Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 22

Naséhat Bijaksana pikeun Kahirupan Sapopoé

Naséhat Bijaksana pikeun Kahirupan Sapopoé

”Kapinteran teh estu kurnia ti Allah.”​—SIL. 2:6.

KAWIH 89 Regepkeun, Lampahkeun, tur Tarima Berkah

NU DIBAHAS *

1. Ku naon urang kabéh butuh kabijaksanaan ti Allah? (Siloka 4:7)

 LAMUN Sadérék kudu nyieun putusan nu penting, pasti Sadérék ngadoa ménta kabijaksanaan ti Allah supaya teu salah nyieun putusan. (Yak. 1:5) Raja Sulaéman nulis kieu, ”Hikmah teh . . . pangpentingna.” (Baca Siloka 4:7.) Nya, tangtu nu dimaksud ku Sulaéman téh lain hikmah atawa kabijaksanaan nu biasa-biasa waé, tapi nu asalna ti Allah Yéhuwa. (Sil. 2:6) Tapi, bener kitu kabijaksanaan ti Allah bisa ngabantu urang nyanghareupan masalah? Enya. Hayu urang bahas.

2. Naon salah sahiji cara supaya urang bisa bijaksana?

2 Salah sahiji cara supaya urang jadi bijaksana téh nyaéta diajar jeung ngalarapkeun naséhat ti dua jalma nu bijaksana pisan. Nu kahiji nyaéta Sulaéman. Ceuk Alkitab, ”Suleman ku Allah dipaparin kapinteran, panemu jeung pangaweruh anu luar biasa, teu bisa kaukur.” (1 Rja. 4:29) Nu kadua nyaéta Isa, jalma nu paling bijaksana nu pernah aya di bumi. (Mat. 12:42) Ceuk Alkitab, ”[Isa] ku Roh PANGERAN bakal dipaparin hikmah, elmu jeung kapinteran.”​—Yes. 11:2.

3. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Allah geus méré kabijaksanaan ka Sulaéman jeung Isa. Ku kituna, maranéhna bisa méré naséhat nu alus nu bisa dilarapkeun ogé ku urang. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas tilu di antarana, nyaéta pentingna boga pandangan nu saimbang ngeunaan duit, pagawéan, jeung diri sorangan.

PANDANGAN NU SAIMBANG NGEUNAAN DUIT

4. Naon bédana kaayaan ékonomi Sulaéman jeung Isa?

4 Sulaéman téh beunghar, jeung imahna gé méwah pisan. (1 Rja. 10:7, 14, 15) Sabalikna, Isa mah teu boga nanaon, imah gé teu boga. (Mat. 8:20) Najan kitu, duanana boga pandangan nu saimbang ngeunaan harta banda lantaran maranéhna dibéré kabijaksanaan ku Allah Yéhuwa.

5. Naon buktina Sulaéman boga pandangan nu saimbang ngeunaan duit?

5 Ceuk Sulaéman, ”Boga duit [téh] matak aman pipikiran.” (Pan. 7:12) Nya, mémang lamun boga duit, urang moal hariwang teuing, sabab urang bisa meuli kabutuhan hirup jeung barang-barang nu dipikahayang. Tapi Sulaéman nu sakitu beungharna gé sadar, aya hal-hal séjén nu leuwih penting tibatan duit. Misalna, manéhna nulis, ”Lamun kudu milih, mending milih ngaran seungit ti batan milih kabeungharan.” (Sil. 22:1) Sulaéman merhatikeun yén jalma-jalma nu cinta kana duit biasana teu puas kana hal nu geus dipibogana. (Pan. 5:10, 12) Terus manéhna gé ngingetan, ulah nganggap duit téh hal nu pangpentingna, sabab duit gancang béakna.​—Sil. 23:4, 5.

Mana nu leuwih penting keur urang, harta banda atawa Pamaréntahan Yéhuwa? (Tingali paragrap 6-7) *

6. Naon buktina Isa boga pandangan nu saimbang ngeunaan harta banda? (Matius 6:31-33)

6 Isa gé boga pandangan nu saimbang ngeunaan harta banda. Manéhna resep dahar jeung nginum. (Luk. 19:2, 6, 7) Sakali waktu, manéhna nyieun cianggur nu kualitasna alus pisan, éta téh mujijatna nu mimiti. (Yah. 2:10, 11) Terus waktu maot, Isa maké baju nu mahal. (Yah. 19:23, 24) Sanajan kitu, keur Isa mah harta banda téh lain hal nu pangpentingna. Ceuk manéhna, ”Moal aya nu bisa jadi palayan keur dua dunungan . . . Maranéh moal bisa jadi palayan Allah ongkoh, palayan Kabeungharan ongkoh.” (Mat. 6:24) Isa ngajarkeun mun urang ngutamakeun Pamaréntahan Allah, Yéhuwa bakal nyumponan pangabutuh urang.​—Baca Matius 6:31-33.

7. Naon mangpaat nu dirasakeun ku saurang sadérék nu boga pandangan nu saimbang ngeunaan duit?

7 Loba dulur saiman urang geus ngarasakeun mangpaatna ngalarapkeun naséhat nu bijaksana ti Yéhuwa ngeunaan duit. Misalna, saurang sadérék nu ngaranna Daniel nyarita, ”Basa rumaja, abdi mutuskeun pikeun ngutamakeun hal-hal rohani.” Ku lantaran hirup saderhana, Daniel bisa ngagunakeun waktu jeung tanagana pikeun palayanan, misalna mantuan dulur saiman nu keuna musibat alam jeung ngalayanan di Bétel. Ceuk manéhna, ”Abdi teu pernah kaduhung sama sakali. Nya, sabenerna mun hayang mah, abdi bisa ngumpulkeun loba duit. Tapi, éta euweuh nanaonna atuh mun dibandingkeun jeung sosobatan abdi jeung dulur-dulur saiman. Mun ngudag kabeungharan mah, abdi moal bagja siga ayeuna. Berkah ti Yéhuwa téh teu bisa dibeuli ku duit.” Jadi, jelas urang bakal leuwih bagja lamun ngutamakeun hal-hal rohani, lainna ngudag kabeungharan.

PANDANGAN NU SAIMBANG NGEUNAAN PAGAWÉAN

8. Naon buktina Sulaéman boga pandangan nu saimbang ngeunaan pagawéan? (Pandita 5:18, 19)

8 Ceuk Sulaéman, rasa puas nu dirasakeun ku urang sanggeus digawé téh mangrupa ”rahmat ti Allah”. (Baca Pandita 5:18, 19.) Manéhna nulis, ”Getol digawé téh aya mangpaatna.” (Sil. 14:23, Terjemahan Dunia Baru) Sulaéman ngarasakeun sorangan benerna kekecapan éta. Manéhna téh getol digawé. Misalna, manéhna nyieun loba imah, kebon anggur, taman, jeung kolam. Manéhna gé ngabangun loba kota. (1 Rja. 9:19; Pan. 2:4-6) Éta kabéh téh lain pagawéan nu gampang. Jadi, pasti Sulaéman ngarasa puas sanggeus ngagawékeun hal-hal éta. Sanajan kitu, Sulaéman sadar mun hayang bener-bener bagja, manéhna kudu ngutamakeun hal-hal rohani. Jadi, manéhna ngabangun bait Allah nu megah. Ieu gé lain pagawéan nu gampang, butuh tujuh taun pikeun ngaréngsékeunana. (1 Rja. 6:38; 9:1) Sanggeus ngalakukeun loba pagawéan, Sulaéman nyimpulkeun yén hal-hal rohani téh jauh leuwih penting tibatan hal-hal jasmani. Manéhna nulis, ”Minangka panutup, sarupa deui bae ucapkeuneun teh: Sing sieun ku Allah, estokeun sagala timbalana-Na.”​—Pan. 12:13.

9. Naon buktina Isa boga pandangan nu saimbang ngeunaan pagawéan?

9 Isa gé getol digawé. Basa keur ngora, manéhna digawé jadi tukang kayu. (Mar. 6:3) Pasti kolotna nganuhunkeun sabab Isa mantuan néangan napkah keur kulawarga. Terus Isa téh manusa nu sampurna, jadi hasil pagawéanana pasti alus. Jalma-jalma gé pasti hayangeun meuli barang-barang jieunan Isa. Isa pasti resep digawé jiga kitu. Najan kitu, Isa nyadiakeun waktu pikeun kagiatan rohani. (Yah. 7:15) Sanggeus ngawula Yéhuwa sapinuh waktu, Isa méré saran kieu, ”Digawé téh ulah keur néangan dahareun nu gancang buruk, tapi keur néangan dahareun nu awét jeung bisa mawa hirup langgeng.” (Yah. 6:27) Terus dina Hutbah di Gunung, Isa gé ngomong, ”Kumpulkeun harta di sorga.”​—Mat. 6:20.

Kumaha supaya urang bisa saimbang dina pagawéan jeung kagiatan rohani? (Tingali paragrap 10-11) *

10. Tangtangan naon nu bisa waé muncul di tempat gawé?

10 Lamun urang nuturkeun naséhat nu bijaksana ti Allah Yéhuwa, urang bisa boga pandangan nu saimbang ngeunaan pagawéan. Sabagé urang Kristen, urang diajar pikeun ”getol digawé . . . ngalakukeun nu hadé”. (Éf. 4:28) Seringna mah, bos di tempat gawé téh ningali yén urang jalma nu jujur jeung getol. Maranéhna gé meureun muji urang. Bisa waé urang jadi sering lembur lantaran urang hayang maranéhna boga pandangan nu leuwih alus ngeunaan Saksi Yéhuwa. Tapi meureun urang sadar, urang jadi teu boga waktu keur kulawarga jeung Yéhuwa. Mun geus kitu, urang kudu nyaluyukeun jadwal urang supaya jadi leuwih saimbang.

11. Kumaha saurang sadérék ningali pentingna boga pandangan nu saimbang ngeunaan pagawéan?

11 Saurang budak ngora nu ngaranna William pernah jadi pagawéna saurang kokolot. Manéhna ningali, kokolot ieu téh méré tuladan nu alus dina pagawéan. Ceuk William, ”Kokolot ieu téh boga pandangan nu saimbang ngeunaan pagawéan. Manéhna getol digawé, jalma-jalma gé puas kana hasil gawéna. Tapi lamun geus waktuna balik, manéhna ninggalkeun pagawéanana. Manéhna ngagunakeun waktu sarta tanagana keur kulawargana jeung keur Yéhuwa. Ceuk abdi mah, manéhna téh salah sahiji jalma pangbagjana nu pernah dikenal ku abdi!” *

PANDANGAN NU SAIMBANG NGEUNAAN DIRI SORANGAN

12. Naon buktina Sulaéman boga pandangan nu saimbang ngeunaan diri sorangan, tapi ku naon manéhna barobah?

12 Waktu masih satia ka Yéhuwa, Sulaéman boga pandangan nu saimbang ngeunaan diri sorangan. Basa ngora kénéh, Sulaéman sadar yén kasanggupanana téh aya watesna, ku kituna manéhna ménta bingbingan ti Yéhuwa. (1 Rja. 3:7-9) Basa mimiti maréntah gé, Sulaéman sadar sipat adigung téh bahaya. Manéhna nulis, ”Adigung temahna ancur, angkuh temahna rubuh.” (Sil. 16:18) Tapi hanjakalna, ka dieunakeun Sulaéman téh teu nuturkeun naséhat éta deui. Manéhna jadi adigung jeung embung nuturkeun deui paréntah Allah. Misalna, salah sahiji paréntah Allah nyebutkeun yén raja Yahudi téh ”ulah loba pamajikan, bisi matak ingkar ti PANGERAN”. (Pam. 17:17) Sulaéman ngalanggar paréntah éta. Manéhna boga 700 pamajikan jeung 300 selir, malah kalolobaanana lain umat Yéhuwa! (1 Rja. 11:1-3) Meureun harita Sulaéman mikir, ’Ah, moal nanaon lah.’ Tapi ka dieunakeun, Sulaéman ngarasakeun sorangan balukarna ngajauh ti Allah Yéhuwa.​—1 Rja. 11:9-13.

13. Urang bisa diajar naon tina sipat rendah haté Isa?

13 Isa mah terus boga pandangan nu saimbang ngeunaan dirina sarta terus rendah haté. Saacan datang ka bumi, Isa geus ngalakukeun loba hal nu luar biasa. Ku jalan Isa, ”sakabéh nu di sorga jeung di bumi diciptakeun”. (Kol. 1:16) Waktu dibaptis, katingalina Isa langsung inget deui kana sagala nu geus dilakukeun basa manéhna masih di sorga bareng Bapana. (Mat. 3:16; Yah. 17:5) Tapi, Isa teu jadi adigung. Manéhna teu pernah nganggap diri leuwih punjul tibatan batur. Isa méré nyaho murid-murid, manéhna datang ka bumi téh ”lain rék diladénan tapi rék ngaladénan jeung ngorbankeun hirupna jadi tebusan keur loba jalma”. (Mat. 20:28) Manéhna gé ngomong, sagala nu dilakukeun téh lain ku kahayangna sorangan. (Yah. 5:19) Isa téh rendah haté pisan! Manéhna méré tuladan nu kudu dipiconto ku urang.

14. Ti Isa, urang diajar naon ngeunaan boga pandangan nu saimbang ka diri sorangan?

14 Isa ngajar murid-muridna supaya boga pandangan nu saimbang ngeunaan diri sorangan. Ceuk Isa, ”Bapa maranéh nyaho jumlah buuk dina sirah maranéh.” (Mat. 10:30) Kekecapan ieu pasti nguatkeun urang, hususna waktu urang keur boga pandangan nu négatif ka diri sorangan. Kekecapan tadi ngayakinkeun urang yén Bapa di sorga bener-bener nyaah sarta ngahargaan urang. Mun Yéhuwa geus ngidinan urang jadi umat-Na jeung nganggap urang layak pikeun hirup di dunya anyar, ulah mikir nu sabalikna, sabab Yéhuwa mah teu pernah salah.

Lamun urang teu boga pandangan bener ngeunaan diri sorangan, urang bakal kaleungitan kasempetan atawa berkah naon? (Tingali paragrap 15) *

15. (a) Majalah Menara Pengawal méré naséhat naon ngeunaan pandangan urang ka diri sorangan? (b) Jiga nu ditémbongkeun dina gambar kaca 24, lamun urang ngan mikirkeun diri sorangan, urang bakal kumaha?

15 Kira-kira 15 taun kapungkur, majalah Menara Pengawal pernah méré naséhat yén urang kudu boga pandangan nu saimbang ngeunaan diri sorangan, ”Urang teu meunang mikir urang téh jalma nu hébat, engké urang jadi sombong. Tapi ogé ulah mikir urang euweuh gunana, engké urang bisa leutik haté. Urang kudu boga pandangan nu bener ngeunaan diri sorangan. Urang kudu ngarti yén urang téh boga kaleuwihan jeung kakurangan. Saurang sadérék istri ngomong, ’Abdi téh lain jalma nu jahat pisan, tapi ogé lain jalma nu pangbenerna. Abdi boga kaleuwihan jeung kakurangan, kitu ogé batur.’” * Jadi alus lamun urang boga pandangan nu saimbang ngeunaan diri sorangan.

16. Ku naon Yéhuwa méré urang naséhat nu bijaksana?

16 Yéhuwa méré naséhat nu bijaksana ka urang liwat Firman-Na. Yéhuwa nyaah ka urang jeung hayang urang hirup bagja. (Yes. 48:17, 18) Pilihan nu paling bijaksana téh nyaéta hirup pikeun nyenangkeun Yéhuwa, éta bisa ngabantu urang pikeun hirup bagja. Lamun urang ngalakukeun hal éta, urang moal ngutamakeun duit, pagawéan, atawa diri sorangan. Ku kituna, urang jadi bisa nyingkahan loba masalah. Mugia urang bisa nyieun pilihan nu bijaksana jeung nyenangkeun Yéhuwa!​—Sil. 23:15.

KAWIH 94 Nganuhunkeun ku Ayana Firman

^ Sulaéman jeung Isa téh jalma nu bijaksana pisan. Maranéhna dibéré kabijaksanaan ku Allah Yéhuwa. Dina artikel ieu, urang bakal diajar tina naséhat maranéhna supaya urang boga pandangan nu saimbang ngeunaan duit, pagawéan, jeung diri urang sorangan. Urang gé bakal ningali sababaraha dulur saiman nu geus ngarasakeun mangpaatna ngalarapkeun naséhat-naséhat éta.

^ Tingali artikel ”Cara Menikmati Kerja Keras” dina Menara Pengawal 1 Pébruari 2015.

^ Tingali artikel ”Alkitab Dapat Membantu Saudara Menemukan Sukacita” dina Menara Pengawal 1 Agustus 2005.

^ KATERANGAN GAMBAR: John jeung Tom téh barudak ngora nu sasidang. John sibuk ngurus mobilna, ari Tom mah maké mobilna pikeun mantuan batur ngawawar jeung indit ka pasamoan.

^ KATERANGAN GAMBAR: John digawé lembur. Manéhna embung nguciwakeun bosna, jadi unggal dipénta lembur, manéhna daékeun. Dina poé nu sarua, Tom nu ngalayanan sabagé palayan sidang keur maturan saurang kokolot ngangon dulur saimanna. Baheulana, Tom geus méré nyaho bosna yén dina sababaraha poé manéhna bakal ngagunakeun waktu pikeun ibadah.

^ KATERANGAN GAMBAR: John mikirkeun dirina sorangan, ari Tom nu ngutamakeun hal-hal rohani mah mantuan ngoméan Balé Kongrés jeung boga loba batur.