék méré anu panghadéna. Perhatikeun Mary anu tadi dicaritakeun. Waktu manéhna pindah ka daérah nu maké basa séjén, manéhna ngarasa teu bisa nanaon. Ceuk Mary, ”Pikeun sababaraha waktu, dina pasamoan téh abdi ngan bisa méré koméntar nu saderhana jeung maca ayat Alkitab. Ari dina dines abdi ngan bisa méré risalah.” Mary jadi ngarasa teu aya nanaonna dibandingkeun jeung sadérék-sadérék séjén nu lancar ngagunakeun basa éta. Tapi, Mary ngarobah cara pikirna. Mary sadar, Yéhuwa bisa ngagunakeun manéhna, teu sual kumaha kamampuh basana. Ceuk Mary, ”Pangajaran Alkitab téh saderhana, tapi justru éta anu bisa ngarobah kahirupan jalma-jalma.”

16. Kumaha sadérék-sadérék nu teu bisa kaluar imah bisa meunang kakuatan?

16 Yéhuwa nyaho, meureun di antara urang aya nu hayang dines tapi teu bisa kaluar imah lantaran kaayaan urang. Najan kitu, Yéhuwa tetep ngahargaan niat urang. Yéhuwa gé bisa mantuan urang pikeun ngawawar ka dokter atawa ka jalma nu datang pikeun ngurus urang. Terus, ulah ngabandingkeun kaayaan ayeuna jeung waktu baheula urang bisa ngalakukeun loba hal, sabab engké urang bisa leutik haté. Sing inget, Yéhuwa téh terus nulungan urang. Jadi, urang bakal boga kakuatan supaya bisa tetep teger jeung tetep bagja.

17. Dumasar Pandita 11:6, ku naon urang kudu terus ngawawar najan katingalina euweuh nu minat?

17 Urang kudu getol melak binih bebeneran, sabab urang teu nyaho mana nu bakal tumuwuh. (Baca Pandita 11:6.) Misalna, perhatikeun pangalaman Barbara, saurang sadérék istri nu umurna geus 80 taun leuwih. Manéhna téh osok méré kasaksian liwat telepon jeung surat. Sakali waktu, manéhna nulis surat jeung méré majalah Menara Pengawal 1 Maret 2014. Di ditu, aya artikel anu judulna ”Apa yang Allah Beri untuk Anda”. Barbara teu apal, manéhna ngirim éta surat ka salaki pamajikan nu geus dipecat ti sidang. Ku salaki pamajikan éta, majalahna dibaca terus mangkali-kali. Si salaki ngarasa, jiga Yéhuwa nu ngomong langsung ka manéhna. Jadi salaki pamajikan éta mulai milu masamoan deui. Jeung ahirna, sanggeus 27 taun leuwih, manéhna duaan jadi Saksi deui. Bayangkeun kumaha parasaan Barbara. Manéhna pasti gedé haté pisan jeung ngarasa dikuatkeun lantaran ningali hasil tina suratna!

Yéhuwa méré urang kakuatan liwat (1) doa, (2) Alkitab, (3) dulur saiman, jeung (4) dines (Tingali paragrap 9-10, 12, 14)

18. Urang kudu kumaha supaya meunang kakuatan ti Allah?

18 Yéhuwa méré loba hal pikeun nguatkeun urang, misalna doa, Alkitab, dulur-dulur saiman, jeung dines. Mun urang ngamangpaatkeun hal-hal éta, urang nunjukkeun yén urang percaya Yéhuwa hayang jeung bisa nulungan urang. Hayu urang terus ngandel ka Bapa nu di sawarga nu ”maparin [kakuatan] ka sing saha anu suhud hate ka Mantenna”.​—2 Bab. 16:9.

KAWIH 61 Maju, Saksi-Saksi!

^ par. 5 Urang téh hirup dina jaman anu susah. Tapi, Yéhuwa mantuan urang supaya urang bisa tetep teger. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kumaha Yéhuwa mantuan Paulus jeung Timoteus supaya bisa terus ngalayanan Mantenna, sanajan maranéhna boga masalah. Geus kitu, urang bakal ngabahas opat hal nu disadiakeun ku Yéhuwa supaya urang bisa tetep teger jeung terus ngalayanan Mantenna.

^ par. 2 Ngaran geus diganti.

^ par. 53 KATERANGAN GAMBAR: Waktu jadi tahanan imah di Rum, Paulus nulis surat-surat keur sababaraha sidang jeung ngawawar ka jalma-jalma nu ngadatangan manéhna.

^ par. 55 KATERANGAN GAMBAR: Timoteus nguatkeun dulur-dulur saiman waktu ngadatangan sidang-sidang.