Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Onésime jeung Géraldine

Berkah nu Limpah Keur Jalma nu Balik ka Nagri Asalna

Berkah nu Limpah Keur Jalma nu Balik ka Nagri Asalna

LOBA dulur saiman nu pindah ka luar nagri jang néangan duit, tapi ayeuna maranéhna balik deui ka nagri asalna. Maranéhna nyaah ka Yéhuwa jeung sasama, jadi maranéhna pindah ka daérah nu leuwih ngabutuhkeun pawarta. (Mat. 22:37-39) Maranéhna kudu nyieun pangorbanan naon waé? Tapi, naon waé berkahna? Hayu urang perhatikeun pangalaman ti nagri Kamerun di Afrika beulah kulon.

AYA DI ”TEMPAT NU COCOG KEUR ’NGALA JELEMA’”

Dina taun 1998, saurang sadérék nu ngaranna Onésime pindah ti Kamerun ka luar nagri. Manéhna cicing di luar nagri salila 14 taun. Hiji poé, dina pasamoan aya ibarat ngeunaan pangwawaran. Nu hutbah ngomong, ”Aya dua nalayan nu ngala lauk di tempat nu béda. Ari pék téh, nu hiji meunang laukna leuwih loba. Nah, nu hijina deui pasti pindah ka ditu pan supaya bisa meunang lauk loba ogé?”

Onésime jadi hayang balik ka Kamerun, lantaran di ditu loba jalma nu daék diajar Alkitab. Tapi, manéhna asa-asa. Pan manéhna geus lila cicing di luar nagri. Bisa teu nya, manéhna balik deui ka Kamerun? Jadi Onésime nyobaan heula cicing di Kamerun salila genep bulan. Terus dina taun 2012, manéhna mantep pindah ka ditu.

Onésime nyarita, ”Abdi kudu ngabiasakeun diri jeung cuaca nu panas sarta lingkungan di ditu. Korsi di Balé Karajaan gé teu ngeunaheun jiga nu baheula. Tapi mun abdi leuwih merhatikeun acara pasamoan mah, boro-boro mikirkeun korsi!”

Dina taun 2013, Onésime nikah jeung Géraldine. Géraldine téh geus salapan taun cicing di Prancis, tapi balik deui ka Kamerun. Maranéhna duaan ngutamakeun kagiatan rohani dina kahirupan. Naon berkahna? Ceuk Onésime, ”Urang duaan milu Sekolah bagi Penginjil Kerajaan sarta ngalayanan di Bétel. Terus ngan dina sataun, aya 20 palajar nu dibaptis di sidang urang. Abdi mémang aya di tempat nu cocog keur ’ngala jelema’.” (Mar. 1:17, 18) Géraldine ngomong, ”Teu pernah kabayang, abdi bakal narima berkah sakieu lobana!”

BUNGAHNA BOGA MURID

Judith jeung Sam-Castel

Judith pindah ti Kamerun ka Amerika Serikat, tapi manéhna hayang ngalakukeun leuwih loba hal keur Yéhuwa. Manéhna nyarita, ”Abdi sok balik ka Kamerun. Terus pas rék ka Amerika deui, abdi sok ceurik lantaran abdi kudu ninggalkeun sababaraha palajar Alkitab.” Tapi mun kudu pindah ka Kamerun gé, Judith ngarasa beurat. Di Amerika, Judith geus boga pagawéan nu gajihna gedé. Éta bisa ngabantu biaya pangobatan bapana di Kamerun. Najan kitu, Judith tetep pindah ka Kamerun. Manéhna percaya, Yéhuwa bakal ngurus sagalana. Mémang manéhna kadang ngarasa, di Amerika mah leuwih ngeunah. Jadi, manéhna ngadoa supaya bisa ngabiasakeun diri. Manéhna gé dikuatkeun ku pangawas wilayah jeung pamajikanana.

Judith nyarita, ”Kakara tilu taun di dieu gé, abdi geus mantuan opat palajar nepi ka dibaptis.” Terus, Judith nikah jeung Sam-Castel. Maranéhna jadi panaratas istiméwa. Ayeuna, salakina jadi pangawas wilayah. Ari bapana kumaha? Aya rumah sakit di luar nagri nu daék ngoperasi bapana sacara haratis. Operasina gé suksés.

DIURUS KU YÉHUWA

Caroline jeung Victor

Baheula, saurang sadérék nu ngaranna Victor pindah ti Kamerun ka Kanada. Hiji waktu, manéhna maca Warta Hadé nu ngabahas ngeunaan pendidikan luhur. Manéhna jadi mikir. Terus, manéhna eureun kuliah sarta miluan kursus. Ceuk manéhna, ”Abdi jadi leuwih gancang meunang pagawéan. Abdi gé jadi bisa naratas. Geus lila abdi hayang naratas.” Geus kitu, Victor nikah jeung Caroline, sarta ulin ka Kamerun. Pas keur tur ka kantor cabang, aya nu méré saran supaya maranéhna ngawula di Kamerun. Victor ngomong, ”Abdi duaan geus hirup saderhana, sarta euweuh hahalang. Jadi, abdi duaan bisa pindah.” Sabenerna, Caroline boga masalah kaséhatan, tapi maranéhna duaan tetep pindah.

Victor jeung Caroline naratas sarta mantuan loba jalma nu minat. Mimitina mah maranéhna teu kudu digawé, sabab masih boga tabungan. Tapi lila-lila, maranéhna kudu indit ka Kanada pikeun digawé sababaraha bulan. Ku kituna, maranéhna bisa terus naratas di Kamerun. Naon berkahna? Maranéhna miluan Sekolah bagi Penginjil Kerajaan sarta ditugaskeun jadi panaratas istiméwa. Ayeuna, maranéhna ngalayanan di proyék pangwangunan. Victor ngomong, ”Abdi duaan ninggalkeun kahirupan nu ngeunah, jadi kudu ngandel ka Yéhuwa. Kabukti, Yéhuwa téh terus ngurus abdi duaan.”

BUNGAHNA MANTUAN BATUR NGABAKTIKEUN DIRI KA YÉHUWA

Stéphanie jeung Alain

Sadérék Alain kuliah di Jerman. Dina taun 2002, manéhna maca risalah Kaum Muda—Bagaimana Kalian akan Menggunakan Kehidupan? Manéhna jadi boga cita-cita anyar. Terus taun 2006, manéhna miluan Sekolah Pelatihan Pelayanan sarta ditugaskeun ka Kamerun, nagri asalna.

Di Kamerun, Alain meunang pagawéan paro waktu. Terus teu lila, manéhna meunang pagawéan nu gajihna leuwih gedé. Tapi sakali waktu, manéhna ditawaran jadi panaratas istiméwa. Manéhna langsung daék. Padahal, harita bosna nawaran gajih nu leuwih gedé, tapi Alain embungeun. Ku naon? Manéhna mikir, pagawéan éta bisa méakkeun waktu nu tadina dipaké keur palayanan. Ka dieunakeun, Alain nikah jeung Stéphanie nu geus sababaraha taun cicing di Prancis. Di Kamerun, Stéphanie ngalaman masalah naon waé?

Stéphanie ngomong, ”Abdi sok teu ngareunah awak jeung sering alérgi. Untungna éta bisa diubaran.” Maranéhna diberkahan lantaran teu nyerah. Alain nyarita, ”Abdi duaan pernah ngawawar ka kampung Katé nu mencil pisan. Tapi, di ditu aya sababaraha jalma nu daék diajar Alkitab. Ahirna, maranéhna diajar liwat telepon. Aya dua nu dibaptis, terus aya hiji kelompok diadegkeun di ditu.” Ceuk Stéphanie, ”Kabungah lantaran bisa mantuan batur pikeun ngabaktikeun diri ka Yéhuwa téh taya bandingna. Resep pisan bisa ngawula di dieu!” Ayeuna, Alain geus jadi pangawas wilayah.

”URANG GEUS NGALAKUKEUN NAON NU SAKUDUNA DILAKUKEUN”

Léonce jeung Gisèle

Gisèle dibaptis waktu keur milu sakola kedokteran di Itali. Nu ngajarkeun Alkitab ka Gisèle téh pasangan panaratas nu hirupna saderhana. Gisèle tajub ningali maranéhna, sarta jadi hayang ngalakukeun leuwih loba dina palayanan. Jadi, manéhna naratas bari neruskeun sakolana.

Gisèle hayang balik ka Kamerun, tapi manéhna bingbang. Ceuk manéhna, ”Mun hayang balik, ijin tinggal abdi di Itali bakal dicabut. Éta hartina, abdi bakal misah ti kulawarga jeung babaturan di Itali.” Najan kitu, dina bulan Méi 2016, ahirna Gisèle balik ka Kamerun. Di ditu, manéhna nikah jeung Léonce. Terus, kantor cabang méré saran supaya maranéhna pindah ka kota Ayos. Di ditu ngabutuhkeun leuwih loba pawarta.

Kumaha kahirupan maranéhna di Ayos? Ceuk Gisèle, ”Seringna mah, euweuh listrik keur sababaraha minggu. Abdi duaan teu bisa ngecas HP. Jalma-jalma di ditu seringna teu gawé. Abdi kudu sering masak maké suluh. Terus mun peuting, abdi ngadorong gorobag jeung mawa sénter keur ngala cai, sabab mun peuting mah teu pati loba jelema.” Ku naon maranéhna bisa tahan di ditu? Ceuk Gisèle, ”Roh suci Yéhuwa mantuan abdi duaan pikeun teger. Abdi jeung salaki gé silih dukung. Terus, kulawarga jeung babaturan gé sering nguatkeun jeung sok méré duit.”

Na Gisèle senang balik deui ka nagri asalna? Gisèle ngomong, ”Enya atuh, tangtu senang! Mémang, mimitina mah hésé jeung sok leutik haté. Tapi mun masalahna geus liwat, abdi duaan ngarasa geus ngalakukeun naon nu sakuduna dilakukeun. Abdi duaan percaya ka Yéhuwa, sarta ngarasa leuwih deukeut ka Mantenna.” Maranéhna miluan Sekolah bagi Penginjil Kerajaan, sarta ayeuna geus jadi panaratas istiméwa sementara.

Demi bisa meunang loba lauk, nalayan wani nyanghareupan kaayaan naon waé. Kitu ogé, demi nguarkeun warta Karajaan ka leuwih loba jalma, loba dulur saiman réla balik ka nagri asalna jeung nyieun pangorbanan. Yéhuwa moal poho jeung bakal méré loba berkah ka maranéhna, lantaran maranéhna geus ngabuktikeun kanyaahna ka Yéhuwa. (Neh. 5:19, Terjemahan Dunia Baru; Ibr. 6:10) Kumaha jeung Sadérék? Mun ayeuna Sadérék keur cicing di nagri séjén tapi di nagri asal Sadérék ngabutuhkeun leuwih loba pawarta, na Sadérék daék balik? Mun Sadérék réla balik, Yéhuwa pasti ngaberkahan Sadérék.​—Sil. 10:22.