Naha Sadérék Terang?
Kumaha kaayaan Niniwé sanggeus jaman Yunus?
DINA abad katujuh SM, Asur téh impérium nu panggedéna di dunya. Ceuk The British Museum Blog, ”Daérah kakawasaanana téh ti Siprus di beulah kulon nepi ka Iran di beulah wétan, malah pernah kaasup Mesir ogé.” Ibu kotana nyaéta Niniwé. Harita ieu téh kota nu panggedéna di dunya. Di ditu aya tugu-tugu, taman nu éndah, istana nu megah, jeung perpustakaan nu gedé. Tulisan-tulisan dina témbok kota Niniwé kuno téh nunjukkeun yén Raja Asyurbanipal, sarua siga raja Asur séjénna, nyebut dirina téh sabagé ”raja sakuliah dunya”. Basa éta, Asur jeung Niniwé téh katingalina moal bisa ditalukkeun.
Basa Asur dina puncak kakawasaanana, Nabi Sépanya méré nyaho, ”PANGERAN bakal . . . ngabasmi Asur. Kota Ninewe bakal dijadikeun ruruntuk kosong, jadi tempat nu euweuh caina.” Salian ti éta, Nabi Nahum gé méré nyaho, ”Jarah perakna! Jarah emasna! . . . Ninewe geus ancur, rehe, combrek! . . . Nu narenjo ka maneh kabeh murungkut. Maranehna bakal ngaromong kieu, ’Ninewe geus burak-barik.’” (Sep. 2:13; Nah. 2:9, 10; 3:7) Jalma-jalma nu ngadéngé nubuat ieu meureun mikir, ’Na ieu mungkin? Maenya Asur nu sakitu kuatna bisa ditalukkeun?’ Katingalina mah mustahil.
Teu disangka-sangka dina ahir abad katujuh SM, Asur ditalukkeun ku Babilon jeung Média. Lila-lila jalma-jalma mulai ninggalkeun Niniwé, jeung les wé éta kota dipopohokeun! Ceuk hiji publikasi nu diterbitkeun ku The Metropolitan Museum of Art di New York, ”Dina Abad Pertengahan . . . tempat ieu ditinggalkeun sarta lila-lila kakubur, jeung Niniwé téh ngan dikenal liwat Alkitab hungkul.” The Biblical Archaeology Society Online Archive nyebutkeun yén dina awal taun 1800-an, ”euweuh saurang-urang acan nu apal yén ibu kota Asur nu hébat ieu téh pernah aya.” Tapi dina taun 1845, arkéolog Austen Henry Layard mulai ngali ruruntuhan Niniwé. Hasilna ngabuktikeun yén baréto Niniwé téh kota nu hébat pisan.
Nubuat ngeunaan Niniwé nu geus ngawujud ieu ngayakinkeun urang yén nubuat Alkitab ngeunaan ahir pulitik dunya ieu gé bakal ngawujud.—Dan. 2:44; Why. 19:15, 19-21.