Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 46

Naha Sadérék Ngajaga Iman nu Saperti ’Taméng’?

Naha Sadérék Ngajaga Iman nu Saperti ’Taméng’?

”Gunakeun kapercayaan ka Pangeran minangka jadi tamengna.”​—EPE. 6:16.

KAWIH 119 Iman Urang Kudu Kuat

NU DIBAHAS *

1-2. (a) Numutkeun Epesus 6:16, ku naon urang kudu boga ’taméng’ iman nu gedé? (b) Pananya naon waé nu bakal dibahas?

NAHA Sadérék boga ’taméng’, atawa iman? (Baca Epesus 6:16.) Pasti boga. Siga taméng gedé nu ngalindungan urang saawak-awak, iman gé ngalindungan urang tina lampah cabul, katelengesan, jeung sagala pangaruh goréng ti dunya nu jahat ieu.

2 Tapi, urang hirup dina ”ahir jaman”, jadi iman urang bakal terus diuji. (2 Tim. 3:1) Kumaha carana mariksa taméng iman Sadérék, naha masih kénéh kuat atawa henteu? Jeung, kumaha Sadérék bisa tetep nyekel pageuh taméng iman Sadérék? Hayu urang jawab pananya-pananya ieu.

PARIKSA BENER-BENER TAMÉNG SADÉRÉK

Sanggeus perang, para prajurit ngoméan taméngna (Tingali Paragrap 3)

3. Kumaha prajurit ngarawat taméngna, jeung naon sababna?

3 Dina jaman Alkitab, taméng saurang prajurit biasana dilapisan ku kulit. Prajurit bakal ngaminyakan taméngna supaya bagian kulitna awét jeung bagian logamna henteu taihiangan. Lamun saurang prajurit ningali aya nu ruksak dina taméngna, éta bakal dioméan supaya siap dipaké perang deui. Kumaha jeung iman Sadérék?

4. Ku naon Sadérék kudu mariksa taméng iman Sadérék, jeung kumaha carana?

4 Siga prajurit dina jaman baheula, Sadérék gé kudu rutin mariksa jeung ngarawat taméng iman Sadérék supaya siap dipaké perang. Urang Kristen keur aya dina pangperangan rohani, musuhna téh kaasup roh-roh jahat. (Epe. 6:10-12) Sadérék sorangan nu kudu ngarawat taméng iman. Kumaha carana mastikeun yén Sadérék siap waktu diuji? Mimitina, ngadoa ménta bantuan ka Allah. Tuluy, gunakeun Firman Allah pikeun mariksa diri sorangan naha hirup urang geus sajalan jeung kahoyong Allah. (Ibr. 4:12) Alkitab nyebutkeun, ”Kudu temen ngandel ka PANGERAN. Ulah sok ngandelkeun kanyaho sorangan.” (Sil. 3:5, 6) Ayeuna pikirkeun putusan-putusan nu dijieun ku Sadérék sababaraha waktu katukang. Misalna, naha Sadérék boga masalah ékonomi nu parah? Dina kaayaan éta, naha Sadérék inget jangji Allah dina Ibrani 13:5, ”Maneh ku Kami moal nepi ka teu dipalire, moal ditinggalkeun”? Naha Sadérék jadi yakin bakal ditulungan ku Yéhuwa? Lamun yakin, éta bukti iman Sadérék kuat.

5. Naon nu bisa jadi kanyahoan waktu mariksa iman Sadérék?

5 Waktu mariksa iman Sadérék, bisa jadi Sadérék teu nyangka boga kalemahan nu salila ieu teu kanyahoan. Misalna, bisa jadi Sadérék sadar yén iman Sadérék lemah lantaran hariwang teuing, percaya kana kabohongan, jeung ngarasa leutik haté. Lamun Sadérék ngarasa kitu, kumaha carana ngajaga iman supaya teu beuki lemah?

JAGA DIRI TINA HAL-HAL NU BISA NGALEMAHKEUN IMAN

6. Aya sababaraha kahariwangan nu alus. Naon waé contona?

6 Ngarasa hariwang kana sababaraha hal téh alus. Misalna, alus lamun urang mikirkeun kumaha carana nyenangkeun Yéhuwa jeung Yésus. (1 Kor. 7:32) Lamun ngalakukeun dosa gedé, urang hariwang kumaha carana mulihkeun deui sosobatan jeung Allah. (Jab. 38:19) Urang gé mikirkeun kumaha bisa nyenangkeun batur hirup, ngurus anggota kulawarga, jeung ngabantu dulur saiman.​—1 Kor. 7:33; 2 Kor. 11:28.

7. (a) Ku naon hariwang teuing téh bisa ngaruksak iman urang? (b) Numutkeun Siloka 29:25, ku naon urang ulah sieun ka manusa?

7 Tapi, lamun urang hariwang teuing, éta bisa ngaruksak iman. Misalna, urang bisa teterusan hariwang ngeunaan dahareun jeung papakéan. (Mat. 6:31, 32) Jadi, urang kalah ka mikirkeun carana boga loba harta banda. Malahan, urang bisa beuki kana duit. Lamun diantep, iman urang ka Yéhuwa bisa lemah sarta sosobatan urang jeung Mantenna bisa ruksak. (Mar. 4:19; 1 Tim. 6:10) Urang gé bisa hariwang teuing kana hal séjén, nyaéta urang hayang pisan dipikaresep ku batur. Urang jadi leuwih sieun diléléwé atawa dikaniaya ku manusa ti batan sieun teu nyenangkeun Yéhuwa. Sangkan teu kitu, urang kudu nyuhunkeun iman jeung kawani ka Yéhuwa pikeun nyanghareupan tangtangan éta.​—Baca Siloka 29:25; Luk. 17:5.

(Tingali Paragrap 8) *

8. Urang kudu kumaha lamun aya nu nyebarkeun kabohongan?

8 Sétan, ”bapana sagala bohong”, ngagunakeun kabéh nu dikawasaan ku manéhna pikeun nyebarkeun kabohongan ngeunaan Yéhuwa jeung dulur saiman. (Yoh. 8:44) Misalna, jalma murtad nyebarkeun kabohongan jeung malik-malikeun fakta ngeunaan organisasi Yéhuwa dina Internét, TV, jeung média séjénna. Kabéh kabohongan ieu kaasup ”panah-panah seuneu” ti Sétan. (Epe. 6:16) Urang kudu kumaha lamun aya nu nyebarkeun kabohongan siga kitu? Ulah didéngé! Ku naon? Lantaran urang boga iman ka Yéhuwa jeung percaya ka dulur saiman. Malah, urang moal sakali-kali acan komunikasi jeung jalma murtad. Urang moal debat jeung maranéhna teu sual naon alesanana, kaasup rasa panasaran urang.

9. Naon balukarna lamun urang ngarasa leutik haté?

9 Parasaan leutik haté bisa ngalemahkeun iman. Urang kabéh boga masalah, jeung tangtu éta kabéh kudu disanghareupan. Jadi, bisa waé urang leutik haté ku masalah éta. Tapi, ulah nepi ka masalah éta wungkul nu dipikiran ku urang, sualna urang bisa mopohokeun harepan nu éndah nu dijangjikeun ku Yéhuwa. (Wahyu 21:3, 4) Saking leutik haténa urang jadi béak tanaga jeung hayang eureun ngawula Yéhuwa. (Sil. 24:10) Tapi, urang mah teu kudu nepi ka kitu.

10. Sadérék diajar naon tina pangalaman saurang sadérék istri?

10 Saurang sadérék istri di Amerika Serikat bisa ngajaga imanna waktu ngarawat salakina nu gering parna. Manéhna nulis surat ka kantor pusat, ”Sakapeung abdi duaan strés jeung leutik haté pisan, tapi urang boga harepan. Urang nganuhunkeun pisan kana sagala nu dipasihan ku Yéhuwa pikeun nguatkeun iman jeung ngalilipur. Urang butuh pisan naséhat jeung panglilipur ieu. Urang jadi bisa tetep tabah jeung satia nyanghareupan cocoba ti Sétan nu rék ngalemahkeun urang.” Tina pangalaman sadérék istri ieu, urang nyaho urang bisa ngéléhkeun parasaan leutik haté! Kumaha carana? Lamun aya masalah, anggap éta téh ujian ti Sétan. Sing yakin Yéhuwa téh Sumber panglilipur urang. Sarta, hargaan kadaharan rohani nu disadiakeun ku Mantenna.

Naha Sadérék ngarawat ’taméng’ iman Sadérék? (Tingali Paragrap 11) *

11. Supaya nyaho iman urang téh kuat atawa henteu, pananya naon nu kudu dipikirkeun?

11 Naha Sadérék ningali dina taméng iman Sadérék aya nu kudu dioméan? Pék pikirkeun, anyar-anyar ieu, naha Sadérék pernah ngarasa hariwang pisan tapi bisa ngalawan parasaan éta? Naha Sadérék pernah nampik gogoda pikeun ngadéngékeun atawa debat ngeunaan kabohongan ti jalma murtad? Jeung, naha Sadérék pernah leutik haté, tapi tetep tabah? Lamun pernah, éta hartina iman Sadérék kuat. Tapi, urang kudu tetep ati-ati lantaran Sétan maké senjata-senjata séjén pikeun ngalemahkeun iman urang. Hayu urang bahas salah sahijina.

JAGA DIRI SANGKAN HENTEU CINTA KANA HARTA BANDA

12. Naon balukarna lamun urang cinta kana harta banda?

12 Cinta kana harta banda bisa ngalemahkeun iman jeung sumanget urang dina ngawula Yéhuwa. Rasul Paulus nyebutkeun, ”Prajurit anu hayang nyenangkeun hate kapalana, ngajalankeun tugasna teh moal bari nguruskeun sual-sual anu henteu patali jeung tugasna [”urusan bisnis”, Terjemahan Dunia Baru].” (2 Tim. 2:4) Prajurit Rum teu meunang boga pagawéan séjén. Kumaha jadina lamun saurang prajurit teu nuturkeun aturan ieu?

13. Naon sababna prajurit teu pipilueun urusan bisnis?

13 Bayangkeun kajadian ieu. Isuk-isuk, sakelompok prajurit keur latihan perang, tapi aya saurang prajurit nu teu datang. Prajurit éta kalah ka dadasar rék dagang dahareun di kota. Soréna, para prajurit mariksa pakarang perang jeung ngasah pedangna. Tapi, prajurit nu rék dagang éta mah nyiapkeun dahareun keur dijual isukna. Ari pék téh isukanana aya musuh ngadadak nyerang. Prajurit mana nu bakal siap perang jeung dipikaresep ku komandanna? Lamun Sadérék aya di antara kelompok prajurit éta, Sadérék hayang dibaturan ku saha, nu siap perang atawa nu sibuk ku urusan séjén?

14. Naon nu dianggap penting ku prajurit Kristus?

14 Siga prajurit nu siap perang, urang embung disimpangkeun tina tujuan utama urang, nyaéta nyenangkeun Yéhuwa jeung Yésus Kristus, para Komandan urang. Urang nganggap hal éta leuwih penting ti batan sagala hal nu ditawarkeun ku dunya Sétan. Ku kituna, urang hayang ngagunakeun waktu jeung tanaga pikeun ngawula Yéhuwa. Salian ti éta, urang gé hayang terus ngajaga taméng iman jeung sakabéh pakarang perang rohani urang tetep alus.

15. Paulus méré pépéling naon, jeung naon sababna?

15 Urang kudu terus waspada! Naon sababna? Rasul Paulus mépélingan yén ”ngarah kabeungharan” téh ngalantarankeun ”pecat iman”. (1 Tim. 6:9, 10) Saurang jalma bisa nepi ka ”pecat iman” téh teu ujug-ujug, manéhna lalaunan nyimpang lantaran hayang ngumpulkeun harta banda nu teu perlu. Urang jadi boga ”rupa-rupa kahayang anu teu munasabah nu ngabahlakeun”. Urang kudu inget kahayang-kahayang éta bisa dijadikeun senjata ku Sétan pikeun ngalemahkeun iman urang.

16. Tina kisah dina Markus 10:17-22, urang jadi kajurung pikeun mikirkeun pananya naon waé?

16 Meureun urang boga duit keur meuli loba barang. Naha salah lamun urang meuli barang nu sabenerna teu pati dibutuhkeun? Can tangtu. Tapi pikirkeun pananya-pananya ieu: Sanajan urang bisa meuli barang éta, naha urang boga waktu jeung tanaga pikeun maké jeung ngarawatna? Atawa, naha haté urang jadi kacangreud kana barang éta? Lantaran haté urang geus kacangreud, naha urang bisa siga lalaki ngora nu nolak ondangan Yésus pikeun ningkatkeun palayanan? (Baca Markus 10:17-22.) Leuwih hadé lamun urang hirup saderhana sarta ngagunakeun waktu jeung tanaga nu aya pikeun ngalampahkeun kahoyong Allah!

CEKEL PAGEUH TAMÉNG IMAN SADÉRÉK

17. Naon nu kudu terus diinget ku urang?

17 Urang kudu terus inget urang téh keur perang jeung kudu siap perang unggal poéna. (Wahyu 12:17) Urang sorangan nu kudu mawa taméng iman urang, teu bisa diwakilan ku dulur saiman.

18. Naon sababna prajurit dina jaman baheula nyekel pageuh taméngna?

18 Dina jaman baheula, saurang prajurit dihormat lantaran kawanina dina perang. Tapi, manéhna bakal éra lamun balik perang bari teu mawa taméngna. Ahli sajarah Rum nyaéta Tacitus nulis, ”Ngérakeun pisan lamun saurang prajurit ninggalkeun taméngna.” Éta sababna saurang prajurit nyekel pageuh taméngna.

Saurang sadérék istri nyekel pageuh taméng imanna ku cara maca Alkitab unggal poé, rutin masamoan, jeung sibuk ngawawar (Tingali Paragrap 19)

19. Kumaha urang bisa nyekel pageuh taméng iman urang?

19 Urang nyekel pageuh taméng iman ku cara rutin masamoan jeung nyaritakeun ka batur ngeunaan nami Yéhuwa jeung Karajaana-Na. (Ibr. 10:23-25) Urang gé kudu maca Firman Allah unggal poé sarta ngadoa ka Yéhuwa sangkan bisa ngalarapkeun naséhat jeung pituduh-Na. (2 Tim. 3:16, 17) Lamun éta dilakukeun, senjata naon waé nu digunakeun ku Sétan moal bisa ngaleungitkeun harepan hirup langgeng urang. (Yes. 54:17) ’Taméng’ iman bakal ngalindungan urang. Bareng jeung dulur-dulur saiman, urang bakal tetep pengkuh jeung unggul dina pangperangan urang unggal poé. Salian ti éta, urang gé boga kahormatan aya di pihak Yésus waktu anjeunna ngéléhkeun Sétan jeung baladna.​—Wahyu 17:14; 20:10.

KAWIH 118 ’Kuatkeun Iman Abdi’

^ par. 5 Prajurit ngandelkeun taméng pikeun ngalindungan awakna. Iman urang téh saperti taméng. Taméng kudu dirawat, kitu ogé jeung iman urang. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas carana mastikeun sangkan ’taméng’, atawa iman urang, kaayaanana alus kénéh.

^ par. 58 KATERANGAN GAMBAR: Waktu aya jalma murtad nu nyebarkeun kabohongan dina TV, hiji kulawarga Saksi langsung mareuman TV-na.

^ par. 60 KATERANGAN GAMBAR: Terus, pas keur ibadah kulawarga, bapana ngagunakeun ayat Alkitab pikeun nguatkeun iman kulawargana.