Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 46

Pasangan nu Kakara Nikah, Utamakeun Palayanan ka Yéhuwa

Pasangan nu Kakara Nikah, Utamakeun Palayanan ka Yéhuwa

”PANGERAN anu . . . ngaraksa kaula, ka Mantenna kaula percaya.”​JAB. 28:7.

KAWIH 131 ”Anu Geus Dihijikeun ku Allah”

NU DIBAHAS *

1-2. (a) Ku naon pasangan nu kakara nikah kudu ngandel ka Yéhuwa? (Jabur 37:3, 4) (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

NA SADÉRÉK boga rencana rék nikah atawa Sadérék kakara nikah? Pasti Sadérék ngadago-dago hirup bareng jeung jalma nu dipikacinta. Dina perkawinan téh tangtu aya tangtanganana sarta putusan-putusan penting nu kudu dijieun. Cara Sadérék nyanghareupan tangtangan jeung mutuskeun hiji hal bakal aya pangaruhna keur perkawinan Sadérék ka hareupna. Lamun Sadérék ngandel ka Yéhuwa, hasilna Sadérék bakal nyieun putusan nu bijaksana, perkawinan bakal leuwih kuat, jeung Sadérék gé bakal leuwih bagja. Lamun henteu nuturkeun naséhat Yéhuwa, Sadérék bakal nyanghareupan masalah nu bisa ngaruksak perkawinan Sadérék, tungtungna Sadérék gé moal bagja.​—Baca Jabur 37:3, 4.

2 Sanajan artikel ieu téh ditujukeun keur pasangan nu kakara nikah, tapi artikel ieu gé ngabahas tangtangan-tangtangan nu bisa jadi disanghareupan ku kabéh salaki pamajikan. Urang gé bakal diajar ti priya jeung wanita satia nu ditulis dina Alkitab. Tuladan maranéhna bisa ngajarkeun urang loba hal, kaasup dina perkawinan. Urang gé bakal ningali tuladan ti salaki pamajikan di jaman kiwari.

TANGTANGAN NAON WAÉ NU BISA JADI DISANGHAREUPAN KU PANGANTÉN ANYAR?

Naon nu bisa jadi ngahalangan pasangan nu kakara nikah pikeun ngalakukeun leuwih loba keur Yéhuwa? (Tingali paragrap 3-4)

3-4. Tangtangan naon waé nu bisa jadi disanghareupan ku pangantén anyar?

3 Sababaraha jalma bisa jadi ngajurung-jurung pangantén anyar pikeun hirup jiga jalma-jalma umumna. Misalna, kolot jeung dulur-dulurna meureun nitah maranéhna supaya geura boga budak. Atawa, aya babaturan jeung kulawarga nu niatna mah bageur bisa jadi nitah pangantén anyar éta pikeun meuli imah jeung parabot-parabot nu alus.

4 Lamun teu ati-ati waktu nyieun putusan, maranéhna bisa kabeulit ku hutang. Tuluy boh salaki boh pamajikan, duanana kudu digawé leuwih loba keur ngalunasan hutangna. Geus kitu lantaran kudu digawé leuwih loba, maranéhna jadi teu boga waktu keur palajaran pribadi, ibadah kulawarga, jeung dines. Maranéhna gé bisa jadi bolos masamoan lantaran kudu digawé lembur supaya meunang duit tambahan atawa supaya teu kaleungitan pagawéanana. Akibatna, maranéhna kaleungitan kasempetan pikeun ngalakukeun leuwih loba keur Yéhuwa.

5. Urang bisa diajar naon tina pangalaman Klaus jeung Marisa?

5 Aya loba pangalaman nu némbongkeun lamun urang ngudag harta banda, urang moal bener-bener bagja. Perhatikeun pangalaman Klaus jeung Marisa. * Pas kakara nikah, maranéhna duaan digawé nepi ka boga loba duit. Tapi, dina jero haténa mah maranéhna teu bagja. Ceuk Klaus, ”Sacara matéri mah urang teu kakurangan, tapi urang duaan teu boga cita-cita rohani. Mun rék jujur mah, hirup téh asa rungsing jeung loba masalah.” Meureun Sadérék gé ngarasakeun sorangan, Sadérék téh teu bener-bener bagja sanggeus ngudag harta banda. Tapi ulah leutik haté, Sadérék bisa diajar tina pangalaman batur jeung nyieun parobahan. Mimitina, hayu urang bahas kumaha para salaki bisa nyonto Raja Yosapat.

PÉK CONTO RAJA YOSAPAT NU NGANDEL KA YÉHUWA

6. Waktu meunang tangtangan nu beurat, kumaha Raja Yosapat nuturkeun naséhat nu aya dina Siloka 3:5, 6?

6 Para salaki, na Sadérék ngarasa kawalahan ku tanggung jawab Sadérék? Lamun enya, Sadérék bisa diajar ti Raja Yosapat. Sabagé raja, Yosapat téh boga tanggung jawab pikeun ngajaga kaamanan sakuliah nagrina! Kumaha manéhna bisa ngajalankeun tanggung jawab nu beurat ieu? Yosapat ngalakukeun sakamampuhna pikeun ngalindungan rahayatna. Manéhna nyieun bénténg-bénténg pertahanan di kota Yuda sarta nyieun pasukan nu lobana leuwih ti 1.160.000 prajurit. (2 Bab. 17:12-19) Ka dieunakeun, Yosapat meunang tangtangan nu beurat pisan. Aya pasukan urang Amon, Moab, jeung jalma-jalma di pagunungan Séir nu rék nyerang Raja Yosapat, kulawargana, jeung rahayatna. (2 Bab. 20:1, 2) Naon nu dilakukeun ku Raja Yosapat? Manéhna ngadoa ka Yéhuwa ménta bantuan sarta kakuatan. Manéhna nuturkeun naséhat nu aya dina Siloka 3:5, 6. (Baca.) Doa Yosapat nu rendah haté ieu dicatet dina 2 Babad 20:5-12. Di ditu katingali yén Raja Yosapat téh bener-bener ngandel ka Bapana di sorga nu nyaahan. Kumaha Yéhuwa ngajawab doa Yosapat?

7. Kumaha Yéhuwa ngajawab doa Yosapat?

7 Liwat urang Léwi nu ngaranna Yéhasiél, Yéhuwa ngomong ka Yosapat, ”Daragoan bae bari ngajaranteng. Engke nyata aranjeun tangtu diunggulkeun ku PANGERAN.” (2 Bab. 20:13-17) Éta téh lain cara perang nu biasa! Tapi éta pituduh téh asalna ti Yéhuwa, lain ti manusa. Yosapat bener-bener ngandel ka Yéhuwa jeung daék nuturkeun pituduh-Na. Jadi waktu manéhna jeung para prajuritna rék merangan musuh, Yosapat nempatkeun juru kawih nu teu boga senjata di barisan panghareupna, lain para prajurit nu hébat. Yéhuwa nyumponan jangji-Na ka Yosapat. Anjeunna numpes pasukan musuh.​—2 Bab. 20:18-23.

Pasangan nu kakara nikah bisa ngalakukeun leuwih loba dina palayanan ku cara ngadoa jeung diajar Firman Allah (Tingali paragrap 8, 10)

8. Para salaki bisa diajar naon tina tuladan Yosapat?

8 Para salaki, Sadérék bisa diajar tina tuladan Yosapat. Sadérék téh boga tanggung jawab pikeun ngurus kulawarga. Ku kituna, pasti Sadérék ngusahakeun sakuat tanaga pikeun ngajaga sarta minuhan pangabutuh kulawarga Sadérék. Waktu aya masalah, meureun Sadérék mikir yén Sadérék téh bisa nyanghareupanana sorangan. Tapi, tong ngandelkeun diri sorangan. Sadérék bisa ngadoa pribadi pikeun ménta bantuan ka Yéhuwa. Salian ti éta, Sadérék gé bisa ngadoa bareng jeung pamajikan. Téangan naséhat Yéhuwa liwat Alkitab jeung publikasi-publikasi nu disadiakeun ku organisasi Yéhuwa. Sanggeus éta, larapkeun naséhatna. Bisa jadi, batur teu satuju kana putusan Sadérék. Malah, meureun batur gé nganggap Sadérék téh anéh. Cenah mah lamun urang boga duit, urang bisa ngajaga sarta minuhan sakabéh pangabutuh kulawarga urang. Tapi, sing inget kana tuladan Yosapat. Tindakanana némbongkeun manéhna téh ngandel ka Yéhuwa. Yéhuwa teu pernah ninggalkeun priya satia éta. Anjeunna gé moal ninggalkeun Sadérék. (Jab. 37:28; Ibr. 13:5) Jadi, naon nu kudu dilakukeun ku salaki pamajikan supaya kahirupanana bagja?

PÉK CONTO NABI YÉSAYA JEUNG PAMAJIKANANA NU NGUTAMAKEUN PALAYANAN KA YÉHUWA

9. Naon nu pangpentingna keur Nabi Yésaya jeung pamajikanana?

9 Keur Nabi Yésaya jeung pamajikanana mah, palayanan ka Yéhuwa téh hal nu pangpentingna dina kahirupan. Harita, Yésaya téh saurang nabi. Katingalina, pamajikanana gé boga tugas nu sarua. Matakna, manéhna disebut ”nabiah”. (Yes. 8:1-4, Terjemahan Dunia Baru) Yésaya jeung pamajikanana ngutamakeun ibadah ka Yéhuwa dina kahirupanana. Maranéhna duaan téh tuladan nu alus pisan keur salaki pamajikan kiwari.

10. Lamun diajar nubuat-nubuat Alkitab, ku naon tékad salaki pamajikan pikeun ngalakukeun sabisa-bisana keur Yéhuwa bakal beuki kuat?

10 Kiwari, salaki pamajikan bisa diajar ti Nabi Yésaya jeung pamajikanana ku cara ngalakukeun sabisa-bisa dina palayanan. Maranéhna bisa leuwih ngandel ka Yéhuwa ku cara diajar babarengan ngeunaan nubuat Alkitab sarta ningali sorangan yén kabéh nu diucapkeun Yéhuwa téh pasti ngawujud. * (Tit. 1:2) Maranéhna bisa mikirkeun kumaha carana supaya maranéhna bisa ngabantu ngawujudkeun nubuat Alkitab. Misalna, maranéhna bisa boga andil dina nubuatna Isa ngeunaan warta hadé nu bakal diuarkeun ka sakuliah dunya saacan ahir éta datang. (Mat. 24:14) Lamun maranéhna yakin nubuat Alkitab téh bakal geura ngawujud, pasti tékad maranéhna pikeun ngalakukeun sabisa-bisana keur Yéhuwa bakal beuki kuat.

PÉK CONTO PRISKILA JEUNG AKUILA NU NGUTAMAKEUN PAMARÉNTAHAN ALLAH

11. Naon nu dilakukeun ku Priskila jeung Akuila di tempat anyarna, sarta ku naon?

11 Salaki pamajikan nu ngora kénéh bisa diajar ti Priskila jeung Akuila. Maranéhna duaan téh urang Yahudi nu cicing di kota Roma. Maranéhna ngadéngé warta hadé ngeunaan Isa, terus jaradi urang Kristen. Pasti maranéhna puas hirupna. Tapi, kaayaanana téh ujug-ujug barobah. Harita, Kaisar Klaudius nitah kabéh urang Yahudi pikeun kaluar ti Roma. Naon pangaruhna keur kahirupan Akuila jeung Priskila? Maranéhna kudu ninggalkeun imahna, kudu néangan tempat tinggal di daérah nu anyar, sarta kudu ngamimitian deui usaha nyieun kémahna. Tapi, na kasusah ieu nyababkeun maranéhna henteu deui ngutamakeun Pamaréntahan Allah? Lamun maca kisahna, Sadérék bakal nyaho jawabanana. Di tempat anyarna di Korintus, Akuila jeung Priskila mantuan sidang di ditu. Maranéhna gé mantuan Rasul Paulus pikeun nguatkeun dulur-dulur saiman di ditu. Teu lila, maranéhna ogé pindah ka kota séjén nu leuwih ngabutuhkeun pawarta. (Kis. 18:18-21; Rm. 16:3-5) Maranéhna duaan pasti sibuk pisan jeung bagja hirupna!

12. Ku naon salaki pamajikan kudu netepkeun cita-cita rohani?

12 Kiwari, para pasangan gé bisa nyonto Priskila jeung Akuila ku cara ngutamakeun Pamaréntahan Allah. Saacan nikah, para pasangan perlu ngobrolkeun heula ngeunaan cita-cita rohani nu rék diudag. Lamun pasangan netepkeun sarta ngudag cita-cita rohani babarengan, maranéhna bakal boga leuwih loba kasempetan pikeun ningali kumaha Yéhuwa nulungan maranéhna. (Pan. 4:9, 12) Hayu urang tingali pangalaman ti Russell jeung Elizabeth. Ceuk Russell, ”Waktu saacan nikah, urang geus ngabahas cita-cita rohani naon nu bakal diudag.” Ceuk Elizabeth, ”Urang ngabahas éta supaya engké lamun urang kudu nyieun putusan, urang moal nyieun putusan nu bakal ngahalangan urang pikeun ngudag cita-cita éta.” Hasilna, Russell jeung Elizabeth bisa pindah ka Mikronesia, daérah nu butuh leuwih loba pawarta.

Pasangan nu kakara nikah bisa ngalakukeun leuwih loba dina palayanan ku cara netepkeun cita-cita rohani (Tingali paragrap 13)

13. Dumasar Jabur 28:7, naon hasilna lamun urang percaya ka Yéhuwa?

13 Sarua jiga Russell jeung Elizabeth, aya loba pasangan nu ngajaga hirupna tetep saderhana supaya maranéhna henteu diririweuh ku kagiatan séjénna. Jadi, maranéhna bisa ngagunakeun saloba-lobana waktu pikeun nguarkeun jeung ngajarkeun warta hadé. Lamun pasangan netepkeun sarta ngudag cita-cita rohani babarengan, maranéhna bakal narima berkahna. Maranéhna bisa ngarasakeun sorangan pitulung ti Yéhuwa, jadi leuwih percaya ka Anjeunna, sarta jadi jalma nu bener-bener bagja.​—Baca Jabur 28:7.

PÉK CONTO RASUL PÉTRUS JEUNG PAMAJIKANANA NU PERCAYA KANA JANGJI YÉHUWA

14. Kumaha Rasul Pétrus jeung pamajikanana némbongkeun yén maranéhna percaya kana jangji nu aya dina Matius 6:25, 31-34?

14 Para salaki pamajikan bisa diajar tina tuladan Rasul Pétrus jeung pamajikanana. Kira-kira genep bulan nepi ka sataun sanggeus panggih jeung Isa, Rasul Pétrus kudu nyieun putusan nu penting. Harita Pétrus téh digawé sabagé nalayan. Jadi waktu Isa ngajak Pétrus pikeun nuturkeun manéhna, Pétrus kudu mikirkeun kumaha pangaruhna ka kulawargana. (Luk. 5:1-11) Ahirna, Pétrus milih putusan nu hadé, nyaéta nuturkeun Isa jeung terus ngawawar. Katingalina, pamajikan Pétrus gé ngadukung putusan ieu. Alkitab nyaritakeun yén sanggeus Isa dihirupkeun deui, pamajikan Pétrus téh milu ngabaturan Pétrus dina sababaraha tugasna. (1 Kor. 9:5) Pasti pamajikan Pétrus téh pamajikan nu picontoeun, buktina Pétrus teu asa-asa waktu méré naséhat keur salaki pamajikan. (1 Pét. 3:1-7) Tangtu Pétrus jeung pamajikanana percaya pisan kana jangji Yéhuwa yén Anjeunna téh bakal nyumponan sakabéh pangabutuh maranéhna lamun ngutamakeun heula Pamaréntahan Allah.​—Baca Matius 6:25, 31-34.

15. Urang bisa diajar naon tina pangalaman Tiago jeung Esther?

15 Lamun Sadérék geus sababaraha taun nikah, kumaha carana supaya Sadérék jadi boga kahayang pikeun ngalakukeun leuwih loba keur Yéhuwa? Salah sahiji carana nyaéta diajar tina pangalaman batur. Misalna, Sadérék bisa maca séri artikel ”Mereka Merelakan Diri”. Tiago jeung Esther, salaki pamajikan ti Brasil kageuing ku artikel-artikel éta. Maranéhna jadi boga kahayang pikeun ngalayanan di daérah nu ngabutuhkeun leuwih loba pawarta. Tiago ngajelaskeun, ”Sanggeus maca kumaha Yéhuwa nulungan hamba-hamba-Na di jaman kiwari, urang duaan jadi hayang ngarasakeun sorangan kumaha Yéhuwa ngabingbing jeung ngurus urang.” Ahirna, maranéhna pindah ka Paraguay jeung ngabantu di sidang basa Portugis ti taun 2014. Ceuk Esther, ”Salah sahiji ayat nu urang duaan resep téh nyaéta Éfésus 3:20. Geus sababaraha kali urang duaan ngarasakeun sorangan kumaha benerna kekecapan dina ayat ieu.” Dina suratna ka sidang Éfésus ieu, Paulus ngayakinkeun yén Yéhuwa téh bakal nyadiakeun jauh leuwih loba tibatan naon nu dipénta ku urang. Jangji éta téh bener-bener ngawujud!

Pasangan nu kakara nikah bisa ngalakukeun leuwih loba dina palayanan ku cara ménta saran ka sadérék nu geus pangalaman (Tingali paragrap 16)

16. Waktu pasangan nu ngora kénéh hayang ngudag cita-cita rohani, maranéhna bisa ménta saran ka saha?

16 Pasangan nu ngora kénéh bisa diajar loba hal tina pangalaman batur nu geus ngandelkeun Yéhuwa dina kahirupanana. Meureun, aya pasangan nu geus mangtaun-taun jadi panaratas. Pénta saran ka maranéhna ngeunaan cita-cita rohani nu hayang diudag ku Sadérék. Ieu téh salah sahiji cara pikeun némbongkeun yén Sadérék téh ngandel ka Yéhuwa. (Sil. 22:17, 19) Kokolot ogé bisa ngabantu pasangan nu ngora kénéh pikeun netepkeun jeung ngudag cita-cita rohani maranéhna.

17. Naon nu kaalaman ku Klaus jeung Marisa, sarta urang diajar naon tina pangalaman maranéhna?

17 Sakapeung, meureun, urang hayang ngawula Yéhuwa dina hiji cara. Tapi, Yéhuwa ngagunakeun urang ku cara nu teu kapikir ku urang. Perhatikeun pangalaman Klaus jeung Marisa nu geus dicaritakeun saacanna. Sanggeus nikah salila tilu taun, maranéhna pindah, terus jadi sukarélawan di tim pembangunan di cabang Finlandia. Tapi, maranéhna dibéré nyaho yén maranéhna ngan meunang tinggal di ditu salila genep bulan. Mimitina maranéhna kuciwa. Tapi, teu disangka-sangka maranéhna diondang pikeun milu palatihan basa Arab. Ayeuna, maranéhna ngawula di sidang basa Arab di nagri séjén. Marisa ngajelaskeun, ”Mimitina abdi sieun rék ngalakukeun nu can pernah abdi lakukeun saacanna, jeung abdi kudu bener-bener ngandel ka Yéhuwa. Tapi, abdi geus ngarasakeun yén Yéhuwa téh geus ngabantu abdi ku cara nu teu disangka-sangka. Sanggeus ngarasakeun sorangan, abdi ayeuna jadi leuwih percaya deui ka Yéhuwa.” Tina tuladan éta, urang yakin yén Yéhuwa téh bakal ngaberkahan urang lamun urang bener-bener ngandel ka Anjeunna.

18. Kumaha supaya salaki pamajikan bisa terus percaya ka Yéhuwa?

18 Perkawinan téh kurnia ti Yéhuwa. (Mat. 19:5, 6) Anjeunna hayang salaki pamajikan bisa ngarasa bagja. (Sil. 5:18) Keur pasangan nu ngora kénéh, pék pikirkeun naon nu hayang dilakukeun dina kahirupan Sadérék duaan. Na Sadérék hayang nganuhunkeun kana berkah-berkah nu geus dibéré ku Yéhuwa? Caritakeun hal ieu ka Yéhuwa dina doa, téangan prinsip-prinsip dina firman-Na nu cocog jeung kaayaan Sadérék, terus tuturkeun. Sadérék bakal puas jeung bagja lamun miheulakeun palayanan ka Yéhuwa dina perkawinan Sadérék.

KAWIH 132 Ayeuna Urang Ngahiji

^ par. 5 Putusan nu urang jieun téh bisa mangaruhan palayanan urang ka Yéhuwa. Waktu jeung tanaga nu biasana urang gunakeun bisa ngurangan atawa nambahan. Hususna keur pangantén anyar, maranéhna téh kudu mikirkeun putusan nu bakal dijieun sabab éta bisa mangaruhan sakabéh kahirupan maranéhna. Artikel ieu bisa ngabantu supaya maranéhna bisa nyieun putusan nu bijaksana. Hasilna, maranéhna bakal puas jeung bagja dina hirupna.

^ par. 5 Sababaraha ngaran geus diganti.