Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 45

Sing Terus Témbongkeun Kaasih nu Langgeng

Sing Terus Témbongkeun Kaasih nu Langgeng

”Kudu karunyaan, kudu hade hate ka pada batur.”​JAK. 7:9.

KAWIH 107 Tuladan Asih ti Allah

NU DIBAHAS *

1-2. Ku naon urang perlu némbongkeun kaasih nu langgeng ka batur?

URANG boga alesan pikeun némbongkeun kaasih nu langgeng ka batur. Naon alesanana? Perhatikeun naséhat nu bijaksana tina Alkitab ieu, ”Ulah tinggal ti satia jeung satuhu . . . Lamun kitu tangtu ku Allah dimanah, ku jalma dipikaresep.” ”Lamun urang bageur tangtu loba anu mikaheman.” ”Sing bageur, sing someah, tangtu panjang umur.”​—Sil. 3:3, 4; 11:17; 21:21.

2 Naséhat-naséhat nu alus tadi nunjukkeun yén urang téh boga tilu alesan ku naon urang perlu némbongkeun kaasih nu langgeng. Nu kahiji, urang jadi dipikaresep ku Allah. Nu kadua, aya mangpaat keur diri urang sorangan kénéh, misalna urang bisa boga sobat sajati. Nu katilu, urang bisa meunangkeun berkah di mangsa ka hareup, kaasup hirup langgeng. Jadi mun mikirkeun tilu hal tadi, urang pasti kajurung pikeun nuturkeun naséhat Yéhuwa ieu, ”Kudu karunyaan, kudu hade hate ka pada batur.”​—Jak. 7:9.

3. Dina artikel ieu urang bakal ngabahas pananya naon waé?

3 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas opat pananya. Urang kudu némbongkeun kaasih nu langgeng téh ka saha? Tina buku Rut, urang bisa diajar naon ngeunaan kaasih nu langgeng? Kiwari, kumaha carana urang némbongkeun kaasih nu langgeng? Naon mangpaatna lamun urang némbongkeun kaasih nu langgeng?

URANG KUDU NÉMBONGKEUN KAASIH NU LANGGENG TÉH KA SAHA?

4. Kumaha urang bisa miconto Yéhuwa? (Markus 10:29, 30)

4 Dina artikel saacanna, urang geus diajar yén Yéhuwa téh némbongkeun kaasih-Na nu langgeng ngan ka jalma-jalma nu nyaah jeung ngawula ka Anjeunna. (Dan. 9:4) Urang gé hayang ’miconto Allah salaku anak-anak nu dipikanyaah’. (Éf. 5:1) Ku kituna, urang hayang némbongkeun kaasih nu langgeng ka dulur-dulur saiman urang.​—Baca Markus 10:29, 30.

5-6. Istilah ”kasatiaan” téh bisa digambarkeun jiga kumaha?

5 Lamun urang leuwih paham kana sipat asih nu langgeng, urang pasti bakal leuwih kageuing pikeun némbongkeunana ka dulur-dulur saiman. Supaya bisa leuwih paham, hayu urang tingali naon bédana kaasih nu langgeng jeung ”kasatiaan”. Pék tingali contona.

 6 Lamun aya jalma nu geus mangtaun-taun digawé dina hiji pausahaan, biasana disebut pagawé nu satia. Salila digawé, manéhna meureun teu pernah panggih jeung salah sahiji bosna. Meureun, manéhna gé teu satuju kana sababaraha aturan ti pausahaan éta. Manéhna digawé di ditu téh ku sabab hayang meunangkeun duit, lain lantaran nyaah ka pausahaanana. Manéhna bakal terus digawé di ditu nepi ka manéhna pénsiun atawa ditawarkeun pagawéan nu leuwih alus ku pausahaan séjén.

7-8. (a) Naon alesanana saurang jalma némbongkeun kaasih nu langgeng? (b) Ku naon urang bakal ngabahas kisah dina buku Rut?

7 Bédana kasatiaan nu dibahas dina  paragrap 6 jeung kaasih nu langgeng téh nyaéta niat haté jalmana. Ku naon hamba-hamba Yéhuwa baheula némbongkeun kaasih nu langgeng ieu? Maranéhna kitu téh lain ku lantaran wajib, tapi ku lantaran maranéhna kageuing pikeun némbongkeunana. Perhatikeun conto ti Daud. Daud némbongkeun kaasih nu langgeng ka Yonatan, sanajan bapana Yonatan hayang maéhan Daud. Malahan mangtaun-taun sanggeus Yonatan maot, Daud tetep némbongkeun kaasihna nu langgeng ka anakna Yonatan, nyaéta Mépibosét.​—1 Sam. 20:9, 14, 15; 2 Sam. 4:4; 8:15; 9:1, 6, 7.

8 Urang bisa diajar loba hal ngeunaan kaasih nu langgeng tina buku Rut. Misalna, urang bisa diajar naon waé tina tokoh-tokohna? Sarta, kumaha urang bisa ngalarapkeunana di sidang? *

TINA BUKU RUT, URANG BISA DIAJAR NAON NGEUNAAN KAASIH NU LANGGENG?

9. Ku naon Naomi nepi ka mikir Yéhuwa téh geus ninggalkeun manéhna?

9 Dina buku Rut, urang bisa maca kisahna Naomi, minantuna nyaéta Rut, jeung Boas, lalaki soléh nu masih baraya kénéh jeung salakina Naomi. Baheula basa aya kalaparan di Israél, Naomi, salakina, jeung dua putrana pindah ka Moab. Tapi ka dieunakeun, salakina téh maot. Terus, dua putrana nu geus nikah jeung urang Moab gé maot. (Rut 1:3-5; 2:1) Musibat-musibat ieu nyababkeun Naomi leutik haté nepi ka putus asa. Saking sedihna, Naomi nepi ka mikir yén manéhna téh geus ditinggalkeun ku Yéhuwa. Perhatikeun kumaha parasaan Naomi tina kekecapanana. Ceuk manéhna, ”Ema mah jelema anu geus dibuang ku PANGERAN.” ”Hirup teh ku Allah Nu Maha Kawasa disina pinuh ku papait.” Terus, ”Ku PANGERAN Nu Maha Kawasa geus dikeunaan hukuman, disina balangsak.”​—Rut 1:13, 20, 21.

10. Kumaha tanggapan Yéhuwa kana kekecapan Naomi?

10 Kumaha tanggapan Yéhuwa kana kekecapan Naomi? Yéhuwa henteu ninggalkeun Naomi, sabalikna Yéhuwa téh karunya ka Naomi. Yéhuwa ngarti yén ”jalma bijaksana bisa jadi teu éling lamun ditindes”. (Pan. 7:7 Terjemahan Dunia Baru) Kudu aya nu mantuan Naomi supaya sadar yén Yéhuwa téh teu pernah ninggalkeun manéhna. Kumaha cara Yéhuwa ngabantu Naomi? (1 Sam. 2:8) Yéhuwa ngagerakkeun Rut pikeun némbongkeun kaasih nu langgeng ka Naomi. Rut réla jeung sabar ngabantu mitohana supaya émosi jeung karohanianana bisa pulih deui. Urang bisa diajar naon tina tuladan Rut?

11. Naon alesanana sadérék-sadérék urang terus ngabantu dulur saiman nu keur nalangsa?

11 Kaasih nu langgeng ngagerakkeun urang pikeun ngabantu dulur saiman nu keur nalangsa. Jiga Rut nu teu pernah ninggalkeun Naomi, sadérék-sadérék urang ayeuna gé terus maturan jeung mantuan dulur saiman nu keur sedih jeung leutik haté. Maranéhna nyaah pisan jeung hayang sabisa-bisa ngabantu dulur saimanna. (Sil. 12:25; 24:10) Paulus gé ngajurung urang, ’Bantu nu lemah jeung sabar ka kabéh jalma. Kekecapan aranjeun gé kudu nguatkeun nu keur leutik haté.’​—1 Tes. 5:14.

Urang bisa ngabantu dulur-dulur saiman nu keur nalangsa ku cara ngadéngékeun maranéhna (Tingali paragrap 12)

12. Seringna naon cara nu panghadéna pikeun mantuan dulur saiman nu keur nalangsa?

12 Seringna mah cara nu panghadéna pikeun mantuan nu keur nalangsa téh, nyaéta ku cara ngadéngékeun jeung ngayakinkeun yén urang téh nyaah ka manéhna. Usaha urang ieu pasti diperhatikeun ku Yéhuwa. Anjeunna pasti resep ningali urang nulungan domba nu dipikanyaah ku Anjeunna. (Jab. 41:2) Ibrani 6:10 nyebutkeun, ”Allah téh adil jeung moal mopohokeun . . . kanyaah nu ditémbongkeun ku aranjeun.”

Rut terus nyarengan mitohana nyaéta Naomi, ari Orpa balik ka Moab. Rut ngabéjaan Naomi, ’Ka mana ge abdi bade ngiring.’ (Tingali paragrap 13)

13. Naon bédana Rut jeung Orpa, sarta ku naon putusan Rut némbongkeun kaasih nu langgeng? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

13 Lamun urang ningali kisah Naomi sanggeus salaki jeung dua putrana maot, urang bakal leuwih paham naon harti kaasih nu langgeng. Sanggeus nyaho yén ”PANGERAN geus nurunkeun berkah ka umat-Na, hasil panenna mucekil”, Naomi mutuskeun pikeun balik deui ka daérah asalna. (Rut 1:6) Mimitina dua minantuna milu jeung Naomi, tapi di tengah jalan Naomi nitah maranéhna balik ka Moab nepi ka tilu kali. Terus kumaha? Alkitab nyaritakeun, ”Gabrug Orpa ngarangkul ka mitoha bari pamitan, tuluy mulang. Ari Rut ngajanteng keneh.” (Rut 1:7-14) Orpa nuturkeun naon nu dititah ku Naomi pikeun balik ka Moab, tapi ari Rut mah embungeun. Rut sabenerna bisa balik ka Moab, tapi lantaran kaasih nu langgeng, manéhna mutuskeun pikeun terus maturan Naomi. (Rut 1:16,17) Naon nu dilakukeun ku Rut téh leuwih ti nu dipiharep ku Naomi. Manéhna mutuskeun kitu lain ku lantaran manéhna geus wajib, tapi éta kahayang manéhna. Putusan Rut ieu némbongkeun kaasih nu langgeng. Urang bisa diajar naon tina kisah ieu?

14. (a) Kumaha sadérék-sadérék urang nyonto Rut? (b) Dumasar Ibrani 13:16, korban nu kumaha nu dipikaresep ku Allah téh?

14 Kaasih nu langgeng ngagerakkeun urang pikeun méré bantuan nu leuwih ti nu dipiharep. Dina jaman baheula jeung jaman kiwari, sadérék-sadérék urang méré bantuan ka dulur-dulur saimanna sanajan teu silih kenal. Misalna, waktu aya musibat alam, maranéhna langsung néangan cara supaya bisa mantuan dulur-dulur nu keuna musibat. Waktu di sidang aya sadérék anu boga masalah ékonomi, maranéhna geura mantuan jeung nanyakeun naon nu dibutuhkeun ku sadérék éta. Jiga urang Makédonia dina abad kahiji, maranéhna téh méré bantuan leuwih ti nu dipiharep. Waktu aya dulur saiman nu keuna kasusah, maranéhna téh ”méré sakamampuhna, malah leuwih ti kitu.” (2 Kor. 8:3) Yéhuwa pasti senang pisan ningali jalma-jalma nu némbongkeun kaasih jiga kitu!​—Baca Ibrani 13:16.

KIWARI, KUMAHA CARANA URANG NÉMBONGKEUN KAASIH NU LANGGENG?

15-16. Naon buktina Rut téh henteu nyerah?

15 Urang bisa diajar sababaraha hal alus tina kisah Rut jeung Naomi. Hayu urang bahas.

16 Ulah nyerah. Basa Rut ngabéjaan yén manéhna téh hayang maturan mitohana nepi ka Yuda, mimitina Naomi téh embungeun, tapi Rut henteu nyerah. Jadi naon hasilna? ”Sanggeus tetela yen Rut enya-enya hayang milu, Naomi teu ngomong nanaon deui.”​—Rut 1:15-18.

17. Naon nu bisa ngabantu urang supaya teu gampang nyerah?

17 Palajaranana: Waktu urang mantuan dulur saiman nu keur nalangsa, urang téh kudu sabar jeung ulah gampang nyerah. Bisa jadi mimitina mah manéhna téh embungeun ditulungan, tapi lamun urang boga kaasih nu langgeng urang hayang terus maturan manéhna. (Gal. 6:2) Urang miharep, engkéna maranéhna bakal narima bantuan ti urang jeung daék dikuatkeun ku urang.

18. Bisa jadi, naon nu nyababkeun Rut nyeri haté?

18 Ulah babari kasinggung. Waktu Naomi jeung Rut nepi ka Bétléhém, Naomi panggih jeung tatanggana nu baheula. Naomi ngomong ka maranéhna, ”Basa miang ti dieu bareto, kuring teh mani rebo, ari balik ku Mantenna disina nepi ka ngaligincing kieu.” (Rut 1:21) Bayangkeun kumaha parasaan Rut waktu ngadéngé kekecapan Naomi éta! Rut téh geus mantuan Naomi sabisa-bisa, geus ngahibur manéhna, geus ceurik babarengan, jeung geus leumpang babarengan salila sababaraha poé. Tapi Naomi téh ngomong, ”Ku Mantenna [abdi] disina nepi ka ngaligincing kieu.” Tina kekecapan éta, Naomi téh asa henteu ngahargaan usaha Rut nu geus terus maturan manéhna. Pék bayangkeun, sakumaha nyerina haté Rut waktu ngadéngé éta! Najan kitu, Rut teu pernah ninggalkeun Naomi.

19. Naon nu bisa ngabantu urang supaya bisa terus maturan sadérék urang nu keur nalangsa?

19 Palajaranana: Bisa jadi, omongan sadérék urang nu keur nalangsa téh meni nyelekit pisan, padahal urang geus mantuan manéhna sabisa-bisa. Ulah babari kasinggung. Urang bisa ngadoa ka Yéhuwa supaya urang bisa terus maturan jeung ngalilipur manéhna.​—Sil. 17:17.

Kumaha para kokolot bisa nyonto Boas? (Tingali paragrap 20-21)

20. Naon nu ngabantu Rut tetep teger jeung teu nyerah?

20 Béré bantuan nu cocog dina waktuna. Rut geus némbongkeun kaasih nu langgeng ka Naomi, tapi ayeuna Rut sorangan gé kudu dikuatkeun. Yéhuwa ngagerakkeun Boas pikeun nguatkeun Rut. Boas ngomong ka Rut, ”Muga eta tekad Nyai meunang pahla ti PANGERAN, meunang ganjaran utama ti GUSTI Allah panutan urang Israil, anu tangtu baris nangtayungan ka Nyai.” Kekecapan Boas téh pasti ngalilipur haténa Rut. Rut ngomong kieu ka Boas, ”Kasauran Juragan kalintang nyerepna, matak teger kana ati sanubari.” (Rut 2:12, 13) Kekecapan Boas téh pas pisan keur Rut. Manéhna jadi teger jeung teu nyerah.

21. Siga nu dijelaskeun di Yesaya 32:1, 2, naon nu bakal dilakukeun ku kokolot nu nyaahan?

21 Palajaranana: Sakapeung sadérék-sadérék nu méré bantuan gé kudu dikuatkeun. Waktu Boas merhatikeun yén Rut téh mantuan Naomi, Boas méré pujian ka Rut. Kitu ogé ayeuna, waktu para kokolot merhatikeun aya sadérék-sadérék nu mantuan dulur saimanna, para kokolot bisa muji maranéhna. Lamun kokolot méré pujian nu iklas jeung ngucapkeunana dina waktu nu cocog, éta bisa ngabantu sadérék-sadérék supaya tetep teger jeung teu nyerah.​—Baca Yesaya 32:1, 2.

NAON MANGPAATNA LAMUN URANG NÉMBONGKEUN KAASIH NU LANGGENG?

22-23. Naon nu barobah tina sikep Naomi, jeung ku naon? (Jabur 136:23, 26)

22 Ka dieunakeun, Boas téh nyadiakeun dahareun keur Rut jeung Naomi. (Rut 2:14-18) Kumaha tanggapan Naomi kana sikepna Boas nu murah haté? Ceuk Naomi, ”Muga Boas ginanjar berkah PANGERAN, anu teu tinggal ti mikaasih ka umat-Na ka nu harirup keneh kitu deui ka nu geus maraot.” (Rut 2:20a) Ayeuna Naomi geus barobah! Baheula mah manéhna téh ngarasa nalangsa pisan, nepi ka ngomong, ”Ku PANGERAN Nu Maha Kawasa geus dikeunaan hukuman.” Tapi ayeuna manéhna geus bungah, jeung ngomong, ’PANGERAN teu tinggal ti mikaasih ka umat-Na.’ Ku naon Naomi bisa barobah kieu?

23 Ahirna Naomi ngarti yén Yéhuwa teu pernah ninggalkeun manéhna. Manéhna ningali yén Yéhuwa téh ngagunakeun Rut pikeun maturan manéhna dina perjalanan ka Yuda. (Rut 1:16) Naomi gé bisa ningali yén Yéhuwa téh ngagunakeun Boas, salah sahiji jalma nu boga hak pikeun ”ngabelaan”, atawa nebus maranéhna. * Boas téh meni bageur ka maranéhna duaan. (Rut 2:19, 20b) Meureun ceuk Naomi téh, ’Ayeuna mah abdi ngarti Yéhuwa téh teu pernah ninggalkeun abdi! Yéhuwa terus nyarengan abdi!’ (Baca Jabur 136:23, 26.) Naomi pasti nganuhunkeun pisan lantaran Rut jeung Boas teu nyerah ka manéhna. Maranéhna kabéh gé pasti gumbira lantaran Naomi geus sumanget jeung bungah deui ngawula Yéhuwa.

24. Ku naon urang hayang terus némbongkeun kaasih nu langgeng ka dulur-dulur saiman?

24 Tina buku Rut, urang diajar naon waé? Kaasih nu langgeng ngajurung urang pikeun teu nyerah waktu nulungan dulur-dulur saiman urang nu keur susah. Kaasih nu langgeng gé ngajurung urang pikeun méré bantuan leuwih ti nu dipiharep. Para kokolot gé perlu méré pujian nu iklas jeung ngucapkeunana dina waktu nu cocog ka sadérék-sadérék nu geus némbongkeun kaasih nu langgeng. Waktu urang ningali aya sadérék-sadérék nu tadina sedih jadi sumanget deui, pasti urang gé milu bungah. (Kis. 20:35) Tapi, naon alesan nu pangpentingna urang hayang terus némbongkeun kaasih nu langgeng? Ku lantaran urang hayang nyonto jeung nyenangkeun Yéhuwa, Allah nu ”sugih kaasih”.​—Bud. 34:6; Jab. 33:22.

KAWIH 130 Sing Réla Ngahampura

^ par. 5 Yéhuwa téh hayang urang némbongkeun kaasih nu langgeng ka sadérék-sadérék di sidang. Urang bakal leuwih ngarti kana sipat ieu lamun urang diajar tina hamba-hamba Allah di jaman baheula. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas tuladan ti Rut, Naomi, jeung Boas.

^ par. 8 Supaya Sadérék bisa leuwih paham kana artikel ieu, mangga baca Rut pasal 1 jeung 2.

^ par. 23 Pikeun katerangan leuwih loba ngeunaan Boas, jalma nu boga hak pikeun ngabélaan atawa nebus, tingali artikel ”Tirulah Iman Mereka—’Wanita yang Baik Sekali’”, dina Menara Pengawal 1 Oktober 2012, kaca 20.