Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 20

Buku Wahyu—Naon nu Disingkabkeun ngeunaan Musuh Allah?

Buku Wahyu—Naon nu Disingkabkeun ngeunaan Musuh Allah?

”Raja-raja éta dikumpulkeun ka tempat nu dina basa Ibrani disebut Armagédon.”​—WHY. 16:16.

KAWIH 150 Andelkeun Allah Sangkan Salamet

NU DIBAHAS *

1. Buku Wahyu nyebutkeun naon ngeunaan umat Allah?

 BUKU Wahyu nyaritakeun yén Pamaréntahan Allah geus ngadeg di sorga jeung Sétan geus dibalangkeun ka bumi. (Why. 12:1-9) Ku kituna, kaayaan di sorga jadi tengtrem. Tapi, kaayaan di bumi jadi loba masalah. Ku naon? Lantaran Sétan ngamuk ka jalma-jalma nu ngawula Yéhuwa.​—Why. 12:12, 15, 17.

2. Naon anu bakal ngabantu urang supaya tetep satia?

2 Kumaha urang bisa tetep satia sanajan diserang ku Sétan? (Why. 13:10) Salah sahiji carana nyaéta lamun urang nyaho kajadian dina mangsa ka hareup. Contona, dina buku Wahyu, Rasul Yahya ngajelaskeun berkah-berkah nu bakal ditarima ku urang sakeudeung deui. Berkahna téh kaasup dimusnakeunana musuh-musuh Allah. Ayeuna, hayu urang tingali kumaha buku Wahyu ngagambarkeun musuh-musuh ieu jeung naon anu bakal kajadian ka maranéhna.

”LAMBANG-LAMBANG” NU NGAGAMBARKEUN MUSUH ALLAH

3. Naon sababaraha lambang nu aya dina buku Wahyu?

3 Dina ayat nu pangmimitina, buku Wahyu méré nyaho yén naon anu dibaca ku urang téh dijelaskeun liwat ”lambang-lambang”. (Why. 1:1) Musuh-musuh Allah gé digambarkeun ku lambang-lambang. Di ditu, urang maca aya sababaraha sato galak. Misalna, aya ”hiji sato galak bijil ti laut, huluna tujuh, tandukna sapuluh”. (Why. 13:1) Geus kitu, aya ”sato galak séjén bijil ti jero bumi”. Cara ngomongna téh siga naga jeung bisa ”nurunkeun seuneu ti langit ka bumi”. (Why. 13:11-13) Tuluy, aya deui ”sato galak nu warnana beureum caang” nu ditumpakan ku saurang palacur. Tilu sato galak ieu téh ngagambarkeun musuh Allah nu geus lila merangan Yéhuwa jeung Pamaréntahana-Na. Ku kituna, urang kudu ngarti saha maranéhna téh.​—Why. 17:1, 3.

OPAT SATO RAKSASA

Maranéhna bijil ”ti jero sagara”. (Dan. 7:1-8, 15-17) Maranéhna ngagambarkeun pangawasa dunya nu boga pangaruh gedé keur umat Allah ti saprak jaman Daniél (paragrap 4, 7)

4-5. Kumaha Daniel 7:15-17 ngabantu urang ngarti ngeunaan lambang-lambang nu aya dina buku Wahyu?

4 Saacan diajar ngeunaan musuh-musuh Allah, urang kudu ngarti heula naon nu sabenerna digambarkeun ku lambang-lambang ieu. Supaya leuwih ngarti, urang kudu diajar jeung mariksa Alkitab. Loba lambang nu aya dina buku Wahyu geus dijelaskeun dina buku-buku séjénna dina Alkitab. Contona, dina impianana, Nabi Daniél ningali ”pecenghul ti jero sagara aya nu unggah, opat rupa sato raksasa”. (Dan. 7:1-3) Daniél ngajelaskeun harti ti lambang-lambang ieu. Sato raksasa éta téh ngagambarkeun opat ”karajaan” atawa pamaréntahan. (Baca Daniel 7:15-17.) Jadi tina katerangan éta, urang ngarti yén sato galak nu digambarkeun dina buku Wahyu téh pasti ngamaksudkeun kawasa pulitik.

5 Hayu urang pariksa sababaraha lambang nu aya dina buku Wahyu. Urang bakal ningali kumaha Alkitab bisa ngabantu urang ngarti ngeunaan lambang-lambang éta. Mimitina, urang bakal ngabahas ngeunaan sato-sato galak. Urang bakal ningali saha nu dimaksud ku sato-sato galak ieu. Tuluy, urang gé bakal ningali naon anu bakal kajadian ka maranéhna. Urang gé bakal ngabahas naon pangaruh tina kajadian-kajadian ieu ka urang.

DISINGKABKEUNANA MUSUH-MUSUH ALLAH

SATO GALAK NU HULUNA TUJUH

Manéhna ”bijil ti laut”, huluna tujuh, tandukna sapuluh, jeung aya sapuluh makuta dina tandukna. (Why. 13:1-4) Manéhna ngagambarkeun kabéh kawasa pulitik nu ngawasaan manusa sapanjang sajarah. Tujuh huluna ngagambarkeun tujuh pangawasa dunya nu boga pangaruh gedé keur umat Allah (paragrap 6-8)

6. Sato galak nu huluna tujuh nu disebutkeun dina Wahyu 13:1-4 téh ngagambarkeun naon?

6 Naon sato galak nu huluna tujuh téh? (Baca Wahyu 13:1-4.) Urang merhatikeun yén sato galak ieu wujudna siga macan tutul, tapi sukuna siga suku biruang, sungutna siga sungut singa. Sato galak ieu gé boga sapuluh tanduk. Dina Daniel pasal 7, ciri-ciri ieu digambarkeun ku opat sato galak. Tapi dina buku Wahyu mah ciri-ciri ieu digabung jadi hiji sato galak, lain opat. Sato galak ieu henteu ngan ngagambarkeun hiji pamaréntahan atawa kawasa dunya hungkul. Manéhna ngawasaan ”unggal suku bangsa, kaom, basa, jeung bangsa”. Jadi, tangtu sato galak ieu leuwih hébat tibatan pamaréntahan mana waé. (Why. 13:7) Sato galak ieu gé pasti ngagambarkeun kabéh kawasa pulitik anu ngawasaan umat manusa sapanjang sajarah. *Pan. 8:9.

7. Saha waé nu digambarkeun ku tujuh hulu ti sato galak éta?

7 Saha waé nu digambarkeun ku tujuh hulu éta? Urang bisa nyaho jawabanana lamun maca Wahyu pasal 17, sabab di ditu dijelaskeun ngeunaan patung nu mirip jeung sato galak anu disebutkeun dina pasal 13. Dina Wahyu 17:10 disebutkeun, ”Tujuhanana ngamaksudkeun tujuh raja: Nu lima geus tijungkel, nu hiji aya kénéh, jeung nu hiji deui can datang. Tapi lamun geus datang, manéhna ngan aya sakeudeung.” Ti kabéh pangawasa pulitik nu pernah digunakeun ku Sétan, tujuh di antarana téh disaruakeun siga ”hulu”, lantaran maranéhna boga kawasa anu gedé. Para pangawasa dunya ieu gé boga pangaruh nu gedé ka umat Allah. Baheula dina jaman Rasul Yahya, lima pangawasa dunya téh geus muncul, nyaéta Mesir, Asiria, Babilon, Media-Persia, jeung Yunani. Pas Rasul Yahya meunang wahyu ieu, pangawasa dunya nu kagenep, nyaéta Roma, keur maréntah. Tapi, saha hulu nu katujuh téh, atawa pangawasa dunya nu pangahirna?

8. Saha nu digambarkeun ku hulu katujuh ti sato galak éta?

8 Nubuat dina buku Daniel méré nyaho urang saha hulu nu katujuh sakaligus nu pangahirna. Saha pangawasa dunya nu maréntah dina ahir jaman ieu, salila ”poé Juragan”? (Why. 1:10) Éta téh gabungan ti Inggris jeung Amerika Serikat, atawa disebut ogé Kawasa Dunya Anglo-Amerika. Jadi, urang bisa nyimpulkeun maranéhna téh hulu katujuh ti sato galak nu disebutkeun dina Wahyu 13:1-4.

SATO GALAK NU BOGA DUA TANDUK KAWAS TANDUK ANAK DOMBA

Manéhna ”bijil ti jero bumi” jeung cara ngomongna ”siga naga”. Manéhna ”bisa nurunkeun seuneu ti langit ka bumi”. Sabagé ”nabi palsu” gé, manéhna bisa nyieun rupa-rupa mujijat. (Why. 13:11-15; 16:13; 19:20) Anglo-Amerika digambarkeun ku sato galak nu boga dua tanduk sarta disebut nabi palsu sabab geus nyasabkeun jalma-jalma di bumi. Manéhna nitah jalma-jalma ”nyieun patung” ti ”sato galak” nu huluna tujuh jeung tandukna sapuluh (paragrap 9)

9. Saha nu digambarkeun ku sato galak nu boga ”dua tanduk kawas tanduk anak domba”?

9 Wahyu pasal 13 méré nyaho urang yén hulu nu katujuh ieu, nyaéta kawasa dunya Anglo-Amerika, digambarkeun ogé sabagé sato galak nu boga ”dua tanduk kawas tanduk anak domba, tapi cara ngomongna siga naga”. Sato galak ieu ”nyieun rupa-rupa mujijat nu hébat di hareupeun kabéh manusa, malah bisa nurunkeun seuneu ti langit ka bumi”. (Why. 13:11-15) Wahyu pasal 16 jeung 19 ngagambarkeun sato galak ieu sabagé ”nabi palsu”. (Why. 16:13; 19:20) Nabi Daniél gé nyebutkeun hal nu sarupa siga kitu. Ceuk manéhna, kawasa dunya Anglo-Amerika bakal ngalakukeun ”panumpesan anu pohara pikasieuneunana”. (Dan. 8:19, 23, 24) Éta nu kajadian salila Perang Dunya II. Para ilmuwan ti Inggris jeung Amerika nyieun dua bom atom anu ngalantarankeun perang éta jadi enggeusan. Ku lantaran dua bom éta, bisa disebutkeun yén Kawasa Dunya Anglo-Amerika ”nurunkeun seuneu ti langit ka bumi”.

SATO GALAK NU WARNANA BEUREUM CAANG

Sato ieu ditumpakan ku saurang palacur, nyaéta Babilon Gedé. Sato ieu ngagambarkeun raja kadalapan. (Why. 17:3-6, 8, 11) Mimitina sato éta dikawasaan ku palacur, tapi engkéna sato éta balik nyerang jeung ngamusnakeun palacur éta. Palacur éta ngagambarkeun impérium agama palsu sadunya. Sato éta ngagambarkeun Perserikatan Bangsa-Bangsa, nu ngajungjung kapentingan pulitik dunya ieu (paragrap 10, 14-17)

10. Saha nu digambarkeun ku ”patung sato galak”? (Wahyu 13:14, 15; 17:3, 8, 11)

10 Ayeuna urang bakal ngabahas sato galak séjénna deui. Ieu téh rupana siga sato galak nu huluna tujuh, tapi sato nu ieu mah warnana beureum caang. Ieu disebut ”patung sato galak” sarta ngagambarkeun ”raja kadalapan”. * (Baca Wahyu 13:14, 15; 17:3, 8, 11.) ”Raja” ieu téh baheulana pernah aya, terus leungit, tapi bakal muncul deui. Ieu cocog pisan jeung organisasi Perserikatan Bangsa-Bangsa nu ngajungjung kapentingan pulitik dunya. Baheulana, organisasi ieu muncul sabagé Liga Bangsa-Bangsa. Terus, organisasi ieu euweuh salila Perang Dunya II. Tapi, kiwari muncul deui sabagé Perserikatan Bangsa-Bangsa.

11. Naon nu dilakukeun ku sato-sato galak, jeung ku naon urang teu kudu sieun?

11 Sato-sato galak éta, atawa pamaréntahan-pamaréntahan manusa, bakal ngajurung rahayatna pikeun ngalawan Yéhuwa jeung umat-Na. Maranéhna saolah-olah ngumpulkeun ”raja-raja di sakuliah bumi” ka perang Armagédon, atawa ”poé agung Allah nu Mahakawasa”. (Why. 16:13, 14, 16) Tapi urang mah teu kudu sieun. Yéhuwa, Allah urang nu Mahakawasa, bakal nyalametkeun jalma-jalma nu ngadukung Pamaréntahana-Na.​—Yeh. 38:21-23.

12. Naon nu bakal kaalaman ku kabéh sato galak éta?

12 Naon nu bakal kaalaman ku kabéh sato galak éta? Wahyu 19:20 ngajelaskeun kieu, ”Sato galak éta ditéwak bareng jeung nabi palsuna nu nyieun mujijat-mujijat di hareupeun sato éta. Nabi éta nyasabkeun jalma-jalma nu narima tanda sato galak sarta nu nyembah patungna. Tuluy duanana dibalangkeun hirup-hirup ka situ nu seuneuna ngagedur ku walirang.” Jadi waktu kabéh pamaréntahan éta masih kénéh maréntah, maranéhna ku Allah bakal dibinasakeun salilana.

13. Pamaréntah dunya ieu téh méré tangtangan naon keur urang Kristen?

13 Naon hubunganana jeung urang? Sabagé urang Kristen, urang kudu satia ka Allah jeung Pamaréntahana-Na. (Yah. 18:36) Ku kituna, urang kudu nétral jeung teu pipilueun dina urusan pulitik di dunya ieu. Tapi ieu téh bisa jadi tangtangan nu beurat keur urang lantaran pamaréntahan di dunya ieu bakal maksa urang pikeun mihak ka maranéhna, boh dina kekecapan boh dina laku lampah urang. Jalma-jalma nu daék nuturkeunana, bakal narima tanda ti sato galak. (Why. 13:16, 17) Jalma-jalma éta moal dipikaresep ku Yéhuwa jeung moal bisa hirup langgeng. (Why. 14:9, 10; 20:4) Jadi urang masing-masing kudu tetep nétral, teu sual sakumaha gedé tangtangan ti pamaréntah!

PALACUR NU KASOHOR PAÉH KU CARA NU HINA

14. Siga nu disebutkeun dina Wahyu 17: 3-5, Rasul Yahya ningali hal naon nepi ka manéhna jadi kacida héranna?

14 Rasul Yahya nyebutkeun yén manéhna téh ”kacida héranna” kana naon nu ditingali ku manéhna. Naon éta téh? Éta téh saurang awéwé nu numpak salah sahiji sato nu galak ieu. (Why. 17:1, 2, 6) Awéwé éta digambarkeun sabagé ”palacur nu kasohor”, jeung ogé disebut ”Babilon Gedé”. Palacur éta ngalakukeun ”lampah cabul” jeung ”raja-raja di bumi”.​—Baca Wahyu 17:3-5.

15-16. Saha ”Babilon Gedé” téh, jeung ti mana urang nyaho?

15 Saha ”Babilon Gedé” téh? Awéwé ieu teu mungkin ngagambarkeun organisasi pulitik sabab buku Wahyu nyaritakeun yén manéhna téh ngalakukeun lampah cabul jeung para pamingpin pulitik dunya ieu. (Why. 18:9) Malah manéhna digambarkeun keur numpak sato galak, jadi manéhna téh hayang ngawasaan para pamingpin éta. Terus, manéhna gé teu mungkin ngagambarkeun sistim ékonomi dunya Sétan nu sarakah sabab éta mah digambarkeun ku ”para padagang di bumi”.​—Why. 18:11, 15, 16.

16 Dina Alkitab, istilah ”palacur” téh bisa ngamaksudkeun jalma-jalma nu ngakuna ngalayanan Allah tapi sabenerna nyembah berhala atawa jadi sobatna dunya ieu. (1 Bab. 5:25; Yak. 4:4) Sabalikna, jalma nu bener-bener satia ibadah ka Allah téh disebut ”suci” atawa ”murni”. (2 Kor. 11:2; Why. 14:4) Baheula, Babilon kuno téh jadi pusatna ibadah palsu. Jadi, Babilon Gedé pasti ngamaksudkeun kabéh ibadah palsu. Manéhna téh impérium agama palsu sadunya.​—Why. 17:5, 18; tingali artikel dina situs Internét jw.org, ”Apa Babilon Besar Itu?

17. Naon nu bakal kaalaman ku Babilon Gedé?

17 Naon nu bakal kaalaman ku Babilon Gedé? Wahyu 17:16, 17 ngajelaskeun kieu, ”Sapuluh tanduk jeung sato galak éta bakal ijid ka palacur éta, ngarampas sagala milikna, naranjangan manéhna, ngadahar dagingna, jeung ngaduruk manéhna nepi ka béak. Ieu téh lantaran Allah méré maranéhna kahayang pikeun ngalaksanakeun tujuan Anjeunna.” Nya, Yéhuwa bakal ngagerakkeun bangsa-bangsa pikeun ngagunakeun sato galak nu warnana beureum caang, nyaéta Perserikatan Bangsa-Bangsa, pikeun nyerang jeung ngabinasakeun impérium agama palsu sadunya.​—Why. 18:21-24.

18. Naon nu kudu dilakukeun pikeun mutuskeun hubungan jeung Babilon Gedé?

18 Naon hubunganana jeung urang? Urang kudu ngajaga ”ibadah nu murni jeung bersih dina pandangan Allah”. (Yak. 1:27) Urang moal ngadéngékeun pangajaran nu salah, pipilueun parayaan agama palsu, nuturkeun patokan hirup dunya ieu, sarta ngalakukeun hal-hal nu aya hubunganana jeung élmu gaib. Urang gé bakal terus ngingetan jalma-jalma pikeun ”geura kaluar ti dinya [Babilon Gedé]”, supaya teu kababawa ku dosa-dosana.​—Why. 18:4.

HUKUMAN KEUR MUSUH UTAMA ALLAH

NAGA BEUREUM

Sétan méré kawasa ka sato galak ieu. (Why. 12:3, 9, 13; 13:4; 20:2, 10) Sétan, musuh utama Allah, bakal dijebloskeun ka lombang nu kacida jerona salila 1.000 taun. Sanggeusna, Sétan bakal dibalangkeun ka ”situ seuneu jeung walirang” (paragrap 19-20)

19. Saha ”naga beureum nu kacida gedéna”?

19 Buku Wahyu ogé ngajelaskeun ngeunaan ”naga beureum nu kacida gedéna”. (Why. 12:3) Naga ieu merangan Isa jeung para malaikatna. (Why. 12:7-9) Naga ieu ogé nyerang umat Allah sarta méré kawasa ka sato-sato galak, atawa pamaréntahan manusa. (Why. 12:17; 13:4) Saha naga ieu téh? Manéhna téh ”oray nu mimiti téa, nu disebut Iblis jeung Sétan”. (Why. 12:9; 20:2) Manéhna téh gegedug ti kabéh musuhna Yéhuwa.

20. Naon nu bakal kaalaman ku naga éta?

20 Naon nu bakal kaalaman ku naga éta? Wahyu 20: 1-3 ngajelaskeun yén aya hiji malaikat nu bakal ngabalangkeun Sétan ka lombang nu kacida jerona. Sétan bakal dikurung di ditu. Waktu dikurung, Sétan”teu bisa deui nyasabkeun bangsa-bangsa nepi ka 1.000 taun éta bérés”. Sanggeus kitu, Sétan jeung roh-roh jahatna bakal dibalangkeun ka ”situ seuneu jeung walirang”, maksudna manéhna bakal dibinasakeun pikeun salilana. (Why. 20:10) Pék bayangkeun kumaha kaayaan dunya lamun euweuh Sétan jeung roh-roh jahat. Pasti bakal tengtrem pisan!

21. Ku naon urang bakal bagja lamun maca buku Wahyu?

21 Urang bungah pisan bisa ngarti kana lambang-lambang dina buku Wahyu ieu. Urang teu ngan saukur nyaho saha musuh Yéhuwa téh, tapi urang gé nyaho naon nu bakal kaalaman ku maranéhna. Nya, ’bagja jalma nu macakeun ramalan ieu, sarta bagja saha waé nu ngadéngékeunana’! (Why. 1:3) Engké waktu musuh-musuh Allah geus dibinasakeun, naon waé berkah nu bakal ditarima ku jalma-jalma nu satia? Éta bakal dibahas dina artikel saterusna.

KAWIH 23 Yéhuwa Geus Maréntah

^ Buku Wahyu nyaritakeun ngeunaan lambang-lambang nu ngagambarkeun musuh-musuh Allah. Tapi buku Daniel bisa ngabantu urang ngarti kana lambang-lambang éta. Dina artikel ieu, urang bakal ngabandingkeun nubuat nu aya dina buku Wahyu jeung buku Daniel. Ku kituna, urang bisa ngarti saha musuh-musuh Allah téh. Urang gé bakal ningali naon anu bakal kajadian ka maranéhna.

^ Aya ciri-ciri séjén nu ngadukung hal ieu. Sato galak nu huluna tujuh téh boga ”sapuluh tanduk”, jadi éta pasti ngamaksudkeun sakabéh pangawasa pulitik. Dina Alkitab, angka sapuluh biasana ngagambarkeun hiji hal anu lengkep.

^ Sato galak nu mimiti mah boga ”makuta” dina tandukna. (Why. 13:1) Tapi patung ieu mah teu boga lantaran manéhna téh ”asalna ti tujuh raja” éta jeung dibéré kawasa ku tujuh raja éta. Tingali artikel dina situs Internét jw.org, ”Siapa yang Dimaksud dengan Binatang Berwarna Merah di Penyingkapan Pasal 17?