Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 45

Carana Roh Suci Ngabantu Urang

Carana Roh Suci Ngabantu Urang

”Dina kaayaan nu kumaha baé ogé sim kuring sanggup nyanghareupanana lantaran kawasa ti Allah.”​—PIL. 4:13, Terjemahan Dunia Baru (NW).

KAWIH 104 Kurnia Roh Suci

NU DIBAHAS *

1-2. (a) Naon nu ngabantu urang tetep tabah ti poé ka poé? Jelaskeun. (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

”WAKTU mikirkeun masalah nu geus kaliwat, sigana mun disanghareupan ku sorangan mah moal sanggup.” Sadérék pernah teu ngarasa siga kitu? Lolobana mah pernah. Meureun Sadérék bisa ngomong kitu téh lantaran geus sanggup nandangan masalah saperti panyakit nu parah atawa ditinggal maot ku nu dipikanyaah. Mun diinget-inget deui, Sadérék bisa tabah ti poé ka poé lantaran Yéhuwa nyadiakeun roh suci nyaéta ”kawasa nu maha agung”.​—2 Kor. 4:7-9.

2 Urang gé ngandelkeun roh suci supaya bisa nolak pangaruh jahat ti dunya ieu. (1 Yoh. 5:19) Salian ti éta, urang butuh kakuatan pikeun ngalawan pangaruh ”roh-roh jahat”. (Epe. 6:12) Jadi, hayu urang bahas dua cara roh suci ngabantu urang nyanghareupan masalah-masalah éta. Tuluy, urang bahas naon nu kudu dilakukeun sangkan urang meunang mangpaat sagedé-gedéna ti roh suci.

ROH SUCI MÉRÉ KAKUATAN

3. Kumaha carana Yéhuwa ngabantu urang ku roh suci-Na?

3 Roh suci Yéhuwa méré kakuatan sangkan urang sanggup ngalaksanakeun tanggung jawab bari nyanghareupan masalah. Rasul Paulus ngandelkeun ”kakawasaan Gusti” Yésus, ku kituna manéhna bisa tetep ngawula Yéhuwa bari nyanghareupan masalah. (2 Kor. 12:9) Salila perjalanan utusan injilna nu kadua, Paulus ngawawar bari kudu néangan napkah. Manéhna cicing di imahna Akwila jeung Priskila, tukang nyieunan ténda di Korinta. Paulus ogé boga pangabisa nu sarua, jadi manéhna gawé bareng jeung maranéhna sababaraha poé dina saminggu. (Ras. 18:1-4) Roh suci méré kakuatan ka Paulus sangkan bisa ngalaksanakeun palayananana bari néangan duit.

4. Numutkeun 2 Korinta 12:7-9, naon nu disanghareupan ku Paulus?

4 Baca 2 Korinta 12:7-9 tina Sunda Formal (SF). Dina ayat ieu, Paulus nyebutkeun yén manéhna boga ”hiji cucuk di jero awak”. Naon maksudna? Lamun aya cucuk di jero awak Sadérék, tangtu karasana nyeri pisan. Jadi, Paulus nyebutkeun kitu téh lantaran keur nyanghareupan masalah nu nganyenyeri manéhna. Manéhna nyebutkeun yén masalah ieu téh ”utusan Iblis” nu ”nimbulkeun kalara”. Bisa jadi lain Sétan atawa roh-roh jahat nu sacara langsung nyababkeun masalah Paulus atawa nu nancebkeun cucuk kana awakna. Tapi, maranéhna ngadedetkeun cucuk nu geus aya dina awak Paulus sangkan manéhna beuki nyeri. Naon nu dilakukeun ku Paulus?

5. Kumaha Yéhuwa ngajawab doa Paulus?

5 Asalna mah Paulus hayang ”cucuk” éta leungit. Ceuk manéhna, ”Simkuring geus sasambat ka Gusti, nepi ka tilu kali, neda ucul tina eta kalaraan.” Sanajan Paulus geus ngadoa, cucuk éta tetep aya. Naha ieu hartina doa Paulus teu dijawab ku Yéhuwa? Teu kitu. Yéhuwa ngajawab doana. Yéhuwa mémang teu ngaleungitkeun masalahna, tapi masihan kakuatan sangkan manéhna kuat nyanghareupan masalah. Yéhuwa nyarios, ”Sing tahan, sabab kakuatan teh sampurnana ku ayana kahengkeran.” (2 Kor. 12:8, 9, SF) Ku bantuan Allah, Paulus bisa tetep suka bungah jeung tengtrem haté!​—Pil. 4:4-7.

6. (a) Yéhuwa bisa ngajawab doa urang ku cara naon? (b) Kumaha ayat-ayat nu aya dina paragrap bisa nguatkeun Sadérék?

6 Siga Paulus, naha Sadérék pernah husu ngadoa ménta Yéhuwa ngaleungitkeun masalah Sadérék? Meureun Sadérék geus sasambat mangkali-kali tapi masalahna mah tetep aya, malah beuki parah. Naha Sadérék hariwang Yéhuwa teu resep deui ka Sadérék? Mun kitu, inget conto Paulus. Yéhuwa ngajawab doa Paulus, Mantenna gé tangtu ngajawab doa Sadérék! Bisa jadi, Yéhuwa teu ngaleungitkeun masalahna. Tapi ku roh suci-Na, Mantenna bakal masihan kakuatan supaya Sadérék bisa nyanghareupan masalah. (Jab. 61:4, 5) Sadérék meureun ”meunang pameupeuh”, tapi Yéhuwa moal ngantep Sadérék.​—2 Kor. 4:8, 9; Pil. 4:13, NW.

ROH SUCI NGABANTU URANG TERUS NGAWULA YÉHUWA

7-8. (a) Kumaha roh suci bisa diupamakeun kawas angin? (b) Kumaha Pétrus ngajelaskeun cara roh suci mangaruhan urang?

7 Kumaha deui cara roh suci ngabantu urang? Urang bisa ngupamakeun roh suci kawas angin. Kapal bisa salamet nepi ka tujuanana lantaran dijurung ku angin sanajan laut ombakna keur gedé. Kitu ogé, roh suci bisa ngabantu urang terus ngawula Yéhuwa nepi ka dunya anyar sanajan urang nyanghareupan masalah.

8 Salaku nalayan, Rasul Pétrus apal pisan kana palayaran. Éta sababna, waktu ngajelaskeun cara roh suci mangaruhan urang, manéhna maké istilah palayaran. Manéhna nulis, ”Taya hiji nubuwat beubeunangan uteuk manusa. Nabi mah darma ngucapkeunana sarta ngucapkeunana ge salawasna kalawan pajenengan Allah; sabab kedalna teh, ku pangjurungna Ruh Allah.”​—2 Pet. 1:21, SF.

9. Waktu maké istilah ’pangjurung’, Pétrus hayang batur ngabayangkeun naon?

9 Waktu maké istilah ’pangjurung’, Pétrus hayang batur ngabayangkeun naon? Lukas, nu nulis buku Rasul, ngagunakeun kecap Yunani nu méh sarua pikeun ngagambarkeun kapal nu ”nurutkeun angin”. (Ras. 27:15) Numutkeun saurang ahli Alkitab, waktu Pétrus nyebutkeun yén nu nulis Alkitab téh ’dijurung’ ku roh suci, Pétrus ngagunakeun istilah palayaran. Pétrus saolah-olah ngomong yén sarua jeung kapal nu dijurung ku angin pikeun nepi ka tujuanana, para nabi jeung nu nulis Alkitab gé dijurung ku roh suci pikeun ngalaksanakeun tugasna. Ahli Alkitab éta gé nyebutkeun, ”Para nabi saolah-olah ngabébérkeun layar.” Yéhuwa nyadiakeun ”anginna”, atawa roh suci-Na, jadi nu kudu dilakukeun ku nu nulis Alkitab téh nuturkeun pituduh roh éta.

CARA 1: Rutin ngalakukeun kagiatan rohani (Tingali paragrap 11)

CARA 2: Bener-bener dina ngalakukeun kagiatan rohani, tong asal-asalan (Tingali paragrap 11) *

10-11. Dua cara naon nu kudu dilarapkeun ku urang sangkan yakin urang keur dibingbing ku roh suci? Ibaratkeun.

10 Mémang ayeuna Yéhuwa teu ngagunakeun roh suci pikeun ngabingbing jalma-jalma nulis Alkitab. Tapi, Yéhuwa masih terus ngagunakeun roh suci pikeun ngabingbing hamba-hamba-Na. Kumaha urang bisa yakin yén urang keur dibingbing ku roh suci? Aya nu kudu dilakukeun ku urang. Naon waé éta téh?

11 Pikirkeun babandingan ieu. Lamun saurang palaut rék ngamangpaatkeun angin, manéhna kudu ngalakukeun dua hal. Kahiji, kapalna kudu aya di tempat nu anginna gedé. Lamun kapalna tetep di palabuhan mah, kapalna moal maju. Kadua, palaut kudu ngabébérkeun layar sagedé-gedéna. Jadi, sanajan aya angin gé lamun layarna teu dibébérkeun mah kapalna moal maju. Kitu ogé, urang bisa tetep satia ngawula ka Yéhuwa lamun dibantu ku roh suci. Supaya bisa kitu, aya dua cara. Kahiji, urang kudu aya di tempat nu loba roh sucina ku cara ngalakukeun kagiatan nu dituduhkeun ku roh suci. Kadua, urang kudu ”ngabébérkeun layar” sagedé-gedéna ku cara bener-bener ngalakukeun kagiatan éta, tong asal-asalan. (Jab. 119:32) Lamun dua cara éta dilarapkeun, roh suci bakal méré kakuatan ka urang pikeun tabah nyanghareupan tentangan jeung masalah sarta terus satia ngawula Yéhuwa nepi ka dunya anyar.

12. Naon nu bakal dibahas ayeuna?

12 Urang geus ngabahas dua cara roh suci ngabantu urang. Roh suci bisa méré kakuatan jeung ngabantu urang sanajan aya masalah. Roh suci ogé ngabingbing jeung ngabantu urang ngalakukeun pagawéan ti Yéhuwa nu hasilna téh hirup langgeng. Ayeuna, hayu urang bahas opat hal nu kudu dilakukeun supaya urang meunang mangpaat sagedé-gedéna ti roh suci.

CARANA URANG MEUNANG MANGPAAT SAGEDÉ-GEDÉNA TI ROH SUCI

13. Numutkeun 2 Timoteus 3:16, 17, naon pangaruhna Alkitab ka urang, tapi naon nu kudu dilakukeun?

13 Kahiji, diajar Firman Allah. (Baca 2 Timoteus 3:16, 17.) Kecap Yunani nu ditarjamahkeun jadi ”wahyu ti Allah” sacara harfiah hartina téh ”ditiupkeun ku Allah”. Allah ngagunakeun roh suci-Na pikeun ”niupkeun” pikirana-Na ka pikiran nu nulis Alkitab. Waktu urang maca jeung ngalenyepan Alkitab, pituduh ti Allah asup kana pikiran jeung haté urang. Kekecapan nu diwahyukeun éta bisa ngarobah hirup urang sangkan luyu jeung kahoyong Allah. (Ibr. 4:12) Tapi sangkan urang bisa meunang mangpaat sagedé-gedéna ti roh suci, urang kudu nyadiakeun waktu pikeun diajar Alkitab jeung mikirkeun bener-bener naon nu dibaca ku urang. Ku kituna, Firman Allah bisa mangaruhan ucap jeung lampah urang.

14. (a) Ku naon pasamoan téh tempat nu loba roh sucina? (b) Urang kudu kumaha sangkan bisa ”ngabébérkeun layar” waktu hadir di pasamoan?

14 Kadua, ibadah bareng ka Allah. (Jab. 22:23) Pasamoan Kristen bisa disebut ”tempat nu anginna gedé”. Roh Yéhuwa aya di pasamoan. (Wahyu 2:29) Naha bisa kitu? Lantaran waktu ibadah bareng jeung dulur saiman, urang ngadoa nyuhunkeun roh suci, ngawihkeun kawih Karajaan nu dumasar kana Firman Allah, sarta urang ngadéngékeun pituduh tina Alkitab nu ditepikeun ku sadérék-sadérék nu dilantik ku roh suci. Roh suci ogé ngabantu sadérék-sadérék istri pikeun nyiapkeun jeung nepikeun bagianana. Tapi, sangkan bisa meunang mangpaat sagedé-gedéna ti roh suci, urang kudu hadir jeung méré koméntar di pasamoan. Ku kituna, urang hadir di pasamoan bari ”ngabébérkeun layar”.

15. Kumaha roh suci bisa ngabantu urang dina pangwawaran?

15 Katilu, ngawawar. Waktu ngagunakeun Alkitab dina ngawawar jeung ngajar, éta hartina urang daék dibingbing ku roh suci dina dines. (Rum 15:18, 19) Tapi sangkan meunang mangpaat sagedé-gedéna ti roh suci, Sadérék kudu rutin ngawawar jeung sabisa-bisa ngagunakeun Alkitab. Salah sahiji cara sangkan dines urang leuwih pikaresepeun téh nyaéta ngagunakeun conto bahasan dina Jurnal Pasamoan Kagiatan jeung Kahirupan.

16. Naon cara langsung pikeun narima roh suci?

16 Kaopat, ngadoa ka Yéhuwa. (Mat. 7:7-11; Luk. 11:13) Cara langsung pikeun narima roh suci nyaéta nyuhunkeun ka Yéhuwa. Boh dingding panjara boh Sétan, moal aya nu bisa ngahalangan doa urang nepi ka Yéhuwa atawa ngahalangan roh suci Allah nepi ka urang. (Yak. 1:17) Supaya urang meunang mangpaat sagedé-gedéna ti roh suci, doa urang kudu kumaha? Pikeun nyaho jawabanana, hayu urang bahas leuwih rinci doa tina misil Yésus nu ngan aya dina Injil Lukas. *

TEU EUREUN NGADOA

17. Naon palajaran tina misil Yésus ngeunaan doa nu dicatet dina Lukas 11:5-9, 13?

17 Baca Lukas 11:5-9, 13. Misil Yésus ieu némbongkeun kumaha sakuduna urang ngadoa nyuhunkeun roh suci. Dina misil ieu, lalaki éta narima naon nu dibutuhkeun ”lantaran [manéhna] keukeuh jeung teu era-era”. Manéhna teu asa-asa ménta bantuan ka babaturanana sanajan geus tengah peuting. (Luk. 11:8) * Tina misil ieu, Yésus ngajarkeun naon? Ceuk anjeunna, ”Kudu daek [terus, NW] menta, tangtu bakal dibere; kudu daek [terus, NW] barangsiar, tangtu bakal beubeunangan; kudu daek [terus, NW] ngetrokan tangtu bakal dipangmukakeun panto.” Jadi, naon palajaranana? Supaya dibantu ku roh suci, urang ulah eureun ngadoa.

18. Tina misil Yésus, ku naon urang yakin Yéhuwa bakal masihan roh suci-Na?

18 Tina misil éta ogé urang jadi ngarti alesanana Yéhuwa masihan roh suci ka urang. Lalaki tina misil éta hayang ngabagéakeun sémahna. Sanajan teu boga dahareun, manéhna ngarasa kudu nyuguhan sémahna nu datang tengah peuting. Yésus nyebutkeun yén tatanggana daék méré lantaran lalaki éta keukeuh jeung teu éra-éra ménta roti. Ti dieu, Yésus ngajarkeun naon? Lamun manusa nu teu sampurna waé daék mantuan tatanggana nu teterusan ménta, komo deui Bapa urang nu bageur di sawarga bakal masihan roh suci ka saha waé nu teterusan nyuhunkeun ka Mantenna! Jadi, urang bisa yakin yén Yéhuwa bakal ngajawab doa urang waktu urang nyuhunkeun roh suci.​—Jab. 10:17; 66:19.

19. Ku naon urang yakin urang bakal unggul?

19 Urang yakin sanajan Sétan teterusan nyerang urang, urang bakal unggul. Naon sababna? Sabab roh suci ngabantu urang ku dua cara. Kahiji, roh suci méré kakuatan sangkan urang bisa nandangan masalah. Kadua, roh suci nguatkeun urang pikeun terus ngawula Yéhuwa nepi ka dunya anyar. Jadi, urang kudu boga tékad pikeun meunang mangpaat sagedé-gedéna ti roh suci!

KAWIH 41 Mugi Doa Abdi Didangukeun

^ par. 5 Artikel ieu ngajelaskeun carana roh suci Allah ngabantu urang tabah nyanghareupan masalah. Artikel ieu ogé bakal ngabahas kumaha carana supaya urang meunang mangpaat sagedé-gedéna ti roh suci.

^ par. 16 Dibandingkeun jeung nu nulis Injil séjénna, Lukas leuwih sering nandeskeun yén doa téh penting dina hirup Yésus.​—Luk. 3:21; 5:16; 6:12; 9:18, 28, 29; 18:1; 22:41, 44.

^ par. 17 Tingali catetan nwtsty-E pikeun Lukas 11:5-9 ngeunaan ”keukeuh” dina Bahan Sumber pikeun Jurnal Pasamoan Kagiatan jeung Kahirupan Juli 2018, kaca 5.

^ par. 60 KATERANGAN GAMBAR Kaca 10: CARA 1: Sapasang salaki pamajikan datang ka Balé Karajaan pikeun masamoan bareng jeung dulur saiman. Ku cara kitu, maranéhna milu kagiatan di tempat nu loba roh sucina. CARA 2: Maranéhna geus siap méré koméntar di pasamoan. Dua cara ieu bisa dilarapkeun dina kagiatan séjén nu dibahas dina ieu artikel: diajar Firman Allah, ngawawar, jeung ngadoa ka Yéhuwa.