Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 21

Buku Wahyu—Naon Hubunganana jeung Kahirupan Urang ka Hareupna?

Buku Wahyu—Naon Hubunganana jeung Kahirupan Urang ka Hareupna?

”Amin! Mangga sumping, Juragan Isa.”​—WHY. 22:20.

KAWIH 142 Sing Pengkuh Pangharepan

NU DIBAHAS *

1. Kabéh jalma kudu nyieun putusan penting naon?

 AYEUNA, jalma-jalma kudu nyieun hiji putusan nu penting. Maranéhna kudu milih, rék nyembah Allah Yéhuwa sabagé Pangawasa jagat raya nu sah atawa bakal ngadukung musuh Allah nu jahat, nyaéta Sétan si Iblis. Maranéhna kudu mihak salah sahiji, teu meunang henteu. Putusan maranéhna bakal nangtukeun maranéhna téh layak meunangkeun hirup langgeng atawa henteu. (Mat. 25:31-33, 46) Salila ”kasangsaraan nu kacida hébatna”, maranéhna bakal ditandaan pikeun disalametkeun atawa dibinasakeun.​—Why. 7:14; 14:9-11; Yeh. 9:4, 6.

2. (a) Kekecapan dina Ibrani 10:35-39 ngajurung urang pikeun ngalakukeun naon? (b) Kumaha buku Wahyu bisa ngabantu urang?

2 Baca Ibrani 10:35-39. Lamun Sadérék milih pikeun ngadukung Pamaréntahan Allah, Sadérék geus nyieun putusan nu hadé. Ayeuna, Sadérék gé pasti hayang ngabantu batur pikeun nyieun putusan nu bener. Sadérék bisa ngagunakeun ayat-ayat dina buku Wahyu pikeun mantuan maranéhna. Buku ieu téh nyaritakeun naon nu bakal kajadian ka jalma-jalma nu ngalawan Allah sarta berkah-berkah nu bakal ditarima ku jalma-jalma nu satia ngadukung Pamaréntahan Allah. Urang perlu diajar hal ieu. Ku kituna, urang bakal boga tékad pikeun terus ngawula Yéhuwa. Urang gé bisa ngabagikeun pamahaman urang supaya batur gé bisa milih pikeun ngawula Yéhuwa sarta terus mertahankeun putusan éta.

3. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas naon?

3 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas pananya-pananya ieu: Naon berkah-berkah nu bakal ditarima ku jalma-jalma nu ngadukung Pamaréntahan Allah? Naon nu bakal kajadian ka jalma-jalma nu ngadukung sato galak nu warnana beureum caang nu dijelaskeun dina buku Wahyu?

BERKAH KEUR JALMA-JALMA NU SATIA

4. Dina titingalianana, Rasul Yahya ningali Isa keur bareng jeung kelompok nu mana?

4 Dina titingalianana, Rasul Yahya ningali aya dua kelompok nu ngadukung Pamaréntahan Yéhuwa sarta meunangkeun hirup langgeng. Kelompok nu kahiji téh jumlahna 144.000. (Why. 7:4) Maranéhna dipilih ti bumi pikeun ngadegkeun hiji pamaréntahan atawa karajaan di sorga bareng jeung Isa. Maranéhna bakal maréntah sakuliah bumi. (Why. 5:9, 10; 14:3, 4) Dina titingalianana, Yahya ningali maranéhna téh nangtung bareng jeung Isa di Gunung Zion.​—Why. 14:1.

5. Naon nu sakeudeung deui bakal kajadian ka kaom sésa nu masih hirup kénéh di bumi?

5 Ti jaman para rasul nepi ka ayeuna, aya rébuan jalma nu dipilih pikeun jadi bagian ti 144.000. (Luk. 12:32; Rm. 8:17) Tapi, Yahya dibéré nyaho ngan aya saeutik jalma ti kelompok éta nu bakal hirup kénéh dina ahir jaman. Maranéhna disebut ”kaom sésa”. Maranéhna bakal narima ”ségel” nu pangahirna ti Yéhuwa saacan kasangsaraan nu kacida hébatna dimimitian. (Why. 7:2, 3; 12:17) Tuluy salila kasangsaraan nu kacida hébatna, kaom sésa ieu bakal ngagabung jeung kaom nu diistrénan séjénna nu geus ka sorga nepi ka jumlahna lengkep, nyaéta 144.000. Maranéhna bakal maréntah bareng jeung Isa di Pamaréntahan Allah.​—Mat. 24:31; Why. 5:9, 10.

6-7. (a) Kumpulan naon deui nu ditingali ku Yahya, jeung urang bisa diajar naon ti maranéhna? (b) Ku naon kaom sésa sarta ”sakumpulan jalma nu kacida lobana” resep ngabahas Wahyu pasal 7?

6 Sanggeus ningali sakumpulan jalma nu bakal ka sorga, Yahya ogé ningali ”sakumpulan jalma nu kacida lobana”. Tapi, sakumpulan jalma ieu mah teu bisa diitung jumlahna. (Why. 7:9, 10) Geus kitu Yahya dibéré nyaho, ”Maranéhna téh jalma-jalma nu salamet tina kasangsaraan nu kacida hébatna. Jubah maranéhna geus diseuseuh jadi bodas ku getih Anak Domba.” (Why. 7:14) Sanggeus salamet, ”sakumpulan jalma nu kacida lobana” bakal hirup di bumi jeung narima loba berkah.​—Jab. 37:9-11, 27-29; Sil. 2:21, 22; Why. 7:16, 17.

7 Teu sual urang geus dipilih pikeun hirup di sorga atawa hirup di bumi, naha Sadérék ngabayangkeun yén Sadérék téh kaasup ti jalma-jalma nu dicaritakeun dina Wahyu pasal 7? Engké dua kelompok umat Allah ieu pasti bakal gumbira pisan. Urang pasti bungah lantaran geus milih pikeun ngadukung Pamaréntahan Yéhuwa. Tapi, naon deui nu dicaritakeun dina buku Wahyu ngeunaan kasangsaraan nu kacida hébatna?​—Mat. 24:21.

NU BAKAL KAALAMAN KU JALMA-JALMA NU NGALAWAN ALLAH

8. Kumaha kasangsaraan nu kacida hébatna dimimitian, jeung kumaha sikep kalolobaan jalma?

8 Siga nu geus dibahas dina artikel saacanna, kawasa pulitik dunya ieu sakeudeung deui bakal nyerang Babilon Gedé, atawa impérium agama palsu sadunya. (Why. 17:16, 17) Kajadian éta ngamimitian kasangsaraan nu kacida hébatna. Tapi, kumaha jeung jalma-jalma? Maranéhna bakal langsung ngawula Yéhuwa kitu? Henteu. Malahan, Wahyu 6 nyaritakeun yén dina mangsa éta, jalma-jalma nu teu ngawula Yéhuwa bakal néang panyalindungan ti kawasa pulitik sarta sistim ékonomi dunya ieu nu digambarkeun siga gunung-gunung. Maranéhna téh henteu ngadukung Pamaréntahan Allah, ku kituna maranéhna bakal dianggap musuh ku Yéhuwa.​—Luk. 11:23; Why. 6:15-17.

9. Dina kasangsaraan nu kacida hébatna, naon bédana umat Allah jeung jalma-jalma séjén, sarta naon akibatna?

9 Dina kasangsaraan nu kacida hébatna, umat Allah téh kaciri pisan bédana. Maranéhna bakal jadi hiji-hijina kelompok di bumi nu tetep satia ngawula Yéhuwa sarta nolak pikeun ngadukung ”sato galak”. (Why. 13:14-17) Ku kituna, musuh-musuh Allah bakal ambek pisan. Akibatna, gabungan bangsa-bangsa bakal nyerang umat Allah di sakuliah dunya. Alkitab nyebut serangan ieu téh sabagé serangan Gog ti Magog.​—Yeh. 38:14-16.

10. Siga nu dijelaskeun dina Wahyu 19:19-21, kumaha sikep Yéhuwa waktu para musuh nyerang umat-Na?

10 Kumaha sikep Yéhuwa waktu umat-Na diserang? Ceuk Anjeunna, ”Kami rek ngabudalkeun amarah.” (Yeh. 38:18, 21-23) Wahyu pasal 19 ngajelaskeun naon nu bakal kajadian sanggeusna. Yéhuwa bakal ngutus Putra-Na pikeun ngalindungan umat-Na sarta merangan musuh-musuh-Na. Isa jeung ”pasukan sorga”, nyaéta para malaikat sarta 144.000, bakal merangan Gog ti Magog. (Why. 17:14; 19:11-15) Naon hasilna? Kabéh manusa jeung organisasi nu ngalawan Yéhuwa bakal bener-bener dimusnakeun!​—Baca Wahyu 19:19-21.

SANGGEUS PERANG, AYA PERKAWINAN ANAK DOMBA

11. Kajadian penting naon nu dicaritakeun dina buku Wahyu?

11 Pék bayangkeun kumaha parasaan jalma-jalma satia nu salamet waktu ningali musuh-musuh Allah dibinasakeun. Sakabéh jalma di bumi pasti bakal barungah! Di sorga gé, para malaikat sarurak gumbira waktu Babilon Gedé diancurkeun.. (Why. 19:1-3) Tapi aya deui kajadian penting nu leuwih pikabungaheun. Buku Wahyu nyebutkeun yén éta téh ”perkawinan Anak Domba”.​—Why. 19:6-9.

12. Siga nu disebutkeun dina Wahyu 21:1, 2, iraha perkawinan Anak Domba diayakeun?

12 Iraha perkawinan ieu diayakeun? Kaom nu diistrénan, nu jumlahna 144.000, sakabéhna bakal aya di sorga saacan perang Armagédon dimimitian. Tapi, éta can waktuna pikeun perkawinan Anak Domba. (Baca Wahyu 21:1, 2.) Perkawinan Anak Domba bakal diayakeun sanggeus perang Armagédon enggeusan sarta sanggeus musuh-musuh Allah dibinasakeun.​—Jab. 45:4, 5, 14-18.

13. Naon tujuan diayakeunana perkawinan Anak Domba?

13 Naon tujuan diayakeunana perkawinan Anak Domba? Siga perkawinan nu ngahijikeun lalaki jeung awéwé, perkawinan ieu gé bakal ngahijikeun Isa Al-Masih sabagé Raja jeung 144.000 sabagé ”pangantén awéwé”. Ti saprak éta, Isa bareng jeung 144.000 bakal maréntah bumi salila 1.000 taun.​—Why. 20:6.

KOTA NU MEGAH JEUNG MANGSA KA HAREUP SADÉRÉK

Wahyu pasal 21 ngagambarkeun Yérusalém Anyar téh sabagé ”kota suci nu turun ti sorga, nyaéta ti Allah”. Salila 1.000 taun, ”kota suci” éta bakal mawa berkah nu limpah keur sakabéh umat manusa (Tingali paragrap 14-16)

14-15. Wahyu pasal 21 nyaruakeun ka-144.000 téh siga naon? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

14 Terus, Wahyu pasal 21 nyaruakeun 144.000 jalma siga kota nu éndah pisan, nu disebut ”Yérusalém Anyar”. (Why. 21:2, 9) Kota ieu téh boga 12 batu pondasi ”nu ditulisan ngaran ti 12 rasul Anak Domba”. Ku naon Yahya resep kana titingalian ieu? Lantaran manéhna ningali dina salah sahiji batu éta ditulis ngaranna. Éta téh kahormatan nu luar biasa pisan!​—Why. 21:10-14; Éf. 2:20.

15 Kota ieu téh béda jeung kota-kota séjénna. Jalan raya kota ieu téh tina emas murni, 12 gerbangna téh ti mutiara, pondasi témbok kota ieu dijieun tina rupa-rupa batu nu mahal, jeung ukuran kota ieu geus diukur bener-bener. (Why. 21:15-21) Tapi, aya kénéh nu kurang. Naon éta? Yahya ngabéjaan urang, ”Di dinya, kuring teu ningali aya bait, lantaran baitna téh Allah Yéhuwa Nu Mahakawasa jeung Anak Domba. Kota éta teu perlu dicaangan ku panonpoé atawa bulan, lantaran kamulyaan Allah jadi caangna jeung Anak Domba jadi lampuna.” (Why. 21:22, 23) Kabéh nu jadi bagian ti Yérusalém Anyar bisa babarengan jeung Yéhuwa. (Ibr. 7:27; Why. 22:3, 4) Ku kituna, nu jadi bait dina kota ieu téh Yéhuwa jeung Isa.

Saha nu bakal meunangkeun mangpaat ti sasadiaan Yéhuwa nu digambarkeun siga ”walungan” jeung ”tangkal-tangkal”? (Tingali paragrap 16-17)

16. Salila Pamaréntahan Sarébu Taun, naon nu bakal kaalaman ku manusa?

16 Pasti kaom nu diistrénan téh tajub pisan mun mikirkeun ngeunaan kota ieu. Tapi, jalma-jalma nu boga harepan pikeun hirup di bumi gé pasti resep mikirkeunana. Salila Pamaréntahan Sarébu Taun, Yérusalém Anyar bakal mawa loba berkah. Yahya ningali berkah ieu téh ngalir siga ”cai walungan kahirupan”. Dina dua sisi walungan éta, aya ”tangkal-tangkal kahirupan” nu ngahasilkeun ’daun nu dipaké pikeun nyageurkeun bangsa-bangsa’. (Why. 22:1, 2) Unggal jalma boga kasempetan pikeun narima mangpaat tina sasadiaan ieu. Engké, kabéh manusa nu taat ka Yéhuwa téh lila-lila bakal jadi sampurna. Moal aya deui nu gering, ngarasa nyeri, sedih, sarta ceurik.​—Why. 21:3-5.

17. Siga nu disebutkeun dina Wahyu 20:11-13, saha nu bakal meunangkeun mangpaat salila Pamaréntahan Sarébu Taun?

17 Saha nu bakal meunangkeun mangpaat tina sasadiaan ieu? Mimitina, sakumpulan jalma nu kacida lobana nu salamet ti Armagédon sarta barudak maranéhna nu bisa jadi lahir di dunya anyar. Tapi, Wahyu pasal 20 ogé nyebutkeun jangji ngeunaan dihirupkeunana deui jalma-jalma nu geus maot. (Baca Wahyu 20:11-13.) Nya, ”jalma bener” nu geus satia bakal dihirupkeun deui. Tapi, ”jalma nu teu bener” ogé bakal dihirupkeun deui lamun maranéhna geus kaburu maot padahal can boga kasempetan pikeun diajar ngeunaan Yéhuwa. (Kis. 24:15; Yah. 5:28, 29) Naha enya ieu hartina kabéh jalma bakal dihirupkeun deui salila Pamaréntahan Sarébu Taun? Henteu. Jalma-jalma nu basa hirupna nolak pikeun ngawula Yéhuwa moal dihirupkeun deui. Maranéhna téh sabenerna boga kasempetan. Jadi maranéhna dianggap teu layak pikeun hirup di Pirdaus.​—Mat. 25:46; 2 Tés. 1:9; Why. 17:8; 20:15.

UJIAN NU PANGAHIRNA

18. Naon nu bakal kajadian ka manusa nu hirup di bumi dina ahir 1.000 taun?

18 Dina ahir 1.000 taun, manusa di bumi bakal jadi sampurna. Maranéhna moal deui dipangaruhan ku dosa nu diwariskeun ku Adam. (Rm. 5:12) Dosa warisan éta geus bener-bener disingkirkeun. Ku kituna, manusa di bumi saolah ”dihirupkeun deui” jadi manusa nu sampurna dina ahir 1.000 taun.​—Why. 20:5.

19. Ku naon aya ujian ahir?

19 Urang apal, Isa téh terus satia ka Allah sanajan digoda ku Sétan. Tapi, naha enya kabéh jalma nu geus sampurna ieu bakal ngalakukeun nu sarua waktu digoda ku Sétan? Engké dina ahir 1.000 taun waktu Sétan dileupaskeun ti lombang nu kacida jerona, unggal jalma kudu ngabuktikeun kasatiaanana ka Yéhuwa. (Why. 20:7) Maranéhna nu tetep satia salila ujian ahir bakal meunangkeun hirup langgeng sarta kamerdékaan nu sajati. (Rm. 8:21) Maranéhna nu ngabarontak ka Yéhuwa bakal dimusnakeun bareng jeung si Iblis sarta baladna pikeun salilana.​—Why. 20:8-10.

20. Kumaha parasaan Sadérék sanggeus ngabahas nubuat-nubuat nu aya dina buku Wahyu?

20 Kumaha parasaan Sadérék sanggeus ngabahas buku Wahyu? Pasti Sadérék jadi sumanget waktu ngabayangkeun Sadérék téh kaasup dina nubuat ieu. Sadérék gé pasti kajurung pikeun ngabantu jalma-jalma supaya ngagabung ka ibadah nu murni. (Why. 22:17) Sanggeus ngabahas ngeunaan hal ieu sarta naon nu bakal kajadian dina mangsa ka hareup, urang jadi hayang ngucapkeun naon nu diomongkeun ku Rasul Yahya, ”Amin! Mangga sumping, Juragan Isa.”​—Why. 22:20.

KAWIH 27 Putra-Putra Pilihan Dimulyakeun Allah

^ Ieu téh artikel nu pangahirna ngeunaan buku Wahyu. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas yén jalma-jalma nu satia ka Yéhuwa bakal boga kahirupan nu leuwih hadé dina mangsa ka hareup. Tapi, jalma-jalma nu ngalawan ka Pamaréntahan Allah bakal dijieun éra jeung dibinasakeun.