Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 44

Mangpaat Kaasih Yéhuwa nu Langgeng keur Urang

Mangpaat Kaasih Yéhuwa nu Langgeng keur Urang

”Haturkeun nuhun ka PANGERAN, demi kasaeana-Na, asih-Na langgeng.”​JAB. 136:1.

KAWIH 108 Satia Asih Allah

NU DIBAHAS *

1. Naon nu dipikahayang ku Yéhuwa ti urang?

KEUR Yéhuwa mah kaasih nu langgeng téh penting pisan. (Mika 7:18) Anjeunna hayang urang ogé nganggap penting sipat ieu. Anjeunna ngajurung urang pikeun némbongkeun kaasih nu langgeng. Tapi saacanna, urang kudu ngarti heula naon kaasih nu langgeng téh.

2. Jiga kumaha jalma nu boga kaasih nu langgeng?

2 Naon kaasih nu langgeng téh? Dina sababaraha tarjamahan Alkitab, kecap ’kaasih nu langgeng’ téh ditarjamahkeun jadi ”satia asih”, ”kaasih”, ”kanyaah”, ”kawelas”, ”karunyaan”, ”satia”, jeung ”bageur”. Jadi lamun aya ayat dina artikel ieu jeung dina artikel saterusna nu ngagunakeun kecap-kecap éta, éta téh hartina sarua jeung ’kaasih nu langgeng’. Tapi, jiga kumaha jalma nu boga sipat ieu? Jalma nu boga sipat ieu bakal terus nyaah jeung terus satia ka batur. Sipat ieu téh biasana ditémbongkeun ku Yéhuwa ka manusa. Tapi, sipat ieu gé bisa ditémbongkeun ku manusa ka sasamana. Yéhuwa téh conto nu panghadéna dina némbongkeun sipat ieu. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kumaha Yéhuwa némbongkeun kaasih-Na nu langgeng ka manusa. Tuluy dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas kumaha umat Allah bisa nyonto Yéhuwa dina némbongkeun kaasih nu langgeng ka batur.

YÉHUWA TÉH ”SUGIH KAASIH”

3. Yéhuwa nyingkabkeun naon ngeunaan diri-Na ka Musa?

3 Teu lila sanggeus urang Israél kaluar ti Mesir, Yéhuwa nyingkabkeun diri-Na ka Musa ngeunaan ngaran-Na jeung sipat-sipat-Na. Ceuk Anjeunna, ”Kami PANGERAN [Yéhuwa, NW], nya eta Allah anu sipat welas, sipat karunya, tara barangasan, sugih kaasih, sipat satuhu. Teguh kana jangji ka rebuan turunan, satia ngahampura dosa jeung kadorakaan.” (Bud. 34:6, 7) Dina kekecapan éta, Yéhuwa téh méré nyaho Musa ngeunaan hal nu luar biasa tina kaasih-Na. Naon éta téh?

4-5. (a) Kumaha cara Yéhuwa ngajelaskeun kaasih Anjeunna? (b) Pananya naon waé nu bakal urang bahas?

4 Yéhuwa ngajelaskeun yén kaasih Anjeunna téh salian langgeng, tapi sugih atawa jembar. Sipat ieu téh sababaraha kali disebutkeun dina Alkitab. (Bil. 14:18; Neh. 9:17; 13:22; Jab. 86:15; 145:8) Dina ayat-ayat éta, sipat sugih kaasih téh ngan ditujukeun keur Yéhuwa hungkul, lain keur manusa. Katingali Yéhuwa téh hayang bener-bener nandeskeun kaasih-Na nu langgeng dina Alkitab. Jadi jelas, sipat ieu téh penting pisan keur Anjeunna. Raja Daud gé tajub pisan kana sipat ieu. Manéhna ngajelaskeun, ”Nun PANGERAN, satia asih Gusti sundul ka langit. . . . Satia asih Gusti mulya luhur, nun Allah! Kalangkang jangjang Gusti, ngiuhan abdi sadaya.” (Jab. 36:68) Siga Daud, kumaha urang bisa ngahargaan kaasihna Allah nu langgeng?

5 Supaya urang leuwih ngarti kana kaasih nu langgeng, hayu urang bahas dua pananya ieu: Ka saha Yéhuwa némbongkeun kaasih-Na nu langgeng? Naon mangpaatna keur urang?

KA SAHA YÉHUWA NÉMBONGKEUN KAASIHNA NU LANGGENG?

6. Ka saha Yéhuwa némbongkeun kaasih-Na nu langgeng?

6 Ka saha Yéhuwa némbongkeun kaasih-Na nu langgeng? Kaasih-Na nu langgeng atawa satia asih-Na téh teu ditémbongkeun ka unggal jalma. Sipat éta ngan ditémbongkeun ka jalma-jalma nu nyobat jeung Anjeunna. Allah urang téh satia ka sobat-sobat-Na. Anjeunna nyiapkeun kahirupan nu bagja keur maranéhna, sarta Anjeunna gé moal eureun mikanyaah maranéhna.

Yéhuwa nyadiakeun loba hal hadé keur sakabéh manusa, kaasup keur jalma-jalma nu teu nyembah Anjeunna (Tingali paragrap 7) *

7. Naon buktina Yéhuwa téh némbongkeun kaasih-Na ka kabéh manusa?

7 Yéhuwa téh némbongkeun kaasih-Na ka kabéh manusa. Isa gé pernah ngomong ka saurang lalaki nu ngaranna Nikodémus, ”Allah nyaah pisan ka dunya ieu nepi ka masrahkeun Putra hiji-hijina, supaya unggal jalma nu boga iman ka manéhna moal binasa tapi bisa meunangkeun hirup langgeng.”​—Yah. 3:1, 16; Mat. 5:44, 45.

Kekecapan Raja Daud jeung Nabi Daniél nunjukkeun yén Yéhuwa téh némbongkeun kaasih-Na nu langgeng ka jalma nu terang, hormat, nyaah, sarta nurut kana timbalan Anjeunna (Tingali paragrap 8-9)

8-9. (a) Ku naon Yéhuwa daék némbongkeun kaasih-Na nu langgeng ka umat-Na? (b) Naon nu bakal urang bahas ayeuna?

8 Tadi geus disebutkeun yén Yéhuwa téh némbongkeun kaasih-Na nu langgeng ngan ka jalma-jalma nu nyobat jeung Anjeunna, nyaéta umat-Na. Hal ieu kabukti tina kekecapan Raja Daud jeung Nabi Daniél. Misalna Daud ngomong, ”Mugi langgeng mikaasih ka sakur nu terang ka Gusti.” ”Ka sakur nu hormat ka PANGERAN mah asih-Na teh langgeng.” Terus Daniél gé ngomong, ”Nun Allah, Gusti Nu Agung! . . . [Gusti] satia asih ka nu nyaraah ka Gusti, tur ngestokeun kana sugri timbalan Gusti.” (Jab. 36:11; 103:17; Dan. 9:4) Kekecapan ieu nunjukkeun yén Yéhuwa némbongkeun kaasih-Na nu langgeng ka umat-Na sabab maranéhna téh terang, hormat, nyaah, jeung nurut kana timbalan Anjeunna. Yéhuwa némbongkeun kaasih-Na nu langgeng ngan ka umat-Na nu nyembah ka Anjeunna ku cara nu bener.

9 Saacan ngawula Yéhuwa, urang geus ngarasakeun kaasih-Na nu ditémbongkeun ka sakabéh manusa. (Jab. 104:14) Tapi sabagé umat-Na, urang gé bisa ngarasakeun kaasih-Na nu langgeng. Malah, Yéhuwa ngayakinkeun umat-Na, ”Kanyaah Kami ka maneh teh moal aya tungtungna.” (Yes. 54:10) Terus Daud gé ngomong, ”PANGERAN geus milih jelema nu bener, dijadikeun milik-Na.” (Jab. 4:4) Jadi sabagé umat-Na nu dipilih, kumaha sakuduna tanggapan urang? Nu nulis jabur nyebutkeun, ”Muga hal ieu dipalikiran ku nu barijaksana, muga maranehna nyaraho kana kanyaah PANGERAN nu taya kendatna.” (Jab. 107:43) Kekecapan éta téh asalna ti Yéhuwa. Jadi, ayeuna urang bakal ngabahas tilu cara kumaha Yéhuwa némbongkeun kaasih-Na nu langgeng ka umat-Na sarta naon mangpaatna keur urang.

NAON MANGPAATNA KEUR URANG?

Yéhuwa méré berkah-berkah séjén keur jalma-jalma nu ngawula Anjeunna (Tingali paragrap 10-16) *

10. Naon mangpaatna kaasih Allah nu langgeng nu moal aya pegatna keur urang? (Jabur 31:8)

10 Kaasih Allah nu langgeng téh moal aya pegatna. Kaasih ieu disebutkeun 26 kali dina Jabur 136. Dina ayat kahiji urang maca, ”Haturkeun nuhun ka PANGERAN, demi kasaeana-Na, asih-Na langgeng.” (Jab. 136:1) Dina ayat 1 nepi ka 26, aya kekecapan nu teterusan disebutkeun, nyaéta ”asih-Na langgeng”. Waktu maca jabur ieu, pasti urang tajub ku sabab Yéhuwa téh teterusan némbongkeun kaasih-Na nu langgeng. Kekecapan ”asih-Na langgeng” nu teterusan disebutkeun ngayakinkeun urang yén kaasih Allah nu langgeng moal barobah. Éta gé ngagedékeun haté urang lantaran urang apal kaasih Yéhuwa nu langgeng mah moal pegat-pegat. Justru, Yéhuwa téh bakal terus nyarengan jalma-jalma nu ngawula Anjeunna, komo deui waktu aya kasusah. Mangpaatna keur urang: Ayeuna urang apal Yéhuwa téh terus nyarengan urang, jadi urang bisa suka bungah jeung boga kakuatan pikeun nyanghareupan kasusah jeung terus ngawula Anjeunna.​—Baca Jabur 31:8.

11. Dumasar Jabur 86:5, ku naon Yéhuwa téh daék ngahampura?

11 Yéhuwa daék ngahampura lantaran kaasih-Na nu langgeng. Mun aya jalma nu tobat jeung geus teu ngalakukeun nu goréng-goréng deui, Yéhuwa pasti daék ngahampura manéhna. Daud nulis dina jaburna yén Yéhuwa teh ”ngahukumna ge tara diukur-ukur kana dosa urang, tara diijir-ijir kana kadorakaan urang”. (Jab. 103:8-11) Daud ngarti kumaha parasaan nu kasiksa lantaran dosa nu pernah dilakukeun. Tapi, manéhna gé nyaho Yéhuwa téh ”jembar hampura”. Ku naon Yéhuwa daék ngahampura? Jawabanana aya dina Jabur 86:5. (Baca.) Dina doa Daud éta, dijelaskeun yén Yéhuwa téh daék ngahampura saha waé nu sasambat ka Anjeunna lantaran Anjeunna téh murah asih.

12-13. Naon nu bisa ngabantu lamun urang teterusan rumasa salah lantaran dosa nu baheula?

12 Waktu urang boga dosa, wajar lamun urang rumasa salah. Éta aya alusna ogé, lantaran parasaan éta bisa ngajurung urang pikeun ménta pangampura jeung daék tobat. Tapi, aya sababaraha sadérék nu teterusan rumasa salah lantaran dosana nu baheula. Maranéhna mikir yén Yéhuwa téh moal daék ngahampura sanajan maranéhna geus ménta hampura jeung geus teu ngalakukeun dosana deui. Lamun Sadérék gé ngarasakeun hal nu sarua, pék pikirkeun sakumaha hayangna Yéhuwa némbongkeun kaasih-Na nu langgeng ka hamba-hamba-Na. Ku kituna, Sadérék bakal leuwih tengtrem.

13 Mangpaatna keur urang: Sanajan urang téh teu sampurna, tapi urang masih bisa ngawula Yéhuwa ku haté sanubari nu bersih. Urang bisa kieu téh ku lantaran ”getih Isa Putra-Na bisa mupus sagala dosa urang”. (1 Yah. 1:7) Waktu urang leutik haté ku lantaran kalemahan urang, sing inget, Yéhuwa téh daék ngahampura jalma nu bener-bener tobat. Daud nyebutkeun yén sipat asih nu langgeng jeung sipat hampuraan téh aya hubunganana. Manéhna nulis, ”Sakumaha jauhna tanah ka langit, nya sakitu rosana kawelasana-Na ka sakur anu hormat ka Mantenna teh. Sakumaha anggangna wetan ti kulon, nya sakitu jauhna dosa-dosa urang dijauhkeunana ti urang.” (Jab. 103:11, 12) Éta némbongkeun Yéhuwa téh ”sipat welas jeung hampuraan”.​—Yes. 55:7.

14. Kumaha Daud ngajelaskeun yén kaasih Allah nu langgeng bisa ngalindungan urang?

14 Kaasih Allah nu langgeng téh ngalindungan urang sacara rohani. Daud ngomong dina doana, ”Gusti teh tempat nyalindung. Mun abdi kenging pakewuh, Gusti anu nulung. Abdi surak muji unjuk nuhun, reh Gusti parantos nuyun. . . . Anu ngandel ka PANGERAN, bakal ditangtayungan ku satia asih-Na.” (Jab. 32:7, 10) Siga bénténg di jaman baheula nu bisa ngalindungan jalma-jalma ti serangan musuh, kaasih Allah nu langgeng gé ngalindungan urang ti bahaya-bahaya nu bisa ngaruksak hubungan urang jeung Yéhuwa. Terus, lantaran kaasih-Na nu langgeng, Yéhuwa narik urang pikeun ngaraket ka Anjeunna.​—Yer. 31:3.

15. Naon hubunganana kaasih Yéhuwa nu langgeng jeung panyalindungan?

15 Daud ogé ngagunakeun kekecapan séjén pikeun ngajelaskeun kumaha Yéhuwa ngalindungan umat-Na. Manéhna nulis kieu, ”Panyalindungan abdi teh Allah, Allah nu asih ka abdi.” Salian ti éta, Daud gé ngomong, ”Kaasih Anjeunna ka abdi téh langgeng sarta Anjeunna téh bénténg abdi, panyalindungan jeung jurusalamet abdi, taméng jeung tempat nu aman keur abdi.” (Jab. 59:18; 144:2, Terjemahan Dunia Baru) Naon hubunganana kaasih Yéhuwa nu langgeng jeung bénténg? Rék di mana waé urang tinggal, ku lantaran urang téh umat Yéhuwa, Anjeunna bakal ngabantu urang pikeun ngajaga hubungan urang jeung Anjeunna. Jangji éta gé dicatet dina Jabur 91. Nu nulis Jabur ngomong kieu, ”[Abdi] bisa unjukan ka Mantenna, ’Gusti teh benteng panyalindungan abdi.’”(Jab. 91:1-3, 9, 14) Salian ti éta, baheula ogé Musa ngagunakeun kekecapan nu mirip pikeun ngagambarkeun Yéhuwa téh sabagé panyalindungan. (Jab. 90:1) Malah, dina panungtungan hirupna, Musa nyatet kekecapan nu alus ieu, ”[Panyalindungan, NW] Allah ka maraneh sipatna kadim, panangana-Na anu ngadeudeul, sipatna langgeng.” (Pam. 33:27) Tapi, naon maksudna ”panangana-Na anu ngadeudeul, sipatna langgeng”?

16. Yéhuwa téh ngaberkahan urang dina dua hal naon? (Jabur 136:23)

16 Lamun urang yakin Yéhuwa téh Panyalindungan urang, urang bakal ngarasa aman. Tapi sakapeung, urang bisa ngarasa sedih jeung hésé pikeun sumanget deui. Dina kaayaan siga kitu, naon nu bakal Yéhuwa lakukeun keur urang? (Baca Jabur 136:23.) Yéhuwa bakal nulungan jeung ngalilipur urang supaya urang téh henteu sedih deui. (Jab. 28:9; 94:18) Mangpaatna keur urang: Urang téh bisa ngandel ka Yéhuwa. Sing inget, Yéhuwa téh ngaberkahan urang dina dua hal. Nu kahiji, urang boga tempat panyalindungan nu aman, teu sual di mana waé urang tinggal. Nu kadua, Bapa urang di sorga bener-bener nyaah ka urang.

SING YAKIN YÉN ALLAH BAKAL TERUS NÉMBONGKEUN KAASIHNA NU LANGGENG

17. Urang bisa yakin kana hal naon? (Jabur 33:18-22)

17 Saperti nu geus dibahas saacanna, waktu urang nyanghareupan kasusah, urang bisa percaya Yéhuwa téh bakal ngabantu urang pikeun tetep satia ka Anjeunna. (2 Kor. 4:7-9) Nabi Yérémia ngomong kieu, ”Asihing PANGERAN teh taya kandegna, welas-Na taya suda-Na.” (Tangis 3:22) Jadi urang bisa yakin, Yéhuwa téh bakal terus némbongkeun kaasih-Na nu langgeng ka urang, ku sabab nu nulis Jabur nyebutkeun yén ”PANGERAN nitenan ka nu nurut ka Mantenna, ka nu ngaharep kana satia asih-Na”.​—Baca Jabur 33:18-22.

18-19. (a) Naon nu kudu urang inget? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

18 Jadi, naon nu kudu urang inget? Saacan urang ngawula Yéhuwa, urang téh geus ngarasakeun kaasih Yéhuwa. Tapi sabagé umat-Na, urang gé bisa ngarasakeun kaasih-Na nu langgeng. Jadi ku lantaran kaasih éta, urang téh bakal terus dilindungan dina panangan Yéhuwa. Yéhuwa téh ngajaga urang supaya terus deukeut jeung Anjeunna. Anjeunna gé bakal nyumponan kabéh jangji-Na keur urang. Yéhuwa téh hayang urang terus jadi sobat-Na! (Jab. 46:2, 3, 8) Jadi naon waé kasusah nu disanghareupan, Yéhuwa téh bakal méré kakuatan supaya urang bisa terus satia.

19 Urang geus ngabahas kumaha Yéhuwa némbongkeun kaasih-Na nu langgeng ka umat-Na. Ku kituna, Anjeunna gé hayang umat-Na silih témbongkeun kaasih nu langgeng. Kumaha carana? Artikel saterusna bakal ngabahas ngeunaan hal éta.

KAWIH 136 Pahala nu Sampurna ti Yéhuwa

^ par. 5 Naon kaasih nu langgeng téh? Ka saha Yéhuwa némbongkeun kaasih-Na nu langgeng? Naon mangpaatna keur jalma-jalma? Urang bakal ngabahas jawabanana. Dina artikel saterusna gé, urang masih kénéh ngabahas ngeunaan sipat nu luar biasa ieu.

^ par. 53 KATERANGAN GAMBAR: Yéhuwa némbongkeun kaasih-Na ka kabéh manusa, kaasup umat-Na. Gambar nu aya di luhureun jalma-jalma téh némbongkeun bukti kaasih Allah. Nu pangpentingna téh nyaéta mangpaat ti korban tebusan.

^ par. 61 KATERANGAN GAMBAR: Jalma-jalma nu jadi umat Yéhuwa jeung boga iman kana korban tebusan bakal diistiméwakeun ku Anjeunna. Maranéhna teu ngan saukur narima kaasih Allah nu ditémbongkeun ka kabéh manusa, tapi maranéhna gé bakal narima kaasih-Na nu langgeng. Sababaraha contona aya dina gambar.