Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 48

Anggeuskeun Naon nu Geus Dimimitian

Anggeuskeun Naon nu Geus Dimimitian

”Bareto aranjeun anu ngamimitian . . . Tah ayeuna teruskeun, anggeuskeun!”​—2 KOR. 8:10, 11.

KAWIH 35 Heulakeun nu Leuwih Penting

NU DIBAHAS *

1. Yéhuwa masihan kabébasan naon ka urang?

YÉHUWA masihan kabébasan ka urang pikeun nangtukeun jalan hirup. Mantenna ngajar urang carana nyieun putusan nu alus jeung ngabantu urang suksés ngajalankeun putusan nu nyenangkeun Mantenna. (Jab. 119:173) Beuki sering urang ngalarapkeun hikmat tina Firman Allah, beuki pinter urang dina nyieun putusan nu alus.​—Ibr. 5:14.

2. Naon tangtanganana sanggeus urang nyieun putusan?

2 Sanajan urang geus nyieun putusan nu alus, sakapeung urang ngarasa hésé nganggeuskeun naon nu geus dimimitian. Misalna: Saurang budak ngora hayang maca sakabéh eusi Alkitab. Sababaraha minggu mimiti mah bisa, tapi teu diteruskeun deui. Saurang sadérék istri hayang naratas biasa, tapi prungna mah diengké-engké. Badan kokolot geus mupakat pikeun leuwih sering ngangon atawa nganjangan sadérék-sadérék di sidang, tapi geus mangbulan-bulan éta teu jadi-jadi waé. Masalahna mémang béda-béda tapi kabéh aya sasaruaanana, nyaéta putusanana teu dilaksanakeun nepi ka anggeus. Urang Kristen dina abad kahiji di Korinta nyanghareupan masalah nu méh sarua. Urang bisa diajar naon ti maranéhna?

3. Jamaah di Korinta nyieun putusan naon, tapi kumaha prak-prakanana?

3 Kira-kira taun 55 M, jamaah di Korinta nyieun putusan nu penting. Maranéhna dibéré nyaho yén dulur-dulur saimanna di Yérusalém jeung Yudéa keur keuna musibat jeung susah ékonomi. Sidang-sidang nu séjén keur ngumpulkeun duit pikeun nulungan maranéhna. Lantaran bageur jeung béréhan, jamaah di Korinta hayang nyumbang jeung nanyakeun carana ka Rasul Paulus. Manéhna méré pituduh ka éta sidang jeung nugaskeun Titus pikeun ngumpulkeun sumbangan. (1 Kor. 16:1; 2 Kor. 8:6) Tapi sababaraha bulan sanggeusna, Paulus apal yén jamaah Korinta can ngumpulkeun sumbangan. Balukarna, sumbangan maranéhna can siap pikeun dibawa ka Yérusalém bareng jeung sumbangan ti sidang-sidang séjénna.​—2 Kor. 9:4, 5.

4. Sakumaha nu disebutkeun dina 2 Korinta 8:7, 10, 11, jamaah di Korinta dijurung naon ku Paulus?

4 Jamaah di Korinta nyieun putusan nu alus, jeung dipuji ku Paulus lantaran imanna kuat jeung sumanget kana tutulung. Tapi, maranéhna ogé dijurung pikeun nganggeuskeun naon nu geus dimimitian. (Baca 2 Korinta 8:7, 10, 11.) Pangalaman ieu nunjukkeun yén urang Kristen nu satia gé bisa ngarasa hésé ngajalankeun putusan nu alus.

5. Pananya naon waé nu bakal dibahas?

5 Saperti jamaah di Korinta, urang sok hésé ngajalankeun putusan urang. Naon sababna? Lantaran teu sampurna, urang osok ngaengké-engké. Atawa lantaran kajadian nu teu disangka-sangka, urang teu bisa ngajalankeun putusan urang. (Pan. 9:11; Rum 7:18) Kumaha urang bisa nyieun putusan jeung mariksa naha putusan urang kudu dirobah? Jeung kumaha carana urang bisa nganggeuskeun naon nu geus dimimitian?

SAACAN NYIEUN PUTUSAN

6. Ku naon sakapeung urang kudu ngarobah putusan urang?

6 Aya putusan penting nu moal dirobah ku urang. Misalna, putusan pikeun ngawula Yéhuwa jeung pikeun satia ka batur hirup. (Mat. 16:24; 19:6) Tapi, bisa jadi putusan séjén perlu dirobah. Ku naon? Lantaran kaayaan urang barobah. Kumaha carana sangkan urang sabisa-bisa nyieun putusan nu panghadéna?

7. Naon nu kudu didoakeun ku urang, jeung naon sababna?

7 Pék ngadoa ménta kabijaksanaan. Yéhuwa ngilhamkeun Yakobus pikeun nulis, ”Lamun di antara aranjeun aya anu kurang bijaksana, kudu nyuhunkeun ka Allah supaya dipaparin kabijaksanaan, da Allah mah sipat murah jeung welas asih.” (Yak. 1:5) Dina sababaraha hal, urang bisa waé ”kurang bijaksana”. Jadi, andelkeun Yéhuwa, waktu nyieun putusan jeung waktu mariksa deui éta putusan. Sadérék bakal dibantu ku Yéhuwa.

8. Saacan nyieun putusan, urang kudu ngarisét naon?

8 Pék ngarisét. Talungtik Firman Allah, baca publikasi ti organisasi Yéhuwa, jeung pénta saran ti jalma-jalma nu dipercaya ku Sadérék. (Sil. 20:18) Risét kawas kitu penting saacan nyieun putusan ngeunaan ganti pagawéan, pindah ka daérah séjén, atawa milih pendidikan nu cocog pikeun ngadukung dines Sadérék.

9. Naon mangpaatna lamun urang jujur ka diri sorangan?

9 Pariksa motif Sadérék. Yéhuwa nganggap penting motif urang. (Sil. 16:2) Mantenna hoyong urang jujur dina sagala hal. Jadi waktu nyieun putusan, urang hayang mariksa naon sabenerna motif urang. Urang kudu jujur ka diri sorangan jeung ka batur. Lamun teu jujur, urang bakal hésé ngajalankeun putusan urang. Misalna, saurang sadérék ngora mutuskeun jadi panaratas biasa. Tapi ka dieunakeun, manéhna ngarasa hésé ngahontal jumlah jam nu ditangtukeun sarta teu pati bungah dina dinesna. Manéhna bisa jadi nyangka motifna téh hayang nyenangkeun Yéhuwa. Tapi naha sabenerna manéhna ngan hayang nyenangkeun kolotna atawa batur?

10. Supaya bisa barobah, urang kudu boga motif naon?

10 Bayangkeun, aya saurang palajar Alkitab nu rék eureun ngaroko. Saminggu dua minggu mah manéhna bisa eureun, tapi tuluy kagoda deui. Sanajan kitu, tungtungna mah manéhna bisa bener-bener eureun! Ku naon manéhna bisa nalukkeun kabiasaan goréngna? Lantaran nyaah ka Yéhuwa jeung hayang nyenangkeun Mantenna.​—Kol. 1:10; 3:23.

11. Ku naon Sadérék kudu boga tujuan nu rinci?

11 Sing rinci. Lamun boga tujuan anu rinci, Sadérék bakal leuwih gampang ngahontalna. Misalna, Sadérék hayang maca Alkitab unggal poé. Tapi lamun Sadérék teu boga jadwal nu pasti, éta moal bisa laksana. * Atawa para kokolot di hiji sidang bisa jadi hayang leuwih sering nganjangan dulur saimanna, tapi sanggeus sababaraha waktu, éta tacan laksana. Sangkan bisa laksana, alus lamun para kokolot ngalenyepan pananya ieu: ”Naha abdi mikirkeun saha waé nu bisa dianjangan? Naha abdi geus nangtukeun iraha rék nganjangan maranéhna?”

12. Bisa jadi naon nu kudu dilakukeun ku urang, jeung naon sababna?

12 Sing asup akal. Urang teu boga waktu, sumber daya, atawa tanaga pikeun ngalakukeun kabéh kahayang urang. Jadi, urang kudu asup akal. Lamun perlu, putusan nu teu sanggup dijalankeun kudu dirobah. (Pan. 3:6) Upamana Sadérék geus mariksa putusan, nyieun parobahan, jeung ngarasa éta bisa kahontal. Ayeuna kudu kumaha? Aya lima hal nu bisa ngabantu Sadérék nganggeuskeun naon nu geus dimimitian.

NU KUDU DILAKUKEUN SANGGEUS NYIEUN PUTUSAN

13. Kumaha Sadérék bisa boga kakuatan pikeun ngajalankeun hiji putusan?

13 Pék ngadoa ménta kakuatan. Allah bisa ngabantu Sadérék ”saranggup ngalakonan” putusan Sadérék. (Pil. 2:13) Jadi, Sadérék bisa ménta roh suci ka Yéhuwa pikeun masihan kakuatan nu dibutuhkeun. Ulah eureun ngadoa sanajan katingalina doa Sadérék acan dijawab. Ceuk Yésus ogé, ”Pék terus ménta, tangtu bakal dibéré [roh suci].”​—Luk. 11:9, 13, Terjemahan Dunia Baru.

14. Kumaha prinsip dina Siloka 21:5 bisa ngabantu Sadérék ngajalankeun putusan?

14 Jieun rencana. (Baca Siloka 21:5.) Pikeun nganggeuskeun hiji proyék, Sadérék kudu boga rencana. Tuluy, Sadérék kudu ngajalankeun éta rencana. Kitu ogé, sanggeus nyieun putusan, Sadérék kudu nyieun daptar naon waé nu kudu dilakukeun pikeun ngajalankeun éta putusan. Tugas nu gedé jeung hésé bisa dibagi jadi sababaraha tugas nu leutik. Ku kituna, Sadérék bisa leuwih gampang ningali kamajuanana. Paulus ngajurung jamaah di Korinta pikeun nyéngcéléngan ”unggal minggu, dina poe nu kahiji” ti batan ngumpulkeun sumbanganana sakaligus waktu Paulus datang. (1 Kor. 16:2, Sunda Formal [SF]) Lamun tugas nu gedé dibagi jadi sababaraha tugas nu leutik, Sadérék moal ngarasa kawalahan.

15. Naon mangpaatna nuliskeun rencana?

15 Sadérék bakal leuwih gampang ngajalankeun putusan lamun Sadérék nuliskeun rencanana. (1 Kor. 14:40) Misalna, badan kokolot meunang pituduh pikeun nugaskeun saurang kokolot nyatet unggal putusan, kaasup saha nu ditugaskeun ngajalankeunana jeung iraha kudu anggeusna. Para kokolot nu nuturkeun pituduh ieu bakal leuwih gampang ngajalankeun putusan maranéhna. (1 Kor. 9:26) Sadérék gé bisa nyonto cara ieu dina urusan pribadi. Misalna, Sadérék bisa nyieun daptar naon waé nu rék digawékeun unggal poé, tuluy disusun mana nu rék digawékeun ti heula. Ku kituna, Sadérék teu ngan saukur bisa nganggeuskeun naon nu geus dimimitian tapi ogé leuwih gancang bérésna.

16. Naon deui nu penting sangkan putusan urang bisa dijalankeun, jeung kumaha Rum 12:11 ngadukung hal ieu?

16 Sing leukeun. Ngajalankeun rencana jeung nganggeuskeun naon nu geus dimimitian téh butuh upaya. (Baca Rum 12:11.) Paulus ngajurung Timoteus supaya ”leukeun” jeung ”junun” ngarah jadi guru nu leuwih hadé. Ieu ogé bisa dilarapkeun dina ngahontal cita-cita rohani séjénna.​—1 Tim. 4:13, 16, SF.

17. Kumaha Epesus 5:15, 16 bisa dilarapkeun dina ngajalankeun putusan?

17 Atur waktu sing bijaksana. (Baca Epesus 5:15, 16.) Tangtukeun iraha putusan Sadérék rék dijalankeun, tong diengké-engké. Ulah ngadagoan waktu nu pangcocogna lantaran éta mah moal bakal aya. (Pan. 11:4) Hal-hal nu kurang penting ulah nepi ka méakkeun waktu jeung tanaga nu kuduna dipaké keur hal-hal nu leuwih penting. (Pil. 1:10) Lamun bisa, pilih waktu nu bébas gangguan. Béré nyaho batur yén Sadérék teu bisa diganggu. Sadérék gé bisa mareuman handphone. Tong waka mariksa email atawa ningalian média sosial saacan bérés. *

18-19. Naon nu bisa ngabantu Sadérék tetep ngajalankeun putusan sanajan aya halangan?

18 Pikirkeun hasilna. Hasil putusan Sadérék bisa diupamakeun siga tempat nu rék dijugjug. Lamun bener-bener hayang nepi ka ditu, Sadérék bakal terus ngajugjug ka éta tempat sanajan jalanna ditutup jeung kudu néangan jalan séjén. Kitu ogé, lamun urang terus mikirkeun hasil tina putusan urang, urang moal gancang nyerah waktu aya halangan atawa kudu néangan cara séjén.​—Gal. 6:9.

19 Nyieun putusan nu alus jeung ngajalankeunana mémang teu gampang. Tapi ku bantuan Yéhuwa, Sadérék bisa boga kabijaksanaan jeung kakuatan pikeun nganggeuskeun naon nu geus dimimitian.

KAWIH 65 Mekarkeun!

^ par. 5 Naha Sadérék ngarasa kaduhung kana putusan nu pernah dijieun? Atawa, naha sakapeung Sadérék ngarasa hésé nyieun putusan nu alus jeung ngajalankeunana? Artikel ieu bakal ngabahas carana nyanghareupan tangtangan-tangtangan éta jeung nganggeuskeun naon nu geus dimimitian ku Sadérék.

^ par. 11 Pikeun ngabantu Sadérék nyieun jadwal maca Alkitab, mangga tingali ”Jadwal Pembacaan Alkitab” dina jw.org®.

^ par. 17 Pikeun saran-saran séjén ngeunaan ngatur waktu, tingali artikel ”20 Cara Menciptakan Lebih Banyak Waktu” dina Sedarlah! April 2010.