Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 19

Buku Wahyu—Naon Hubunganana jeung Kahirupan Urang Ayeuna?

Buku Wahyu—Naon Hubunganana jeung Kahirupan Urang Ayeuna?

”Bagja jalma nu macakeun ramalan ieu.”​—WHY. 1:3.

KAWIH 15 Puji Putra Cikal Yéhuwa!

NU DIBAHAS *

1-2. Naon salah sahiji alesan urang resep ngabahas buku Wahyu?

 SADÉRÉK pernah teu ningali album poto boga batur? Waktu ningali poto-potona, Sadérék ningali poto jalma-jalma nu teu dikenal. Tapi, aya hiji poto nu diperhatikeun ku Sadérék. Ku naon? Sadérék ningali dina poto éta téh aya Sadérék. Bari ningali potona, meureun Sadérék nginget-nginget deui iraha kajadianana, di mana poto éta dicokot, jeung aya saha waé dina poto éta. Sadérék resep pisan ningalian poto éta.

2 Buku Wahyu téh siga poto éta. Ku naon? Aya dua alesanana. Kahiji, buku éta téh ditulis keur urang. Dina ayat mimiti buku ieu, disebutkeun, ”Ieu nu disingkabkeun ku Isa Al-Masih. Manéhna narima ieu ti Allah pikeun ditunjukkeun ka palayan-palayanna, nyaéta ngeunaan hal-hal nu sakeudeung deui pasti kajadian.” (Why. 1:1) Jadi buku ieu téh ditulis lain keur kabéh jalma, tapi keur urang, palayan-palayan Allah. Sabagé umat Allah, urang téh boga andil dina ngawujudna nubuat nu luar biasa ieu. Jadi bisa diupamakeun urang téh aya dina ”poto” éta.

3-4. Nurutkeun buku Wahyu, iraha nubuat-nubuat éta ngawujud, sarta naon nu kudu dilakukeun ku urang masing-masing?

3 Alesan nu kadua nyaéta ngeunaan iraha nubuat éta bakal ngawujud. Rasul Yahya ngabéjaan iraha waktuna. Ceuk manéhna, ”Ku lantaran ilham ti Allah, kuring bisa ningali hal-hal nu bakal kajadian dina poé Juragan.” (Why. 1:10) Kekecapan éta ditulis ku Yahya kira-kira dina taun 96 M. Harita, ”poé Juragan” téh can kajadian. (Mat. 25:14, 19; Luk. 19:12) Tapi nurutkeun nubuat nu aya dina Alkitab, ”poé” ieu téh dimimitian dina taun 1914, waktu Isa ditahtakeun jadi Raja di sorga. Ti saprak harita, nubuat-nubuat nu aya dina buku Wahyu, kaasup ngeunaan umat Allah, mulai ngawujud. Jadi jelas pisan, ayeuna urang téh keur hirup dina ”poé Juragan”!

4 Ku kituna, ayeuna urang kudu bener-bener merhatikeun naséhat nu aya dina Wahyu 1:3, ”Bagja jalma nu macakeun ramalan ieu, sarta bagja saha waé nu ngadéngé jeung nuturkeun hal-hal nu ditulis di dieu, sabab waktu nu ditangtukeun ku Allah geus téréh.” Jadi urang kudu ”macakeun ramalan ieu”, ”ngadéngé”, sarta ’nuturkeunana’. Tapi, naon waé nu kudu dituturkeun téh?

PASTIKEUN YÉN IBADAH SADÉRÉK DITARIMA KU YÉHUWA

5. Kumaha buku Wahyu ngajurung urang pikeun terus mastikeun yén ibadah urang ditarima ku Yéhuwa?

5 Dina pasal kahiji buku Wahyu, urang diajar yén Isa téh bener-bener nyaho naon nu kajadian di sidang-sidang jamaah. (Why. 1:12-16, 20; 2:1) Éta katémbong dina pesenna Isa ka tujuh sidang di Asia Leutik. Isa méré pituduh ka urang Kristen dina abad kahiji pikeun terus mastikeun yén ibadah maranéhna téh ditarima ku Yéhuwa. Urang ayeuna gé bisa meunang palajaran tina pesenna Isa. Naon palajaranana? Pamingpin urang, nyaéta Isa Al-Masih, nyaho pisan kana kaayaan rohani urang. Isa téh nu ngawaskeun sarta nu ngalindungan urang, jadi manéhna pasti nyaho kabéhanana. Isa pasti nyaho naon nu kudu dilakukeun ku urang supaya terus dipikaresep ku Yéhuwa. Jadi, naon pituduh ti Isa nu perlu dituturkeun ku urang?

6. (a) Nurutkeun Wahyu 2:3, 4, kumaha kaayaan sidang Éfésus ceuk Isa? (b) Naon palajaranana keur urang ayeuna?

6 Baca Wahyu 2:3, 4Urang kudu ngajaga supaya kanyaah urang ka Yéhuwa henteu laas. Sidang Éfésus téh nyanghareupan rupa-rupa masalah, tapi Isa nyebutkeun yén maranéhna téh tabah jeung teu nyerah. Hanjakalna, kanyaah maranéhna henteu kawas nu mimiti. Mun kitu terus, ibadah maranéhna moal ditarima ku Yéhuwa. Kitu ogé jeung urang ayeuna. Urang teu cukup ngan saukur tabah nyanghareupan kasusah, tapi alesan urang ngalakukeunana ogé kudu bener. Allah urang téh teu ngan merhatikeun naon nu dilakukeun ku urang, tapi ogé ku naon urang ngalakukeunana? Jadi niat haté urang téh penting keur Yéhuwa, sabab Anjeunna miharep urang ngajalankeun ibadah téh lantaran nyaah jeung ngahargaan Anjeunna.​—Sil. 16:2; Mar. 12:29, 30.

7. (a) Nurutkeun Wahyu 3:1-3, kumaha kaayaan sidang Sardis ceuk Isa? (b) Naon nu kudu dilakukeun ku urang?

7 Baca Wahyu 3:1-3. Urang kudu terus waspada. Sidang di Sardis téh boga masalah nu béda deui. Ayeuna, maranéhna téh mulai haré-haré dina ngawula Yéhuwa, ari baheulana mah meni sumanget pisan. Ku kituna, Isa ngingetan maranéhna pikeun ”hudang”. Naon palajaranana keur urang? Nya mémang, Yéhuwa moal mopohokeun pagawéan urang. (Ibr. 6:10) Tapi ulah ngarasa lantaran baheula urang geus ngalakukeun loba hal keur Yéhuwa, ayeuna urang jadi haré-haré. Mémang bisa jadi, aya sababaraha kaayaan nu ngahalangan urang pikeun ngalakukeun loba hal. Najan kitu, urang kudu terus sibuk ”digawé keur Gusti” sarta terus waspada nepi ka ahir.​—1 Kor. 15:58; Mat. 24:13; Mar. 13:33.

8. Urang bisa diajar naon tina naséhat Isa ka sadérék-sadérék di Laodikia nu dicatet dina Wahyu 3:15-17?

8 Baca Wahyu 3:15-17. Urang kudu sumanget jeung sapinuh haté ngajalankeun ibadah urang. Isa nyebutkeun masalah séjén deui ka jalma-jalma di Laodikia. Sumanget maranéhna dina ibadah téh ”siga cai nu panas henteu, tiis henteu”. Ku lantaran maranéhna geus teu sumanget deui, Isa nyebutkeun yén kaayaan maranéhna téh ”malarat” jeung ”pikawatireun”. Maranéhna téh sakuduna némbongkeun sumanget nu gedé keur Yéhuwa sarta ibadahna. (Why. 3:19) Naon palajaranana keur urang? Lamun urang geus teu sumanget deui, urang kudu mikirkeun sasadiaan rohani naon waé nu geus dibéré ku Yéhuwa sarta organisasi-Na. (Why. 3:18) Ulah teterusan ngudag harta banda ngarah bisa hirup ngeunah, ku lantaran éta bisa nyimpangkeun urang ti kagiatan-kagiatan rohani.

9. Tina naséhat Isa ka urang Kristen Pérgamus jeung Tiatira, naon nu kudu disingkahan ku urang?

9 Ulah ngadéngékeun pangajaran nu murtad. Isa negor jalma-jalma di Pérgamus lantaran maranéhna mecah beulah sidang ku pangajaran nu palsu. (Why. 2:14-16) Tapi, Isa muji jalma-jalma di Tiatira nu teu kababawa ku ”rasiah-rasiah Sétan nu jero” sarta ngajurung maranéhna pikeun ’terus ngalakukeun’ nu bener. (Why. 2:24-26) Jadi, urang Kristen nu geus kababawa ku pangajaran nu palsu kudu geura-geura tobat. Naon palajaranana keur urang? Ulah ngadéngékeun pangajaran nu palsu. Bisa jadi jalma-jalma murtad téh katingalina ”siga jalma soléh”, padahal sabenerna mah ”hirupna teu kitu”. (2 Tim. 3:5) Lamun urang getol diajar Firman Allah, urang moal bakal kabobodo sarta bakal langsung nolak pangajaran nu palsu.​—2 Tim. 3:14-17; Yud. 3, 4.

10. Urang bisa diajar naon deui tina kekecapan Isa ka sidang Pérgamus jeung Tiatira?

10 Urang kudu nyingkahan sagala hal lampah cabul. Aya masalah séjén di Pérgamus jeung Tiatira. Isa ngutuk sababaraha jalma di sidang éta lantaran maranéhna henteu nyingkirkeun hal cabul. (Why. 2:14, 20) Naon palajaranana keur urang? Yéhuwa moal bakal narima alesan naon waé lamun urang ngalakukeun lampah cabul, sanajan urang geus ngawula mangtaun-taun jeung boga loba tanggung jawab. (1 Sam. 15:22; 1 Pét. 2:16) Anjeunna téh hayang urang terus nuturkeun standar moral nu luhur, teu sual sakumaha ancur standar moral dunya ayeuna.—Éf. 6:11-13.

11. Urang geus diajar naon waé? (Tingali kotak ” Palajaranana keur Urang”.)

11 Jadi, urang geus diajar naon waé? Urang geus diajar ngeunaan naon nu kudu dilakukeun supaya ibadah urang ditarima ku Yéhuwa. Lamun aya tindakan urang nu nyababkeun ibadah urang teu ditarima ku Yéhuwa, urang kudu geura nyieun parobahan. (Why. 2:5, 16; 3:3, 16) Tapi, aya hal séjén deui nu disebutkeun ku Isa ka sidang-sidang. Naon éta téh?

SING TABAH NYANGHAREUPAN PANGANIAYAAN

Sanggeus dibalangkeun ti sorga, kumaha Sétan geus nyerang umat Allah? (Tingali paragrap 12-16)

12. Urang bisa diajar naon tina kekecapan Isa ka sidang Smirna jeung Filadélfia? (Wahyu 2:10)

12 Perhatikeun kekecapan Isa ka sidang di Smirna jeung Filadélfia. Isa ngabéjaan urang Kristen di ditu supaya henteu sieun lamun aya panganiayaan, lantaran kasatiaan maranéhna bakal diberkahan. (Baca Wahyu 2:10; 3:10) Naon palajaranana keur urang? Ulah sieun lamun aya panganiayaan sarta sing tabah nyanghareupanana. (Mat. 24:9, 13; 2 Kor. 12:10) Ku naon naséhat ieu téh penting keur urang?

13-14. Tina kajadian nu disebutkeun dina Wahyu pasal 12, naon pangaruhna keur umat Allah?

13 Buku Wahyu méré nyaho urang yén dina ”poé Juragan”, atawa dina jaman ayeuna, umat Allah bakal dikaniaya. Dina Wahyu pasal 12 disebutkeun yén sanggeus Isa jadi Raja, aya perang di sorga. Mikail, atawa Isa Al-Masih, jeung malaikat-malaikat séjénna merangan Sétan jeung baladna. (Why. 12:7, 8) Sétan sarta baladna téh éléh, tuluy dibalangkeun ka bumi. Ku kituna, maranéhna nyangsarakeun sakabéh umat manusa. (Why. 12:9, 12) Naon pangaruhna keur umat Allah?

14 Buku Wahyu méré nyaho urang kumaha réaksi Sétan sanggeusna. Ayeuna manéhna geus teu bisa ka sorga deui, jadi Sétan bébéakan nyerang kaom nu diistrénan nu masih aya di bumi sabab maranéhna téh wakil-wakil ti Pamaréntahan Allah sarta ”dibéré tugas pikeun méré kasaksian ngeunaan Isa”. (Why. 12:17; 2 Kor. 5:20; Éf. 6:19, 20) Kumaha nubuat ieu ngawujud?

15. Dina Wahyu 11, saha nu diibaratkeun sabagé ”dua saksi”, jeung naon nu kajadian ka maranéhna?

15 Sétan mangaruhan musuh-musuh Allah supaya nyerang kaom nu diistrénan, nu mingpin kagiatan pangwawaran tina Pamaréntahan Allah. Kaom nu diistrénan téh diibaratkeun sabagé ”dua saksi” nu dipaéhan. * (Why. 11:3, 7-11) Dina taun 1918, aya dalapan priya nu mingpin organisasi dituduh jeung dibéré hukuman panjara nu lila. Jadi loba jalma mikir, pagawéan ti kaom nu diistrénan téh katingalina geus ”paéh” atawa eureun.

16. Aya kajadian luar biasa naon dina taun 1919, jeung naon nu terus dilakukeun ku Sétan ti saprak harita?

16 Nubuat nu aya dina Wahyu pasal 11 gé nyebutkeun yén teu lila sanggeus ”dua saksi” dipaéhan, maranéhna bakal dihirupkeun deui. Nubuat éta téh bener-bener ngawujud kurang ti sataun sanggeus priya-priya nu diistrénan ditéwak. Dina bulan Maret taun 1919, maranéhna dibébaskeun ti panjara sarta tuduhan maranéhna gé dibatalkeun. Maranéhna langsung mingpin deui kagiatan pangwawaran jeung pangajaran Alkitab. Tapi, Sétan teterusan nyerang umat Allah. Malah ti saprak harita, Sétan ngaburakeun ”walungan”, nyaéta serangan pikeun nganiaya umat Allah. (Why. 12:15) Nya, ku kituna unggal umat Allah téh ”kudu tabah jeung boga iman”.​—Why. 13:10.

SABISA-BISA NGAJALANKEUN TUGAS NU DIBÉRÉ KU YÉHUWA

17. Sanajan umat Allah sok diserang ku Sétan, tapi maranéhna sok meunang bantuan naon?

17 Wahyu pasal 12 ogé nyebutkeun yén umat Allah narima bantuan nu teu disangka-sangka.Di ditu disebutkeun yén ”bumi” bakal neureuy ”cai walungan”, atawa serangan panganiayaan. (Why. 12:16) Éta téh bener-bener kajadian. Harita, salah sahiji bagian ti dunya Sétan, nyaéta sistim hukum, sok nulungan umat Allah. Sababaraha kali gé, umat Allah meunang dina kasus pangadilan jeung dibéré kabébasan. Kumaha maranéhna ngagunakeun kabébasan ieu? Maranéhna sabisa-bisa ngajalankeun tugas nu dibéré ku Yéhuwa. (1 Kor. 16:9) Naon waé tugasna téh?

Dua warta naon nu kudu diuarkeun ku umat Allah? (Tingali paragrap 18-19)

18. Urang boga tugas penting naon dina ahir jaman ieu?

18 Isa nganubuatkeun yén umat Allah bakal nguarkeun ”warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah” saacan ahir éta datang. (Mat. 24:14) Waktu nguarkeun warta ieu, maranéhna bakal meunang bantuan ti malaikat atawa sakelompok malaikat. Para malaikat ieu disebutkeun mawa ”warta hadé nu abadi pikeun diuarkeun ka jalma-jalma di bumi, nyaéta ka unggal bangsa, suku bangsa, basa, jeung kaom”.​—Why. 14:6.

19. Warta naon deui nu kudu diuarkeun ku jalma-jalma nu nyaah ka Yéhuwa?

19 Tapi, umat Allah téh teu ngan saukur nguarkeun warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah. Maranéhna gé kudu ngadukung kagiatan nu dilakukeun ku para malaikat, nu disebutkeun dina Wahyu pasal 8 nepi ka 10. Para malaikat ieu bakal ngumumkeun hukuman keur jalma-jalma nu nolak Pamaréntahan Allah. Ku kituna, Saksi-Saksi Yéhuwa gé bakal nguarkeun warta hukuman nu diibaratkeun siga ”hujan és jeung hujan seuneu”. (Why. 8:7, 13) Éta téh hukuman ti Allah keur unggal bagian ti dunya Sétan nu jahat ieu. Jadi jalma-jalma kudu nyaho yén ahir éta téh geus téréh datang supaya maranéhna bisa ngarobah kahirupanana jeung salamet dina poé Yéhuwa. (Sep. 2:2, 3) Tapi, warta ieu moal dipikaresep ku jalma-jalma. Ku kituna, urang butuh kawani pikeun nguarkeunana, komo deui engké dina mangsa cilaka nu kacida hébatna. Warta ngeunaan hukuman ahir ti Yéhuwa téh bakal leuwih dipikaijid deui ku jalma-jalma.​—Why. 16:21.

TUTURKEUN NUBUAT IEU

20. Urang bakal ngabahas naon dina dua artikel saterusna?

20 Urang kudu bener-bener nuturkeun ”ramalan ieu” lantaran urang boga andil dina ngawujudna nubuat nu aya dina buku Wahyu. (Why. 1:3) Tapi, kumaha urang bisa terus satia jeung tabah nyanghareupan panganiayaan, sarta kumaha urang bisa terus wani nguarkeun warta ieu? Urang bakal dikuatkeun ku dua hal ieu. Kahiji, mun merhatikeun naon nu disebutkeun dina buku Wahyu ngeunaan musuh Allah. Kadua, mun mikirkeun berkah-berkah nu bakal ditarima ku urang lantaran kasatiaan urang. Urang bakal ngabahas ngeunaan hal ieu dina dua artikel saterusna.

KAWIH 32 Geura Mihak ka Yéhuwa!

^ Dina jaman urang ayeuna, bakal aya kajadian-kajadian nu luar biasa. Nubuat-nubuat nu aya dina buku Wahyu eukeur ngawujud ayeuna. Naon pangaruh nubuat-nubuat ieu keur urang? Dina artikel ieu jeung dua artikel saterusna, urang bakal ngabahas ngeunaan buku Wahyu. Tina buku ieu, urang bakal diajar kumaha carana ibadah urang bisa terus ditarima ku Yéhuwa.

^ Tingali ”Pertanyaan Pembaca” dina majalah Menara Pengawal 15 Nopémber 2014, kaca 30.