Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANGALAMAN HIRUP

”Abdi téh Hayang Digawé keur Yéhuwa”

”Abdi téh Hayang Digawé keur Yéhuwa”

URANG papisah jeung kelompok leutik di kampung Granbori nu aya di hutan hujan Suriname. Terus, urang naék parahu mapay Walungan Tapanahoni. Tapi, ujug-ujug mesin parahuna ruksak. Bagian hareup parahuna tilelep, beuki lila beuki jero. Mémang sabagé pangawas wilayah, abdi sering naék parahu, tapi abdi teu bisa ngojay. Meni ngadégdég pisan!

Saacan abdi neruskeun caritana, abdi caritakeun heula nya kumaha mimitina abdi naratas.

Abdi lahir dina taun 1942 di Curaçao, salah sahiji pulo nu éndah di kapuloan Karibia. Si Bapa téh aslina ti Suriname, tapi manéhna pindah ka Curaçao pikeun digawé. Sababaraha taun saacan abdi lahir, si Bapa dibaptis jadi saurang Saksi Yéhuwa. Si Bapa téh salah saurang Saksi Yéhuwa nu pangmimitina di Curaçao. a Si Bapa osok ngajarkeun Alkitab ka barudakna unggal minggu sanajan urang téh balangor. Terus pas abdi umur 14 taun, si Bapa mawa urang sakulawarga pindah ka Suriname sabab di ditu si Nini geus sepuh jeung kudu aya nu ngurus.

PERGAULAN NU HADÉ MAWA PANGARUH NU ALUS

Pas di Suriname, abdi sok gaul jeung barudak ngora di sidang nu sumanget ngawula Yéhuwa. Maranéhna téh leuwih kolot saeutik tibatan abdi, jeung geus jadi panaratas biasa. Waktu nyaritakeun pangalaman dina dines, maranéhna meni sumringah pisan. Terus sanggeus masamoan, biasana urang osok ngobrolkeun topik-topik Alkitab. Kadang ngobrolna téh sok bari tanggah ka langit ningali béntang. Waktu gaul jeung maranéhna, abdi sadar abdi téh hayang digawé keur Yéhuwa. Jadi, ahirna abdi dibaptis pas umur 16 taun. Terus pas umur 18, abdi jadi panaratas biasa.

MEUNANG LOBA PALAJARAN PENTING

Basa naratas di Paramaribo

Sabagé panaratas, abdi meunang loba palajaran penting. Éta kabéh ngabantu abdi bisa ngajalankeun dines sapinuh waktu. Salah sahiji hal nu diajarkeun ka abdi téh nyaéta pentingna ngalatih batur. Basa mimiti abdi naratas, saurang utusan injil nu ngaranna Willem van Seijl merhatikeun jeung ngajar abdi carana ngajalankeun tanggung jawab di sidang. b Harita mah abdi ngarasa teu pati butuh dilatih. Tapi taun hareupna, abdi dilantik jadi panaratas istiméwa jeung mantuan kelompok-kelompok leutik di tempat nu mencil di hutan hujan Suriname. Untung pisan sadérék-sadérék téh geus ngalatih abdi! Abdi gé jadi hayang ngalatih batur.

Palajaran nu kadua téh nyaéta kudu hirup saderhana bari boga rencana. Biasana dina awal bulan, abdi jeung babaturan panaratas téh osok ngarencanakeun heula rék meuli kabutuhan naon waé keur sababaraha minggu ka hareup. Terus, engké salah sahiji ti urang kudu indit ka kota pikeun meuli kabutuhan éta. Urang kudu bener-bener mikirkeun, tunjangan bulanan rék dipaké naon waé. Urang gé kudu ngatur barang-barang nu geus dibeuli supaya cukup keur sabulaneun, sabab lamun urang kakurangan di tengah hutan hujan, nu bisa mantuan téh ngan saeutik. Ti ngongora abdi geus diajar hirup saderhana bari boga rencana, ku kituna abdi yakin, abdi bisa miheulakeun palayanan ka Yéhuwa sapanjang hirup abdi.

Palajaran nu katilu téh nyaéta urang bakal meunang mangpaat lamun ngajar jalma-jalma maké basa daérah maranéhna. Abdi téh bisa ngomong basa Belanda, Inggris, Papiamento, jeung Sranantongo (disebut ogé basa Sranan). Sranantongo téh basa nu umum dipaké di Suriname. Tapi ari di hutan hujan mah, jalma-jalma leuwih daék narima warta hadé lamun urang ngawawarna maké basa daérah maranéhna. Keur abdi mah, ngomong basa-basa éta téh meni hésé pisan. Misalna basa Saramaccan. Ngomongna téh kudu maké nada nu béda-béda. Sanajan kitu, upaya abdi pikeun diajar basa maranéhna téh teu cumah. Salila mangtaun-taun, abdi jadi bisa ngajarkeun bebeneran ka leuwih loba jalma ku lantaran abdi bisa ngomong basa maranéhna.

Tapi, abdi ogé boga pangalaman nu ngérakeun. Hiji waktu, abdi ngobrol jeung salah saurang palajar Alkitab nu ngagunakeun basa Saramaccan. Lantaran abdi ngadéngé manéhna keur nyeri beuteung, abdi rék nanya kumaha kabar manéhna. Tapi abdi kalah ka nanya manéhna keur reuneuh teu. Geus pasti, manéhna jadi éra! Tapi sanajan sering salah omong, abdi terus upaya pikeun ngagunakeun basa nu dipaké ku jalma-jalma di daérah tugas abdi.

NARIMA LEUWIH LOBA TANGGUNG JAWAB

Dina taun 1970, abdi dilantik jadi pangawas wilayah. Dina taun éta, abdi nunjukkeun slide ”Nganjangan ka Kantor Pusat Saksi-Saksi Yéhuwa” ka loba jalma di daérah nu mencil di hutan hujan. Pikeun nganjangan dulur-dulur saiman di hutan hujan, abdi jeung sababaraha sadérék kudu naék parahu kai nu panjang pikeun mapay walungan. Dina parahu, urang mawa génerator, jérikén béngsin, lampu minyak, jeung alat-alat keur nunjukkeun slide-na. Pas nepi di ditu, urang kudu ngangkut alat-alat éta nepi ka tempat acarana. Nu paling keuna kana haté abdi mah nyaéta jalma-jalma téh resep pisan kana acara ieu. Abdi bungah pisan bisa mantuan jalma-jalma diajar ngeunaan Yéhuwa sarta organisasi-Na nu di bumi. Abdi gé bungah bisa ningali jalma-jalma ngaraket ka Yéhuwa. Pangorbanan abdi euweuh nanaonna tibatan berkah-berkah nu abdi tarima.

NGAJALIN TALI TILU RARA

Ethel jeung abdi nikah dina bulan Séptémber 1971

Mémang lamun léngoh, ngajalankeun tugas téh leuwih gampang. Tapi, abdi masih kénéh ngarasa butuh pasangan hirup. Jadi, abdi ngadoakeun sacara husus sangkan bisa néangan pamajikan nu bisa maturan abdi ngalayanan di hutan hujan. Kira-kira sataun sanggeusna, abdi mulai bobogohan jeung Ethel. Ethel téh saurang panaratas istiméwa nu daék nyieun pangorbanan keur Yéhuwa. Ti ngongora kénéh, Ethel resep kana tuladan Rasul Paulus. Manéhna hayang nyonto Paulus nu ngalakukeun sabisa-bisana dina palayanan. Ahirna, urang duaan nikah dina bulan Séptémber 1971 jeung ngalalayanan jadi pangawas wilayah.

Ethel téh asalna ti kulawarga nu saderhana. Jadi, teu hésé pikeun manéhna maturan abdi dina tugas kuriling di hutan hujan. Misalna, waktu kudu nganjangan sidang nu mencil, barang bawaan urang téh teu pati loba. Urang gé osok nyeuseuh pakéan jeung mandi di walungan. Urang geus biasa ngadahar naon waé nu disadiakeun ku nu boga imah, misalna iguana, lauk piranha, atawa naon waé hasil moro ti leuweung jeung nguseup ti walungan. Mun euweuh piring, urang ngadaharna dina daun cau. Mun teu aya séndok jeung garpu, urang ngadaharna maké leungeun. Abdi jeung Ethel ngarasa, mun urang nyieun pangorbanan demi ngawula Yéhuwa, tali tilu rara urang bakal beuki kuat. (Pan. 4:12) Urang embung nukeur pangalaman ieu jeung naon waé.

Nu abdi caritakeun dina awal artikel téh kajadianana pas urang balik ti hiji daérah nu mencil. Sanggeus tilelep, bul parahuna mumbul deui ka luhur. Untungna urang téh maké palampung, jadina teu ngajleng tina parahu. Tapi ayeuna parahu urang pinuh ku cai. Jadi, urang kudu ngosongkeun wadah-wadah dahareun keur nyiuk cai dina parahu.

Tapi, ayeuna urang jadi teu boga dahareun. Urang kudu nguseup bari mapay walungan. Hanjakalna, urang teu beubeunangan. Jadi, urang ngadoa ka Yéhuwa ménta dahareun keur poé éta. Sanggeus ngadoa, lung saurang sadérék ngalungkeun tali pancing, tuluy meunang hiji lauk nu rada gedé. Lauk éta téh cukup keur didahar limaan.

SALAKI, BAPA, JEUNG PANGAWAS WILAYAH

Sanggeus lima taun jadi pangawas wilayah, abdi jeung Ethel narima berkah nu teu kasangka-sangka. Urang bakal boga budak. Abdi meni atoh pisan! Tapi, abdi gé hariwang engké ka hareupna kumaha. Abdi jeung Ethel boga tékad pikeun sabisa-bisa ngawula Yéhuwa sapinuh waktu. Dina taun 1976, Ethniël budak lalaki urang lahir. Terus nu kadua, Giovanni, lahir dua satengah taun sanggeusna.

Ningali nu dibaptis di Walungan Tapanahoni, deukeut Godo Holo di Suriname beulah wétan—1983

Harita, Suriname téh butuh pangawas wilayah. Jadi, kantor cabang ngatur supaya abdi bisa tetep ngawula sabagé pangawas wilayah bari ngagedékeun barudak. Waktu barudak leutik kénéh, abdi ditugaskeun ka wilayah nu sidangna teu pati loba. Ku kituna, dina sabulan téh abdi ngan sababaraha minggu jadi pangawas wilayah, sésana mah abdi jadi panaratas di sidang nu ditugaskeun. Lamun abdi nganjangan sidang-sidang di deukeut imah, Ethel jeung barudak bakal milu. Tapi lamun nganjangan sidang-sidang sarta aya kongrés di hutan hujan, abdi indit sorangan.

Waktu jadi pangawas wilayah, abdi sering iinditan naék parahu pikeun nganjangan sidang-sidang di tempat nu mencil

Abdi kudu ngatur waktu supaya bisa ngajalankeun kabéh tanggung jawab abdi. Abdi hayang abdi sakulawarga ngayakeun ibadah kulawarga unggal minggu. Mun abdi keur nganjangan sidang-sidang di hutan hujan, Ethel nu bakal mandu ibadah kulawarga jeung barudak. Abdi sakulawarga sabisa-bisana ngalakukeun kagiatan babarengan. Urang sok maén game atawa ulin kaluar. Abdi sering saré tengah peuting pikeun ngagawékeun tugas-tugas sidang atawa tugas pangawas wilayah. Ethel sering hudang subuh-subuh pikeun nyiapkeun sarapan, jadi urang sakulawarga bisa maca ayat harian jeung sarapan bareng saacan barudak indit ka sakola. Ethel téh pamajikan nu binangkit, siga nu disebutkeun dina Siloka 31:15. Abdi ngucap sukur pisan boga pamajikan anu getol sarta ngadukung abdi ngajalankeun tanggung jawab abdi.

Sabagé kolot, urang ngusahakeun ngarah barudak nyaah ka Yéhuwa jeung resep kana palayanan. Urang hayang barudak boga cita-cita jadi palayan sapinuh waktu. Tapi, urang hayang maranéhna boga cita-cita kitu lantaran kahayang sorangan, lain kahayang kolotna. Urang sering nyaritakeun bungahna jadi palayan sapinuh waktu. Nya, mémang tangtangan mah aya waé. Tapi, urang leuwih sering nyaritakeun kumaha Yéhuwa mantuan jeung ngajaga kulawarga urang. Urang gé hayang barudak gaul jeung dulur-dulur saiman anu ngutamakeun Yéhuwa.

Salila ieu, Yéhuwa téh terus nyadiakeun pangabutuh kulawarga urang. Tangtu abdi gé sabisa-bisana ngajalankeun tanggung jawab abdi. Basa jadi pangawas wilayah di hutan hujan, abdi diajar pikeun pinter-pinter ngatur duit supaya bisa meuli pangabutuh. Tapi sanajan geus ngirit, sakapeung pangabutuh urang masih kénéh teu kacumponan. Mun keur kitu, urang téh kudu ngandelkeun Yéhuwa. Misalna, dina taun 1986 nepi ka taun 1992, aya perang sipil di Suriname. Basa éta, pikeun néangan kabutuhan sapopoé téh meni hésé pisan. Tapi najan kitu, Yéhuwa terus nyadiakeun kabutuhan sapopoé keur urang.​—Mat. 6:32.

NGINGET-NGINGET DEUI KA TUKANG

Ti kénca ka katuhu: Bareng jeung Ethel pamajikan abdi

Ethniël putra cikal urang jeung Natalie pamajikanana

Giovanni putra urang jeung Christal pamajikanana

Sapanjang hirup, Yéhuwa téh terus ngurus abdi sakulawarga. Abdi sakulawarga puas sarta bagja lantaran ngawula Yéhuwa. Barudak téh berkah nu luar biasa keur abdi duaan. Ngagedékeun barudak nepi ka ayeuna téh mangrupakeun kahormatan. Urang bungah pisan lantaran maranéhna gé milih pikeun ngawula Yéhuwa sapinuh waktu. Ethniël jeung Giovanni téh lulusan sakola-sakola téokratis, nu ayeuna disebut Sekolah bagi Penginjil Kerajaan. Ayeuna, maranéhna jeung pamajikanana masing-masing ngawula di kantor cabang Suriname.

Abdi jeung Ethel téh geus kolot. Tapi, abdi duaan masih sibuk ngawula sabagé panaratas biasa. Saking sibukna, abdi nepi ka can boga waktu keur diajar ngojay! Tapi nya teu nanaonlah. Sabab mun di inget-inget deui mah, putusan pikeun ngawula Yéhuwa sapinuh waktu ti ngongora téh mangrupakeun salah sahiji putusan nu panghadéna nu pernah dijieun ku abdi.

a Tingali Buku Kegiatan Saksi-Saksi Yehuwa 2002, kaca 70.

b Pikeun ningali pangalaman hirup Willem van Seijl, tingali ”Kenyataan Ternyata Melebihi Angan-Angan Saya” dina Sadarlah! 8 Oktober 1999.