Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 46

Ulah Sieun Sabab Yéhuwa Panulung Sadérék!

Ulah Sieun Sabab Yéhuwa Panulung Sadérék!

”Maneh ku Kami moal nepi ka teu dipalire, moal ditinggalkeun.”​—IBR. 13:5.

KAWIH 55 Tong Sieun ka Maranéhna!

NU DIBAHAS *

1. Mun boga masalah nu beurat jeung ngarasa euweuh nu nulungan urang, naon nu bisa nengtremkeun urang? (Jabur 118:5-7)

WAKTU aya masalah, na Sadérék pernah ngarasa sorangan jeung euweuh nu nulungan? Loba nu pernah ngarasa jiga kitu, kaasup hamba-hamba Yéhuwa dina jaman baheula. (1 Rja. 19:14) Mun Sadérék ngarasa jiga kitu, inget, Yéhuwa jangji, ”Maneh ku Kami moal nepi ka teu dipalire, moal ditinggalkeun.” Jadi urang bisa yakin, ”Pangeran Panulung kuring, kuring moal salempang.” (Ibr. 13:5, 6) Kekecapan éta téh ditulis ku Rasul Paulus kira-kira taun 61 M keur urang Kristen di Yudéa. Mun maca kekecapan éta, urang jadi inget kana Jabur 118:5-7.​—Baca.

2. Urang bakal ngabahas naon dina artikel ieu, sarta naon mangpaatna ngabahas hal éta?

2 Jiga nu nulis jabur, Paulus gé ngarasakeun sorangan, Yéhuwa téh Panulung manéhna. Misalna kira-kira taun 58 M, Paulus ampir maot di laut. Harita, aya angin ribut nu hébat pisan. (Ras. 27:4, 15, 20) Jiga nu enggeus-enggeus, harita gé Yéhuwa nulungan Paulus. Sapanjang perjalanan di laut éta, Yéhuwa maké loba cara pikeun nulungan Paulus. Hayu bahas tilu di antarana. Yéhuwa nulungan Paulus liwat Yésus jeung para malaikat, jalma-jalma nu boga wewenang, sarta dulur-dulur saiman. Ngabahas hal-hal éta bakal nyieun urang leuwih yakin kana jangji Allah. Mantenna bakal ngadéngékeun doa urang waktu urang ménta tulung.

BANTUAN TI YÉSUS JEUNG PARA MALAIKAT

3. Bisa jadi, naon nu dipikirkeun ku Paulus? Jeung, ku naon manéhna mikir jiga kitu?

3 Paulus butuh bantuan. Kira-kira taun 56 M, gorombolan jalma nyéréd manéhna kaluar ti bait Yérusalém, rék maéhan manéhna. Isukanana, pas dibawa ka Sanhédrin atawa Mahkamah Agama, Paulus gé ampir dipaéhan deui. (Ras. 21:30-32; 22:30; 23:6-10) Harita, meureun Paulus mikir, ’Nepi ka iraha urang bakal dikieukeun?’

4. Kumaha Yéhuwa nulungan Paulus liwat Yésus?

4 Paulus meunang bantuan naon? Dina peuting waktu Paulus ditahan, bray Yésus némbongan ka manéhna. Ceuk Yésus, ”Ulah sieun! Maneh geus mertelakeun hal Kami di dieu, di Yerusalem. Engke di Rum oge kudu kitu.” (Ras. 23:11) Yésus muji Paulus lantaran manéhna geus ngawawar di Yérusalém. Yésus gé jangji Paulus bakal salamet nepi ka Rum sarta bakal ngawawar di ditu. Jangji éta bener-bener nguatkeun Paulus. Paulus pasti jadi ngarasa tenang, jiga budak leutik nu dikeukeupan ku bapana.

Basa aya angin ribut di laut, saurang malaikat ngayakinkeun Paulus yén kabéh jalma dina kapal bakal salamet (Tingali paragrap 5)

5. Kumaha Yéhuwa nulungan Paulus liwat malaikat-Na? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

5 Paulus meunang masalah naon deui? Kira-kira dua taun sanggeus kajadian di Yérusalém éta, Paulus balayar ka Itali. Di tengah laut, gelebug aya angin ribut hébat pisan. Jalma-jalma di jero kapal kasieunan. Maranéhna mikir bakal maot. Tapi Paulus mah teu sieun. Ku naon? Manéhna méré nyaho jalma-jalma di kapal, ”Tadi peuting kaula kasumpingan ku malaikat, piwarangan Allah anu ku kaula disembah jeung anu kagungan jiwa raga kaula. Dawuhanana, ’Ulah salempang, Paulus! Maneh pasti bakal ngadeuheus ka Prabu. Malah babaturan maneh sakapal oge bakal saralamet ku karana sih piwelas Allah.’” Saacanna, liwat Yésus, Yéhuwa jangji Paulus bakal salamet nepi ka Rum. Ayeuna, Yéhuwa ngutus malaikat-Na pikeun ngayakinkeun deui Paulus kana jangji éta. Bener wé, Paulus salamet nepi ka Rum.​—Ras. 27:20-25; 28:16.

6. Jangji naon ti Yésus nu bisa nguatkeun urang, jeung ku naon?

6 Urang meunang bantuan naon? Jiga Paulus, urang bakal meunang bantuan ti Yésus. Misalna, Yésus jangji ka kabéh muridna, ”Kami tangtu nyarengan ka maraneh salalawasna nepi ka ahir jaman.” (Mat. 28:20) Jangji éta bener-bener nguatkeun urang. Ku naon? Sabab, kadang urang gé boga masalah nu beurat. Meureun aya nu sedih salila mangtaun-taun lantaran ditinggal maot ku jalma nu dipikanyaah. Aya ogé nu ripuh lantaran geus sepuh. Nu séjénna kasiksa lantaran déprési. Najan kitu, urang bisa teger lantaran Yésus maturan urang ”salalawasna”, kaasup pas urang keur boga masalah nu kacida beuratna.​—Mat. 11:28-30.

Para malaikat ngadukung jeung ngabingbing waktu urang ngawawar (Tingali paragrap 7)

7. Dina Wahyu 14:6, kumaha Yéhuwa nulungan urang?

7 Dina Firman-Na, Yéhuwa jangji bakal nulungan urang liwat para malaikat. (Ibr. 1:7, 14) Kumaha carana? Misalna, para malaikat ngadukung jeung ngabingbing waktu urang ngawawarkeun ”Injil Kasalametan” ka jalma-jalma ti ”unggal bangsa, suku bangsa, jeung basa”.​—Mat. 24:13, 14; baca Wahyu 14:6.

BANTUAN TI JALMA-JALMA NU BOGA WEWENANG

8. Kumaha Yéhuwa nulungan Paulus liwat komandan pasukan Rum?

8 Paulus meunang bantuan naon? Dina taun 56 M, Yésus geus jangji Paulus bakal salamet nepi ka Rum. Tapi, harita sababaraha urang Yahudi di Yérusalém nyieun rencana rék nyerang jeung maéhan Paulus. Kumaha Paulus ditulungan? Komandan pasukan Rum, Klaudius Lisias, nyahoeun ngeunaan rencana éta. Manéhna buru-buru nyalametkeun Paulus. Paulus dikirim ka Késaréa bari dikawal ku loba prajurit. Ti Yérusalém ka Késaréa téh, maranéhna kudu nempuh perjalanan sajauh kira-kira 105 kilométer. Di Késaréa, Gupernur Péliks méré paréntah supaya Paulus ditahan di karaton Raja Hérodés. Musuh-musuh jadi teu bisa ngalakukeun nanaon ka Paulus.​—Ras. 23:12-35.

9. Kumaha Gupernur Féstus nulungan Paulus?

9 Dua taun sanggeusna, nyaéta taun 58 M, Paulus masih ditahan di Késaréa. Harita, Féstus diangkat jadi gupernur pikeun ngagantikeun Péliks. Jadi, urang Yahudi ménta Féstus mulangkeun Paulus ka Yérusalém pikeun diadilan di ditu. Tapi Féstus embungeun. Ku naon? Jigana Féstus apal, urang Yahudi geus nyieun rencana rék megat Paulus di jalan, tuluy maéhan manéhna.​—Ras. 24:27–25:5.

10. Gupernur Féstus nyieun putusan naon waktu Paulus ménta apél ka Prabu?

10 Ahirna, Paulus diadilan di Késaréa. Tapi lantaran Féstus hayang nyenangkeun urang Yahudi, manéhna nanya kieu ka Paulus, ”Daek lamun perkara maneh dipariksa di Yerusalem, diputus di ditu disaksian ku kami?” Tapi Paulus apal, mun balik ka Yérusalém, manéhna bisa dipaéhan ku urang Yahudi. Manéhna gé paham kudu kumaha supaya bisa salamet jeung indit ka Rum, tuluy ngawawar di ditu. Paulus ngomong, ”Jisim abdi nyuhunkeun apel ka Prabu.” Jadi, Féstus badami jeung juru naséhatna. Geus kitu manéhna ngomong, ”Pamenta maneh apel ka Prabu diluluskeun.” Putusan Féstus éta nyalametkeun Paulus ti musuh-musuhna. Moal lila deui, Paulus bakal aya di Rum, jauh ti urang Yahudi nu hayang maéhan manéhna.​—Ras. 25:6-12.

11. Kekecapan Yésaya nu mana nu diinget ku Paulus jeung nguatkeun manéhna?

11 Saacan Paulus indit ka Itali, meureun manéhna inget kana paringetan nu ditulis ku Nabi Yésaya keur musuh-musuh Yéhuwa, ”Pek geura susun maksud, da moal laksana. Pek geura ngaromong sakarepna da moal aya hasilna, lantaran kami disarengan ku Allah.” (Yes. 8:10) Paulus yakin, Allah bakal nulungan manéhna. Manéhna jadi ngarasa dikuatkeun pikeun nyanghareupan tangtangan nu bakal datang.

Jiga dina jaman baheula, ayeuna gé Yéhuwa bisa ngagerakkeun jalma-jalma nu boga wewenang pikeun ngalindungan umat-Na (Tingali paragrap 12)

12. Kumaha sikepna Yulius ka Paulus? Jeung, sikepna Yulius nyieun Paulus mikir naon?

12 Paulus ngamimitian perjalanan ka Itali. Manéhna indit sabagé tahanan nu dijaga ku saurang perwira Rum, nyaéta Yulius. Jadi mun hayang mah, Yulius bisa jahat ka Paulus. Tapi, kumaha manéhna ngagunakeun wewenangna? Isukanana waktu kapal balabuh di hiji tempat, ”Yulius someah pisan ka Paulus, ngidinan manehna nepangan sobat-sobatna”. Terus teu lila, Yulius gé nyalametkeun Paulus. Kumaha carana? Waktu kapalna kandas, para serdadu rék maéhan kabéh tahanan, da bisi kalabur. Tapi Yulius ngahalangan maranéhna sabab ”hayangeun nyalametkeun Paulus”. Jigana Paulus gé engeuh, Yéhuwa ngagunakeun perwira nu bageur ieu pikeun nulungan manéhna.​—Ras. 27:1-3, 42-44.

Tingali paragrap 13

13. Kumaha Yéhuwa ngagerakkeun jalma-jalma nu boga wewenang?

13 Urang meunang bantuan naon? Yéhuwa bisa ngagunakeun roh suci-Na pikeun ngagerakkeun jalma-jalma nu boga wewenang. Engké maranéhna bakal ngalakukeun kahayang Mantenna. Raja Suléman nulis kieu, ”PANGERAN mah ngamudi manah raja ge gampileun. Sarua gampileunana jeung ngatur ngocorna walungan.” (Sil. 21:1) Naon maksudna? Manusa bisa ngali taneuh pikeun méngkolkeun kocoran cai. Kitu ogé, Yéhuwa bisa ngagunakeun roh suci-Na pikeun ngarobah pikiran para pangawasa demi ngajalankeun kahayang Mantenna. Para pangawasa jadi bisa nyieun putusan nu nguntungkeun umat Allah.​—Bandingkeun Esra 7:21, 25, 26.

14. Sajalan jeung Rasul 12:5, urang bisa ngadoakeun saha waé?

14 Naon nu bisa urang lakukeun? Urang bisa ngadoakeun ’kapala-kapala nagara jeung kapala-kapala pamaréntahan’ waktu maranéhna rék nyieun putusan nu bakal mangaruhan ibadah urang. (1 Tim. 2:1, 2; Neh. 1:11) Terus jiga urang Kristen dina abad kahiji, urang gé moal eureun-eureun ngadoakeun dulur-dulur saiman nu keur dipanjara. (Baca Rasul 12:5; Ibr. 13:3) Salian ti éta, urang bisa ngadoakeun para sipir panjara. Pénta Yéhuwa ngarobah pikiran maranéhna supaya bageur ka dulur-dulur saiman urang nu dipanjara, jiga Yulius nu bageur ka Paulus.

BANTUAN TI DULUR-DULUR SAIMAN

15-16. Kumaha Yéhuwa ngagunakeun Aristarkus jeung Lukas pikeun nulungan Paulus?

15 Paulus meunang bantuan naon? Salila perjalanan Paulus ka Rum, Yéhuwa sering ngagunakeun dulur-dulur saiman pikeun nulungan manéhna. Perhatikeun sababaraha contona.

16 Paulus boga dua babaturan nu satia, nyaéta Aristarkus jeung Lukas. Paulus pasti nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa, lantaran maranéhna daék milu balayar ti Késaréa ka Rum. * Padahal, harita Yésus teu ngajamin Aristarkus jeung Lukas bakal salamet nepi ka Rum. Tapi, maranéhna daék naruhkeun nyawa demi maturan Paulus. Maranéhna kakara nyaho bakal salamet téh waktu aya angin ribut téa. Paulus pasti ngadoa sarta ngucap sukur lantaran Yéhuwa nulungan liwat dua dulur saimanna ieu.​—Ras. 27:1, 2, 20-25.

17. Kumaha Yéhuwa ngagunakeun dulur-dulur saiman pikeun nulungan Paulus?

17 Salila perjalanan, dulur-dulur saiman sababaraha kali nulungan Paulus. Misalna waktu balabuh di kota Sidon, Paulus diidinan ku Yulius pikeun panggih jeung dulur-dulur saiman sarta dibantuan ku maranéhna. Terus di kota Putéoli gé, Paulus jeung babaturanana dititah mondok tujuh poéeun ku dulur-dulur saiman di ditu. Dulur-dulur saiman ngurus kabutuhan Paulus jeung babaturanana. Paulus gé pasti nguatkeun maranéhna ku pangalaman nu ngagedékeun haté. (Bandingkeun Rasul 15:2, 3.) Geus kitu, Paulus jeung babaturanana neruskeun deui perjalanan.​—Ras. 27:3; 28:13, 14.

Jiga Paulus, urang ditulungan ku Yéhuwa liwat dulur-dulur saiman (Tingali paragrap 18)

18. Ku naon Paulus muji sukur ka Allah jeung ngarasa gedé haté?

18 Waktu di jalan rék ka Rum, Paulus pasti inget kana surat nu manéhna tulis keur sidang di kota éta tilu taun saacanna, ”Geus mangtaun-taun sim kuring hayang nepungan aranjeun.” (Rum 15:23, Sunda Formal [SF]) Tapi, manéhna teu nyangka bakal datang sabagé tahanan. Najan kitu, Paulus pasti gedé haté pisan waktu ningali dulur-dulur saiman ti Rum geus nungguan rék nyambut manéhna! ”Barang tepung jeung maranehna”, Paulus muji sukur ka Allah jeung ngarasa gedé haté. (Ras. 28:15, SF) Ku naon Paulus muji sukur ka Allah sanggeus ningali dulur-dulur saiman? Lantaran manéhna apal, Yéhuwa keur nulungan manéhna liwat dulur-dulur saiman.

Tingali paragrap 19

19. Jiga nu dicatet dina 1 Petrus 4:10, kumaha Yéhuwa ngagunakeun urang pikeun nulungan dulur-dulur saiman?

19 Naon nu bisa urang lakukeun? Di sidang, aya teu dulur saiman anu keur strés? Meureun manéhna keur gering, boga masalah nu beurat, atawa ditinggal maot ku jalma nu dipikanyaah. Mun aya dulur saiman nu jiga kitu, urang bisa ménta bantuan ka Yéhuwa supaya urang bisa nunjukkeun perhatian ka maranéhna liwat omongan jeung tindakan. Sugan wé nu dibutuhkeun ku maranéhna téh perhatian jiga kitu. (Baca 1 Petrus 4:10.) * Engké manéhna gé bisa beuki yakin kana jangji Yéhuwa, ”Maneh ku Kami moal nepi ka teu dipalire, moal ditinggalkeun.” Mun kitu, Sadérék gé pasti jadi bungah.

20. Ku naon urang bisa yakin yén Yéhuwa téh Panulung urang?

20 Jiga Paulus jeung babaturanana, urang gé meureun boga masalah-masalah nu beurat. Tapi, urang moal sieun nyanghareupanana lantaran Yéhuwa pasti nulungan urang. Yéhuwa bisa nulungan urang liwat Yésus jeung para malaikat. Yéhuwa gé bisa ngagunakeun jalma-jalma anu boga wewenang pikeun ngajalankeun kahayang Mantenna. Terus, Sadérék gé meureun pernah ngarasakeun sorangan bantuan ti dulur-dulur saiman. Yéhuwa ngagunakeun roh suci-Na pikeun ngagerakkeun haté maranéhna. Jadi, urang bisa yakin jiga Paulus, ”Pangeran Panulung kuring, kuring moal salempang. Rek bisa naon manusa ka diri kuring?”​—Ibr. 13:6.

KAWIH 38 Mantenna Bakal Nguatkeun Anjeun

^ par. 5 Artikel ieu ngabahas tilu cara kumaha Yéhuwa mantuan Paulus waktu manéhna boga kasusah. Urang bakal ningali kumaha Yéhuwa nulungan umat-Na dina jaman baheula. Ku kituna, urang bakal yakin Yéhuwa gé pasti nulungan urang mun urang aya masalah.

^ par. 16 Saacanna, Aristarkus jeung Lukas geus maturan Paulus dina perjalananna. Maranéhna gé tetep satia waktu Paulus dipanjara di Rum.​—Ras. 16:10-12; 20:4; Kol. 4:10, 14.

^ par. 19 Tingali Menara Pengawal 15 Januari 2009, kaca 13-14, par. 5-9.