Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 47

Kudu Sakuat Kumaha Iman Urang?

Kudu Sakuat Kumaha Iman Urang?

”Kudu boga iman ka Allah jeung boga iman ka urang.”​YAH. 14:1.

KAWIH 119 Iman Urang Kudu Kuat

NU DIBAHAS *

1. Bisa jadi, naon nu pernah kapikir ku Sadérék?

NA SADÉRÉK sok hariwang lamun mikirkeun naon nu téréh kajadian, jiga ancurna agama palsu, serangan Gog ti Magog, jeung Armagédon? Na Sadérék pernah mikir, ’Urang bisa tetep satia teu nya lamun nyanghareupan kajadian-kajadian nu pikasieuneun ieu?’ Mun kitu, artikel ieu bisa ngabantu Sadérék. Urang bakal ngabahas kekecapan Isa nu aya dina ayat téma artikel ieu. Isa ngomong ka para muridna, ”Kudu boga iman ka Allah jeung boga iman ka urang.” (Yah. 14:1) Lamun iman urang kuat, urang bakal wani teu sual naon waé nu bakal kajadian.

2. Kumaha carana supaya iman urang beuki kuat, jeung naon nu bakal urang bahas dina artikel ieu?

2 Lamun mikirkeun tangtangan nu disanghareupan, urang jadi nyaho dina hal naon waé urang kudu boga leuwih loba iman. Geus kitu, lamun urang suksés nyanghareupan hiji tangtangan, iman urang bakal beuki kuat. Jadi, engké urang bisa tabah nyanghareupan mangsa ka hareup. Dina artikel ieu, urang bakal ningali opat kaayaan nu disanghareupan ku murid-murid Isa nu némbongkeun yén maranéhna téh perlu iman nu leuwih kuat. Urang gé bakal ngabahas kumaha tangtangan éta téh bisa jadi disanghareupan ku urang ayeuna, jeung kumaha tangtangan éta nyiapkeun urang keur ka hareupna.

SING BOGA IMAN YÉN ALLAH TÉH BAKAL NYUMPONAN PANGABUTUH URANG

Meureun urang keur susah sacara ékonomi, tapi lantaran boga iman, urang bisa tetep sibuk dina palayanan (Tingali paragrap 3-6)

3. Dina Matius 6:30, 33, Isa ngajelaskeun yén urang kudu boga iman dina hal naon?

3 Kapala kulawarga pasti hayang nyumponan pangabutuh kulawargana, saperti dahareun, pakéan, jeung tempat tinggal. Tapi dina kaayaan nu susah ayeuna, éta téh teu gampang. Malah, aya sababaraha sadérék nu kaleungitan pagawéanana. Manéhna geus usaha néangan pagawéan nu anyar, tapi teu panggih-panggih. Aya ogé nu teu bisa narima hiji pagawéan lantaran teu cocog keur urang Kristen. Dina kaayaan-kaayaan kitu, urang kudu boga iman nu kuat jeung yakin yén Yéhuwa bakal nyumponan pangabutuh kulawarga urang. Hal ieu ogé pernah diajarkeun ku Isa basa nepikeun Hutbah di Gunung. (Baca Matius 6:30, 33.) Lamun urang yakin Yéhuwa téh moal pernah ninggalkeun urang, urang bakal terus sibuk ngalayanan Yéhuwa. Terus sanggeus ngarasakeun sorangan kumaha Yéhuwa nyumponan pangabutuh urang, iman urang bakal leuwih kuat sarta urang bakal leuwih akrab jeung Yéhuwa.

4-5. Naon nu ngabantu hiji kulawarga nu hariwang kana pangabutuh sapopoéna?

4 Hayu urang tingali pangalaman hiji kulawarga di Venezuela. Maranéhna ngarasakeun bantuan Yéhuwa waktu maranéhna hariwang kana pangabutuh sapopoéna. Baheula, kulawarga Castro téh boga panghasilan nu cukup ti ladangna. Ka dieunakeun, aya jalma-jalma nu mawa senjata ngarampog ladangna, sarta ngusir maranéhna. Si Bapa, Miguel, nyaritakeun, ”Ayeuna urang kudu ngandelkeun tanah nu leutik pikeun kahirupan sapopoé, tanahna gé boga batur. Unggal poé abdi ngadoa supaya pangabutuh kulawarga abdi bisa kacumponan.” Kahirupan kulawarga éta téh mémang hésé. Tapi, maranéhna boga iman yén Bapana di sorga nu nyaahan bisa ngurus sarta nyumponan pangabutuh maranéhna. Kulawarga Castro tetep masamoan, dines, jeung ngutamakeun Pamaréntahan Allah dina kahirupanana.

5 Sanajan kaayaanana hésé, Miguel jeung Yurai, pamajikanana, terus mikirkeun kumaha Yéhuwa geus ngurus maranéhna. Sakapeung, Yéhuwa ngagunakeun dulur saiman pikeun nyadiakeun pangabutuh sarta néangan pagawéan nu cocog keur Miguel. Terus, Yéhuwa gé nyumponan pangabutuh maranéhna liwat bantuan nu dikirim ku kantor cabang. Yéhuwa teu pernah ninggalkeun maranéhna. Hasilna, iman maranéhna sakulawarga jadi beuki kuat. Yoselin, budak awéwé nu panggedéna, ngarasakeun sorangan kumaha Yéhuwa ngabantu kulawargana. Ceuk manéhna, ”Abdi jadi gedé haté waktu ningali bantuan ti Yéhuwa. Abdi nganggap Yéhuwa téh sabagé sobat nu bisa diandelkeun.” Terus ceuk manéhna gé, ”Kaayaan ieu nyiapkeun kulawarga abdi pikeun nyanghareupan kaayaan nu leuwih hésé di mangsa ka hareup.”

6. Kumaha Sadérék bisa nguatkeun iman Sadérék sanajan kasusahan sacara ékonomi?

6 Na Sadérék gé kasusahan sacara ékonomi? Éta téh pasti hésé pisan keur Sadérék. Najan kitu, Sadérék bisa ngagunakeun kaayaan ieu pikeun nguatkeun iman Sadérék. Pék ngadoa ka Yéhuwa, maca, jeung ngalenyepan kekecapan Isa nu dicatet dina Matius 6:25-34. Perhatikeun ogé pangalaman umat Yéhuwa di jaman ayeuna. Yéhuwa nyumponan pangabutuh maranéhna nu terus sibuk ngawula Anjeunna. (1 Kor. 15:58) Sanggeus ningali kumaha Bapa urang nu di sorga nulungan maranéhna, pasti Sadérék bakal leuwih yakin yén Yéhuwa gé bakal nulungan Sadérék. Anjeunna nyaho nu dibutuhkeun ku Sadérék sarta nyaho cara nyadiakeunana. Waktu Sadérék ngarasakeun sorangan bantuan ti Yéhuwa, iman Sadérék pasti jadi leuwih kuat. Ku kituna, engké Sadérék bisa tetep teger waktu nyanghareupan kaayaan nu leuwih susah deui.​—Hab. 3:17, 18.

SING BOGA IMAN SUPAYA TEGER NYANGHAREUPAN ”ANGIN RIBUT”

Iman nu kuat bisa ngabantu urang tetep teger nyanghareupan ”angin ribut” (Tingali paragrap 7-11)

7. Dumasar Matius 8:23-26, kumaha iman para murid téh diuji waktu aya ”angin ribut”?

7 Waktu Isa jeung para muridna keur naék parahu, ujug-ujug aya angin ribut. Isa ngagunakeun kajadian éta pikeun némbongkeun yén para murid téh kudu boga iman nu leuwih kuat. (Baca Matius 8:23-26.) Angin ributna téh gedé pisan nepi ka parahuna kaasupan cai. Basa éta, Isa téh keur saré, ari para murid keur kasieunan. Jadi, maranéhna buru-buru ngahudangkeun sarta ménta tulung ka Isa. Tuluy, Isa nanya ka maranéhna, ”Ku naon bet sarieun, kurang iman nya maranéh téh?” Para murid kuduna nyaho yén Yéhuwa téh bisa ngalindungan Isa jeung maranéhna. Naon palajaranana? Iman nu kuat bisa ngabantu urang tetep teger dina nyanghareupan ”angin ribut”.

8-9. Kumaha iman Anel diuji, jeung naon nu ngabantu manéhna?

8 Perhatikeun pangalaman Anel, sadérék istri léngoh ti Puerto Rico. Iman manéhna beuki kuat sanggeus diuji ku kaayaan nu hésé, nyaéta waktu aya angin ribut. Dina taun 2017, aya Topan Maria nu ngancurkeun imahna. Manéhna gé jadi kaleungitan pagawéanana. Ceuk Anel, ”Dina kaayaan nu susah ieu, abdi téh ngusahakeun pikeun terus ngandelkeun Yéhuwa. Abdi terus ngadoa jeung henteu eureun ngalakukeun kagiatan rohani.”

9 Tapi, Anel gé nyebutkeun hal séjénna deui nu ngabantu manéhna, nyaéta kataatan. Ceuk manéhna, ”Abdi bisa tetep tenang téh lantaran nuturkeun pituduh ti organisasi Yéhuwa. Abdi ningali kumaha Yéhuwa ngagunakeun dulur-dulur saiman. Maranéhna nguatkeun jeung nyadiakeun pangabutuh abdi. Yéhuwa geus méré leuwih loba tibatan naon nu dipénta. Iman abdi ayeuna jadi leuwih kuat.”

10. Naon nu bisa Sadérék lakukeun lamun nyanghareupan ”angin ribut”?

10 Na Sadérék téh keur nyanghareupan ”angin ribut”? Meureun, aya musibat alam nu nyangsarakeun Sadérék atawa aya masalah nu jiga angin ribut, misalna panyakit nu parah pisan. Éta bisa nyababkeun Sadérék leutik haté jeung putus asa. Meureun Sadérék sok hariwang, tapi ulah nepi ka Sadérék eureun ngandelkeun Yéhuwa. Pék terus ngaraket ka Anjeunna liwat doa. Kuatkeun iman Sadérék ku cara mikirkeun kumaha baheula Yéhuwa geus mantuan Sadérék. (Jab. 77:12, 13) Sing yakin, Yéhuwa téh teu pernah ninggalkeun Sadérék.

11. Ku naon urang kudu sabisa-bisana taat ka jalma-jalma nu ngabingbing urang?

11 Naon deui nu bisa ngabantu urang tetep teger? Tadi geus disebutkeun ku Anel, nyaéta kataatan. Urang kudu diajar pikeun percaya ka jalma-jalma nu dipilih ku Yéhuwa jeung Isa pikeun ngabingbing urang. Mémang, bisa jadi priya-priya ieu nyieun pangaturan nu katingalina teu asup akal. Tapi lamun urang taat, Yéhuwa bakal ngaberkahan urang. Tina Firman-Na jeung pangalaman hamba-hamba-Na nu satia, kabukti yén kataatan téh bisa nyalametkeun nyawa urang. (Bud. 14:1-4; 2 Bab. 20:17) Pék lenyepan pangalaman maranéhna. Ku kituna, ayeuna jeung ka hareupna, urang bakal leuwih gampang pikeun nuturkeun pituduh ti organisasi Yéhuwa. (Ibr. 13:17) Urang gé moal sieun nyanghareupan ”angin ribut” nu leuwih hébat nu téréh datang.​—Sil. 3:25.

SING BOGA IMAN SUPAYA BISA NYANGHAREUPAN KATEUADILAN

Lamun urang terus ngadoa, iman urang bakal jadi leuwih kuat (Tingali paragrap 12)

12. Dumasar Lukas 18:1-8, naon hubunganana iman jeung kategeran dina nyanghareupan kateuadilan?

12 Isa nyaho yén kateuadilan téh bisa nguji iman para muridna. Jadi, Isa ngabantu maranéhna ku cara méré ibarat nu ditulis dina buku Lukas. Isa nyaritakeun aya saurang randa nu teterusan ménta kaadilan ka hakim nu lain jalma bener. Randa éta yakin, lamun manéhna teterusan ménta, pasti bakal didéngékeun. Ahirna, hakim éta ngabulkeun paménta si randa. Naon palajaranana? Yéhuwa téh Allah nu adil. Ku kituna, Isa ngomong, ”Allah tangtu méré kaadilan ka jalma-jalma pilihana-Na nu sasambat beurang peuting ka Anjeunna.” (Baca Lukas 18:1-8.) Isa gé ngomong, ”Waktu Putra Manusa datang, bakal aya kitu jalma nu boga iman kawas kitu di bumi?” Waktu urang ngalaman kateuadilan, urang kudu ngabuktikeun urang téh boga iman nu kuat siga randa éta, ku cara sabar jeung teger. Sing yakin, Yéhuwa pasti bakal ngabantu urang. Urang gé kudu yakin doa téh gedé mangpaatna, malah osok mawa hasil nu teu disangka-sangka.

13. Kumaha doa bisa ngabantu hiji kulawarga nu keur nyanghareupan kateuadilan?

13 Perhatikeun pangalaman ti Sadérék Vero nu cicing di Republik Demokratik Kongo. Sadérék Vero, salakina nu lain Saksi, jeung budak awéwéna nu umur 15 taun kénéh kudu kabur ti désana ku sabab aya karusuhan. Tapi pas di jalan, maranéhna dicegat jeung rék dipaéhan ku pasukan nu mawa senjata. Harita, Vero téh ceurik. Tapi budak awéwéna nyoba nenangkeun indungna. Manéhna ngadoa ku sora nu tarik jeung sababaraha kali nyebut ngaran Yéhuwa. Pas bérés ngadoa, komandan pasukan éta nanya ka budak awéwéna, ”Néng, diajar kitu téh ku saha?” Ceuk manéhna, ”Si Mamah nu ngajarkeun, nyonto doa nu aya dina Matius 6:9-13.” Ceuk éta komandan, ”Ayeuna Enéng jeung kulawarga Enéng geura indit. Mudah-mudahan Yéhuwa, Allah Enéng, terus ngalindungan Enéng!”

14. Bisa jadi naon nu nguji iman urang, jeung naon nu bisa ngabantu urang supaya tetep teger?

14 Pangalaman éta ngajarkeun urang supaya teu nyapirakeun mangpaatna ngadoa. Tapi, kumaha lamun doa Sadérék asana teu dijawab-jawab atawa dijawabna lain ku cara nu luar biasa? Éta bisa nguji iman urang. Siga randa dina ibarat Isa, pék terus ngadoa. Sing yakin Yéhuwa téh moal pernah ninggalkeun Sadérék jeung pasti ngajawab doa-doa Sadérék dina waktuna. Urang gé bisa terus ménta kawasa suci ka Yéhuwa. (Flp. 4:13) Sing inget, sakeudeung deui Yéhuwa bakal méré urang berkah anu limpah nepi ka urang moal nginget-nginget deui kasangsaraan nu baheula. Lamun ti ayeuna Sadérék ngandelkeun Yéhuwa, Sadérék bakal leuwih kuat pikeun nyanghareupan cocoba di mangsa ka hareup.​—1 Pét. 1:6, 7.

SING BOGA IMAN SUPAYA BISA NYANGHAREUPAN KASUSAH

15. Jiga nu disebutkeun dina Matius 17:19, 20, naon nu kaalaman ku para murid?

15 Isa ngajarkeun ka para muridna yén lamun boga iman, maranéhna bisa nyanghareupan rupa-rupa masalah. (Baca Matius 17:19, 20.) Hiji waktu, para muridna teu bisa ngusir roh jahat, padahal saacanna maranéhna geus sababaraha kali ngusir roh jahat. Jadi, naon masalahna? Isa ngajelaskeun yén iman maranéhna téh kurang kénéh. Isa ngomong yén lamun para murid boga cukup iman, maranéhna bisa nyanghareupan masalah nu sagedé gunung. Kiwari, urang gé bisa jadi boga masalah nu katingalina euweuh jalan kaluarna.

Meureun urang keur kacida sedihna, tapi lantaran boga iman, urang bakal tetep sibuk ngawula Yéhuwa (Tingali paragrap 16)

16. Sanggeus salakina dipaéhan, kumaha iman Geydi bisa ngabantu manéhna nyanghareupan kapeurihna?

16 Pék pikirkeun pangalaman Geydi, sadérék istri ti Guatemala. Edi, salakina, dipaéhan waktu maranéhna balik ti pasamoan. Kumaha iman Geydi bisa ngabantu manéhna pikeun nyanghareupan kapeurih ieu? Manéhna ngomong, ”Abdi masrahkeun kasusah abdi ka Yéhuwa liwat doa. Sanggeusna, abdi ngarasa leuwih tenang. Karasa pisan Yéhuwa téh ngurus abdi liwat kulawarga jeung babaturan di sidang. Abdi jadi teu sedih teuing lantaran tetep sibuk ngawula Yéhuwa. Abdi gé jadi teu hariwang teuing kana poé isuk, jalankeun naon nu bisa dilakukeun poé ieu. Tina pangalaman ieu, abdi yakin, teu sual masalah naon nu bakal datang, ku bantuan Yéhuwa, Isa, jeung organisasi-Na, abdi pasti bisa nyanghareupanana.”

17. Naon nu bisa urang lakukeun lamun boga masalah nu sagedé gunung?

17 Na Sadérék téh keur sedih pisan lantaran aya nu maot? Mun kitu, sadiakeun waktu pikeun maca kisah-kisah dina Alkitab ngeunaan jalma nu dihirupkeun deui. Éta bisa nguatkeun iman Sadérék. Atawa, na Sadérék téh keur sedih lantaran aya kulawarga nu dipecat? Pék buktikeun sorangan yén cara Yéhuwa ngadisiplin saurang jalma téh cara nu panghadéna. Teu sual naon waé masalah Sadérék, anggap ieu téh kasempetan pikeun nguatkeun iman Sadérék. Budalkeun eusi haté Sadérék ka Yéhuwa. Ulah nyorangan baé, tapi terus campur gaul jeung dulur saiman. (Sil. 18:1) Lakukeun naon waé nu bisa ngabantu Sadérék tetep teger, sanajan kudu maksakeun diri. (Jab. 126:5, 6) Sing rutin masamoan, dines, jeung maca Alkitab. Pikirkeun ogé jangji-jangji Yéhuwa keur Sadérék dina mangsa ka hareup. Lamun Sadérék ngarasakeun sorangan kumaha Yéhuwa nulungan Sadérék, pasti iman Sadérék gé bakal leuwih kuat deui.

”KUATKEUN IMAN URANG-URANG”

18. Lamun Sadérék sadar iman Sadérék téh can kuat, naon nu bisa Sadérék lakukeun?

18 Lamun masalah nu pernah atawa nu keur disanghareupan ku Sadérék téh nunjukkeun iman Sadérék téh can kuat, tong leutik haté. Gunakeun kaayaan ieu pikeun nguatkeun iman Sadérék. Sadérék bisa jiga para rasul, nu ménta, ”Kuatkeun iman urang-urang.” (Luk. 17:5) Tingali ogé pangalaman-pangalaman dina artikel ieu. Misalna, siga Miguel jeung Yurai, sing inget-inget kumaha Yéhuwa pernah mantuan Sadérék. Siga Anel jeung budak awéwéna Vero, pék terus ngadoa, komo deui pas kaayaanana keur hésé. Siga Geydi, tarima bantuan Yéhuwa liwat kulawarga jeung babaturan. Lamun ayeuna Sadérék daék narima bantuan ti Yéhuwa, Sadérék gé bisa yakin yén dina mangsa ka hareup Yéhuwa bakal ngabantu Sadérék pikeun nyanghareupan masalah naon waé.

19. Isa yakin kana hal naon, sarta urang bisa yakin kana hal naon?

19 Isa némbongkeun ka para muridna dina hal naon maranéhna téh kurang iman. Tapi Isa yakin, ku bantuan Yéhuwa, maranéhna bakal bisa nyanghareupan cocoba nu bakal datang. (Yah. 14:1; 16:33) Isa gé yakin engké bakal aya sakumpulan jalma nu kacida lobana nu salamet tina kasangsaraan nu kacida hébatna lantaran boga iman nu kuat. (Why. 7:9, 14) Na Sadérék bakal jadi salah sahijina? Lamun dibantu ku Yéhuwa sarta lamun Sadérék sabisa-bisa nguatkeun iman Sadérék ti ayeuna, Sadérék bisa jadi salah sahijina!​—Ibr. 10:39.

KAWIH 118 ’Kuatkeun Iman Abdi’

^ par. 5 Urang pasti ngadago-dago pisan ahir ti dunya nu jahat ieu. Tapi meureun urang ogé hariwang, na urang téh boga iman nu kuat pikeun nyanghareupan mangsa éta? Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas sababaraha pangalaman sarta palajaran nu bisa nguatkeun iman urang.