ARTIKEL PALAJARAN 23
Bantu Budak Sadérék Mikanyaah Yéhuwa
”Maranéh kudu nyaah ka Yéhuwa, Allah maranéh, ku sapinuhna haté, sagemblengna nyawa, jeung sakabéh pikiran.”—MAT. 22:37.
KAWIH 134 Barudak Kurnia ti Allah
NU DIBAHAS *
1-2. Ku naon bisa waé aya ayat-ayat Alkitab anu jadi leuwih keuna kana haté urang waktu kahirupan urang barobah?
WAKTU nikah, pangantén lalaki jeung awéwé bener-bener ngadéngékeun hutbah perkawinanana. Maranéhna meureun geus sering ngadéngékeun hutbah jiga kitu. Tapi ayeuna mah béda. Hutbah ieu jadi leuwih penting keur maranéhna, sabab maranéhna bakal jadi salaki pamajikan jeung kudu ngalarapkeun naséhat tina hutbah éta.
2 Kitu ogé jeung pasangan anu bakal boga budak. Salila mangtaun-taun, meureun maranéhna geus sering ngadéngékeun hutbah ngeunaan carana ngagedékeun budak. Tapi ayeuna, hutbah éta jadi leuwih penting keur maranéhna, sabab sakeudeung deui maranéhna sorangan nu bakal ngagedékeun budak. Ngagedékeun budak téh tanggung jawab anu gedé! Nya, waktu kahirupan urang barobah, bisa waé aya ayat-ayat Alkitab anu jadi leuwih keuna kana haté urang. Éta sababna, umat Yéhuwa terus rutin maca jeung ngalenyepan Alkitab ’saumur hirupna’, sarua siga raja-raja Israél di jaman baheula.—Pam. 17:19.
3. Naon anu bakal dibahas dina artikel ieu?
3 Indung Bapa, Sadérék téh boga salah sahiji tugas istiméwa sabagé urang Kristen, nyaéta ngajar barudak ngeunaan Yéhuwa. Tapi, Sadérék pasti embung ngan ngajarkeun barudak ngeunaan Yéhuwa hungkul. Sadérék gé hayang barudak téh nyaah ka Yéhuwa. Naon nu bisa dilakukeun supaya barudak Sadérék nyaah ka Yéhuwa? Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas opat prinsip Alkitab anu bakal ngabantu para kolot. (2 Tim. 3:16) Urang gé bakal ningali sababaraha pangalaman kolot Kristen anu geus ngarasakeun mangpaatna ngalarapkeun naséhat Alkitab.
OPAT PRINSIP ANU BISA NGABANTU KOLOT
4. Naon salah sahiji prinsip keur kolot supaya maranéhna bisa ngabantu barudak pikeun mikanyaah Yéhuwa? (Yakobus 1:5)
4 Prinsip 1: Téangan bingbingan ti Yéhuwa. Pénta kabijaksanaan ti Yéhuwa supaya Sadérék bisa ngabantu barudak pikeun mikanyaah Anjeunna. (Baca Yakobus 1:5.) Yéhuwa bisa méré naséhat anu panghadéna. Ku naon? Perhatikeun dua alesanana. Kahiji, sabagé kolot nu pangmimitina, Yéhuwa téh pasti geus pangalaman. (Jab. 36:10) Kadua, naséhat nu bijaksana ti Anjeunna téh pasti aya mangpaatna.—Yes. 48:17.
5. (a) Naon anu geus disadiakeun ku organisasi Yéhuwa pikeun ngabantu para kolot? (b) Jiga nu ditémbongkeun dina vidéo, Sadérék diajar naon tina cara pasangan Amorim ngagedékeun barudakna?
5 Liwat Alkitab jeung organisasi-Na, Yéhuwa geus nyadiakeun loba dahareun rohani supaya Sadérék bisa ngabantu barudak pikeun mikanyaah Yéhuwa. (Mat. 24:45) Misalna, aya loba saran alus dina kumpulan artikel ”Bantuan keur Kulawarga”. Sababaraha taun ka pungkur, artikel-artikel ieu dicitak dina majalah Sadarlah! Tapi ayeuna geus aya dina situs Internét urang. Geus kitu, dina situs Internét jw.org, aya loba vidéo nu bisa ngabantu para kolot ngagedékeun barudakna. *—Sil. 2:4-6.
6. Kumaha parasaan saurang bapa kana bingbingan nu disadiakeun liwat organisasi Yéhuwa?
6 Loba kolot nu ngahaturkeun nuhun kana bantuan ti Yéhuwa liwat organisasi-Na. Saurang bapa anu ngaranna Joe ngomong, ”Ngagedékeun tilu budak téh lain tanggung jawab nu gampang. Abdi jeung pamajikan osok ngadoa ménta bantuan ti Yéhuwa. Urang duaan sok meunangkeun bantuan anu pas dina waktuna liwat artikel jeung vidéo. Urang duaan terus ngandelkeun bingbingan ti Yéhuwa.” Joe jeung pamajikanana ngarasakeun yén artikel sarta vidéo-vidéo éta geus ngabantu barudakna pikeun ngaraket ka Yéhuwa.
7. Ku naon kolot kudu méré tuladan nu alus keur barudakna? (Roma 2:21)
7 Prinsip 2: Béré tuladan. Barudak téh osok merhatikeun jeung niru naon anu ditingali ku maranéhna. Pasti, euweuh kolot nu sampurna. (Rm. 3:23) Najan kitu, kolot anu bijaksana mah bakal upaya sabisa-bisa pikeun méré tuladan anu alus keur barudakna. (Baca Roma 2:21.) Saurang bapa ngomong kieu, ”Barudak téh jiga spon anu nyerep sagala hal. Maranéhna bakal protés lamun anu diajarkeun jeung nu dilakukeun ku urang téh teu sajalan.” Jadi lamun urang hayang barudak nyaah ka Yéhuwa, urangna gé kudu ngabuktikeun yén urang nyaah ka Anjeunna.
8-9. Sadérék diajar naon tina pangalaman Andrew jeung Emma?
8 Aya loba cara supaya kolot bisa ngajar barudakna pikeun mikanyaah Yéhuwa. Perhatikeun pangalaman Andrew, saurang budak ngora nu umurna 17 taun. Ceuk manéhna, ”Kolot abdi sering ngajarkeun pentingna ngadoa. Unggal peuting, si Bapa sok ngajak abdi ngadoa bareng, sanajan abdi téh geus ngadoa sorangan. Abdi jeung adi abdi sok diingetan kieu ku kolot, ’Hidep téh bisa ngadoa ka Yéhuwa iraha waé.’ Doa téh jadi penting pisan keur abdi. Ayeuna, abdi sering ngadoa ka Yéhuwa sarta nganggap Anjeunna sabagé Bapa anu nyaahan.” Sing inget, lamun indung bapa nyaah ka Yéhuwa, barudak gé jadi bisa milu nyaah ka Yéhuwa.
9 Perhatikeun ogé pangalaman Emma. Bapana Emma boga loba hutang. Jadi waktu manéhna ninggalkeun Emma jeung kulawargana, indungna Emma kudu ngalunasan hutang-hutang éta. Ceuk Emma, ”Sanajan si Mamah sering kasusahan sacara ékonomi, si Mamah terus ngajarkeun yén Yéhuwa téh nyaahan sarta bakal nyadiakeun kabutuhan hirup umat-Na. Abdi bisa ningali, si Mamah téh boga iman anu kuat. Si Mamah teu ngan saukur ngajarkeun hal éta ka batur, tapi ogé ngajalankeunana.” Naon palajaranana? Sanajan keur nyanghareupan kasusah, kolot tetep bisa méré tuladan anu alus.—Gal. 6:9.
10. Biasana, iraha kolot Israél ngajarkeun barudakna ngeunaan Yéhuwa? (Pamindo 6:6, 7)
10 Prinsip 3: Sing sering ngobrol jeung barudak. Yéhuwa méré paréntah ka urang Israél di jaman baheula pikeun rutin ngajar barudak ngeunaan Anjeunna. (Baca Pamindo 6:6, 7.) Para kolot Israél boga loba kasempetan pikeun ngobrol sarta ngajar barudakna pikeun mikanyaah Yéhuwa. Misalna, budak lalaki Israél biasana osok mantuan bapana melak atawa manén. Ari budak awéwé osok mantuan indungna ngajait, nyieun baju, atawa ngagawékeun pagawéan imah. Nah, bari digawé bareng, maranéhna bisa ngobrolkeun loba hal penting. Misalna, maranéhna bisa ngabahas sipat-sipat hadé Yéhuwa jeung mikirkeun kumaha Yéhuwa geus mantuan kulawarga maranéhna.
11. Iraha kasempetan pikeun kolot bisa ngobrol jeung barudakna?
11 Tapi, kaayaan di jaman ayeuna téh geus béda. Di loba nagri, kolot jeung barudak teu boga loba waktu pikeun babarengan. Kolot meureun kudu digawé, ari barudakna kudu ka sakola. Jadi, kolot kudu néangan kasempetan pikeun ngobrol jeung barudak. (Ef. 5: 15, 16; Flp. 1:10) Salah sahiji kasempetan éta téh nya pas keur ibadah kulawarga. Saurang budak ngora anu ngaranna Alexander nyarita, ”Si Bapa rutin ngayakeun ibadah kulawarga saminggu sakali. Teu meunang henteu. Sanggeus diajar babarengan, biasana urang sok ngobrolkeun sagala rupa.”
12. Naon anu perlu diinget ku kapala kulawarga dina ibadah kulawarga?
12 Lamun Sadérék téh kapala kulawarga, naon anu bisa dilakukeun supaya barudak resep ibadah kulawarga? Pék cobaan ngabahas buku Hirup Bagja Salilana! Lamun ngabahas maké buku ieu, engké barudak téh bisa laluasa ngungkabkeun pamikiran jeung parasaanana. Dina ibadah kulawarga, ulah mapatahan atawa ngiritik barudak. Terus, mun pamikiran barudak teu sajalan jeung prinsip-prinsip Kitab Suci, ulah langsung dicarékan. Engké maranéhna embung terus terang deui. Tapi, pék puji maranéhna lantaran geus jujur. Sadérék ngan bisa mantuan barudak lamun Sadérék bener-bener nyaho kumaha parasaan maranéhna.
13. Iraha deui kolot bisa ngajar barudak pikeun ngaraket ka Yéhuwa?
13 Indung Bapa, pék téangan kasempetan pikeun ngajar barudak ngaraket ka Yéhuwa, teu kudu ngadagoan pas keur diajar Alkitab hungkul. Saurang indung anu ngaranna Lisa ngomong, ”Abdi jeung salaki abdi sering ngajar barudak ngeunaan Yéhuwa liwat ciciptaan. Misalna, waktu anjing urang ngalakukeun hal-hal nu bodor, urang méré nyaho barudak yén Yéhuwa téh Allah anu bagja jeung resep kana hal-hal anu bodor ogé, sarua siga urang.”
14. Ku naon kolot kudu ngabantu barudak boga babaturan anu méré pangaruh anu alus? (Siloka 13:20)
14 Prinsip 4: Bantu barudak boga babaturan anu méré pangaruh anu alus. Firman Allah nerangkeun yén pergaulan téh gedé pangaruhna, bisa méré pangaruh nu alus atawa nu goréng. (Baca Siloka 13:20.) Sadérék nyaho teu barudak gaul jeung saha? Pernah teu Sadérék panggih jeung babaturanana? Naon anu bisa dilakukeun ku Sadérék pikeun mantuan barudak nyobat jeung jalma-jalma anu nyaah ka Yéhuwa? (1 Kor. 15:33) Ngarah barudak boga babaturan anu méré pangaruh anu alus, pék ondang sababaraha dulur saiman pikeun ngalakukeun kagiatan bareng jeung kulawarga Sadérék.—Jab. 119:63.
15. Naon anu bisa dilakukeun ku kolot pikeun ngabantu barudak supaya boga sobat anu méré pangaruh alus?
15 Perhatikeun pangalaman saurang bapa anu ngaranna Tony. Tony nyaritakeun kumaha manéhna jeung pamajikanana ngabantu barudak supaya bisa boga sobat anu méré pangaruh anu alus. Ceuk manéhna, ”Salila mangtaun-taun, abdi jeung pamajikan abdi sok ngondang dulur-dulur saiman pikeun dahar atawa ibadah kulawarga babarengan. Aya nu kolot, aya ogé anu ngora. Urang jadi kenal ka dulur-dulur saiman anu nyaah ka Yéhuwa sarta sumanget dina palayanan. Urang resep pisan sabab aya pangawas wilayah, utusan injil, jeung dulur-dulur séjénna anu mondok di imah urang. Barudak jadi bisa ngadéngékeun pangalaman sarta pangorbanan maranéhna dina ngawula Yéhuwa. Éta ngabantu barudak pikeun ngaraket ka Yéhuwa.” Jadi, pék bantuan budak Sadérék supaya boga babaturan anu bisa mawa pangaruh anu alus.
ULAH NYERAH!
16. Kumaha mun budak Sadérék embung ngalalayanan Yéhuwa?
16 Kumaha lamun Sadérék geus ngalakukeun nu panghadéna, tapi salah sahiji budak Sadérék ngomong yén manéhna embung ngalalayanan Yéhuwa? Ulah ngarasa gagal jadi kolot. Yéhuwa téh geus méré urang kabébasan pikeun milih. Jadi unggal jalma, kaasup budak Sadérék, bisa nangtukeun rék ngalalayanan Allah atawa henteu. Lamun budak Sadérék mutuskeun pikeun ninggalkeun Yéhuwa, ulah nyerah, sugan wé engké manéhna balik deui. Sing inget kana ibarat ngeunaan anak nu leungit. (Luk. 15:11-19, 22-24) Manéhna téh geus ngalakukeun loba hal goréng, tapi tungtungna balik deui. Nya, bisa jadi aya sababaraha jalma nu ngomong, ”Éta mah ngan ibarat hungkul, ari kanyataanana mah béda.” Tapi, tangtu éta gé bisa jadi kanyataan! Éta nu kaalaman ku saurang budak ngora anu ngaranna Elie.
17. Kumaha pangalaman Elie ngagedékeun haté Sadérék?
17 Elie nyarita kieu ngeunaan kolotna, ”Kolot abdi geus sabisa-bisa ngajar abdi supaya nyaah ka Yéhuwa jeung resep kana Firman-Na. Tapi pas rumaja, abdi mulai barontak.” Harita, Elie cicing-cicing ngalakukeun hal nu goréng. Kolotna geus usaha pikeun mantuan Elie, tapi Elie embung ngadéngékeun. Ahirna, Elie ninggalkeun imah jeung terus ngalakukeun hal-hal nu goréng. Sanajan kitu, kadang Elie ngabahas Alkitab jeung babaturanana. Ceuk Elie, ”Beuki sering abdi nyarita ngeunaan Yéhuwa, beuki sering ogé abdi mikirkeun Yéhuwa. Lila-lila, binih bebeneran anu geus susah payah dipelak ku kolot abdi mulai tumuwuh.” Ahirna, Elie balik deui ngalalayanan Yéhuwa. * Bayangkeun sakumaha bungahna kolot Elie. Untung maranéhna duaan téh geus upaya sabisa-bisa ngajar Elie pikeun nyaah ka Yéhuwa ti saprak Elie leutik kénéh!—2 Tim. 3:14, 15.
18. Kumaha parasaan Sadérék ningali kolot anu upaya sabisa-bisa pikeun ngabantu barudakna nyaah ka Yéhuwa?
18 Indung Bapa, Sadérék téh geus dibéré tugas anu istiméwa ku Yéhuwa, nyaéta ngagedékeun génerasi nu anyar ieu pikeun jadi umat-Na. (Jab. 78:4-6) Ieu téh lain tugas nu gampang. Jadi, Sadérék layak dipuji lantaran geus upaya sabisa-bisa pikeun ngabantu budak Sadérék! Lamun Sadérék terus ngalakukeun nu panghadéna pikeun ngabantu budak Sadérék nyaah jeung taat ka Yéhuwa, sing yakin yén Bapa urang nu di sorga téh pasti bungah pisan.—Éf. 6:4.
KAWIH 135 Saur Yéhuwa, ”Sing Bijaksana Anaking”
^ Kolot téh pasti nyaah pisan ka barudakna. Maranéhna bakal minuhan kabutuhan jasmani jeung émosi barudakna. Tapi nu pangpentingna, maranéhna bakal sabisa-bisa ngabantu barudakna supaya nyaah ka Yéhuwa. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas opat prinsip Alkitab supaya kolot bisa ngabantu barudakna nyaah ka Yéhuwa.
^ Tingali artikel ”Alkitab Mengubah Kehidupan” dina Menara Pengawal 1 April 2012.
^ KATERANGAN GAMBAR: Saurang bapa maén baskét bareng jeung budakna sarta babaturanana ngarah nyaho saha babaturan budakna.