Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 48

”Sing Teteg Neuteup ka Hareup”

”Sing Teteg Neuteup ka Hareup”

”Sing teteg neuteup ka hareup.”​—SIL. 4:25.

KAWIH 77 Caang Bebeneran

NU DIBAHAS *

1-2. Kumaha carana nuturkeun naséhat dina Siloka 4:25? Béré contona.

BAYANGKEUN tilu kaayaan ieu. Saurang sadérék istri nu geus sepuh inget, baheula awakna mani jagjag. Ayeuna mah, manéhna raripuh. Tapi, manéhna tetep ngalakukeun nu panghadéna keur Yéhuwa. (1 Kor. 15:58) Unggal poé, manéhna ngabayangkeun bisa kumpul deui jeung kulawarga sarta babaturanna di Pirdaus. Sadérék istri séjén inget, manéhna pernah dinyenyeri ku dulur saiman. Tapi, manéhna teu teterusan nyimpen kakeuheul. (Kol. 3:13) Terus, saurang sadérék inget, baheula manéhna pernah nyieun kasalahan. Tapi, ayeuna manéhna sabisa-bisa satia ka Yéhuwa.​—Jab. 51:12.

2 Kaayaan tilu sadérék tadi téh sarua. Maranéhna inget naon nu geus kajadian baheula. Najan kitu, maranéhna teu teterusan mikirkeunana. Maranéhna ”teteg neuteup ka hareup”.​—Baca Siloka 4:25.

3. Ku naon urang kudu ”teteg neuteup ka hareup”?

3 Ku naon urang kudu ”teteg neuteup ka hareup”? Jiga jalma nu keur leumpang, mun bari luak-lieuk ka tukang mah, moal balég leumpangna. Kitu ogé, mun saurang jalma teterusan mikirkeun nu geus liwat, manéhna moal bener ngawula Yéhuwana.​—Luk. 9:62.

4. Urang bakal ngabahas naon dina artikel ieu?

4 Ayeuna, urang bakal ngabahas tilu hal nu bisa jadi teterusan urang pikirkeun, nyaéta (1) nostalgia, atawa ngarepkeun kaayaan jiga baheula, (2) nyimpen kakeuheul, jeung (3) teterusan ngarasa salah. Urang gé bakal ngabahas prinsip-prinsip Alkitab nu bisa mantuan urang supaya teu teterusan mikirkeun nu geus liwat, tapi neuteup nu aya di hareup.​—Pil. 3:13

ULAH NGAREPKEUN KAAYAAN JIGA BAHEULA

Naon nu ngahalangan urang pikeun neuteup ka hareup? (Tingali paragrap 5, 9, 13) *

5. Pandita 7:10 ngingetan naon ka urang?

5 Baca Pandita 7:10. Ayatna teu nyebutkeun, urang teu meunang nanya, ”Naha nya baheula mah jaman téh hadé?” Mun urang bisa inget kana hal-hal hadé anu geus liwat, éta téh kurnia ti Yéhuwa. Tapi, ayat éta nyebutkeun, ”Kade ulah nanya, ’Naha nya baheula mah jaman teh leuwih hade ti batan ayeuna?’” Nya, urang bisa waé ngabandingkeun kaayaan urang nu baheula jeung nu ayeuna, terus mikir kaayaan ayeuna téh leuwih goréng. Tah, éta téh bahaya. Malah, aya Alkitab anu narjamahkeun ayat éta jiga kieu, ”Ulah nanya, ’Naha nya baheula mah jaman téh jauh leuwih hadé?’” Nanya jiga kitu téh euweuh gunana.

Sanggeus kaluar ti Mesir, bangsa Israil nyieun kasalahan naon? (Tingali paragrap 6)

6. Ku naon bahaya mun urang teterusan mikir baheula téh kaayaanna leuwih hadé? Béré conto.

6 Ku naon bahaya mun urang teterusan mikir kaayaan dina jaman baheula téh leuwih hadé? Sabab urang bisa ngan mikirkeun hal-hal nu alusna wungkul, ari nu goréngna mah dipopohokeun. Perhatikeun conto ti urang Israil baheula. Sanggeus kaluar ti Mesir, maranéhna langsung poho sakumaha susahna hirup di ditu. Maranéhna ngan mikirkeun dahareun nu ngeunah-ngeunah wungkul di Mesir. Ceuk maranéhna, ”Di Mesir mah lauk naon ge urang ngadahar jeung teu kudu meuli. Aringet keneh kana bonteng, kana samangka, bawang beureum, bawang daun, bawang bodas?” (Bil. 11:5) Tapi, na mémang bener dahareun éta téh haratis? Henteu. Justru hargana téh mahal pisan! Maranéhna diperbudak jeung ditindes pisan di ditu. (Bud. 1:13, 14; 3:6-9) Sanajan kitu, maranéhna teu inget kana kasusahna, malah hayang hirup jiga baheula deui. Maranéhna ngan mikirkeun hal-hal hadé nu baheula, lainna mikirkeun hal-hal hadé nu kakara dibikeun ku Yéhuwa. Yéhuwa jadi teu resep ningalina.​—Bil. 11:10.

7. Ku naon saurang sadérék istri henteu teterusan mikirkeun hal-hal nu geus liwat?

7 Kumaha supaya urang teu teterusan mikirkeun nu geus liwat? Perhatikeun pangalaman saurang sadérék istri nu ngalayanan di Bétel Brooklyn ti taun 1945. Sababaraha taun sanggeus asup ka Bétel, manéhna nikah jeung urang Bétel, tuluy ngalayanan bareng salila puluhan taun. Tapi dina taun 1976, salakina gering parah. Pas nyaho geus téréh maot, salakina méré wejangan, ”Perkawinan urang téh bagja. Teu loba nu bisa jiga kieu. . . . Enéng moal bakal poho kana hal-hal éndah nu urang lakukeun babarengan. Tapi, ulah teterusan mikirkeun hal éta. Lila-lila gé, Enéng moal pati sedih. Jeung, ulah mikarunya diri sorangan. Enéng kudu ngucap sukur lantaran geus narima loba berkah. . . . Mun Enéng inget kana hal-hal éndah, éta téh kurnia ti Allah.” Alus pisan pan naséhatna!

8. Kumaha kahirupan saurang sadérék istri sanggeus nuturkeun naséhat ti salakina?

8 Sadérék istri éta nuturkeun naséhat ti salakina. Manéhna terus satia ngawula Yéhuwa nepi ka maot dina umur 92 taun. Sababaraha taun saacan maot, manéhna ngomong, ”Mun ningali deui katukang, abdi geus ngalayanan Yéhuwa sapinuh waktu salila 63 taun leuwih. Kahirupan abdi téh bener-bener bagja.” Ku naon bisa kitu? Manéhna ngajelaskeun, ”Nu matak hirup urang bagja téh, nya lantaran boga dulur-dulur saiman, sarta boga harepan dina mangsa kahareup. Engké, urang bisa hirup langgeng jeung dulur-dulur saiman. Urang gé bisa salilana ngawula Yéhuwa, Allah nu Sajati nu nyiptakeun urang.” * Sadérék istri éta méré tuladan pikeun neuteup jangji-jangji Yéhuwa dina mangsa kahareup.

ULAH NYIMPEN KAKEUHEUL

9. Jiga nu dijelaskeun dina Imamat 19:18, ku naon urang sok hésé miceun kakeuheul?

9 Baca Imamat 19:18. Urang sok hésé miceun kakeuheul mun nu nyieun keuheulna téh dulur saiman, sobat, atawa baraya urang. Misalna, perhatikeun pangalaman ieu. Saurang sadérék istri nuduh sadérék istri séjén maok duitna. Ka dieunakeun, manéhna apal éta téh teu bener, tuluy ménta maap. Tapi angger wé, sadérék istri nu dituduh téh masih kénéh keuheul, sarta terus mikirkeun masalah éta. Na Sadérék pernah teterusan keuheul jiga sadérék istri éta? Bisa jadi kaayaanna teu percis jiga kitu, tapi kalolobaan ti urang meureun pernah ngarasa keuheul jeung teu bisa ngahampura batur.

10. Kumaha supaya urang teu teterusan nyimpen kakeuheul?

10 Kumaha supaya urang teu teterusan nyimpen kakeuheul? Sing inget, Yéhuwa ningali sagalana. Mantenna apal naon waé nu kaalaman ku urang, kaasup mun aya nu teu adil ka urang. (Ibr. 4:13) Mantenna sedih mun urang susah. (Yes. 63:9 Terjemahan Dunia Baru) Yéhuwa gé jangji, sagala kasusah nu urang rasakeun lantaran batur teu adil ka urang bakal geura disingkirkeun.​—Wahyu 21:3, 4.

11. Naon mangpaatna mun urang miceun kakeuheul?

11 Urang gé kudu inget mun urang miceun kakeuheul, haté téh bakal leuwih plong. Éta nu dirasakeun ku sadérék istri nu dituduh tadi. Manéhna daék ngahampura sadérék istri anu nuduh manéhna. Manéhna ngarti, Yéhuwa bakal ngahampura urang mun urang ngahampura batur. (Mat. 6:14) Tindakan sadérék istri anu nuduhna téh teu bisa dianggap bener, tapi manéhna daék miceun kakeuheul. Manéhna jadi leuwih bagja jeung bisa terus ngalayanan Yéhuwa.

ULAH TETERUSAN NGARASA SALAH

12. Tina 1 Yohanes 3:19, 20, urang jadi apal ngeunaan naon?

12 Baca 1 Yohanes 3:19, 20. Boga parasaan salah téh wajar. Misalna, aya nu ngarasa salah sabab baheulana nyieun kasalahan saacan diajar bebeneran, atawa ngalakukeun dosa sanggeus dibaptis. (Rum 3:23) Urang pasti hayang ngalakukeun nu bener, tapi kabéh ogé ”remen nyieun kasalahan”. (Yak. 3:2; Rum 7:21-23) Euweuh nu resep ngarasa salah, tapi éta aya alusna ogé. Ku naon? Sabab mun urang ngarasa salah, urang jadi hayang barobah sarta embung ngalakukeun kasalahan nu sarua.​—Ibr. 12:12,13.

13. Ku naon urang ulah teterusan ngarasa salah?

13 Tapi najan urang geus tobat sarta Yéhuwa geus nunjukkeun Mantenna ngahampura urang, urang bisa teterusan ngarasa salah. Parasaan jiga kitu téh bahaya. (Jab. 31:11; 38:4, 5) Naha? Perhatikeun pangalaman saurang sadérék istri anu teterusan ngarasa salah lantaran baheulana ngalakukeun dosa. Manéhna ngomong, ”Rék ngalakukeun naon ogé keur Yéhuwa asa percumah, da jigana mah abdi moal disalametkeun.” Meureun loba nu ngarasa jiga kitu. Jadi urang kudu ati-ati, ulah nepi ka teterusan ngarasa salah. Ku naon? Sabab éta nu diarep-arep ku Sétan. Manéhna hayang urang eureun ngawula Yéhuwa. Padahal mah, Yéhuwa geus ngahampura urang!​—Bandingkeun 2 Korinta 2:5-7, 11.

14. Ti mana urang nyaho Yéhuwa daék ngahampura urang?

14 Tapi bisa jadi urang mikir, ’Ti mana abdi nyaho Yéhuwa daék ngahampura abdi?’ Mun Sadérék nanya jiga kitu, éta hartina Sadérék masih bisa dihampura ku Yéhuwa. Ku naon bisa kitu? Puluhan taun katukang, The Watchtower nyebutkeun kieu, ”[Meureun] baheula urang boga kabiasaan goréng, terus ayeuna sok kambuh deui. . . . Mun kitu, ulah nyerah. Ulah mikir Yéhuwa moal bisa ngahampura dosa urang. Nu hayang urang mikir jiga kitu mah Sétan. Mun Sadérék ngalakukeun kasalahan, terus ngarasa sedih jeung keuheul ka diri sorangan, éta nunjukkeun Sadérék masih bisa barobah, sarta ngabuktikeun Yéhuwa masih bisa ngahampura Sadérék. Pék terus rendah haté jeung ngadoa ménta dihampura ku Allah. Pénta Mantenna mantuan Sadérék supaya teu teterusan ngarasa salah jeung henteu ngalakukeun kasalahan nu sarua deui. Budak leutik sok nyieun kasalahan anu sarua. Unggal nyieun salah, manéhna ménta tulung ka Bapana. Urang gé bisa jiga kitu ka Yéhuwa. Teu sual sabaraha kali urang nyieun dosa nu sarua, urang bisa terus ménta tulung ka Yéhuwa. Yéhuwa pasti nulungan urang, sarta bakal terus ngahampura urang.”

15-16. Kumaha parasaan sababaraha jalma sanggeus apal Yéhuwa daék ngahampura maranéhna?

15 Loba umat Yéhuwa ngarasa tenang sabab apal Yéhuwa daék ngahampura maranéhna. Misalna sababaraha taun katukang, aya pangalaman sadérék istri nu dimuat dina kumpulan artikel ”Alkitab Mengubah Kehidupan”. Sadérék istri éta ngarasa Yéhuwa teu nyaah ka manéhna, sabab baheula manéhna ngalakukeun loba hal goréng. Malah sanggeus sababaraha taun dibaptis gé, manéhna masih ngarasa jiga kitu. Tapi sanggeus ngalenyepan ngeunaan tebusan, lila-lila manéhna yakin Yéhuwa téh nyaah ka manéhna. *

16 Pangalamanna dibaca ku saurang sadérék. Manéhna jadi gedé haté, terus nulis, ”Waktu ngora kénéh, abdi kacanduan pornografi. Terus, ahir-ahir ieu sok kambuh deui. Abdi ménta bantuan ti para kokolot. Ayeuna mah jadi rada leuheung. Maranéhna ngayakinkeun abdi, Allah téh nyaah jeung hayang ngahampura abdi. Tapi, kadang abdi masih ngarasa euweuh hargaan, asana mah Yéhuwa moal mungkin nyaah ka abdi. Pangalaman [sadérék istri éta] bener-bener ngagedékeun haté abdi. Abdi jadi sadar, mun abdi ngarasa Yéhuwa teu bisa ngahampura abdi, éta sarua jiga ngomong kurban tebusan Putra-Na teu cukup pikeun nutupan dosa abdi. Artikelna nepi ka disimpen ku abdi, jadi unggal ngarasa Yéhuwa teu nyaah ka abdi, abdi bisa maca jeung ngalenyepan artikelna.”

17. Ku naon Paulus teu teterusan ngarasa salah?

17 Pangalaman jiga kitu ngingetan urang ka Rasul Paulus. Saacan jadi urang Kristen, Paulus ngalakukeun sababaraha dosa gedé. Paulus inget kana dosa-dosana, tapi teu teterusan mikirkeunana. (1 Tim. 1:12-15) Manéhna nganggap tebusan téh hadiah ti Allah keur manéhna pribadi. (Gal. 2:20) Jadi, Paulus teu teterusan ngarasa salah. Manéhna leuwih mikirkeun naon nu bisa dilakukeun ku manéhna keur Yéhuwa.

TEUTEUP KA HAREUP!

Hayu urang neuteup ka hareup! (Tingali paragrap 18-19) *

18. Urang geus diajar naon waé tina artikel ieu?

18 Urang geus diajar naon waé tina artikel ieu? (1) Inget kana hal-hal hadé téh kurnia ti Yéhuwa. Tapi rék sakumaha hadé kahirupan urang dina jaman baheula, éta moal aya nanaonna mun dibandingkeun jeung kahirupan di dunya anyar. (2) Batur bisa waé nganyenyeri urang. Tapi mun urang miceun kakeuheul, urang bisa terus ngutamakeun palayanan ka Yéhuwa. (3) Mun urang teterusan ngarasa salah, urang moal bungah dina palayanan. Jadi jiga Paulus, urang kudu yakin Yéhuwa geus ngahampura urang.

19. Ti mana urang nyaho di dunya anyar hal-hal nu pikasediheun téh moal kainget-inget deui?

19 Urang boga harepan pikeun hirup langgeng. Di dunya anyar, hal-hal nu pikasediheun moal kainget-inget deui. Alkitab nyebutkeun, ”Sagala kajadian anu ka tukang-tukang geus moal kainget-inget.” (Yes. 65:17) Pék pikirkeun, ayeuna mah urang ngawula Yéhuwa téh beuki lila beuki kolot. Tapi engké di dunya anyar, urang bakal ngora deui. (Ayub 33:25) Jadi, ulah teterusan mikirkeun nu geus liwat. Urang kudu neuteup ka hareup jeung ngalakukeun nu panghadéna.

KAWIH 142 Sing Pengkuh Pangharepan

^ par. 5 Mémang alus mun urang inget naon nu geus kajadian baheula. Tapi mun urang teterusan mikirkeun hal-hal nu geus liwat, palayanan urang ka Yéhuwa bisa kaganggu. Urang gé bisa mopohokeun jangji Yéhuwa ka hareupna. Artikel ieu bakal ngabahas tilu hal nu bisa jadi teterusan urang pikirkeun. Urang gé bakal ngabahas prinsip-prinsip Alkitab jeung pangalaman ti sadérék-sadérék. Éta bisa mantuan urang ngarah teu mikiran teuing hal-hal nu geus liwat.

^ par. 8 Tingali Menara Pengawal 1 Juli 2004, kaca 23-29.

^ par. 15 Tingali Menara Pengawal 1 Agustus 2011, kaca 20-21.

^ par. 57 KATERANGAN GAMBAR: Mun urang ngarepkeun kaayaan jiga baheula, nyimpen kakeuheul, jeung teterusan ngarasa salah, urang téh jiga nu keur nyéréd tanggungan anu beurat. Éta bisa ngahalangan urang nempuh jalan anu nungtun kana kahirupan.

^ par. 64 KATERANGAN GAMBAR:Mun urang geus ngaleupaskeun tanggungan éta, haté téh bakal plong, urang bakal bungah, sarta bakal boga kakuatan deui. Terus, urang gé jadi bisa neuteup ka hareup.